Anda di halaman 1dari 32

Dangding Karya K.H.

Hasan Mustapa
Panorah Rasa
http://dangdinghhm.wordpress.com/2008/01/22/panorah-rasa/#more-13

1. Manis manis panudingan sari,


dangdanggula panorah rasa,
amis pait ngan laladĕn,
nu matak tara tangtu,
barang amis disebut pait,
eukeur pindah rasana,
ka dieu ka ditu,
matak disilokaan,
Gusti Allah muhalapah lil hawadis,
mun aya hawadisna

2. Make dalil lĕsa kamislihi,


moal aya barang papadana,
mun aya manehna keneh,
wujudna hanteu ku batur,
tanpa enggon tara sumanding,
tanpa nyata tanpa samar,
taya handap luhur,
mun aya nyeta manĕhna,
anu matak tanpa karana ngajadi
da manĕhna dat nu karana.

3. Tanpa untung tanpa kĕnang rugi,


lain cara urang anu anyar,
hakullah mah tara gĕsĕh,
kaburu ku wahdahu,
teu sumanding kaburu nyanding,
teu lahir kaburu nyata,
sakabĕhna kitu,
numatak sipat sampurna,
ulah batur balikna jadi sahiji,
lobana mah ngan ku basa.

4. Ngadamelna hanteu makĕ pambrih,


taya sabab ngamegarkeun alam,
da jĕntrĕ ku kajajadĕn,
da manĕhna nu kitu,
disarebut taya pambrih,
ngarah naonana,
keur maneh keur batur,
manĕhna ngan nampa sangka,
rugi untung dituding ku nu milain,
sangka koyumiahna.

5. Dirasakeun ku nu ngalalandi,
mutmainah nu malar capĕtang,
ngarah hadĕ ku lalambĕ,
nyumputna ti catur,
suni-suni ngancik di sari,
basa keur masamoan,
teu saĕta saitu,
teu salain teu saenya,
rasa-rasa da moal kacingcirihi,
jalma nu sok bengkahan.

6. Puguh jadi babasaning jalmi,


ku ti tadi tina katadina,
handapeun luhureun baĕ,
tuluy diawur-awur,
tepung kana basa nu kaharti,
panglandi yĕn Allah,
contona kamashur,
billahi lillahi jeung minallahi,
wafidallah alallahimaallahi wafillah.

7. Wur diawur tumĕtĕsing bumi,


alam dunya babasan manusa,
bisi pagorĕng pareheng,
sungutna teu akur,
da rasa mah bawa ngajadi,
basa Haaqullah mah,
tara pasaliru,
sulaya reujeung buktina,
najan poho,
ngadak-ngadak teu pahili,
ninggang ka nu enyana.

8. Tapi tacan katitisan sari,


ragrag rasa lila teuing nyaba,
palĕr hatĕ ku lilipĕn,
lipur kasaliru dapur,
bibit beuti kaluli-luli,
lila-lila paturay,
aing-aing itu-itu,
lawas teuing ganti ngaran,
sieun sapa dipindingan ku pamali,
mun dipecĕh ĕsĕna.

9. Kari rasa ngan aĕh reujeurg ih,


uh-ah uh-ah basa kalelepasan,
bisi omong kabalason,
nyĕh mutmainah imut,
watir teuing ku jasmani aing,
kagokeun rĕk disada,
nguyung dina kurung,
rerag ngeunah rasana,
pangabetah loba parab loba cai,
ngelak dina talawungan.

10. Deg pangadeg manusa haqeqi,


kahayatanana mutmainah,
lalandĕn geusan nu sĕjĕn,
najan Allah nu Agung,
qoyyumiyah geusan haqeqi,
panudinaan rasa,
ti Nabi Rasul,
sangkaeun ku waliyullah,
anu matak datna teu kurang teu leuwih,
tina Kapangĕranan.

11. Cig jasmani geura tuturuti,


Wa’allama adamal asmaa,
kalah paĕh moal pĕpĕd,
nurutan ka pangwuruk,
saban rupa aya panglandi,
saalam-alamna,
niru-niru kampung,
tetelahan saban dĕsa,
nu prihatin tuturuti kembanq junti,
rampayak kembang antanan.

12. Keur numbuan kecap anu tadi,


bisi tukuh dikecapan Allah,
tangtu ku batur di-ĕl-ĕl,
deuk takabur umaku,
ieu aing lain pribumi,
perbawa ti zamanna,
teu rĕk niru-niru,
tangtuna dihaja-haja,
reueus teuing turunan anak Batawi,
bet mamalayuanan.

13. Moal lila engkĕ di nu suni,


ngaharewos ari yaktosna mah,
tamba disebut pagodos,
mending agus mun kitu,
orokaya mun nyisikudi,
bet mawa-mawa jiwa,
nyurup kana bayu,
bet capĕtang kajongjonan,
lila-lila Allahna dibatin-batir,
jualeun ka sasama.

14. Sakitu ge uyuhan teh teuing,


dirosĕa mawa kabatinan,
puguh jadi welĕh-welĕh,
ku ĕta jeuno ku itu,
nu tumandang nyataning lahir,
carĕk manĕhna batina,
ku Allah nu Agung,
bawaning haaqulioh tea,
ngadak ngadak nu ngadĕngĕ hanteu balik ,
dimumurah lampahna.

15. Jig jasmani maneh gadag-gidig,


ngudag ngudag barang anu badag,
ngan kadĕ pahili baĕ,
moal enya ngamaru,
peurih peujit mo burung manggih,
awas ngalawan rupa,
ceuli keur ngarungu,
ucap keur hade bahasan,
irung ngambeu rasa lĕtah ngicip-ngicip,
naon nya papanggihan.

