Anda di halaman 1dari 2

Parawargi anu sami lenggah dina ieu waktos, hususna ibu-ramana

miwah sesepuh calon pangantén pameget.


Bingah tiasa kasumpingan tatamu anu sakieu hormateuna, ogé
bingah wiréhna calon pangantén pameget parantos aya
dipayuneun urang sadayana.

Saéstuna sok sanaos indit ngaligincing, datang teu jingjing teu


bawa saur paripaosna. Eta mah sanés nu utami. Anu langkung
utami mah sumpingna Cép … (Sebutkan nama calon pengantin
pria), kalayan salamet.

Alhamdulillah, tadi parantos ka uninga ogé kadangu ku urang


sadayana. Naon rupi pamaksadan ti calon pangantén pameget.

Anu parantos didugikeun ku sesepuhna kalayan écés jentré, taya


tédéng aling-aling, bruk-brak éstuning malapah gedang. Kahartos
pisan pamaksadana.

Simkuring asmana sepuhna calon pangantén istri sareng


kulawargina, sateuacana ngahaturkeun wilujeng sumping
kasadayana.

Wilujeng patepung lawung paamprok jonghok patepang raray,


nyanggakeun pangbagéa kasadayana. Hapunten anu kasuhun
tina sagala rupi lepat sinareng kakirangana.
Naon rupi anu tadi didugikeun ku sesepuhna calon pangantén
pameget. Simkuring nyakséni kalayan kahartos pisan
pamaksadana.

Saur paripaos anu sok didugikeun ki Dalang mah bingah amar


wata suta, bingah ka giri-giri. Éstuning ditampi ku asta kalih,
disuhun dina embun-embunan, ditampi sagala rupina.
Insyaallah ditampi sabeuleugenjerna kalayan kabingahan, manga
urang sami doakeun ku urang sadayana mugia A H. Dzatnika
sareng The Pusparini sing janten kulawargi anu Sakinah mawadah
tur warahmah, nyorang kabagjaan dunya tur aherat.
Baarakallaahu laka, wa baaraka 'alaika, wa jama'a baynakumaa
fii khair.

Gumujeng nu taya hingga


Ninggali simeut dikulot
Wilujeng rarumah tangga
Sing layeut nepi ka kolot

Para hadirin sadayana panginten ti pribados moal seueur carios da sadaya pamaksadan tos sami-
sami kahartos, kaleresan sateuacan ngadeg ieu dipayun tos seueur nu ngaharewos saurna teh

Nyabutan kumis tipeuting

Da beurang mah euweuh eunteung

lamun sambutan tong lila teuing

bilih Rombongan tos peuriheun beuteung

ku kituna manga atuh palawargi sadayana

aya Jambuna kakara kembang

Tangkalna aya duana

Tatamu mangga taruang

Hanjakal ngan saayana

(TUTUP SALAM)

Anda mungkin juga menyukai