Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum wrwb

Wilujeng Enjing, salam sejahtera, om swastiyastu, namo adi budaya, salam kebajikan, shalom,
rahayu. Sampurasun

Sugrining puji kanu maha suci, puja kanu maha kuasa, tur syukur kanu maha gofur. Hayu urang sami-
sami sanggakeun ka dzat ilahi robi ku asih mantena, urang dikersakeun, cageur beuteung jagjag
awak, kalayan tiasa ngariung mungkulung, patepung lawung paamprok jonghok, dina raraga
PASANGGIRI TARI GENTRA SENI SUNDA SMANSA 2023.

Teu hilap sholawat sinareng salam mugia ngolor ngagolontor ka jungjungan urang Nabi Muhammad
SAW, ka kulawargana, ka para sohabatna, ka para putra putuna, tug dugi ka urang salaku umatna
dugi ka akhir jaman. Aamiin YRA

Hadirin anu dipihormat, nepangkeun simkuring pun (nama) kalih (nama) asmana panumbu catur seja
maoskeun rundayan acara

1. Bubuka
2. Ngahaleuangkeun lagu kebangsaan (Indonesia Raya)
3. Laporan pupuhu panata calagara
4. Biantara pangbagea
5. Poto babarengan
6. Pasanggiri Tari
7. Panutup

Hadirin miwah para patandang, supados teu nyongkolong teuing kana waktos sumangga urang
kawitan wae ieu acara ku maoskeun basmallah sasarengan............................

Ngahaleuangkeun lagu kebangsaan (Indonesia Raya), hadirin dihaturanan ngadeg

Hadirin dihaturanan linggih deui

Hadirin miwah para patandang salajengna, Laporan pupuhu panata calagara anu baris didugikeun ku
saderek........................., sumangga dihaturanan

Hadirin miwah para patandang salajengna, Biantara Pangbagea anu baris didugikeun
ku ............................. sumangga dihaturanan

Hadirin miwah para patandang salajengna, .................................

PASANGGIRI TARI GENTRA SENI SUNDA SMANSA 2023 seja Dikawitan.

Ku kituna simkuring seja ngulem Girang Pangajen.

Girang Pangajen 1 (Macakeun CV Girang Pangajen 1), Ka (nama girang pangajen) sumangga
dihaturanan.

Girang Pangajen 2 (Macakeun CV Girang Pangajen 2), Ka (nama girang pangajen) sumangga
dihaturanan.

Salajengna nyaeta poto babarengan

Hadirin Miwah Girang Pangajen anu di pihormat,

pamilon salajengna no undi 1. Sumangga dihaturanan. ------------------(peserta Naik Ke Panggung),


Girang Pangajen Anu dipihormat, Pamilon no 1 SEJA TANDANG MAKALANGAN.

----

*PAMI TOS RENGSE MIDANG SADAYA PATANDANG.

Hadirin sadaya Pamilon no .......... minangka patandang pamungkas. atau dina jirangan ...... /

Salajengna sumangga ka Girang Pangajen tiasa gempungan kanggo nangtoskeun para pinilih di
tempat anu parantos di sayogikeun.

-------------------------------

Akang miwah ceuceu dulur-dulur sapaguyuban acara parantos lekasan kukitu urang pungkas ku
maoskeun hamdalah sasarengan.

Sim kuring asma na panitia ngahaturkeun sewu nuhun laksa keti kabingahan. Hapunten anu
kasuhun. Catur nungtung, pupuh rampung, jajar bubar mur bayaksa. Tutup fardu mungkas pedaran .

Cag, wassalamualaikum wrwb

Anda mungkin juga menyukai