Bapa kalih Ibu girang pangajen nu ku sim kuring dipihormat. Hadirin
samudayana! Langkung ti payun hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka Dat Alloh nu Maha Gofur! Solawat miwah salam mugia dilélérkeun ka Jungjunan Alam nyatana Habibana wanabiyana Muhammad SAW. Ku barokah sareng nimat ti Mantenna ieu urang samudayana tiasa riung mungpulung di tempat nu mulya ieu. Hadirin nu ku sim kuring dipihormat. Ngadegna sim kuring di ieu tempat seja ngiring diajar sumanggem ngalalancar cumarios, kalawan insyaallah baris ngabantun jejer kamekaran basa Sunda ti jaman ka jaman. Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, Basa tẻh cicirẻn bangsa, sakumna sarjana Basa Sunda paham pisan kana kalimah ieu malih dina kamekaran saterasna nu dianggap mibanda pangaruh ageung sanès mung saukur basa sareng ẻtnisitas atawa sèkèsèlèr, nanging ogẻ budaya. Kukituna basa tẻh mangrupi representasi, wujud nyata, hiji budaya nu ngarojong ajegna hiji sèlèr. Basa dianggap janten pangrojong pangpentingna kanggo rènghapna hiji budaya. Basa sunda resmi diaku janten basa nu mandiri ngawitan taun 1841, ditandaan ku medalna kamus basa sunda nu munggaran (kamus basa walanda, malayu jeung sunda). Kamus eta wedalan Amsterdam, yasana Roorda, salah sawios sarjana basa timur.
Basa Sunda mangrupi basa nu diciptakeun sareng dianggo ku urang Sunda
dina saniskara kapperyogian komunikasi kahirupan maranehna. Teu aya nu terang, iraha basa sunda lahir, tapi tina titinggal mangrupi seratan, nu mangrupi katerangan pangheubeulna, wanguna prasati ti abad ka 14. Prasasti èta kapendakna di Kawali Ciamis sareng diserat dina batu alam nganggo aksara sareng nganggo Basa Sunda (kuno). Taksiran prasati ieu langkung ti hiji sareng didamel dina mangsa pamarèntahan Prabu Niskala Wastukancana (1397-1475), janten tiasa dipastikeun yèn Basa Sunda tos dianggo sacara lisan ku masarakat Sunda harita malih tiasa ogé tebih sateuacan jaman èta. Teu pamohalan waktos Kwaeun Lun nu dièmbarkeun ku Berita Cina sareng dianggo pikeun ngobrol sapopoè di wilayah nusantara sateuacan abad ka 10 di masarakat Jawa Barat tiasa janten nyaèta Basa Sunda ( kuno ), masing uhun teu kapendak sareng teu dipikawanoh bungkeuleukanana gè. Buktos dianggèna Basa Sunda dina wangun seratan, tiasa deueur kapendak ku urang dina wangun naskah, nu diserat dina daun lontar (lontar, kawung, kalapa, nipah) nu asalna ti jaman abad ka 15 dugi ka 18. Margi langkung ganpil cara nyeratna nya ku kituna naskah mah langkung panjang tibatan prasasti. Nu balukarna kabeungharan kecapna langkung euyeub sareng struktur bahasana langkung jelas.
Hadirin nu ku sim kuring dipihormat,
Peryogi kauninga basa sunda dina mangsa èta seueur mibanda kosakata serepan sareng dipangaruhan ku struktur Basa Sangsakerta ti India. Saentos urang Sunda wanoh sareng ngagem agama islam, sareng nanjeurkeun kakawasaan agama Islam di Cirebon sareng Banten ti ngawitan ahir abad ka 16. Hal ieu tèh mangrupi buktos yèn nu pangpayunna lebet kana kabeungharan kecap Basa Sunda nyaèta kosakata Basa Arab sapertos duniya, niyat, salat, masjid, sareng sajabina
Mirig lebetna islam kana lebet kalbu sareng saniskara widang kahirupan masarakat Sunda, kosakata basa arab beuki seueur nyerep kana kabeungharan kecap basa sunda nu saterasna mah tos teu asa janten kosakata serepan deui.