16. Ngaranna mah tangtu ku lalandi,


unggal rupa tangtu jeung ngaranna,
manĕh ngan kari nalĕngtĕng,
taringgul guru-guru,
maneh nyantri barengan manggih,
Allah anu papatah,
ceuk kuran nu agung,
tah ĕta nya pribadina,
bisi manĕh lali dibali ngajadi,
jasad kalunta-lunta.

17. Tangtu manĕh disebut nu ngimpi,


urang mana ieu tĕh dimana,
omongan bet cumplang-campleng,
tangtu diriung-riung,
aya sĕmah teu pati uni,
der jadi dongdonan,
mutuh urang gunung,
nyebut laken bulu domba,
hanteu tolih ka nu geus ganti lalandi,
hĕsĕ disĕmah-sĕmah.

18, . Jig tijasmani tapi ulah lali,


kawiwitan manĕh asal mana,
paranti keur simpĕ-simpĕ,
nu matak enggeus tangtu;
aing dimana di mendi,
ari sorangan mah,
nyipta nu di lembur,
inget wangkid indung-bapa,
bisi maneh prihatin di mana mendi,
inget bae ka bapa.

19. Disilokan bali geusan jadi,


banjar karang geusan panglayungan,
nu matak teu palĕr-palĕr,
masih di manyang munyung,
manggih mukti ĕling ka jati,
meunang bungah ka asal,
timbul dina semu,
terang keur sosoranganan,
ngahariring hĕhĕotan gandangginding,
ras mun di lembur mah.

20. Geus galingging meunang panas tiris,


plong molongpong ka lembur sorangan,
sakabĕh bĕntĕs jalĕntrĕ,
ngan suluk jeung suluk,
hanteu samar aya di ati,
tandaning asalna,
teu lipur ku jauh,
pamulangan bangbalikan,
geusan manĕh balik di nu suni-suni,
ku rasa panglembutna.

21. Jig jasmani geura itikurih,


lahir batin dunya aheratna,
nalĕngtĕng jalan nu hadĕ;
bebekelan geus tangtu,
dibibita saeutik-saeutik,
mana anu karasa,
nyaĕta nu tembus,
nyawa nu tujuh pusaka,
hiji-hiji bibit beuti ti ngajadi,
tangtu kabeh kasorang.

22.Kasatoan nyĕta peurih peujit,


kasĕtanan nyĕ napsu hawa,
kamalaekatan sarĕh,
kacukulan begang lintuh,
kanabian ĕling ka ahir,
reujeung ka Pangeranan,
kukuh kana lahut,
sunat rasa kamahlukan,
kaadaman nyeta ku belik berewit,
kabĕh reujeung turunan.

23. Brag gumelar tangtu piligenti,


karasana ku maneh sorangan,
teu meunang lĕbĕr wawanĕn,
maneh anu meletus,
tarimakeun ku ati nu yakin,
yĕn ninggang mangsana,
muru-muru usum,
moal beunang disingkahan,
disingkahan khaĕrihi wasarihi,
minallahi taala

24. Cara mĕmĕh mun aya di lahir,


kanabian nya ĕta turunan,
bijilna amal nu salĕh,
hanteu bisa embung,
najan batur hanteu meredih,
da bagjaning awak,
kudu kana kitu,
bagjana jeung cilakana,
lalandian nu mungkir sabeulah deui,
najan kaaherat an,

25. Pasrah lilah kana barang bukti,


henteu mikir ka nu anggang-anggang,
kasĕtanan kurang gedĕ,
da lamun dur napsu,
teu kaharti mun dipĕpĕling,
eukeur mikir usumna,
teu dilelengkur,
goreng hade tuturunan,
moal salah titisan bawa ngajadi,
iraha timbulna.

Babalik Pikir
http://dangdinghhm.wordpress.com/2008/01/22/babalik-pikir/

1. Tadina aing pidohir,


Teu boga pikir rangkepan,
Teu barang papay talĕtĕ,
Naon nu undur nu datang,
carabakan teu dipantang, kituna mangtaun-taun,
Mangeran ka kabuktian.

2. Geus kitu rey senag-senig,


Boga rasa palangsiang,
Aing kaperong kalao,
Nu mahal jiga nu murah,
Harga kumaha rupa,
Luput tangtuna kapalsu,
Boga rasa kasalahan.

3. Geus kitu rangkepan ati,


Mapay kana kabatinan,
Capĕ ku teu kaur surser,
Ekeur ngeunah kadhohiran,
Keur teu ngeunah kabatinan,
Nyangka ka batur nya mahluk,
Pangĕranan mah pabatinan.

4. Geus kitu ati ngalandi,


Nyangka batin kabonganan,
Kalah paeh moal jentre,
Horĕng dua lalandian,
Nelah ku panudingan,
Kuma ceuk aing ceuk itu,
Batin ceuk nu kapindingan.

5. Horĕng kapindingan batin,


Kahalangan ku eusina,
Ngan kari aĕh jeung aĕh,
Ngan rasa kutan jeung kutan,
Hanteu sangsara nĕangan,
Panyana tĕh di bĕh ditu,
Horĕng beh dieunana.

6. Kamari aing ngalinjing,


Ayeuna jadi rayungan,
Isuk pagĕto kaliron,
Kamari kapadhohiran,
Ayeuna jadi batinan,
Isuk pagĕto ngalawung,
Runtag nelah lalandian.

