Anda di halaman 1dari 2

Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Ngeunaan Kabudayaan Sunda Nu Ku Urang Kedah

Dimumule
Assalamu’alaikum w. w.
Ibu guru anu ku simkuring dipihormat. Teu kalangkung rerencangan sadayana. Langkung ti
payun, mangga urang sami-sami muji syukur ka Gusti Nu Mahaangung, margi mung barokah
sareng rohmat mantenna urang tiasa ruing mumpulung dina kasempatan ieu.

Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato ngenaan watek budaya
Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean.
Watek sunda anu ku simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta heuteu ngan dilarapkeun dina
panampilan , tapi aya dina manah urang sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur
pisan kabeungharan seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan tina
gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura iawa barat jaman Balanda,
taun 1935-an.
Tarling pepek ku sarupaning kamonesan. Aya seni sarimpi, jeung tari topeng minangka bubuka
acara. Pareng nincak bulan hajatan teu di desa teu di kota, masarakat rea nu nanggap tarling.
Harita tarling kaitung anu pangpayuna diogan ku nu boga hajat. Mung pangaruh dangdut anu
diwanohkeun dina taun 70-an ngajadikeun tarling direformasi jadi Tarling dangdut. Beuki dieu
tarling klasik kadeseh ku organ tarling anu teu merlukeun modal gede. Beuki dieu kasenian
tarling beuki kadesek ku kasenian modern pangaruh tina globalisasi, jiga music pop jeung rock.
Seni gitar suling atawa tarling cirebonan anu kungsi dopikaresep kiwari ukur waasna . lagu-lagu
taling ngan ukur kadenge dina kaset . komo sangeus ditinggalkeun ku maestro-maestrona.
Para hadirin sadayana, urang teh keudah ngiring ngamumule kasenian urang. Kasenian anu jadi
kabeungharan urang tong neupi kageugeus ku kasenian luar anu ngajadikeun urang poho kana
kasenian jeung kakayaan budaya sorangan.
Sakitu wae ti simkuring , pamungkasna mugi-mugi taopek sareng hidayah gubrag ka urang
sadaya.
Wassalamualaikum w. w.
Contoh Naskah Pidato | Biantara Basa Sunda Tema Internet
Assalamualaikum.wr.wb
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta, sateuacana hayu urang
panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta
hidahyana ka urang sadayana. Ku kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/ ibu guru anu
parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji biantara anu judulna “Pangaruh
Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring hoyong medarkeun
watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ; pangaruh internet tina segi positif
sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses dimana wae, cukup modal
hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna
mah ampir di unggal juru jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu
ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Seueur elmu anu aya di internet nu bisa ku urang dicokot. Sagala informasi naon wae anu aya di
internet, informasi eta bisa dicandak kalayan gampang sagampang urang ngabalikeun talapak
panangan sareng ngicepkeun soca. Terus naon hubunganna jeung siswa ? tangtu pohara seueurna
hubungannana internet di jaman kiwari jeung siswa, sabab siswa heunteu luput tina anu namina
informasi sareng elmu. Internet teh nyaeta media anu pang efektifna sarta gampang diakses
dimana wae jeung kusaha wae. Sanajan teu bisa dipungkir yen ayeuna kabebasan ieu teh bisa oge
disalah gunakeun jeung salah dina narepkeunana. seueur pisan fasilitas internet minangka sarana
kriminalitas atanapi asusila.
Rea pisan hal-hal negatif tina internet, salah sahiji contona nyaeta :
Pikeun anu kakara mikawanoh kana internet nyaeta bisa ngabuka situs – situs, gambar – gambar,
atawa video – video anu teu sawajarna
Kacanduan gim online nepikeun ka poho kana sagala
Bisa katipu tina iklan – iklan di internet
Tapi aya oge segi positifna :
Siswa bisa neangan informasi anu luwes mun dibanding ngan saukur diuk cicing ngaregepkeun
guru nerangkeun
Bisa nambah rerencangan dina jejaring social, jsb

Rumaja nyaeta makhluk anu rentan kanu parobahan di sakurilingna. Rumaja biasana sok
nurutkeun anu dominan anu aya disakurilingna. Mangka ti eta alusna lamun urang bisa bijak
ngagunakaeun internet keur kamajuan diri sarta pribadi urang sorangan.
Sakitu wae biantara ti simkuring, hatur nuhun atos merhatikeun, akhirul kecap.
Wassalamualaikum wr.wb

Anda mungkin juga menyukai