Anda di halaman 1dari 21

Carpon Bahasa Sunda Singkat Lucu

Aya hiji carita tentang satu anak manusia sebut weh ngarana si udin, tapi kade ulah dilandian
udin sedunia da udin anu ini mah salah satu nama udin yang tidak teracantum di warga Negara
dunia. GAk…!!

Caritana Si Udin teh umurna geus 36 tahun ( can kawin). Si udin ieu bogaeun hiji karesep anu
mana karesep ieu sok matak mopohokeun ka kawajiban manehna salaku umat manusia. Ka
reseupna si udin teh nyaeta nyienan bandring da lantaran manehna bga laku osok ngabandringan
manuk di lemburna teh.

Manukna mah sagala rupa anu sok dibandringana teh aya manuk kutilang dibandring, aya manuk
piit dibandring, manuk gareja dibandring, manuk perkutut pak RT juga dibandring dan sampai-
sampai manuk bobogaan pak Rt na ge t weleh sok dibandringan. Untung we ngan manuk
bobogaan pak Rt doang anu dibandringna, bisa bahaya mun nepika ngabandringan tutut ibu Rt
na mah. Gak…gak Hiji mangsa berdialog jeung mamah na. Kira- kira sepertos ieu dialog antara
udin jeung mamahna tercinta.

Ema : ” Din umur maneh teh geus kolot, maneh arek iraha kawin?! ”

Udin : ” Enya, engke ma..! ” ( Bari ngomean bandring)

Ema : ” Ih ari maneh mah engke, engke wae! Iraha din? Yeuuh Ema teh tos hayang boga incu!!!

Udin : ” Engke ma! Kalem we ” (Jongjon bari ngoprek keneh bandring)

Ema : ” Maneh emang nyaho din kmha carana kawin teh? ” (Ngahareupkeun si udin bisa)

Udin : ” Deh.. gampang ma! Pirage kikituan, piraku udin teu nyaho mah..”

Ema : ” Coba atuh cing, bejakeun ka ema kumaha carana kawin teh..?! ”

Udin : ” Kieu ma, kahiji.. Bukaan bajuna..”


Ema : ” Terus?”

Udin : ” Kadua.. buka calanana. ”

Ema : ” Terus din.. terus..?” (Bari panasaran)

Udin : ” Ka tilu.. pas tos ka tingali cangcut na, terus di… euhkeun???”

Ema : ” Horeng bisa gening maneh din, terus dikumaha keun terakhirna???”

Udin : ” Enya, bisa atuh ma! Da gampang kikituan mah ma. Terus… Di cabak hela ma..”

Ema : ” Terus..din !” (Bari seura-seuri)

Udin : ” Tah geus kitu, di buka.. Urang jieun bandring weh ma cangcutna teh!!”

Ema : ” Goblog siah..!! budak teh wani- wani ngagawean aing!”

Udin : ” Hehee..!!!” (Bari cengar-cengir siga teu boga dosa).


Kajadian Teu Disangka-sangka

Tos jadi hiji kabiasaan upami tos beres sholat maghrib teh, rudi ngapalkeun. Ngawitan ti
ngarengsekeun PR dugi ka macaan deui anu tadi diajarkeun di sakola. Harita, pun biangna sareng
kulawarga sanesna ngadadak kedah ka bumi amangna, margi bade sukuran bumina. Ku kituna
sadaya kaluwarga mios ka bumi amangna, iwal rudi sorangan. Soalna, saupami ngiring, tangtos
PR anu sakiti seueurna moal rengse mangkaning enjing-enjing pisan kedah tos ka sakola.
Wengi eta rudi cicing dikamar ngarengsekeun PR sarta macaan buku kanggo enjing bari
jeung rada sieun. Alhamdulillah margi jempling, pangajaran teh asa gampil nyerep kana otakna.
Padahal teu aya ulangan.
Tabuh 06.00 WIB pas, rudi mios ka sakola. Asa tenang teu deg-degan margi PR anu
sabreg-bregan teh rengse sadayana. Rerencanganna nararoskeun naha aya ulangan henteuna.
Rudi yakin yen dinten harita mah moal aya ulangan. Atuh tenang-tenang wae ngobrol bari
ngantos bel disada.
Saparantos bel tanda lebet ka kelas disada, sadaya murid kelas 1,2,3 lebet ka kelasna sewang-
sewangan. Jam pelajaran kahiji teh nyaeta matematika. Bapa Eki guruna teh. Barudak simpe,
margi Pa Eki tos lebet ka kelas. “Wilujeng enjing Pa!”
“Kaluarkeun kertas dua lambar, dinten ieu ulangan!” saur Pa Eki.
“Haaahh, pan teu diwartosan Pa, dinten ieu ulangan!” barudak reuwas bari protes.
Kalintang deg-degannna sadaya murid harita, margi kedah ulangan matematika. Soalna mah teu
seueur mung lima tapi jawabanna teu cekap dua lambar. Tegang, deg-degan, stress campu jadi
hiji.
“Ya allah untung abdi teu ngiring jadi tiasa ngapalkeun, soal-soalna tadi wengi tos dipelajari,
nuhun gusti” gerentes hate Rudi.
Ketatna pa Eki dugi ka teu tiasa ngareret sakedik-skedik acan. “Teet...teet...teet” sora bel disada
tanda waktos pelajaran seep. Barudak pasrah iwal ti Rudi, kertas ulangan dadakan dikempelkeun.

