Anda di halaman 1dari 2

Biantara PaturayTineung

AssalaAmualaikum warohmatullohi wabarokaatuh.


Puji sinareng syukur mangga urang sanggakeun ka hadirat Allah S.W.T. nu
maha suci, ku lungsurna rahmat sareng kurnia Anjeunna, dina dinten ieu urang
tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina acara paturay tineung SDN
Kencana Indah II.
Para hadirin hormateun sim kuring,
Mungguh ari waktos henteu karaos nyerelekna teh, asa kamari sim kuring
saparakanca lebet janten murid di ieu sakola, ayeuna tos kedah ngantunkeun deui
ieu sakola. Genep taun sasarengan, diaping sareng dijaring ku bapa miwah ibu
guru di dieu. Genep taun sim kuring saparakanca dipaparin rupi-rupi elmu sareng
kaparigelan, pibekeleun sim kuring saparakanca kanggo neraskeun sakola ka
tingkat anu langkung luhur.
Kiwari cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa urang kedah papisah, aya
kabingah sareng kasedih gumulung jadi hiji. Abotna mah kalangkung-langkung
kedah ngantunkeun ieu sakola teh namung kumaha atuh da sim kuring
saparakanca kedah neraskeun deui ka sakola nu langkung luhur.
Rumaos, salami sim kuring saparakanca sakola di dieu, seueur pisan
kalepatan, malih sering matak repok sareng jengkel ibu miwah bapa guru.
Kukituna sim kuring saparakanca neda dihapunten tina sagala kalepatan. Oge sim
kuring saparakanca bade neda piduana ti ibu miwah bapa guru kanggo
kaberhasilan sim kuring saparakanca ka payun.
Rupina sakitu pisanggem ti sim kuring, hapunten bilih aya cariosan anu
kirang merenah matak resag kana manah.
Akhirul kalam, wabillahi taufiq wal hidayah, wassalaamualaikum
warohmatullohi wabarokatuh.

AZKA AMALINA
SDN KENCANA INDAH II

Anda mungkin juga menyukai