Anda di halaman 1dari 2

Biantara basa sunda cinta ka lemah cai

Assalamualaikum Wr.Wb
Assholatu wassalamu ala asrofil anbiya iwal mursalin wa ala alihi wa sohbihi ajmain,
aamiin.
Ibu bapa girang pangajen nu ku sim kuring dipihormat, ibu bapa guru pembimbing ti
unggal Lembaga anu ku sim kuring dipihormat, sareng rerencangan rumaja nu hadir
di ieu tempat nu ku sim kuring dipihormat.
Sugrining rawuh rasa sukur langkung ti payun hayu urang panjatkeun ka gusti ilahi
robbi, sabab ku rohmatna urang tiasa dipasihan ni’mat islam, ni’mat iman, ni’mat
sehat tug dugi urang tiasa patepung lawung patepang raray di ieu tempat.
Teu hilap mugya solawat miwah salam tetep kakocor golontorkeun ka jungjunan
urang sadaya nyaeta nabiyalooh muhammad SAW, ka para wargina, para sohabatna,
para tabiit tabiatna, mugya dugi ka urang sadaya salaku umatna anu turut tumut
kana ajaran mantena, aamiin.

Para hadirin nu ku sim kuring dipihormat,


Ayeuna sim kuring baris medar hiji perkara anu kacida pentingna dina hiji nagara,
nyaeta cinta ka lemah cai. Kunaon cinta ka lemah cai kaasup kana hal anu kacida
pentingna dina hiji nagara? Sabab hiji nagara teh diadegkeuna ku para warga
nagarana, boh pamarentah, boh rahayat biasa. Ayeuna tiasa ku pamiarsa bayangkeun
lamun dina hiji nagara para wargana geus teu mikacinta ka nagara, tangtu eta nagara
bakal ancur sabab euweuh nu ngadegkeunana. Tah ku kituna lamun urang teu hoyong
nagara urang ancur, hayu urang ngaronjatkeun kacintaan urang ka lemah cai ku cara
sabilulungan ngarah ieu nagri adeg, ajeg, gemah ripah loh jinawi.

Para hadirin nu ku sim kuring dipihormat,


Ningal kana kaayaan jaman ayeuna, teu bisa dipungkir yen kacintaan warga nagara
utamana para rumaja ka nagarana geus ngurangan, malah mah meh lapur. Naon
sababna? Sabab para rumaja geus kapangaruhan budaya bangsa deungeun, para
rumaja geus teu malire kana budayana, para rumaja geus teu bisa milah mana nu
hade mana nu goreng, nu penting mah “gaul” sanajan geus kaluar tina kodrat agama
jeung budaya, sabab nu sejenna nyaeta para rumaja ti budakna teu diwanohkeun ku
kolotna kana kabudayaan karuhunna, sabab kolot na ngarasa sieun lamun budak na
bakal tinggaleun jaman, saenyana mah teu kitu, sabab seueur urang sunda anu
mikacinta budayana jadi gegeden,sareng jadi dosen di luar nagri pikeun ngajar sastra
sunda. Ayeuna naon buktina yen kacintaan para rumaja ka lemah cai geus
ngurangan? Sok ayeuna tingal ku pamiarsa, ayeuna jarang para rumaja anu
mikacinta kana kasenian gamelan, jaipong, jsb tapi para rumaja leuwih mikacinta
kana kasenian bangsa deungeun saperti gru vokal, band, sareng tarian modern. Tina
widang kadaharan, ayeuna para rumaja geus teu resep ngadahar kadaharan
tradisional, tapi leuwih resep ngadahar kadaharan bangsa deungeun anu ngandung
pangawet nu goreng keur awak urang, balukarna tiasa ku urang tingal sasarengan
kolot urang nu umurna 60-70 taun masih keneh bisa macul, tapi tingal jalma di kota
gede umur 40-50 taun oge geus katerap ku macem-macem panyakit, saperti
diabetes, darah tinggi, jantung, jsb. Tah tidinya tos katingali yen budaya urang teh
leuwih hade batan budaya batur.
Para hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Ayeuna nu kudu ku urang pikirkeun nyaeta cara pikeun ningkatkeun kacintaan para
rumaja ka lemah cai, kumaha carana? Salah sahiji carana nyaeta ku ngayakeun
pasanggiri sapertos kieu, ku diayakeun pasanggiri sapertos kieu tangtu di unggal
sakola bakal diayakeun kagiatanana, pami tos diayakeun kagiatanana tangtu bakal
aya siswa nu ngiringan, pami tos ngiringan tangtu bakal aya rasa cinta dina hate para
siswa, cara nu sejenna nyaeta ku pamarentah ditembongkeun kabeungharan nagara
urang, kaendahan alam nagara urang, karagaman budaya urang, nu di urus ku cara
bener maksad bener didieu teu aya unsur KKN di lebetna, pami tos diurus ku cara
bener tangtu bakal aya rasa bangga dina hate para warga nagara, pami tos aya rasa
bangga tangtu bakal aya rasa miboga, pami tos aya rasa miboga tangtu bakal aya
rasa hayang miara jeung ngembangkeun, pami tos dipiara jeung dikembangkeun eta
rasa kacintaan ka lemah cai nu saenyana, nu dibuktikeun ku lampah nyata lain ukur
omongan wungkul.

Para hadirin nu ku sim kuring dipihormat,


Sakali deui sim kuring umajak, hayu urang ningkatkeun kacintaan urang ka lemah cai
ku cara sabilulungan silih asah, silih asih, silih asuh ngarah ieu nagri adeg, ajeg,
gemah ripah loh jinawi. Sim kuring adeg di payun sanes bade mapatahan bulu tuur
atanapi mapatahan ngojay ka meri ieu mah ngan saukuur silih elingan wungkul.
Sakitu bae ti sim kuring, hapunten bilih aya cacariosan nu kirang merenah dina
manah

Wassalamualaikum Wr.Wb

Anda mungkin juga menyukai