7. Kamari aing pibukti,


Sĕmah teu dipapay heula,
Ayeuna aing talĕtĕ,
Nyaho yĕn asalna menak,
Ngaku jeung ati rangkepan,
Isukan pagĕto runtut,
Saraja barang sakaya,

8. Keur leutik aing kumaki,


Rey bujang boga wiwaha,
Tengah tuwuh sur ser hatĕ,
Geus sawawa walakaya,
Widakan pananyaan,
Umur tujuh puluh taun,
Pamujaan pagaiban.

9. Barang bray aing kumaki,


Haneut moyan jeung peryoga,
Tengah poe sur ser hatĕ,
Lohor geusaneun dongdonan,
Asar geus rumasaan,
Tunggang gunung ngalanglayung,
Sup surup kari carita.
10. Isukan beunang kamari,
Geus beurang nyiar gantina,
Ngeser sore ĕntĕp-ĕntĕp,
Pa-a-asar mararenggah,
Paĕh kari badanna,
Tunggang gunung kari bingung,
Keur agung indung peutingna.

11. Sing ĕling iraha sumping,


Jol datang naha jeung saha,
Gok amprok ngadukeun sono,
Ulah ĕdĕk asa-asa,
Cai urang kejo urang,
Dusun lipur ku patepung,
Barangna eling ku tepang.

12. Ĕling mah keur hayang panggih,


Melang mah paranti anggang,
Sono kubawaning jodo,
Papacangan lalamaran,
Duriat sapadamayan,
Aing duyung itu duyung,
Runtag ilang tetelahan.

13. Awĕwĕ jadi lalaki,


Papulang-pulang rumasa,
Lalaki jadi awĕwĕ,
Lalaki mikir mikir dadaran,
Awĕwĕ hayang babanda,
Tunggu dapur tunggu untung,
Lalaki nu balangsiar.

14. Teu awĕwĕ teu lalaki,


Duriat mun geus rangkepan,
Leungit sono paeh poso,
Kula nu jadi andika,
Andika jadi kaula,
Lung ti dieu lung ti ditu,
Sirna ilang bobonyoan.

15. Sir ĕling supaya sumping,


Geus sumping boa lakian,
Poho digalentor sono,
Beurat mana-beurat mana,
Mun batin rumegang mangmang,
Mun lahir poho ka ditu,
Bĕlapati kabeneran.

16. Ser ĕling supaya bukti,


Geus beunang sieun baruang,
Lat poho bawaning ponyo,
Min batin ditunda heula,
Mula lahir teu dirosĕa,
Rugi untung tacan pugung,
Umur lain kubaruang.

17. Ser ĕling ngarah rejeki,


Geus datang boa nu saha,
Dirontok bawaning poho,
Mun batin tatanya heula,
Mun lahir gancang ditampa,
Kitu kieu kuma isuk,
Bagja teu paala-ala.

18. Ser mikir bet hayang nyantri,


Geus bisa boa pidunya,
Tapi kapalang masantren,
Mun pilahir moal nunda,
Pibatin eureun teu lila,
Ah mending tuluy tumuluy,
Kitu kieu kumajaga.

19. Ser mikir hayang ngabakti,


Geus prak boa teu diganjar,
Tapi da kapalang capĕ,
Pilahir tangtu lumampah,
Pibatin mending tunda,
Kitu kieu tacan puguh,
Rugi untung bĕja saha.

20. Ser mikir hayang balantik,


Geus prak boa teu batian,
Tapi kapalang babaten,
Nelah-nelah padagangan,
Pibatin meureunan nunda,
Kitu kieu tacan puguh,
Rugi untung bĕja saha.

21. Ser mikir hayang meryayi,


Geus prak boa teu kamanah,
Tapi kapalang pangistrĕn,
Pilahir moal marudah,
Pibatin mandeg mayong,
Suhud payu jeung teu payu,
Panjang pondok pawekasan,

22. Ser mikir bet hayang tani,


Geus prak palangsiang hama,
Tapi kapalang migawe,
Pibatin ditunda heula,
Pilahir wayahna payah,
Bener hapa tacan puguh,
Rumpak jami pagaiban.

23. Ser bet hayang ngahariring,


Geus disada boa sumbang,
Tapi da puguh rurungon,
Pang raos jeung wirahmana,
Ngeunah teu ngeunah ceuk saha,
Nyurup surup Nabi Daud,
Pangrasa purwa daksina.

23. Ser bet hayang ngahariring,


Geus disada boa sumbang,
Tapi da puguh rurungon,
Pang raos yeung wirahmana,
Ngeunah teu ngeunah ceuk saha,
Nyurup surup Nabi Daud,
Pangrasa purwa daksina.

24. Perbawa pilahir belik,


perbawa pibatin mangmang,
nu yakin mah teu malire,
kuma behna kuma behna,
lara bagja pagaiban,
jut lumaku jujur manjur,
lenglengan katuralengan.

25. Balikan keur teu ngajadi,


naha upaya jeung sangka,
na mana atuh Allah teh,
da kudu tan kenowah,
ari ieu kakapeungan,
ih lahir kami mah embung,
anggur dek babatinanan.
26. Ku lahir teu matak jadi,
lantaran teu matak aya,
jeleh waleh henteu ceeh,
pindah nyembah kabatinan,
bongan pindah andelan,
hiung harurung ku bingung,
koleangkak na midangdam.

27. Cul lahir muru ka batin,


ngarah aweh pawewehna,
jempe bae jempe bae,
teu nembal-nembalan acan,
kilangbara bukuran,
bet hanas diburu-buru,
koleangkakna midangdam.