Enjingna, sadaya barudak ngariung dipayuneun papan pangumuman. Rudi kacida reuwas
nembe g dugi kasakola, sadaya rerencanganna ngasongkeun pananganna. “Wah,
wilujeng..wilujeungnya, peunteun matematika pangsaena!”.
Rusiah Kebon Pa Soleh
February 11, 2018 Dongeng, Dongeng Sunda

Geus lila Fahri jeung babaturanna panasaran ku kebon Pa Soleh. Kebon Pa Soleh téh sakurilingna di pager
ku anyaman awi nepi ka anu ngaliwat ka hareupeunna moal bisa ningali ka jero. Lain ngan saukur di
pager, di hareupeun panto pager ogé aya tulisan “Dilarang masuk/Berbahaya.”

“Din, Van, anéh teu ningali kaayaan kebon Pa Soleh? Kunaonnnya kebon ieu berbahaya?” Ceuk Fahri ka
babaturanna basa ngaliwat ka kebon éta.

“Nya anéh, can pernah aya di Desa urang kebon anu bahaya,” Ceuk Dino

“Kumaha lamun engké peuting urang talungtik?” Ceuk Evan sumanget pisan ngusulkeun rencanana.

“Maksudna kumaha, Van? Naha urang asup rerencepan ka kebon kitu?” Ceuk Fahri bari neuteup ka Evan.

“Nya, bisi wé Pa Soleh melak pepelakan anu dilarang. Kamari gé kuring ningali dina TV aya berita
ngeunaan kebon anu dipelakan ganja.”

“Hus! Teu meunang su’udzan, Van!” Dino nyempad teu panujueun kana pamanggihna Evan.

“Oh..nya maaf lain maksud rék goréng sangka. Tapi panasaran wé.” Ceuk Evan

Fahri jeung babaturanna silih teuteup. Dina jero haté maranéhna pinuh ku rasa panasaran hayang apal
rusiah naon nu aya di kebon Pa Soleh.

Ahirna maranéhna sapuk kabéh yén sabada magrib karumpul di imahna Fahri. “Tong poho mawa batré
nya!” Ceuk Fahri ka babaturanna

Maranéhan geus buled tékad rék asup ka kebon Pa Soleh anu geus ngahudangkeun rasa panasaran
maranéhna.

***

Sakumaha jangji beurang tadi, saréngséna sholat magrib, Dino, Evan jeung Fahri muru ka kebon Pa Soleh.
Fahri, Dino jeung Evan naraék kana pager meuni arati-ati pisan. Teu lila maranéhna geus aya di jero
kebon. Sabenerna mah perasaan maranéhna téh sieun bisi kanyahoan ku anu boga kebon. Tapi rasa
panasaranna lewih gedé deui.

“Wow kebon ieu naon eusinanya?” ceuk Fahri bangun ku héran

“Enya itu barang-barang naon di belah ditu?” Ceuk Dino

Maranehna ningali kotak-kotak kai anu ti éntép rapih dina rak. Aya ogé tangkal kalapa parondok
meunang motong digantung dina dahan tatangkalan nu aya di kebon.

“Hayu urang tingali ti kadeukeutan, urang kudu apal naon eusi ieu kebon!” Ceuk Evan anu disatujuan ku
Fahri jeung Dino.

Tiluannana terus beuki ngadeukeutan. Ternyata, kotak-kotak kai téh aya bolongan di tengahna diunggal
tungtungna. Evan nyokot rangrang garing terus ngarojok kotak kai tinu lebah nu bolongna.

