Anda di halaman 1dari 8

CARITA AYEUNA JEUNG BAHEULA

Ato Suharto

Rundayan carita mangsa harita


masih natra dina rasa
tatali asih nu mengkeut pageuh
nepi ka kiwari tetep euntreup
kawas si leugeut teureup

Katresna teu ilang singray


najan umur rek nepi ka kubur
kasono teu weleh pogot
najan jiwa geus teu deui ngora

Duh Gusti nu maha welas tur asih


jagi tali rabi abdi dugi ka aki nini
teubihkeun dina cocobi nu kadang sok nyiliwuri

Nyai panutan akang


kasatiaan modal utama
ulah nepi ka dirogahala
ku pangaruh dunya nu kadang mawa sangsara

Kabagjaan lain diukur ku lobana brana


lain dihias kureuncemna emas
kabagjaan pasti nyaangan urang
mun iman jeung takwa jadi sareat urang
dina enggoning ngabangun rumah tangga

Rundayan carita katresna harita jeung ayeuna


urang jaga ulah nepi ka sirna
sangkan urang tetep waluya
nepi ka pantona sorga..

Amin....
URANG JEUNG WAYANG
Ato Suharto

Kiwari lain kamari tapi ayeuna


Kamari kuduna jadi eunteung pikeun bekel
naratas jalan sangkan lolongkrang,
teu katutupan jalan

Lumampah di alam dunya


ceunah darma wawayangan
usik malik diobah ku dalang

Tapi urang lain wayang


sabab wayang moal boga kahayang,
da wayang mangrupa barang

Lumampah urang tangtu ngajojo kahayang


hayang tandang, pakan jeung sandang
sabab urang boga akal jeung pikiran
lain wayang nu ngan hudang mun diangkat ku dalang

Kamari nu can pasti tong dijadikaeun nyunkeulit ati


tuluy jadi hoream ngahontal kahayang
gagal lain hartina lengiteun akal
tapi kudu nyiar jalan pikeun meunggaskeun
rurungkan nu ngahalangan jalan

Sing percaya kana diri


nu dianti pasti ngawujud bukti
asal usaha jeung percaya kanu Maha Suci

Urang beda jeung wayang


lantaran urang boga akal jeung pikiran
wayang ngan ukur parabot dalang
nu dipirig ku gamelan dina acara hiburan
KASATIAAN ANJEUN
Ato Suharto

Dua puluh taun urang ngawangun


juntrung nangtung, panceg teu gedag
sagara rumah tangga nu ku urang di sorang
teu loba leuwang najan harungan sok rajeun datang

Kasatiaan anjeun cukang nu jadi lantaran


kabagjaan nu pohara, najan banda ngan saayana
kasatuhuan anjeun jadi jalan panghalang akang
mun rek nganjang ka mojang lian

Geulis...
pupusten rasa nu ayeuna aya
sangkan rumah tangga tetep waluya
nepi ka umur pegat di dunya

Geulis...
jaga sing tarapti pangaji diri
sangkan Illahi masihan widi
laki rabi urang sing nepi ka aki nini

Geulis...
buah katresna urang
geus parawan jeung geus bujang
rawat ku sayahadat tur shalat
sangkan hirupna bisa mangfaat keur umat
KATRESNA AKANG
Ato Suharto

Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman,


moal leeh ku serabna panon poe
najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang
cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja

Nyai..., cinta akang nu sajati


satungtung anjeun satuhu
nyumponan kawajiban ka caroge
akang moal rek lanca linci luncat mulang

Nyai..., pupunden hate akang


tong rempan sanajan urang paanggang
cinta akang lain ngan ukur kalangkang
clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun

Nyai..., citresna akang nu utama


kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa
omat ulah nepi ka dirogahala
kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna

Nyai..., bojo akang anu geulis


sing tarapti ngajaga diri
sangkan urang tetep waluya
dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang
Tidak mudah memang belajar bahasa Sunda. Namun, jika Anda belajar melalui media puisi,
semua tidak akan tampak susah. Selain bisa mengungkapkan perasaan dan segala hal yang ada
di pikiran, Anda juga bisa belajar bahasa daerah dengan membuat puisi bahasa Sundaini.

Share This To :




PEMBACA LAIN JUGA MENYUKAI PUISI DIBAWAH INI


 Pagalo Rasa ku Ku Sky ShucayaPAGALO RASA Ku Sky Shucaya Reup
peuting pagalo jeung rungsing Bray beurang paselang jeung hareudan ... [Baca Puisi]

 Citresna Anjeun Oleh Ato SuhartoCITRESNA ANJEUN Oleh Ato Suharto


Citresna nu kungsi nyimbeuhKulimis ngancik na atiLebah rasa nu ru ... [Baca Puisi]

 Naha, Cenah Oleh Moddi MadianaNAHA, CENAHModdi Madiana Cenah


Walanda nu ngaranjah lemah kungsi diusirCenah Jepang nu ngarogahala ... [Baca Puisi]

 Kumpulan Puisi Untuk Ayah Terbaru 2017 UPDATE!!!Kumpulan Puisi Untuk Ayah - Ayah
merupakan sosok pahlawan dalam keluarga. Meskipun keberadaannya d ... [Baca Puisi]

 Kumpulan Puisi Romantis Terbaru 2017 UPDATETIAPHARI!!!Puisi Romantis - Kalau kamu


pernah mendapatkan hadiah yang satu ini dari kekasihmu, maka hidupmu ... [Baca Puisi]

