Anda di halaman 1dari 3

Aya hiji carita tentang satu anak manusia sebut weh ngarana si udin, tapi kade ulah dilandian

udin
sedunia da udin anu  ini mah salah satu nama udin yang tidak teracantum di warga Negara dunia.
Caritana Si Udin teh umurna geus 36 tahun (can kawin). Si udin ieu bogaeun hiji karesep anu mana
karesep ieu sok matak mopohokeun ka kawajiban manehna salaku umat manusia.  Ka reseupna  si udin
teh nyaeta nyienan bandring da lantaran manehna bga laku osok ngabandringan manuk di lemburna
teh. Manukna mah sagala rupa anu sok dibandringana teh aya manuk kutilang dibandring, aya manuk
piit dibandring, manuk gareja dibandring,  manuk perkutut pak RT juga dibandring dan sampai- sampai
manuk bobogaan pak Rt na ge t weleh sok dibandringan. Untung we ngan manuk bobogaan pak Rt
doang anu dibandringna, bisa bahaya mun nepika ngabandringan  tutut  ibu Rt na mah. Hiji mangsa
berdialog dengan mamah nya. Kira- kira seperti inilah dialog antara udin dan mamahnya  tercinta.
Ema : ” Din umur maneh teh geus kolot, maneh arek iraha kawin?! ”
Udin : ” Enya, engke ma..! ” ( Bari ngomean bandring)
Ema : ” Ih ari maneh mah engke, engke wae! Iraha din? Yeuuh Ema teh tos hayang boga incu!!! ”
Udin : ” Engke ma! Kalem we  ” (Jongjon bari ngoprek keneh bandring)
Ema : ” Maneh emang nyaho din kmha carana kawin teh? ” (Ngahareupkeun si udin bisa)
Udin : ” Deh.. gampang ma! Pirage kikituan, piraku udin teu nyaho mah..”
Ema : ” Coba atuh cing, bejakeun ka ema kumaha carana kawin teh..?! ”
Udin : ” Kieu ma, kahiji.. Bukaan bajuna..”
Ema : ” Terus?”
Udin : ” Kadua.. buka calanana. ”
Ema : ” Terus din.. terus..?” (Bari panasaran)
Udin : ” Ka tilu.. pas tos ka tingali cangcut na, terus di… euhkeun???”
Ema : ” Horeng bisa gening maneh din, terus dikumaha keun terakhirna???”
Udin : ” Enya, bisa atuh ma! Da gampang kikituan mah ma.  Terus… Di cabak hela ma..”
Ema : ” Terus..din !” (Bari seura-seuri)
Udin : ” Tah geus kitu, di buka.. Urang jieun bandring weh ma cangcutna teh!!”
Ema : ” Goblog siah..!! budak teh wani- wani ngagawean aing!”
Udin : ” Hehee..!!!” (Bari cengar-cengir siga teu boga dosa).
Contoh Carpon Bahasa Sunda Pangalaman Pribadi

Liburan taun baru kamari abdi sakulawarga angkat ka Bandung. Abdi sadayana angkat sadinten saatos
nampi rapot. Di Bandung teu seueur angkat-angkatan ka rupi-rupi tempat mung ka TSM,PVJ,Dusun
Bambu, ka bumina pun bibi di Cijerah sareng ka bumina pun mamang di Gegerkalong.

Tapi tempat anu paling mineng didongkapan mah TSM, kumargi paling caket ti Rorompok. Kaping 31
desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun ua di Buah batu, ngempel ngarayakeun wengi
pergentosan taun. Abdi angkat ti rorompok di Cicadas kinten-kinten tabuh setengah lima sonten margi
sieun macet dijalan, teu terang mah leres macet.Dugi ka bumi pun ua pas adzan maghrib.

Kinten-kinten tabuh dalapan wengi acara dikawitan meuleum sate maranggi, katuangan khas Cianjur
sareng beuleum ketan dicocol ku sambel oncom. Kembang api sareng pepetasan tos ngawitan rame
tingbaranyay di langit,endah pisan katingalna.

Kaleresan bumi pun ua di sisi sawah janten kota Bandung jelas katingal. Puncakna tabuh dua belas pas
kembang api ti ditu ti dieu harurung nyaangan langit kota Bandung. Ba’da netepan subuh abdi sadayana
mulang ka Cicadas.
Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun.
Ngawitan ti ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita,
pun biangna sareng kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade
sukuran bumina. Ku kituna sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan.
Soalna, saupami ngiring, tangtos PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-
enjing pisan kedah tos ka sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo
enjing bari jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil
nyerep kana otakna. Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR
anu sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan
henteuna. Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae
ngobrol bari ngantos bel disada.
Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna
sewang-sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh.
Barudak simpe, margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!”
“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.
“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna
mah teu seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan,
stress campu jadi hiji.
“Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos
dipelajari, nuhun gusti” gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel
disada tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan
dikempelkeun.

Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida


reuwas nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah,
wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”.

Anda mungkin juga menyukai