Anda di halaman 1dari 2

Nama : Rifda Via Ardani

Kelas : XI MIPA 6
Mapel : Bahasa Sunda
Identitas Novel
Judul : Ochank
Pengarang : Tatang Sumarsono
Penerbit : PT Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2017
Jumlah Kaca : 52 kaca
Harga : Rp.19.000,00
Ringkasan Cerita/ Sinopsis
 Ochank teh ngaran panggilan hiji budak lalaki nu umurna kira-kira dua
welas tahunan,cita-citana jadi pangarang.Ari ngaran aslinamah Icang
Sudrajat ngan manehna resep keneh disebut Ochank sabab katelah gaya jeung dianggap
ngetren.Ochank Boga Babaturan ngarana Ninon . Ninon teh resepeun ka Ochank , lantaran ochank
pinter ngarang.
 Dina hiji poe ochank jeung babaturana Hendra keur ulin di daerah perumahan,kadenge sora barudak
anu gogorowokan di lapang mengbal keur ngepung oray,Ochank jeung babaturana nyampeurkeun
ka eta lapang. Barudak eta keur nakolan oray anu liwat ku taneuh jeung awi anu aya pakuan. Ochank
ningali eta oray teh ngan liwat milarian dahareun. Oray eta ngadahar beurit anu janten hama di eta
kampong. Ochank ngahalangan awi nu ditakolkeun janten kana suku Ochank. Tos eta suku Ochank
bareuh. .Pas Ochank hudang ,aya bapa bapa gigiren nana,make pangsi hideng jeung calana samet
tuur. Bapa bapa eta ngarana Mang Santa . Manehna ngomong ka ochank yen manehna
ngahatukeun nuhun ka Ochank Ku sabab geus nulungan anakna basa di Lapang . Ochank bingung ,
rarasaan Ocank mah , manehna nulungan oray lain nulungan jelema. Mang Santa tuluy ngomong
yen oray etateh anakna . Ochank teu percaya manehna tuluy dibawa ku mang Santa ka hiji tempat
bari digandong , da Ochank teu bisaeun leumpang.
Geus kitu Mang santa tuluy lempang,kungsi lila tepi ka imahna,tuluy mang santa
ngecagkeun Ochank bari ngageroan anakna.Anakna mang Santa kaluar.Geus kitu mang santa nitah
anakna nyuguhan Ochank.Teui lila datang mawa beuleum hayam anu satengah asak.Mang santa
ngomong yen eta dahareun anu biasa di dahar dikampungna . Ochank teh geuleuh nempo hayam nu
can pati asak jeung dina enyana da emang teu resep.Ningali ochank rada geuleuh , mang santa
nawaran Ochank bubuahan.Teu kungsi lila, kurunyung datang mawa kupa nu masih loba keneh
sireuman,teu di wadahan wadahan acan nyuguhkeuna oge,di tambrukeun dina karpet.Kapaksa
ochank teh ngadahar sababaraha hiji da bisi kasinggung lamun teu didahar.Bari ngopi,Ochank jeung
Mang Santa teh ngobrol,Mang Santa nyaritakeun sakabehna kaayaan lembur gaib ieu,terus Mang
Santa teh ngomong lamun sabenerna mah bangsa Mang Santa teh tara ngaganggu manusa,ngan
saukur liwat hungkul,ngan manusa nu sok ngaganggu bangsa mang Santa,naha mang ceuk ochank
teh,baheula lembur ieu th loba tatangkalan,loba pisan imah bangsa emang,tapi ayena ku manusa di
di bukbak dijieunkeun bangunan jeung gesung,bangsa emang mah ngan ukur liwat oge di baledog
pada ngepung,ciga kamari anak emang ngan untungna aya ujang anu nulangan,ku Ochank di pikir
pikir mah emang enya oge. Bari cicing Ochank teh teu ngomong.Saeunggeus kitu, mang Santa
ngomong deui,tah geus ieu mh ujang teh ku emang dek di anterkeun.Geus Kitu Ochank
