Anda di halaman 1dari 3

ASSALAMUALAIKUM WR.

WB

Sampurasun

Bismillahirohmanirohim

Girang pangajeung hormaten simkuring Bapak kalih ibu guru pangaping hormateun simkuring teu hilap
kanca mitra anu dipikareueus sareng di pika deudeuh.

Dina ieu kasempetan simkuring ngaraos bingah dipasihan kapercanten salaku patandang mugia ku
patepang na dina ieu acara sing janten wasilah langkung rekeutna tali mimitran antawis urang sadaya.

girang pangajeng hormaten simkuring.

Basa mang rupa alat kango ngadugiken ide, pamadegan, kitu deui cumarios dina kahirupan
sadidinteun...... ngilik kana hal eta, tangtosna bae jalmi teh gaduh peran penting janten mahluk sosial.
Anu kersa te kersa kedah campur gaul sareng jalmi laina. salaku mahluk sosial urang meryogikeun jalmi
lain sangkan ngartos kana naon anu nuju di emutan, naon anu di pika hoyong , sareng naon anu di
raoskeun..... hal eta tiasa lumangsung ku nganggo basa. Numutken sim kuring ditilik tina wilayahna Basa
teh di bagi kana 3 bagian :

Ka 1. Bahasa nasional nyaeta bahasa indonesia

2. Bahasa daerah. Aya bahasa sunda, bahasa jawa, jeng rea-reana deui

3. Basa deungeun. Aya basa inggris, basa cina, basa jerman jeng basa sejena

Girang pangajeng hormaten simkuring ......

Kahiji basa nasional nyaeta basa indonesia basa anu mengket jadi bengketan anu pageuh tina
sababaraha basa seler anu sakitu se’eurna dina raga urang. kukituna urang kedah reueus kana basa
indonesia kumargi hiji-hijina nagara anu di wangun ku sababaraha pulo anu benten basa sareng adat
budayana tiasa sapuk nganggo basa indonesia bari teu aya goncang pakewuh. salian ti eta basa
indonesia janten basa resmi anu kedah di anggo dina acara kagiatan saperti upacara kanagaraan, rapat
resmi, kagiatan diajar, jeung rea-rea deui. Cindekna urang salaku bangsa indonesia wajib ngutamakeun
diajar basa indonesia ku cara“ CINTA “

C ciciran bngsa hartina basa jadi ciri bangsana

I ide naon bae wajib di dugikeun ku basa indonesia

N nandeskeun perluna basa indonesia janten basa persatuan NKRI

T tanda urang mika reueus kabangsana

A aturan wajib nyarios ku basa indonesia di tangtayungan ku undang-undang 45 ........

girang pangajeng hormatken simkuring


Ari anu kadua nyaeta basa daerah kanggo urang salaku urang sunda tangtosna ogesa indung nyatana
basa sunda... Sakumaha anu tos ka uninga ku sadayana bray dinten bray dinten teh basa sunda taya
kandat na ka pangaruhan sareng dipangaruhan ku basa daerah nu sejen kitu dei ku basa indonesia
sareng basa deungeun. selain ti eta sabagian masyarakat nu aya di lembur oge di kota ngarasa gengsi
upami nyarios ku basa sunda alesan namah rupi-rupi sesah tea sieun lepat ngalarapken na jeng rea-
reana deui. Padahal maranehna teh indung bapa nini akina asli pituin urang sunda. ku emutan
simkuring ka ayaan sapertos ayeuna teh teu tiasa di antep urang teu tiasa api lain meungpeun carang
dinu caang jalaran hal ieu janten masalah ukulaneun sugri urang sunda. ku hal eta pisan urang sunda
gaduh kawajiban kango ngarumat sareng ngamumule basa indung ku cara BBPJB

B. Biasaken dimana wae ayena nyarios ku basa sunda supados janten kabanggaan urang sunda

B. Barudak ti leuleutik kudu di biasaken sareng di ajar nyarios ku basa sunda sangkan reueus kubasana

P. Peupeujeuh sing seregep tur soson-soson dina diajar bas sunda sangkan ngartos kana eusina

J. Jauhan tina rasa isin sareng gengsi nyarios ku basa sunda

B. Budayakeun basa sunda sangkan di anggo dina sagala rupi acara.

Girang pangajar hormat simkuring ......

Ka tilu basa dangeun.

Basa dangeun utamana basa inggris mangrupa basa dunya dina kominukasi antara bangsa jeng bangsa
anu sejena ku kituna urang wajib kedah tiasa basa dangeun kucara ngawasa basa luar nagara ......

Selain ti eta ti taun ka taun kamajuan dunya lewih maju di barengan ku kamekaran teknologi informasi
oge komunikasi anu ngabalukarkeun campur gaul teu di watesan ku wates nagara, ku kituna sangkan
nagara urang teu tingalen jauh ti nagara nagar sejen anu lewih maju ku elmu pangaweruhna boh
teknologina urang sunda kedah mampuh tiasa sareng ngawasa kana basa dengeun bari teu poho kana
tema wadina salaku urang sunda. salah sahiji cara sangkan urang tiasa ngawasa basa deungeun tapi
tetep rueus kabasa indungna nya eta ku cara OKE

O. Osok leuken diajar sareng ngulik basa kalawan soson soson

K. Kedah sumanget sareng resep dina mayunan pangajaran basa

E. Entong peungas pangharepan upami ti taun ka taun teu acan ngawasa oge nyarios basa nu salerena

Cindekna biantara dina dangeut ayeuna hayu urang ngamumule basa indung nya eta basa sunda
ngutamakeun basa indonesia ngawas basa deungeun ka ungkulan ku CINTA BBPJB OKE
Hadirin hormateun sim kuring sakitu nu ka pihatur sateuacana mungkur hapunteun bilih aya catur
saur anu teu ka ukur aya carita basa nu teu ka reka tutus langkung tepang helang bobo sapanon carang
sa pakan ulah kirang kirang ngahapunten tina samudaya kalepatan Di pungkas ku

WASALAMUALIKUM WR.WB

Anda mungkin juga menyukai