Anda di halaman 1dari 2

Panampian Panganten 

Pameget.
Posted on October 28, 2013

Assalamualaikum Wr. Wb.

Alhamdulillah, alhamduillahi robbil alamiin , , , ,

Shalawat atas Nabi,,,

Pangeresa Bapa . . . . . . . . . . . . . . sakalih, miwah rombongan rohimakumullah, jisim abdi


kalayan asmana Bapa . . . . . . . . . . . . . . . . bapa anu kagungan maksad, ngahaturkeun wilujeng
sumping, disaarengan hormat ta’dim kalayang kabingahan, bingah anu taya papadana rehing
tamu nu dianti-anti kku pribumi Alhamdulillah kiwari parantos sumping.

Mugia kauninga, sateuacan rombongan sumping mah pangeresa Bapa…………………………


teh ejegeler cilingcingcat lengo deui lengo deui ka jalan bangun aya kahariwang. Namun saba’da
rombongan sumping mah paromanna ngadadak bear marahmay.

Salajeengna ka pangeresa bapa nu sumanggem kalayan asmana Bapa (bapa panganten pameget)
saestuna teu kudu mawur ku saur popoyan teh seseepa. Mugia kauninga, kanggo Bapa
…………………… di dieu estu heunteu mandang dunya barana, heunteu malar cacandakan.
Nanging, mung sarupi nu dipamrih, calon panganten pameget nu dipiharep. Margi saur pripaos
tea mah, najan mayak cacandakanana, ngaleut ngehkeuy ngabandaleut nu nganterna piwarang si
kasep panganten, heunteu kasered, beu cilaka pamaksadan Bapa…………………….kenging
kukumpul sataun landung teh, dibarung nandang wirang.

Syukur alhamdulillah si jalu cunduk rahayu, disarengan Ibu Rama dijajap kadang wargina, bari
ringkung cacandakanana.

Hadirin rahimakumullah, mugia kasaksen ku sadayana, disarengan muji syukur ka Nu Agung.


Calon panganten wasta……………………..bin…………………… miwah cacandakanana
ditampi. Ditampi ku asta kalih, ditampi ku ati wening, kasuhun kapunjung, kasangga kalingga
murda.

Insya Allah Cep……………………….bin………………………..moal lami deui baris


dijatukramikeun ka nu geulis Neng…………………….binti…………………… atuh
cacandakanana, palias disimpen di handap-handap, sadaya bade didambel jimat paripih pamatri
asih, pameungkeut tali ka deudeuh, dijantenkeun pancar pangruhay seuneu duriat anu dengdeng
anu mayeng, disarengan paneda ka Gusti Nu Maha Suci, mugia pasinina ieu murangkalih sing
ngajadi, subayana sing laksana, tiasa ngawangun rumah tangga anu Sa Ma Wa amiiin.

Sakitu nu kapihatur kedal lisan panampian disarengan hormat ta’dim kalayan kacintaan.
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan, neda agung cukup lumur, neda
jembar pangampurana.

Billahittaufik wal hidayah, Hasbunalloh wa ni’mal wakil ni’mal maola wa ni’man Natsir.

Anda mungkin juga menyukai