dianteurkeun deui balik ku mang Santa .
Kaisukana,mang santa datang mapagkeun ochank, kod deui di akod ochank teh,ayena mah loba
batur teu ciga kamari tiisen,malahan mah pasesedek hese usik da sidik keur aya acara,cempor na
oge loba,matak rada lila lempang na oge teu ciga kamari nereleng,geus kitu tepi ka imah mang
santa,cag ochank di ecagkeun ku mang santa teh,teu lila datang anakna anu kamari,ngan ayena mah
jeung anu awewe,geulis ieu mh,irungna bangir,awakna jangkung,panon na cureuleuk,ngan kulitna
rada coklat,di akurkeun jeung ninon mah ampeur mirip pedah ninon mah panon na sipit ari ieu mah
cureuleuk.
Geus kitu mang santa,ochank jeung dua anak na indit lalajo acara tea,ngan ku sabab pasesedek
ku jelema jadi lila nepina,ochank culang cileng ka kenca jeung katuhu nempoan kaayaan di lembur
mang santa.Keur kitu paamprok beungeut jeung anak mang santa anu panon na teh cureuleuk,geus
sababaraha kali kitu,tapi dua nana miceun beungeut da sarua era,geus rada lila mang santa ngajak
balik da beuki dieu teh beuki loba jelama,pang pang na mah dek nganterkeun ochank balik
kaimahna.
Saeunggeus ochank balik,ochank nanya ka mang santa,Kumaha cara manehna Bisa balik deui ka
alam gaib.Ochank nanya kitu, kusabab manehna panasaran ka anak awewe na mang Santa .Mang
santa mere batu leutik ka ochank bari papatah, “tah mun ochank hayang ka lembur emang mah
alungkeun we batu ieu kahandapen gapura tea,” geus kitu mang santa teh ngaleos indit
Kaisukana,aya pa mantri ngubaran ochank terus ochank teh di suntik,alhamdulilah weh geus
rada ngempesan suku anu bareuh na teh,geus waktuna balik sarakola,babaturan ochank daratang
nempo kaayaan ochank,ninon nagih karangan tea da basa eta geus ngomong dek pang
nyieunkeun,tapi kusabab kaayaan ochank na keur gering ochank teuacan
mangnyienkeun,manehnana kalahkah nitah pang ngetik keun karangan ka ninon tentang kajadian
anu ku manehna kaalaman pas salila gearing. Ari pas geus ku ninon di ketik ninon teh nanya naha
ochank beut bisa boga pamikiran sajauh eta.Ochank nyaritakeun kajadian nu sabenerna ka
ninon,ngan ninon teu percaya da sidik aneh caritana ciga hayalan,tapi pas paleubah awewe panon
cureuleuk mah ninon teh rada ambek lantaran dina eusi karangan eta teh lolobana mah nyaritakeun
awewe eta,ninon tuluy nanya tapi saeunggeus dijawab angger wae teu percaya.Ochank
nembongkeun batu nu pamere mang santa teh kalah batuna di cokot jeung di alungkeun ku
ninon,puguh atuh ochank teh ambek da lamun batu eta leungit mah ochank teh moal bisa panggih
deui jeung awewe nu panon na cureuleuk,tidinya ochank jeung ninon teh pabaeud baeud teu
patanya.

Kaunggulan Buku
Bahasa nu digunakeun gampang dikaharti. Konflik dina carita teu beurat teuing janten tiasa
dinikmati. Amanat anu bade didugikeun tiasa kasampean dina eta carita. Seuer tokoh anu
berkarakter beda beda janteng nambah suasana carita leuwih hirup.
Kakurangan Buku
Seuer dialog jeung carita tokoh sampingan nu teu ngaruh kana carita. Aya dina beberapa bagian nu
rada kurang nyambung caritana.

Anda mungkin juga menyukai