28. Muru batin nalak lahir,


ayeuna puyang-payengan,
hayang balik deui bae,
da bongan kitu da bongan,
dirangkep sugan suka,
tapi palias teu umum,
gumelar beunang duaan

29. Muntang kana lahir gingsir,


jayana bet kakapeungan,
muntang kana batin jempe,
dibarung kapamalina,
na kamana na kamana ,
kitu diayun ku napsu,
dikepetan mutmainah.

30. Gelik koleangkak ceurik,


kelangan kapangeranan,
sukmana tereh tumereh,
muntang ka lahir kelangan,
ka batin tara bukuran,
aeh ieu aeh itu,
lanjung ku ayun-ayunan.

31. Horeng ku lahir sadami,


ninggang ngaran jeung usumna,
endog tara kongkorongok,
ngadagoan jajangkarna,
bibit teu merean kembang,
tunggu arum jeung pangambung,
lahir-batin nu nandangan

32. Lahir ngadjerit ka batin,


batin moal kalahiran,
sili geleng sili geseng,
geus prok runtag duanana,
ngaran geus teu kacarita,
ngahiung dina parungpung,
koletjer aeh-aehan.

33. Illahi anta maksudai,


maksudi anu midangdam,
brej jentre parepeh-repeh,
tapa ngan pakutan-kutan,
samborong kieu jadina,
nu matak ku rugi untung,
nyatana medal cisoca.

34. Tungtungna pusing ku ceurik,


wekasan suka cimata,
tungtungna uruy rumegot,
sebel ku olab ku utah,
tandana asal ku dua,
hijina teu beda ditu,
jeung dina wekasanana.

35. Jadina anu pilahir,


ngoceak keur kasalahan,
nalengteng ka saha ngengken,
ALLAHna dipurah-purah,
ngajak nu teu mangrupa,
nyeri ari teu digugu,
Gusti ALLAHna kumaha.

36. Hariring Kiai muni,


ari teu laksana rupa,
agus atuh sabar bae,
ngajawab mangga dareuda,
tandana henteu jeung enya,
teu umum jeung lungguh nguyung,
lamun ichlas saenyana.

37. Jadina anu pibatin,


ngamumurah kalahiran,
tapi susuganan keneh,
sakabeh lantaranana,
bongan ngadua-dua,
ALLAH-ALLAH mahluk-mahluk,
ngagelarkeun papatungan.

38. Jadi ari mundur hidji,


atuh lampah marojengja,
tungtungna lalakon riyon,
hiji madju hiji nahan,
balukar rujad pasangan,
lembu dipasang jeung maung,
lempah teu pedah hasilna

39. Puguh dimana dimendi,


mun dua pakia-kia,
batan jadi kalah rajet,
nu matak lampah balatak,
duaan beda kahayang,
sumawon ka dua mahluk,
disangka majar nu lian.

40. Tapi teu jadi ku batin,


ngadago usum lahirna,
teu puguh-puguh ngarewong,
mun enya lain baturna,
moal djadi sambarangan,
puguh keur patepung sambung,
papantaran lalawanan.

41. Lahir jadi pantar lahir,


batin ti batin bijilna,
nu matak paaeh-aeh,
hade batin teu lahiran,
teu lahiran teu batinan,
nu matak suluk karuhun,
SANG JIWANG SANG HIANG WENANG

42. Minangka nyebutkeun jadi,


gumelar kumaha kersa,
ayeuna aing janggelek,
tapak kersa jeung kawasa,
moal cambal ku ngaran,
wajahna ngagungkeun mahluk,
nyelang ngaran kapalingan.
43. Loba teu jadi ku hiji,
hiji teu jadi ku loba,
ngan sesemben jeung lalanden,
basa lamunna jeung rasa,
aing ngutjapkeun sorangan,
naha jangkung teuing agus,
carulang bet jadi gaang

Kinanti Ngahurun Balung
http://dangdinghhm.wordpress.com/2008/01/22/hello-world/

1. Tungtungna ngarahun balung,


Guru bukur malar bukti,
Rek nyaba jeung Allah saha,
Kacapangan ya Illahi,
He Allah Gusti kaula,
Di nu negrak di nu suni.

2. Kaduhung ngajugjug jauh,


Puguh nguntit-nguntit aing,
Baluas da kurang awas
Ati lali ka ma’ani
Gumelar ma’nawiahna
nuding ka nu lain-lain.

3. Mupunjung ka uwung-uwung
Migusti ka kutumbiri
Mangeran ka wang-awang
Lain duei lain deui
Nu aya disaha-saha
Aling-aling roch idofi

4. Pikukuh ku ilallahu
Nu murba wisesa diri
Kelangan hajat sorangan
Pangatikna ti leuleutik
Balangah salah tarima
Pahili nu dipieling

5. Babasan Allah Nu Agung


Waspada lahir jeung batin
Marukan lain nyaeta
lahirna dituding ati
Batinna di torah rasa
Moal salahir sa batin

6. Nu matak diugung-ugung
kupanarimaning ati
Nu datang disaha-saha
Nu undur dileungit-leungit
Kokoceakan neangan
Matangankeun nu ngabukti

7. Mituhu lain ka baku


Rapih bari jeung pahili
Uyuhan bet dipirosea
Mere deui mere deui
Tapi da jariannana
Nu lali purah sukingki

8. Kasarung turut lulurung


Balik deui balik deui
Sabab dina sisimpangan
Cerik deui Cerik Deui
Midangdam neangan Allah
Lain deui lain deui

9. Beh di kaler beh di kidul


Saha deui saha deui
Na mana majar ma’ani
Aing deui aing deui
Ngambang di sagara mangmang
Manggih lain manggih lain

10. Tah kitu yataroddadun,


da bongan firoebihim
Katambias parahuna
Kerok miriwinci hiji
Ngumbara sosoranganan
Da puguh pahatulalis.

