Anda di halaman 1dari 8

Contoh Cerita Pendek (Cerpen) B.

Sunda atau Carita Pondok


(Carpon)
Septian Cahya 15.10

Kajadian Teu Disangka-sangka

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun.
Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola.
Harita, pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna,
margi bade sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal
rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse
mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo
enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil
nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR
anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya
ulangan henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenangtenang wae ngobrol bari ngantos bel disada.
Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna
sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh.
Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. Wilujeng enjing Pa!
Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan! saur Pa Eki.

Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan! barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna
mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan,
stress campu jadi hiji.
Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos
dipelajari, nuhun gusti gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. Teet...teet...teet sora
bel disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan
dadakan dikempelkeun.
Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi
kacida reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun
pananganna. Wah, wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!.

Carpon basa Sunda

Ku: Dadang Sadkar


Sora piriwit ditiup semu ngalengis. Rieg, karta ngarieg, tuluy maju. Mimiti lalaunan, beuki lila
ngagancangan. Yuswa ngarrt kana rloji. Tadi, barang mimiti indit, panceg tabuh genep isuk-isuk.
Geuning lain ukur bja, enya w ayeuna mah karta th tara ngart. Mun taya halangan harungan,
ku manhna kaijir pidatangeun ka Jakarta th kurang leuwih tabuh salapan. Kawasna bakal cukup,
waktu keur nguruskeun urusan kantor. Jadi engk bakal bisa balik deui ka Bandung mak
Parahiyangan anu berangkat jam lima sor ti Jakarta.
Sajajalan Yuswa anteng neuteup ttnjoan saluareun kaca jandla. Kagareuwahkeun soth pdah w
aya budak ngora nu diuk di bangku hareupeun nol kana pingping lalaunan.
Punya api, pa? cenah.

Sakedapan Yuswa nelek-nelek budak ngora ta. Pakulitanana beunang


disebut konar. Buukna modl punk-rock, pirang semu beureum. Duka bener asli duka pdah dict.
Ceulina dianting sabeulah. Papakanana, ka luhurna kaos oblong hideung aya gambaran leungeun
keur ngacungkeun jempol, curuk, jeung cinggir, bari jajangkung jeung jari manisna ditekuk.
Sarrtan mah badis gambar tanduk bantng. Luhureun gambar leungeun ta aya tulisan Metalica
ku warna beureum. Ari ka handapna, dicalana blue jeans bell, soh palebah tuurna. Tapi sok
sanajan kacirina rada nyntrik og ari rengkuh-rengkuhna mah ta budak ngora th sopan pisan.
Kusiwel leungeun Yuswa ngaluarkeun zippo tina saku calana, tuluy diasongkeun bari
dipangnyekskeun. Si budak ngora th ngarongkong nyeungeutkeun rokona, kelepus udud.
Makasih, pa, pokna
Sama-sama, walon Yuswa bari imut
Sugan th rk ngan sakitu. Horng si budak ngora th kalah terus ngajak ngobrol.
Mau ke Jakarta? cenah.
Iya.
Di Jakartanya di mana?
Ah, cuma mau ke Tamrin, ada urusan kerjaan sedikit. Nanti sor juga pulang lagi. Ti dinya mah der
ba ngobrol ngalr ngidul. Malah mah nepi ka milu mangmikirankeun urusan nagara sagala, abong
kabiasaan. Tuluy silih tanya wawuh ka si itu wawuh ka si ieu. Geus lila uplek mah kakara wh silih
tanya ngaran.
Saya Yuswa, ceuk Yuswa ngawalon panakon. Sebetulnya nama yang bener sih Yoshua, tapi orangorang lebih suka manggil saya Yuswa.
Saya Oding, ceuk si budak ngora th samemeh ditanya.Itu kalo nama yang benernya. Kalo tementemen sih lebih suka manggil saya meneer Odink van Holland.
Loh, mang meneer Oding punya darah Belanda? ceuk Yuswa bari seuri.
Ah engga juga. Mereka kan cuman usil doang. Kalo saya sih orang Sunda asli, tmbalna.
Ih, geuning? Hanas ti tadi ngawangkong th ku basa Indonsia. Atuh da ari sugan th
Cuman, saya engga bisa bahasa Sunda, pa. Tapi kalo dengerin orang ngomong sih ngerti, meneer
Oding mani rikat nmpas omongan bari nyrngh.
Baruk, naha?
Abis dari kecil suka diajakin ngomong Indonsia melulu sih.
Bet lh ku Bapa, atuh. Sanajan Bapa lain urang Sunda g ayeuna mah geus asa jadi urang Sunda
w, ceuk Yuswa rada mapanas. Gap kana roko jeung zippo, ceks diseungeut. Haseupna ditiupkeun
ka luhur mani nyerebung.

mang aslinya dari mana? ceuk meneer Oding bari ngarrt kana gondok laki Yuswa nu oyag sabot
nyerebungkeun haseup.

Sasakala Talaga Warna.


Jaman baheula aya hiji raja nu kacida
beungharna, tapi hanjakal anjeunna teu gaduh
putra. Raja geus kaditu-kadieu tatamba sangkan
prameswari tiasa ngagaduhan putra.
Dikersakeun ku anu kawasa nya prameswari teh
ngandung. Kanjeng Raja kacida bingahna ningal
prameswari ngandung teh. Nya dina waktosna
lahir hiji putri nu kacida geulisna.
Ku nyaah-nyaahna sagala pamenta putri teh taya
nu dipungpang. Estu dihayukeun pisan.
Ngan hanjakal pisan saparantos rumaja putri adat
tabeatna awon pisan kanu janten sepuhna
ngalawan, sakitu sagala kahoyongna tara aya anu
dipungpang teh. Raja sareng prameswari sering
nangis upami emut kana talajak nu janten putrana
teh.

