Anda di halaman 1dari 2

Mugia wargi sadaya utamina ibu-ramana Néng… (sebutkan nama calon pengantin

wanita) aya dina ridho manah wening galih kersa nampi kana sagala rupi
pamaksadana.

Mung sakitu anu kapihatur, ogé neda hapunten bilih simkuring dina cumarios aya basa
anu kirang merenah kana manah bapa-ibu ogé wargi sadayana.

Urang pungkas ku kagegelan seni budaya sunda sareng du'a (sisindiran paparikan)
Kabita dodol tutungna
Wareg moal deui-deui
Nyarita taya tungtungna
Nya kitu kadinya deui
Conto séjén palih dieu:  Sisindiran serah terima pengantin
(Tutup dengan do’a dan salam).

Artikel menarik lainnya


- Contoh album magazine-kolase pernikahan
- Contoh album magazine-kolase Khitanan

2. Penerimaan
Teks pidato penerimaan calon pengantin pria bahasa Sunda
Assalamu’alaikum warrohmatulloh Wabarokatuh
Awali dengan ta’awudz dan basmalah, kemudian do’a mukadimah dan sholawat (bebas
tergantung yang kita hapal).

*Cuma hanya saran gunakan do’a mukadimah dan sholawat yang pendek, karena
pertimbangan durasi sesuai rundown yang biasanya tercantum sekitar 5 menit.

Parawargi anu sami lenggah dina ieu waktos, hususna ibu-ramana miwah sesepuh
calon pangantén pameget. Ogé sadayana bapa-ibu, sepuh-anom murangkalih anu ku
simkuring dihormat pisan.

Alhamdulillah, tadi parantos ka uninga ogé kadangu ku urang sadayana. Naon rupi
pamaksadan ti calon pangantén pameget.

Anu parantos didugikeun ku sesepuhna kalayan écés jentré, taya tédéng aling-aling,
bruk-brak éstuning malapah gedang. Kahartos pisan pamaksadana.

Simkuring asmana sepuhna calon pangantén istri sareng kulawargina, sateuacana


ngahaturkeun wilujeng sumping kasadayana.

Wilujeng patepung lawung paamprok jonghok patepang raray, nyanggakeun


pangbagéa kasadayana. Hapunten anu kasuhun tina sagala rupi lepat sinareng
kakirangana.
Naon rupi anu tadi didugikeun ku sesepuhna calon pangantén pameget. Simkuring
nyakséni kalayan kahartos pisan pamaksadana.

Saur paripaos anu sok didugikeun ki Dalang mah bingah amar wata suta, bingah ka
giri-giri. Éstuning ditampi ku asta kalih, disuhun dina embun-embunan, ditampi sagala
rupina.

Sami pisan ti simkuring ogé, bilih aya catur anu teu ka ukur, aya pasalia basa anu teu
kahaja. Panyuhun panghapunten ti wargi sadaya, mugia Alloh SWT salawasna
ngahapunten ka urang sadayana. Amin ya robbal ‘alamin.

Waleran sisindiran anu didugikeun ku sesepuhna pangantén pameget

Di hareupun aya kijing

Ku Pa Punduh diambilan

Teu ngarepkeun nu dijingjing

Da puguh tos dimobilan

Jambuna kakara kembang


Tangkalna aya duana
Tatamu mangga taruang
Hanjakal ngan saayana

Anda mungkin juga menyukai