11. Ngahiung miindung-indung,


Bapa mana ieu kuring,
Teu daraekeun nembalan,
Da geus marulih kajati,
Ngoceak umallah-Allah,
Repeh deui-repeh deui
12. Disusul ka gunung suwung,
Ditungtik ka cai leungit,
Aing neangan jeung saha,
Aing deui aing deui,
Nĕlahkeun ngaran kamana,
Nafsiahing anu aing.

13. Kalingkung ku bising kitu,


Loba nu nuding ka aing,
Kabuktian mulya hina,
Da kapalingan ti peuting,
Da kasajaban ti beurang,
Aing dipaling ku aing.

14. Bukurna nu dipibingung,


Pahili ku barang hiji,
Nyawa kaleungitan rasa,
Lawas kalindih panglandi,
Marukan lain manehna,
Ĕnya ge dilain lain.

15. Tutur munjung ka batur,


Purba di rumasa ngabdi,
Rohaka ngojay ka girang,
Milir deui milir deui,
Naon aing babawaan,
Rek ngirim aing keur aing.

16. Ditanya meureun mun timu,


Naha bet dibawa deui,
Disaha maneh ngumbara,
Na aya nu sugih deui,
Moal ĕnya ditarima,
Da eta nusugih tadi.

17. Jauh-jauh disusuhun,


Tĕpi ka urut indit,
Midangdam keur kaedanan,
Pahili bawahing pangling,
Horeng keur ganti jĕnĕngan,
Lali bawaning ku isin.

18. Horengan batur salĕmbur,


Papanggih geus aki-aki,
Papisah pangumbaraan,
Kudu panca kaki deui,
Ngadukeun pakutan-kutan,
Hanas bĕt pagiling gisik.

19. Ngalantung pada ngalantung,


Pada nyarita pamanggih,
Basa dipangumbaraan,
Aing balik ti Batawi,
Sup kana liang Lampengan,
Bray caang beak kinanti.

20. Diajar nulis darigdug,


Uni deui uni deui
Midangdam kukagandengan,
Nulis di kareta api,
Pulunganeun bangkarakan ,
Sugan katitisan sari.

21. Sari nu ditiung sarung,


Balik ka kawit dumadi,
Horeng teu nyaba ngumbara,
Ĕnyana matuh ditadi,
Hakna nu tĕrus jeung rasa,
Rapih kana nafsul amri.

22. Haking kaula ku ripuh,


Haking Gusti kubirahi,
Jeun teuing deungeun balangsak,
Da abdi birahi ati,
Gumelar jeung pangabetah,
Bubuhan jaman pribadi.

23. Numatak disĕbut kukuh,


Tara salin ti sasari,
Tara jeung pangawĕruhna,
Cicing dina alam hiji,
Tara ditanya kamana,
Lamun aing hĕnteu indit.

24. Tara ditunjuk ku curuk,


Mun nuduhkeun ka pribadi,
Anggang soteh rarasaan,
Pĕrbawa jaman kiwari,
Hayang kanu anggang teang,
Pambrih kanu suni tungtik.
25. Nya tuturkeun indung suku,
Hartina pancĕring aing,
Kudu soreang katukang,
Pamalina tukang tani,
Dederan ngora akarna,
Kĕri deui kĕri deui,
Mun teu pambrih ku rejeki.

26. Beuki jauh ka cinyusu,


Beuki hilir beuki lali,
Moal nyaah ka pĕtetan,
Lamun pamrih ka langari,
Teu paya ku pancengkadan,
Mun teu pambrih ku rejeki.

27. Nu diprĕbutkrun nuwuku,


Katohyan kangenah ati,
Marukan bisa midua,
Kapan aing ti leuleutik,
Nyembahmah diwarah heula,
Kumaki bawa ngajadi.

28. Numatak timbang taraju,


Jati teu leungit ku lali,
paya ku diaya-aya,
lalandian kupinanggih,
Duriat kakalakayan,
Ingkar ngarangrangan jati.

29. Kukuh nya ngenca ngatuhu,


Bobot kakayoning sari,
Ilat-ilat pangabĕtah,
Matak sisirikan hiji,
Tokecang beurat sabeulah,
Sok pusing kagunjang-ganjing.

30. Perbawa teu cucud dumuk,


Teu tanjrih ku nu keur bukti,
Balukarna hejo tihang,
Pasalingsingan jeung ati,
nyiar keneh susuganan,
gagal deui gagal deui.

31. Da alhakumut takasur,


Hatta jurtuuml makobir,
Kalah beak pangeuntengan,
Lain deui lain deui,
Tekad katebak ku hawa,
Gingsir deui gingsir deui.

32. Di dieu hayang ka ditu,


Di ditu ka dieu deui,
Pasrah lamun jeung pindahan,
Lain elegete pikir,
Najan eurih kaanginan,
Pindah soteh reujeung bukti.

33. Aing oge kolot pancuh,


Bukti lamun indit birit,
Kabita taya gawena,
Mikir-mikir nu teu bukti,
Taya geusan pangabetah,
Cicing lain nadah angin.

34. Ngan nangtayungkeun pikukuh,


Mun ĕnya tariking angin,
Kodrat iradat pangeran,
Nu mindahkeun birit aing,
Lahaola wala kuwata,
Aing nu hajating aing.

