Anda di halaman 1dari 5

Titénan deui biantara ieu di handap!

Assalamu’alaikum wr. wb.,


Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi
dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.

Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim


kuring.
Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo
sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten
dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja
wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus,
sedih da apan sim kuring saparakanca kedah
ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun
Ibu sareng Bapa Guru.
Mungguh waktos asa teu karaos jolna
sareng miangna. Dina sawangan téh asa
kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh
ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan,
milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan
mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa
sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun
katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring
Sumber: dokumen pribadi saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah
dikantunkeun.
Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan
pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh
nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa
Guru. éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang
hikmahna, gedé ajénna.
Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur
pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah
Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan,
ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu
sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring. Ku margi kitu,
mugi10 Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring9
saparakanca.
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring.
Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi
sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget

Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X


ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah
naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca
kahontal sareng tinekanan. Neda pidu’a supados sim
kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa
mandiri ngokolakeun hirup sorangan.
Bapa, Ibu…
Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina
ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka
Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa
males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti
Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu
sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca,
dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna.
Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung
du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu
kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.

Wassalamu’alaikum wr. wb.

Pancén 3
Pék analisis biantara di luhur ku ngajawab pertanyaan
ieu di handap!
1. Mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup biantara
di luhur? Cirian atawa nomeran, paragraf mana baé
baé nu jadi bagian bubukana, paragraf mana nu jadi
eusina, sarta paragraf mana nu jadi panutupna!

Pamekar Diajar basa sunDa Pikeun Murid SMA/MA/SMK/MAK Kelas X

11

Anda mungkin juga menyukai