“Van, keur naon? Awas tong ngaruksak barang-barang di dieu,” Ceuk Fahri nyaram Evan.

“Hayang apal naon eusina ieu kotak téh, Ri,” Ceuk Evan bari teu Eureun ngarojokanna.

Teu lila burudul tina kotak kai aya nu kaluar haliberan loba pisan bari disarada ngahiung siga sora mobil
ambulan.

Fahri jeung babaturanna rareuwaseun. Kompak pisan maranéhna tinggorowok. “Lumpat....!”

***

Isukna Fahri, Evan Jeung Dino Teu arasup sakola. Badana pinuh ku béntol jeung panas. Siganamah
maranéhna di coco ku nyiruan madu anu diternakeun ku Pa Soleh di kebonna. Nyiruan ngarasa diganggu
sabab kandangna di rojokan ku Eva.

Fahri dikompres ku indungna bari dinaséhatan supaya ulah deui-deui ngalakukan hal saperti kitu.

“Panasaran tuda Bu, Fahri janji moal sakali-kali deui.” Ceuk Fahri ka indungna

“Pami tos séhat ajak Dino sareng Evan, dongkapan Pa Soleh. Fahri kedah nyuhunkeun hapunten.” Ceuk
indungna

“Muhun, Bu.” Tembal Fahri

GIRIMIS TEU BAÉ RAAT


Ku Dian Héndrayana

Asa geus peuting pisan. Girimis can baé raat. Basa lilir téh, karérét adi kuring keur ngajanteng
deukeut jandéla. Hordéngna bangun ngahaja disingraykeun. Meureun ngarah laluasa nyawang ka
luar. Leungeun katuhuna baé nyampay kana sarigsig. Najan teu pati caang, cahaya lampu ti tebéh
buruan wasa nétélakeun yén adi kuring keur alum ngungun.
Ti peuting kamari kénéh, adi kuring puguh bangun meunang pangabetah dina peta nu kawas kitu.
Utamana mun mangsa peuting lantis ku girimis cara ayeuna, manéhna sok ngajanteng deukeut
jandéla, nyawang ka luar. Kituna téh sok bari ngembeng cimata.
Hiji mangsa mah kungsi dideukeutan, laju ditanya naha ku naon. Jawabna téh majar keur ningali
Apa.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan,” omongna.
Emh.
Diteuteup deui, manéhna bangun enya nu keur betah nyawang ka buruan nu majar Apa keur
ngajanteng lebah dinya. Sok lila kituna téh. Éta baé, méméh girimis raat mah, bangunna cadu
teuing kudu gancang lugay tina deukeut jandéla geusan muru pangsaréan.
Ari peuting ayeuna, adi kuring geus ngajanteng deui deukeut jandéla. Lebah pipina katémbong
baé aya nu ngagurilap sésa cimata nu ngamalir taya reureuhna.
Girimis di luar can kénéh baé raat.
Pirajeuneun kuring turun tina pangsaréan. Tuluy ngadeukeutan muru manéhna. Sarérétan gé laju
katangén, lebah juru panonna aya kénéh sésa cimata, ngeyembeng bangun nu ngadago limpas.
Ti mangkukna mula, teu kalis ku dibeberah jeung dililipur, ngungunna téh bangun nu taya
anggeusna. Tuda enya, saréréa gé taya nu teu ngarasa duheulang basa Apa nilar téh. Teu gering
teu lungsé ieuh, Apa bangun léah dipundut ku Nu Kagungan. Bari calik keur ngariung