35. Pung ngapung masing ngapung,


Ragrag deui ragrag deui,
lĕp silĕp ka sapatala,
Ngambul deui ngambul deui,
Sapanjang di alam urang,
Timu deui timu deui.

36. Masih ngapung masih mayung,


Ngĕdap deui ngĕdap deui,
Diulur sapanjang rara,
Ngĕbrok deui ngĕbrok deui,
Langlayangan teu talian,
Ragrag deui ragrag deui.

37. Mo burung disebut burung,


Mun teu saenya sa lain,
Babasan jeung karapihan,
Ciri mah ciri sabumi,
Cara mah cara sadesa,
Tuturuti ka panglandi.

38. Mun disuguh angeun iwung,


Ulah menta angeun awi,
Najan ĕnya kitu te mah,
Katĕlah na kebon awi,
Lalandian sababatan,
Awi deui awi deui.

39. Na saha nu ngebon sintung,


Ngan aya nu melak kitri,
Duwegan ge saliwatan,
Geuwat bisi kolot teuing,
Kaporotan ganti ngaran,
Duwĕgan santri teu amis.

40. Bisi kaburu ku butuh,


Batok garing cai bari,
Ngalasan mah pupucukan,
Mun talangke kolot teuing,
Buah leunca nu meujeuhna,
kolot teuing amis teuing.

41. Aing mah tara ka lisung,


Tatanya bisi pahili,
Bakatul naon gawena,
Huut na saha nu beuki,
Sugan te mah cara beas,
Ngan pare kanyaho aing.

42. Atuh aing kawas burung,


Dipangejokeun jarami,
Bongan teunyaho ditata,
Resep keukeuh ieu aing,
Hayang rangrang menta catang,
Abong kena pada kai.

43. Puguh keur hayang cinyusu,


Sakĕtipeun meuli sapi,
Cara anu ngaladangan,
Anggur disebut teu eling,
Nanyakeun harga sawidak,
Mamawa duit saketip.
44. Tah hartina Ilallahu,
lain diiwung di awi,
Iwung tara teu awian,
Duwĕgan kudu ti kitri,
Tara beas teu parean,
Awi runtang ku panglandi.

45. Pibatin cara nu burung,


Pilahir cara teu eling,
Ucap mah kalangkang rasa,
Teu umum teu matak rapih,
Matak layeut masamoan,
Bisa mihapekeun diri.

46. Rĕmpug sĕmu jeung salĕmbur,


Bear budi jeung pangampih,
Mustika tara kasangka,
Bisi batur pada manggih,
Diudang tata satata,
Ditungtik surtina buni.

47. Heug iwung sĕbutkeun iwung,


Heug awi sĕbutkeun awi,
Kajeun ceuk deungeun mah loba,
Teu nyahoeun barang hiji,
Hiji dua tilu opat,
Hiji na tina mimiti.

48. Najan aya laksa ribu,


Jumlah na sahiji deui,
Najan samara dalapan,
Engkena jadi sapiring,
Ageun bistik opor acar,
deungeun sangu opat piring,

49. Panyuguhan dua gunduk,


Ambeng dahar ambeng ngopi,
Disĕbut baraya dalit,
Duriat kanu bangbangan,
Tara ka dulur pribadi.

50. Kajeun disebut teu wawuh,


Tinimbang ngĕcĕwis biwir,
Jĕnĕngan paranti anggang,
Panglandi tara pahili,
Duriat ngilangkeun ngaran,
Rapih nyirnakeun lalandi.

51. Taya bujang keur lumucu,


Birahi budi gumeulis,
Lajang teu kakasepanan,
ingĕtan alam pribadi,
bisi bogoh ka sasama,
lalaki pada lalaki.

52. Matak teu turun tumurun,


Leungit bukti Jabang Bayi,
Balukar sok ti duaan,
Buktina lahir jeung batin,
Nyatana jassad jeeeung nyawa,
Nu ngabuhtikeun kiwari..

53. Puguh mun humarurung,


Ngadangding ku humariring,
Gugunungan dadaratan,
Bumi deui bumi deui,
Wawalungan lalautan,
Cai deui cai deui.

54. Muru cau murur tiwu,


Amis deui amis deui,
Muru pare muru kĕtan,
Seubeuh deui seubeuh deui,
Muru sirop muru lahang,
Sĕgĕr deui sĕgĕr deui.

55. Muru pucuk muru daun,


Tangkal deui tangkal deui,
Muru buah muru kembang,
Bĕtah deui bĕtah deui,
Muru deukeut muru anggang,
Rapih deui rapih deui,

56. Napsu mah gĕlĕdug rahul,


Asa indit tacan bukti,
Barabat hujan silantang,
Bumi masih keneh garing,
Ngagundamkeun kasugihan,
Tatapi beuteung salatri.
57. Marukan wujud ku nafsu,
Ngimpi sugih bari Miskin,
Teu kudu hayang tiheula,
Mun pasti baris ngajadi,
Teu kudu sare gundam,
Bukti ku babawa impi.

58. Barang hiuk puguh nafsu,


Geus bukti meunang pang landi,
Nafsiah meunang kapengeranan,
Buktina tangtu ku pasti,
Saha bae nu maksana,
Nyatana mana billahi.

59. Sup aing campur di kampung,


Nurutan aing ngalandi,
Ngarah sarua nya basa,
Ulah katara Ngiai,
Illallahu ganti basa,
Mun teu ngaji moal ‘alim.