 Kumpulan Puisi Untuk Guru Terbaru dan UPDATE 2017Puisi Tentang Guru - Guru adalah salah
satu orang yang sangat berjasa dalam kehidupan setiap oran ... [Baca Puisi]

 Dalingding Asih Kuring Oleh Yayu YulianaDALINGDING ASIH KURINGOleh


Yayu Yuliana Saprak anjeun ngahudang ieu hateKacida bagjana..Kaguar , k ... [Baca Puisi]
Published by Gyan Pramesty - Published at January 17, 2017
Label: Kumpulan Puisi, Puisi Sunda
Contoh Dongeng Sunda Sasatoan Gajah
Jeung Sireum

sisemutkecil.blogspot.com

Jaman baheula aya sireum keur ngarak rajana, ngaliwat kana alur jajalaneun
gajah. Keur rame ngarak, jol datang gajah. Sireum nu sakitu keur nakleukna
teh, teu antaparah deui, leye-leye bae ditincakan, bongan cenah make ngaliud
di jajalaneun.

Atuh lain ratus deui, tapi aya rebuna sireum anu paeh teh. Barang raja sireum
ningal baladna rea nu paeh, kacida ambekna, tuluy susumbar, “Eh Sakadang
Gajah, sato nu telenges, nu teu boga ras-rasan ka papada mahluk, rasakeun
pamales ti kami.
Baca Juga Macam-macam Model [ Metode] Pembelajaran Efektif, Kooperatif, Inovatif

Ulah adigung asa aing. Engke di Jumaah Kaliwon, urang perang tanding
jeung kami!” Walon gajah bari seuri, “Rek ngajago Sakadang Sireum teh?
Lamun enyaan, heg ku kami didagoan! Di mana hayang perang teh?”

“Tuh di ditu, di handapeun tangkal waru nu itu, nu condong ka jalan!”


gancang, gajah nuluykeun deui lampahna. Ari raja sireum teu talangke deui,
tuluy bae nabeuh tangara, ngumpulkeun kabeh baladna.

Teu sabaraha lila, balad sireum teh geus nakleuk di tegalan. Ceuk Raja
sireum, “Eh balad kami kabeh! Di Jumaah Kaliwon kaula rek perang tnding
jeung Sakadang Gajah, tuh handapeun tangkal waru nu itu! Ku sabab eta,
kaula menta ka aranjeun sakabeh ulah sisingeun, kudu pada digarawe.

Sarerea kudu nyieun lombang sing gede pikeun piruang. Nya palebah waru
nu itu kudu nyieun piruang teh. Prak geura digarawe ti ayeuna. Tapi kade
jukutna mah ulah ruksak, kudu angger bae kawas ayeuna.

Dikorowot ti jero bae, taneuhna engke sesakeun, tuh kira sakandel papan
beunang Sakadang Manusa, ka luhurna mah.” Balad sireum saur manuk,
kabeh pada jangji rek pada suhud digarawe, sarta pada sanggup anggeus
dina waktu tujuh poe.

Saomong balad sireun teu nyalahan, dina waktu tujuh poe piruang teh geus
beres. Ti luhurna teu katara, teu jiga piruang meueus-meueus acan, kawantu
buatan par ahli nerus bumi.

Barang nepi kana waktuna, kana poe Jumaah Kaliwon tea, subuh keneh Raja
Sireum geus ngabedega sisi piruang beulah kulon, nyahareup ngetan. Saksi-
saksi geus karumpul, nyaeta: Sakadang Peucang jeung Sakadang Monyet.

Wanci haneut moyan, jol Sakadang Gajah ti beulah wetan maju ka kulon,
nyampeurkeun Raja Sireum. Jauh keneh oge Raja Sireum geus celuk-celuk
nangtang ka Sakadang Gajah, “Gancang ka dieu Sakadang Gajah, ieu sihung
kami geus seukeut meunang ngasah tujuh poe tujuh peuting, geus sadia
bakal maehan sampean.
Lamun enya sampean sakti, gancang geura rontok kami!” Barang gajah
ngadenge panangtang Raja Sireum kitu, jol suruwuk bae narajang. Tapi
cilaka, teu kungsi nepi, da awakna kaburu tigebrus manten kana piruang,
sukuna tipitek.

Sakadang Gajah adug-adugan meakeun tanaga hayang kaluar tina piruang,


tapi weleh teu bisa. Tungtungna beak tanaga ngajoprak teu bisa walakaya.
Ceuk raja Sireum ka balad-baladna, “pek ayeuna geura hanca ku aranjeun
eta sato telenges teh!”

Balad sireum nu reana mangyuta-yuta, bareng narajang, napuk kana sakujur


awak Sakadang Gajah. Gajah ripuh dicocoan ku sireum.
“ampuuun…ampuuun!” Sakadang Gajah tulung-tulungan menta ampun.

Manehna taluk tarima eleh, jeung jangji moal deui-deui ngaganggu ka bangsa
sireum. Ti dinya riwayatna, aya paribasa “Sireum oge ditincak-tincak teuing
mah sok ngalawan”. Atuh lamun aya nu suten, jempol anu jadi perlambang
gajah, eleh ku cinggir anu jadi perlambang sireum.

Itulah tadi 2 dari 15 contoh dongeng sunda pendek yang bisa kamu contoh
untuk dijadikan sebagai bahan mengerjakan tugas disekolah. Lain waktu,
akan kami sambung lagi kumpulan cerita dongen sunda tersebut.

Anda mungkin juga menyukai