balakécrakan satutas sambéang Magrib, Apa rubuh ngarumpuyuk. Kungsi neuteup ka saréréa
méméh enya nilar sabada ngucapkeun lapad Alloh.
Lah!
Diteuteup deui téh, adi kuring anteng baé mencrong ka buruan. Ti tatadi gé da teu sing aya
sasaha ari lain tangkal jambu jeung pager beusi mah. Tuh, najan enya lampu ti tebéh buruan teu
caang teuing gé, puguh sidik taya sasaha atawa sugan aya nu ngadon ngulampreng rumingkang.
“Hawatos Apa kahujanan di buruan…,” omongna deui.
Ema nu kitu téh deuih. Ti saprak Apa mulih téa, Ema mah taya pisan kabéragan. Méh saban
waktu Ema kudu waé bedah cimata. Tuga gé Apa ngerelekna dina lahunan anjeunnna pisan.
Malahan Ema ku anjeun bangun enya ngiring ngedalkeun lapad Alloh. “Lailahaillalloh…”
Bet temahna, Ema
Sok rajeun katémbong numpi ngalangeu di kamarna. Ana pareng dilongokan mangsa usum
dahar, walonna téh can hararayang atawa malik mariksakeun naha kuring jeung adi kuring geus
dalahar atawa acan?
Leuh!
Di luar, girimis kalah asa beuki kerep. Sawaréh mah sawér pisan kana kaca jandéla. Sora séahna
bet sada-sada talatah Apa ti kaanggangan, “Masing leket bebekelan ibadah keur bawaeun
mulang…”
Ari dirérét, adi kuring kalah ka enya ngagukguk, cimatana limpas cara cihujan di luar nu
murubut sanggeus bahé ti luhur langit.
“Ku naon Apa teu keresaeun lebet ka bumi…?” cenahna téh.
Disérangkeun ka buruan, cara tadi da puguh taya sasaha.
Kalah girimis beuki lila beuki kerep waé. Adi kuring anteng kénéh ngajanteng deukeut jandéla.
Leugeunna beuki pageuh ngaranggeuman sarigsig. Tur kapireng deui inghakna beuki rosa waé.
Sakapeung témbong obah taktakna tina nahan piceurikeun nu boa pohara kacida.
Teu lila tina kituna, manéhna malik neuteup ka kuring. Mencrong salila-lila.
“Ku naon Apa teu disina lebet?” tuluyna téh.
Kari kuring nu bati hémeng. Disérangkeun deui ka buruan, angger taya sasaha. Sanggeus
ngaleupaskeun leungeunna tina sarigsig, ngan deregdeg baé manéhna ngejat ka luar ti kamar bari
tuluy nelenyeng muru panto hareup.
Basa dituturkeun gagancangan, bet srog téh horéng Ema geus ngajanteng lebah dinya. Boa geus
ti tatadi Ema ngajantengna téh. Pannona témbong semu carindul. Cimatana baé gugurilapan
katojo ku cahaya lampu ti tebéh buruan.
Sajongjongan mah anteng baé neuteup ka kuring.
“Pangnyandakeun paying di pengker kanggo Apa…,” tuluyna téh semu dareuda.
Basa diteuteup deui, Ema lir nu teu wasa ngabedahkeun deui cimatana. Geus kitu mah, ngan
segruk waé Ema muru korsi di rohangan tengah tuluy nyaluuh bari nginghak.
Harita pisan deuih adi kuring ceurikna bedah sapisan. Girimis mah duka iraha raatna.
ONYET

Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri
ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.Jol pamajikanana,
diuk gigireunana. “Kang, tong diemutan teuing atuh, namina gé budak, can gaduh wiwaha”. Kang Sabri
ukur ngarérét ka pamajikanana, terus neuteup ka jauhna. Jung nangtung,babatek awak.Kang Sabri nitah
pamajikanana nyokot sapatu olah raga. Kang Sabri ngajigjirg, olah raga lulumputan di jalan komplék
imahna. Bari lumpat lalaunan pikiranana uleng. Enya da lain teu ngarti ka budak, bener budak mah can
boga wiwaha, komo ieu kakara umur tilu taun jalan ka opat taun, balita kasebutna gé. Kabisana kakara
diajar ngomong capétang, lulumpatan di imah, ruwal rawél kana naon baé nu bisa dirawél. Ngarti, ngarti
pisan, budak mah can boga wiwaha.Moal kitu mun diomongan ku bi Amah?. Atawa disingsieunan ku bi
Amah? Asa mustahil mun nepi ka kitu. Najan enya bi Amah téh ukur badega di imahna, asa pamohalan
nepi ka kudu ngomongan budak nu teu pararuguh mah, jeung ongkoh pan budak mah can boga wiwaha.
Kang Sabri téh boga budak tilu, cikal mah awéwé geus kelas dua SMP, pangais bungsu gé awéwé, kakara
kelas lima SD. Nu bungsu lalaki, umurna kakara opat taun jalan. Tadina mah ngarasa cukup boga anak
dua téh, ngan hayang lalaki, kahayangna téh diparengkeun, borojol nu bungsu, matak umurna gé rada
ganjor jeung lanceukna. Karasa bagja hirup téh, karir di pagawéan nérékél najan kakara kasubdin di
pamaréntahan, pamajikan bageur, barudak séhat. Ngarasa tanggung jawab ka kulawarga, nepi ka gawé
toh-tohan, indit subuh datang peuting téh enyaan. Urusan rumah tangga mah sagemblengna ku
pamajikanana da teu digawé kantoran. Aya kagiatan mah, kitu wé kagiatan jeung tatangga sa-RT atawa
sa-RW, osok rajeun ngilu kagiatan ibu-ibu di kantor kang Sabri. Lantaran boga si bungsu nu leutik kénéh,
nya néangan nu babantu, nu kapeto téh bi Amah, urang Ciawi Tasik wedalan pasantren ti Sukapancar.
Awéwé tengah tuwuh, sagala bisa jeung rapékan. Pamajikan kang Sabri mah kacida nyaaheunana ka bi
Amah téh, malah geus teu dianggap badéga, tapi dianggap kolotna, nepi ka barudak ge dititah nyebut
Enin, nenehna tina nini. Kang Sabri ngemprid lumpat, ngurilingan taman di komplék imahna. Mimiti mah
diajam hayang bari ngasuh si bungsu lulumpatan téh. Tapi budak magol, embungeun, dipaksa ge kalah
ceurik bari montel ka indungna. Haté kang Sabri asa digerihan. Rumasa ari kituna mah, tambélar ka
budak. Budak téh tara pisan nyebut ayah, da kitu dibasakeunana di kulawargana, ka bapa nyebut ayah ari
ka indung nyebut ibu. Can kungsi kang Sabri digeroan ayah ku nu bungsu ti saprak budak diajar
ngomong, Tong boro digeroan, dalah dideukeutan gé budak téh ngadon murengked, siga nu sieun. Pan
ari batur mah budak lalaki jeung bapa teh sakitu sok ruketna, gegelutan téa, silih kélékéték téa. Ieu mah
éstu siga nu embung wawuh. Tapi ari ka batur mah teu bauan, malah ku batur mah sok disebut wanter.
Atuh jeung lanceuk lanceukna sakitu ruketna, lucu mun geus nyebut tétéh, bari rada cadél téa. Ka
lanceuk nu panggedéna sok ménta dipanggambarkeun lauk emas atawa guramé, da karesepna kana lauk
cai. Mun dahar jeung lauk emas atawa guramé sok cacamuilan siga nu ni’mat. Sadar kana karumasaan
sok tambélar ka kulawarga, kang Sabri ngarobah diri, unggal poé peré sok ngusahakeun aya diimah,
ambih bisa babarengan jeung anak-anakna. Ngarobah kitu teh geus aya sababaraha bulan kaliwat, ngan
can kaciri aya hasilna utamana ka budak nu bungsu.. Cara poé Saptu ayeuna. Bagja temen mun bisa olah
raga bareng sakulawarga, nungtun budak, meuli surabi sisi jalan atawa meuli bubur hayam, dahar