60. Mun teu macul moal nyatu,


Teu ku cai moal mandi,
Mun euweuh kejo teu mangan,
Mun teu ngarah moal ngarih,
Mun sangsara paeh bangka,
Mun teu ngulik moal mukti.

61. Mun teu nyatu moal hirup,


Mun teu mĕlak moal ngali,
Lamun teu ngakal mah modar,
Mun teu carincing dipaling,
Mun teu diubaran payah,
Mun teu ngaji moal nyantri.

62. Wah aing tutur ngatuhu,


Kencana diapi laing,
Mangeran tempang sabeulah,
Top kari sabeulah deui,
Katulah ku pangabisa,
Mun cicing moal salatri.

63. Teu macul teu burung nyatu,


Paeh titeuleum keur mandi,
Teu mangan kamĕrĕkaan,
Teu ngarah teu burung ngarih,
Babatang menak Jatnika,
Mucigcrig bawaning ngulik.

64. Loba nuhirup teu nyatu,


Nu ngali lain nutani,
Nu bĕrakal talayah,
Anu caricing di paling,
Loba ubar nu kanceuhan,
Loba wali lain santri.

65. Katuhu paranti nyatu,


Kenca paranti susuci,
Mulya hina duanana,
Milik aing nu sajati,
Mun aing beurat sabeulah,
Tandaning ngalain-lain.

66. Jung tangtung dina bangbarung,


Baeu banggeut milik aing,
Sing walatra duanana,
Masing hanteu pili ganti,
Untung rugi mulya hina,
Papait eujeung mamanis.

67. Panas tiris baseuh tuur,


Ngeunah teu ngeunah nu aing,
Nu kasorang ulah nyemah,
Bisi pajar dipilain,
Hiji barang dua ngaran,
Bongan dua nu ngalandi.

68. Aing untung ceuk nu dusun,


Aing rugi ceuk nu ngarti,
Aing mulya ceuk nu anggang
Aing hina ceuk nu dalit,
Ditandangan ku sorangan,
Tĕtĕlahan nu ka aing.

69. Agungna jadi Pangulu,


Hinana jadi pangatik,
Mulyana jadi ponggawa,
Hinana bas ning abdi,
Mulyana sok disarembah,
Hinana sok dianonim.
70. Aing untung keur panuju,
Aing rugi keur bĕrĕwit,
Aing mulya keur sukana,
Aing hina keur prihatin,
Aing kaya keur balangah,
Aing miskinna keur eling.

71. Diuk nangtung jeung ngalantung,


Dagang jiwa ngicis budi,
Jual akad sapayuna,
Sabaraha anu wani,
Ngarah rorongsokanana,
keur ngajatnikakeun diri.

72. Susungkur ngarah susungkur,


Jual beuli ngarah bati,
Carabakan ngarah rasa,
Tulas-tulis ngarah uni,
Sisindiran susulukan,
Moal sacangkang saeusi,

73. Ti luhur sarerang kawung,


Ti gigir langari jadi,
Ti handap sarerang langkap,
Ngukuy pĕnyu ka basisir,
Kasungka di kali jaga,
Kasi handapeun kilaki.

74. Ti luhur sumangga cium,


Ti gigir kuma paranti,
Ti handap sumangga rampa,
Wungkul sĕmu dina pikir,
Sugan suka pajajaga,
Kasorang jadi salaki.

75. Ti luhur sujud pangambung,


Ti gigir paranti bakti,
Ti handap keur walakaya,
Ngukut budi bari mikir,
Kasuka neangan jaga,
Kasorang baring supagi.

76. Catur ngaub kapangrungu,


Budi ngabdi ka nu surti,
Polah nyĕmbah kanu awas,
Rasa ambeu memeh hiji,
Mun paju tanpa ladangna,
Tina pĕti sanubari.

77. Untung ku ladang lumaku,


Sugih ku ladang pangarti,
Beunghar ku ladang bicara,
Weureu seubeuh gĕde leutik,
Maraban pangupa jiwa,
Leutik jinis gĕde bati.

78. Teu payu usum teu payu,


Keur raris usum keur raris,
Boga kumaha barangna,
Pikabogoheun nu meuli,
Teu pedah dipika heran,
Ninggang sulaya jeung ati.

79. Da geus di dieu di ditu,


Jamak raris jeung teu raris,
Teu euweuh jarianana,
Pakeeun anu mareuli,
Dahareun jeung barudak,
Malaur barudak rungsing.

80. Moal bingung ku nu umum,


Moal nyĕri ku paranti,
Moal heran ku nu jamak,
Moal pahili ngabagi,
Humaleuang humandeuar,
Nyĕri ku barang nu misti.

81. Pastining Gusti Yang Agung,


Kĕrsaning Nu Maha Suci,
Cacandran jadi pusaka,
Wangkid ti nini ti aki,
Ulah bahula wangkĕlang,
Kana titis tulis diri.

82. Tapi tutur dipitutur,


Nyĕbut takdir ka papait,
Mamanis asa beunangna,
Lawas dibalajar lali,
Balukarna ngarasula,
Papait asa pahili.
83. Pasaliru nu dimaksud,
Jeung pasti keur aing,
Bongan ngalunjak diwarah,
Ulin dibĕkĕlan duit,
Ngarasula keur teu boga,
Da asa duit nu pasti.

84. Indung nguyung tina bingung,


Ditagih barang teu misti,
Dipentaan lain hutang,
Ngan bonganna ti kamari,
Anakan di warah ngeunah,
Ngarungsing keur na prihatin.

85. Atuh pitutur nalapung,


da pasalingsingan ati,
Babasan beda ti rasa,
Uni teu tĕrus jeung ati,
Ucing nyandingkeun paisna,
Maling deui maling deui.