Kamekaran salajengna aya pangaruh Basa Jawa dina kahirupan
masarakat Sunda atra pisan katingali ti ahir abad ka 17 dugi ka pertengahan abad ka 19 balukar tina pangaruh Mataram ka wilayah ieu. Mangsa harita kagunaan Basa Sunda salaku basa tulisan di kalangan kaom elit kadeseh ku Basa Jawa, margi Basa Jawa dijantenkeun basa resmi di lingkungan pamarèntahan, disagèdèngeun èta tingkatan basa/undak-usuk basa sareng kosakata Jawa lebet ogè kana Basa Sunda nurutan pola Basa Jawa nu disebat Unggah-Ungguh Basa.
Ku dianggèna undak-usuk basa janten nyababkeun ayana stratifikasi
social / tingkatan-tingkatan status sosial kalawan nyata. Tapi sok sanaos kitu Basa Sunda tetep diangge janten basa lisan, basa paguneman sadidinten masarakat Sunda. Malih, di lingkungan masarakat handap utamina di padèsaan, kagunaan basa tulisan sareng basa sunda masih tetep aya, utamina kanggo nyerat karya sastra wawacan nu nganggo aksara Pègon.
Ti satengahing abad ka 19 Basa Sunda ngawitan dianggè deui janten basa
tulisan di sadaya tingkatan sosial urang Sunda, kalebet nyerat karya sastra. Dina ahir abad ka 19 ngawitan lebet pangaruh Basa Walanda dina kabeungharan kecap (kosakata) ogè dina èjahan diserat sapertos basa latin balukar tina dibukana sakola-sakola kanggo rayat pribumi ku pamarèntah.
Ku diwulangkeuna di sakola-sakola sareng janten basa komunikasi antar
ètnis / sèkèsèlèr dina hirup kumbuh sadidinten, Basa Malayu ogè nyerep sareng mangaruhan Basa Sunda. Komo deui saentos janten basa persatuan nu namina janten Bahasa Indonesia dina taun 1928. Ti taun 1920-an kadangu humandeuar jeung kahanjakal ti para ahli sareng panalungtik Basa Sunda yèn Basa Sunda tos robih janten kamalayuan, nyaèta Basa Sunda campur sareng Basa Malayu.
Ti tahun 1950-an kahariwang ti para ahli beuki mindeng kadanguna margi
dina ngangè basa sunda tos dicampuran / direumbeuy ku Bahasa Indonesia ku urang Sunda nu matuh di kota - kota ageung, sapertos Jakarta malah di Bandung nyalira gè sami. Seueur urang Sunda nu matuh di kota - kota ageung teu nganggè Basa Sunda dina ngobrol dina hirup kumbuh sadidinten dina kulawarga aranjeunna. Tapi, masing kitu tètèla masih seueur kènèh kaom nu kalawan sumanget merjoangkeun ayana sareng hirup - huripna Basa Sunda di tengah-tengah masarakatna dina hal ieu Sunda jeung Jawa Barat. Ku lobana kulawarga ti sèlèr liann nu matuh di tatar Sunda sareng ngobrol nganggè Basa Sunda dina kahirupan sapopoè, urang kudu optimis yèn Basa Sunda tèh moal dugi ka tumpur. Hadirin nu ku sim kuring dipihormat, Rupina dicekapkeun sakitu wae cariosan ti sim kuring. Hapunten tina sagala kakirangan! Hatur nuhun kana samudaya perhatosanna! Billahitaufikwalhidayah, Assalamualaikum wr wb.
Diropéa ku Abah Unang
KAMEKARAN BASA SUNDA
Kelompok 4 Anggota: 1. Dede Ernawati 2. Enung Nurul Wahidah 3. Kodar Solihat 4. Nisa Nurjanah 5. Pradya Dwi Putra G 6. Titin Ekawati