cacaleuhakan bari gogonjakan, sakalian mépés késang. Keur kang Sabri nyigcrig leumpang gancang, bari
rada ngahégak, hapéna disada, tuluy ditembalan. Tong boro keur olah raga, dalah keur mandi gé hapé
téh kudu wé deukeut manéhna.“Pa, kadu tos dikintun opat puluh kilo, biasa ka jalan Buah Batu” cék nu
nelepon. “Nuhun, tong maké istilah kadu atuh bisi KPK apaleun, ganti ku istilah guramé” “Siap pa, asal
proyékna nu sanés kénging deui ku abdi” “Bisa diatur, tos nya, nuhun” cék kang Sabri bari nutup hapéna.
Kang Sabri leumpangna beuki gancang, aya rasa bungangang, bari nyusut késang nu mimiti renung dina
tarangna. Aya dua kuriling deui mah, ngurilingan taman, terus mulang.Di hareupeun imahna leumpang
rerencepan da kadéngé budak nu bungsu ceuceuleukeuteukan, sigana keur diheureuyan ku lanceukna.
Enyaan budak téh hégar, enyaan budak téh capétang, enyaan budak téh sonagar. Kang Sabri teu
kaampeuh hayang ngiluan ka nu keur heureuy, panto dibuka disakalikeun bari nyebut “Baaa…”.
Angkanan mah budak téh rék tambah nyeuleukeuteuk, tapi kalah ngagoak tarik bari nyebut “Onyééét…”
tuluy ngagbrug ka lanceukna, siga nu sieun. Kang Sabri ngarengkog, nu tadina hayang heureuy jeung
budak téh jadi ceuleumeut. Jep imah jempling, nu bungsu ngingsreuk. Torojol pamajikan kang Sabri ti
dapur “Aya naon?” cenah. Euweuh nu ngajawab, ngan budak wé nelenjeng ngagabrug ka indungna. Kang
Sabri ngaléos, ucul-ucul baju olah ragana, gebrus mandi. Bérés mandi tuluy saged, ngaluarkeun mobil,
ngaguluyur teuing kamana. Dina pikir kang Sabri naha budak téh nyebut onyét ka dirina, naon atuh onyét
téh. Ampir tabuh lima soré kang Sabri kakara mulang bari rébo ku babawaan aya bubuahan, aya lauk
guramé, aya kuéh jeung cocooan. Di imahna kasampak Bi Amah keur ngajar ngaji ka barudak, kitu wé
maca Qur’an, nu bungsu ge milu sila andekak deukeut bi Amah, maké sarung leutik jeung dipéci bodas.
Pantes budak téh jeung kasép deuih. Kang Sabri gé ngilu diuk deukeut pamajikanana, babawaanana mah
cul wé nambru di tengah imah. Bi Amah geus biasa ngajar ngaji, atuh kana maca buku umum gé dokoh,
pokna gé “Maca mah naon wé, nu saé kanggo picontoeun, nu awon kanggo pieunteungeun”. Jeung
ongkoh deuih ku pamajikan kang Sabri dipupujuhkeun pisan, supaya barudak diajar ngaji bari ngadagoan
waktuna magrib. Geus kabiasaan mun bérés ngajar ngaji, bi Amah sok terus ngadongéng, tara lila paling
gé saparapat jam. Mimindengna nu didongéngkeun téh monyét jeung kuya. Barang ngadéngé rék
ngadongéng téh budak mani émprak, atoh sigana. Harita gé Bi Amah ngadongéng monyét jeung kuya,
monyét nginjeum suling tulang maung nu kuya, tapi teu dibikeun deui. Cék Bi Amah “Tah urang mah teu
kénging siga onyét, teu kenging hawek, teu kenging cilimit, teu kenging makmak mekmek, teu kenging
ngaku barang nu batur, saur jaman ayeuna mah teu kénging korupsi, margi éta téh haram, komo upami
mésér tuangeun tina artos korupsi mah dipahing pisan”. Celengkeung téh budak nu bungsu ngomong “Hi
hi onyét…” bari nunjuk ka kang Sabri, terus budak téh maléngos bari ngajebian ka lanceukna.Lanceuk-
lanceukna sareuri, ari Bi Amah jeung indungna mah ngabetem wé, kang Sabri seuri maur. Peutingna
sanggeus barudak sararé, kadéngé tinggerendeng obrolan salaki pamajikan, nu kadéngé téh omongan
pamajikanana. “Kang urang candak hikmahna wé, da murangkalih mah suci bersih kénéh, boa urang nu
kirang wiwaha, bilih urang kantos gaduh kalepatan boh saur agama boh darigama”.
Conto Carpon : KANG SABRI LEUNGITEUN KALANGKANG
Perdianto Perdianto 10:04:00