Dina hiji dinten putri aya pamundut,tapi ku raja


atanapi ramana teu tiasa ditedunan. Atuh
gantawang wae nyeuseulan seseepan. Inten
berlian pamasihan ramana diawur-awur
payuneun ramana, sirikna henteu kana
pameunteu raja sareng prameswari
ngawurkeunana teh. Kitu kersana nu Maha
Kawasa, na atuh ari burial teh cai tina taneuh,
beuki lila beuki ngagedean, nu ahirna karaton
kakeueum. Leungit karaton timbul talaga.
Nu kawenehan dina talaga teh sok katingal
sarupaning warna-warni matak endah katingalna.
Cenah eta teh Inten permata anu diawurkeun ku
putri tea. Kitu saurna pamiarsa, dongeng Sunda
sasakala Talaga Warna teh.Tamat.
Lalakon Pandawa Lima :
Putra Pandawa ayeuna parantos ngadeg raja,

kagungan nagara ku anjeun, nanging teu acan tibra


manahna, pedah wewekonna: teu sabaraha legana. Ku
margi eta para saderek anu lima pada tawekal
ngalegaan bawahan : Arjuna majeng ngaler, Bima
ngetan, SadeWa ngidulan Nakula ngulon, Semihaji
dina puseurna ngaheuyeuk dayeuh, nu minangka jadi
rajana.
Barang parantos ngaraos jembar bawahan, lajeng
Pandawa ngayakeun pesta ngaruat nagara, ngondang
para raja manca-nagara, malah Korawa oge ti Astina
dihaturanan linggih.
Der pesta rame taya papadana, kawantu pesta raja,
sakalian bari nongtonkeun karaton anu nembe pisan
parantos. Sabubarna pestaan Duryodana mah sareng
Sringkuning, kapirai ibuna Duryodana, henteu enggalenggal mulih ka Astina, ngendek heula di karaton
saderek misanna, wireh hayang imeut kana unakanikna karaton, anu sakitu matak hookeunana, turugturug aya manah hoyong niru deuih.
Nanging salamina Duryodana di dinya teh, sanes
matak leler kana kajudesan manahna, anggur sirik
pidik ka saderek wuwuh-wuwuh, tina pedah asa
kaelehkeun tur inggis kalindih deuih. Ari ka-wuwuhwuwuh sering kenging wiwirang, kabitur
kadusunanana.
Meh saban dinten jadi gugujon jadi gogonjakan para
Pandawa, sumawonten na Bima mah,
ngagumujengkeuna.na teh sareng akey-akeyan

sagala, teu euleum-euleum nunjuk nganunan nu


kaisieunan teh. Teu aja pisan ngomah-ngomahanana
kana kawirang tamu teh, nja eta tina parantos pada
ngandung ati ti tadina tea. Ari Duryodana neumbag
kaca, atanapi ngarenjag ningali kalangkang ku anjeun,
ku Bima enggal dilelewaan.
SIKABAYAN NGALA LAUK

Geus sababaraha peuting Si Kabayan ngadenge beja,yen tatangga-tatanggana


lalintarna aruntung bae.Manehna pohara kabitaeunana,tapi teu boga pakakas.

Sanggeus mikir sakeudeung,manehna manggih akal,tuluy nyarita ka


pamajikannana : "jem,engke peuting Akang rek ngala lauk ka walungan,kabita ku
batur aruntung bae."
"Majar rek ngala lauk ? Na,rek ku naon ngalana ? Teu boga heurap teu boga
useup ! tembal pamajikannana haseum.
"Tong rea omong,maneh nyaho engke peuting dahar jeung beuleum lauk we.
Kadieukeun wedang pamere mitoha teh !" Cokot bae ku sorangan,tuh deukeut
pago !" tembal pamajikannana merengut keneh.

Reup peuting Si kabayan indit ka jalan tempat liliwatan tatangga-tatanggana nu


tas ngarala lauk.manehna eureun handapeun tangkal caringin gede.Tuluy
ditaranjang,awakna dibalur ku wedang.
Sanggeus rata,tuluy manehnaa gugulingan dina kapuk bawana ti imah. Geus kitu
tuluy nyumput.

Teu lila ti harita,brul jelema-jelema anu tas ngarala lauk teh ngaleut ka
lebah dinya. Waktu abrulan liwat lebah handapeun tanggal caringin,jleng Si
Kabayan luncat ka tengah jalan bari igel-igelan.
Puguh bae jelema-jelema

anu narenjo aya mahluk bodas luncat ka tengah jalan

teh,paburisat laluncatan bari tingjarerit,cul kana bawaan : " Jurig ! Aya

jurig !

Kalawan riweuh jeung teu weleh imut sorangan Si Kabayan mulungan lauk anu
ngabayak sapanjang jalan,nepi ka pinuh sasarung.

Geus kitu tuluy buru-buru balik,sieuneun aya nu nganyahokeun,sieuneun


katohiyan nipuna.
Peuting eta Si Kabayan untung.

Anda mungkin juga menyukai