86. Tutur dijujur diugung,


dek dikĕsitan sakali,
Didadak sabar dipaksa,
Ngĕrik deui – ngĕrik deui,
hanteu dilalanyah heula,
pepeling moal ditolih.

87. Atuh kaku lain baku,


Tara-tara tisasari,
Ngadak-ngadak barangasan,
Kawas teru nyaah ka aing,
Nu matak kagĕgĕringan,
Gĕring deui – gĕring deui.

88. Indung bapa turun kaul,


Agus lamun cageur deui,
Ku bapa moal dipungpang,
Taya nu dipikaasih,
Taya banda kinasihan,
Ngan keur agus suka ati.

89. Geus kitu bawaning bingnung,


Ingkeun bae da geus takdir,
Nya takdir teh tuturunan,
Kolotna tara piduli,
Kana pibageureun anak,
Nu sĕnang dikaping buri.

90. Tah kitu turun manurun,


turunan sĕsĕmban santri,
Balahi ku T7:03 akdirullah,
Kangeunahan beunang aing,
eukeur mah santri kabongan,.
Niru babasan Kiai.

91. Kiaina deui kitu,


Tĕpi ka mĕlĕtik budi,
Hidayat ka pangeranan,
Heran ku basa kiai,
Naha bĕt nyĕmbah nyabeulah,
Kumaha jadina hiji.

92. Ĕnya sore hĕnteu isuk,


Wawuh beurang leungit peuting,
Keur ngeunah gagalayahan,
Keur nyĕri migusti-gusti,
Ngadunungan kakapeungan,
Uyuhan teu dipilain.

93. Baku napsu nu di batur,


Ngaran takdir nu di aing,
Hawa pĕrbawa kabita,
Nu teu mĕnĕran ka aing,
Kalah modar teu kasorang,
Da lain bagian aing.

94. Dulur ngan cikal jeung bungsu,


Awewe reujeung lalaki,
Ceuk bungsu geuraheun akang,
Ceuk cikal geuraheun adi,
Puguh saindung sabapa,
Ngidul hiji ngaler hiji.

95. Mun nenjo teu ngeunah batur,


Uyuhan teuing silaing,
Mun teu ngunah di sorangan,
Aeh naha kieu teuing,
Nganaha-naha nu jamak,
Teu rasa mungkir ka takdir.
96. Ceuk pulus geuraheun limus,
Diciuman ku nu geulis,
Ceuk limus mĕnding pulus mah,
Tara diguras-garis,
Kabeh poho ka pusaka,
Mulya hina untung rugi.

97. Ceuk sato manusa agung,


Boga kuda boga munding,
Ceuk manusa mĕnding domba,
Bĕtaheun ku eusi peujit,
Ĕngke keur ponyo ngalasan,
Jukut hejo moal lingih.

98. Tara tisusut tidungdung,


Neangan nu lain-lain,
Tara maksa gurajangan,
Ngulak ati teu ngabukti,
Rumasa bisa sorangan,
Hirup ku kabawa impi.

99. Mun aing suhud ka sirung,


Tandaning lali kabeuti,
Mun rada ĕmbat meueusan,
Eling kaasaling jadi,
Tangtu rumasa nyasama,
Itu aing ieu aing.

100. Ngan itu maju ka untung,


Ngan aing maju ka rugi,
Ngan itu kĕmbangan mulya,
Ngan aing kĕbangan laip,
Harga kumaha nu hayang,
Hade itu hade aing.

101. Mun aing suhud ka iwung,


Tandaning lali ka awi,
Susah keur nganyam ayakan,
Eleh ku ngeunah sakali,
Ngarasa kurang keur kurang,
Butuh keur anyaman bilik.

102. Tanda asal kudu mundur,


Ngukuhan eling ku beuti,
Buah jaga kĕmbang jaga,
Aing keur pada ngajadi,
Lĕbah ĕmbung lĕbah hayang,
dilawanan ku nu bukti.

103. Moal tajung euweuh irung,


Moal bau euweuh seungit,
Moal bujang euweuh lajang,
Moal barang euweuh duit,
Moal mulya euweuh hina,
Pigeusaneun sili tuding.

104. Kudu lawung pada lawung,


Sajajaran pancakaki,
Gumĕlar lĕbah alamna,
Maju teuing mundur teuing,
Matak sarosopan rasa,
Pinggan dientep jeung piring.

105. Lilip bukur moal timu,


Nu layeut tĕrusing ati,
Tĕrah sabdaning kusumah,
Rumasa lain jeung lain,
Bonganna pasalingsingan,
Bukti teu ninggang jeung sari.

106. Iraha ngakandi sintung,


Lamun buktina ngan kitri,
Iraha gumĕlar hayam,
Lamun jalma sakabeuki,
Ĕndog ulah sina mĕgar,
Dabongan make dipeuncit.

107. Iraha timbulna suung,


Lamun taya musim ngijih,
Iraha gumelar supa,
Lamun taya catang kai,
Iraha nĕlah kaula,
Lamun taya bibit gusti.

108. Suhud soteh aing tandur,


Ingĕt kana rumpak jami,
Makaya hayang di buat,
Ngulik harti hayang bukti,
Gumĕlar neangan rasa,
Pek geura puntirkeun deui.
109. Moal suluk tanpa wusul,
Tapi teu make mimiti,
Koleang ka sakĕmbaran,
Jumĕrit ku silib sindir,
layung isuk samar beurang,
samarandening kinanti.

Anda mungkin juga menyukai