KANG SABRI LEUNGITEUN KALANGKANG

Ku : MAMAT SASMITA

Poe Saptu isuk isuk Kang Sabri geus saged, ti mimiti meresihan motor, meresihan jeket, jeung bebekelan, enya
mawa timbel.
Poe ieu poe Saptu, biasana sok marema, da pagawe pabrik sok loba nu baralik ka lemburna.
“Akang kahade anteurkeun heula si Sujang ka sakola…”
“Heug….geus mandi encan si Sujangna..?”
“Enggeus,….keur dibaju heula…!”
Satengah tujuh, Kang Sabri geus ngadius, bari ngabonceng anakna, rek dianteur heula ka sakola.
“Balikna mah leumpang we Sujang, tong hayang dijemput sagala, pan ieu teh pos Saptu sok marema ojeg teh.”
Si Sujang unggeuk.
Enyaan we marema ojeg teh, nepi ka jam 10 teh Kang Sabri geus narik opat balikan, malah aya nu rada onjoy sagala
da menta di tarik ka Sawah Gede, teu wudu mayarna rada gede.
Kira kira keur poe manceran, aya budak awewe nu menta dianteurkeun, teu loba tatanya deui Kang Sabri langsung
nyanggupan, motor dihirupan, budak awewe diuk di tukang, geuleuyeung motor indit.
Palebah jalan anu lenglang, budak awewe ngagerewek, hayang eureun.
“Eureun Kang,…kuring mah rek turun didieu we,….”
Puguh we Kang Sabri kaget, motor dierem disakalikeun, motor meh mehan ngagaleong.
“Kunaon Nyai….kapan jauh keneh….”
“Embung ….kuring mah kajeun leumpang we….”
“Naha Nyai…?”
Si Nyai bibirigidigan, bari nunjuk kana motor.
“Eta…motor…jeung awak akang euweuh kalangkangan…”
Astagfirullah……Kang Sabri sababaraha kali istigfar, bari jeung rurat reret kana motor jeung awakna, enya geuning
dirina teh euweuh kalangkangan, padahal harita panas poe ereng erengan.
Sajongjongan Kang Sabri ukur ngahuleng, bareuheudeun, teu ucap salemek lemek acan.
Si Nyai anu tadi di bonceng geus leumpang miheulaan, malah siga nu lumpat duka teuing sieuneun duka teuing
kumaha pikiranana.
Awak Kang Sabri asa leuleus lir di pupul bayu, teu kuat nangtung, manehna ngalungsar sisi jalan, atuh motor tetep
ngabagug, pikiran baluweng naha bet kieu.
Geus rada leler tina kareuwasna, jung nangtung, bari tetep alak ilik kana dirina, teu poho nyabakan motor, enya
euweuh kalangkangan.
Lahlahan motor dihirupkeun deui, hirup saperti biasa, euweuh kakuranganana, terus ditumpakan, ngadius balik
deui, bari nyemprung tumpak motor pikiran uleng naha, kunaon ieu teh….., leong motor dipengkolkeun ka sakola si
Sujang, sugan geus bubar sakolana, sakalian rek dijemput.
Enya barang nepi ka buruan sakola si Sujang keur leumpang, bari cacamuilan ngadahar cilok,…” Sujang…buru buru
naek, urang balik…”
Si Sujang atoheun nu aya, atuh buru buru ngajleng kana pangboncengan, motor ngadius balik ka imah, sajajalan
Kang Sabri teu weleh rurat reret ka jalan ningalian kalangkang, heueuh nu kaciri teh ngan kalangkang awak si Sujang
siga nu ngadaplok teu puguh , dina hatena Kang Sabri sababaraha kali istigfar, paingan si Nyai nu tadi dianteurkeun
ngajleng embung dibonceng, da enya ningali kitu mah bet asa ningnang.
Sanepina ka imah, kang Sabri neundeun motor dinu iuh, dipipir imah, atuh manehna langsung asup ka enggon,
ngabebengkang awak nangkarak bari panon ngaherang. Ti pipir imah kadenge pamajikanana ngagorowok…” Naha
Sujang wayah kieu geus balik..?”,
“Har …kapan tereh da di jemput ku bapa…!”
“Kutan, maneh di jemput ku bapa, na bapa na kamana ayeuna..?”
“Aya di jero…”
Ningali Kang Sabri nu ngabebengkang kitu, puguh we pamajikanana reuwaseun.
“Kunaon kang…gering..?”
“Hemh..” ukur kitu kang Sabri ngawarona.
Teu lila ti harita Kang Sabri nguniang hudang “ Nyi..Akang deuk ka Pa Mantri heula…”
“Deuk ka Pa Mantri wayah kieu….wayah kieu mah di Puskesmas keneh atuh…., ku naon kang gering..?”, bari
ngomong kitu teh leungeuna ngaragamang kana tarang kang Sabri, nyampa bisi panas.
“Ah henteu,…ngan ieu awak asa lalungse..!” bari dug ngedeng deui.
“ Ngopi atuh…!”
“ Heueuh pang nyieunkeun atuh….”
Pamajikanana ngaleos kadapur…” make gula kawung atawa gula bodas kang…?”
“Gula bodas we….ambih nyerep amisna..!”
Bari ngararasakeun ngeunahna cikopi, Kang Sabri uleng mikiran naha bet aing teu boga kalangkang, da rarasaanana
mah euweuh nu karasa, boh rieut, boh pegel linu atawa naon we nu kasebutna gering, awak jagjag waringkas atuh
pipikiran teu teu owah, ieu ge yeuh cai kopi rasana sarua jeung cai kopi nu karasa kamari, atuh sora budak, sora si
Sujang sarua siga kamari teu beda dedengean, hiliwirna angin tina jandela karasana sarua matak seger kana awak,
atuh tetenjoan kitu keneh.
Beak cikopi sagelas karasa awak leuwih seger, Kang Sabri cengkat, alak ilik kana beker, leuh lohor meh ahir, gura giru
ka cai, teu ka pancuran siga biasana, wudu ukur dupipir caina tina kele, karasa tiis nyecep.
Sholat kalawan husu, ati gembleng pasrah ka Mantena, teu daya teu upaya anging Allah nu kawasa, nyanggakeun
kana kersaNa.
“Kang geura dahar atuh….bisi geringna katutuluyan….” ceuk pamajikanana ti dapur.
Di dapur dahareun geus nyampak, indungna si Sujang kaprak keprek keur ngakeul sangu, dina piring kaciri aya pais
lele kaambeu melenghir seungit surawungna, dahar teu pati mirasa, biasana mah ari aya pais lele teh meh mehan
parebut jeung si Sujang, da pangabeuki nurun ka bapa, sarua segutna kana pais lele teh.
“Geuning ancin kang…?”
Kang Sabri teu ngajawab, sanggeus kokocok leungeun anggur melenyun udud.
“Tuh timbel nu tadi ge aya keneh dina motor, can kacabak…”
Ceuk gerentes hatena …naha aing mending ngomong ka indungna si Sujang kitu, naha rek percayaeun manehna,
ma enya ku aing kudu dituyun ka hareupeun imah ngadon papanasan, naha moal matak ear….beu…….
Beak roko sabatang manehna ngagoledag deui.
“Ari si Sujang kamana…?”
“Cikeneh mah aya…!”
“Cik geroan sina kadieu pang meulikeun roko kituh…”
“Sujang…kadieu, ieu bapa pang meulikeun roko…”
Sabenerna mah lain hayang hayang teuing dipangmeulikeun roko, nu puguh mah hayang nyaho naha si Sujang
nyahoeun atawa henteu yen awak jeung motor manehna euweuh kalangkangan.
“Roko naon bapa jeung kaman meulina..?”
“Roko keretek, ka warung Ua maneh..”
“Sujang…ari maneh geus bisa kana motor…?”
Ditanya kitu teh si Sujang ukur ngaheheh.
“Eta tuda tadi waktu di bonceng mani sakitu tipepereketna, ke geus gede maneh kudu bisa, sahenteuna bisa
nalangan bapa, bisi bapa gering, ari tadi basa dibonceng teh genah…?”
“ Nya genah atuh Pa….ngararasakeun angin kana ceuli..ngahiuk,….”
“Eta sugan teu rarat reret kana taneuh, titincakeun ban…”
“Henteu..peureum we da…”
“Heueuh atuh…ngan lamun geus gede heug mawa motor, kahade kudu ningali jalan titincakan, jeung ulah
peureum…bisi ngagaleong.”
Alhamdulillah, si Sujang teu nyahoeun, gerentes hatena.
Sholat asar jeung sholat magrib teh husu pisan, make jeung ngaberebey cimata sagala, atuh ngadoa ge mani lila,
anu biasana mah cong cong leos tea, harita mah kabeh sagala doa nu apal digerenteskeun.
Bada magrib leos indit ka imahna Pa Mantri, niat teh hayang dipariksa we bisi aya nu aneh dina awak, sugan ari ku
mantri kasehatan mah kapanggih sabab sababna, rek balaka we, tibatan jadi bangbaluh, da geus puguh ari ukur
dipikiran ku sorangan mah euweuh hasilna.
Jrut turun ti imah teh make ngucap bismilah heula nu kacida tartibna, atuh sapanajang jalan anu geus mimiti poek
babacaan sabisa bisa.
Kabeneran Pa Mantri keur aya, malah kacirina mah kakara jol, da siga can ucul ucul, masih keneh make pakean
saragem.
“Aya naon Jang Sabri,…asa sisinarieun ieu teh…” kitu teh bari sur sor silih asongkeun leungeun sasalaman, dina
korsi sareretan Kang Sobri ningali kalangkang leungeun sorangan, ngan can pati bleg kalangkang aya riak riak siga
kalangkang kaca, ter hatena ngageter, degdegan.
“Nu mawi ieu teh hoyong diparios, ieu awak asa lalungse, sareng…ieu dada asa gegeberan…”
Pa Mantri mariksa kalawan taliti.
“Ah teu nanaon geuning,…..ari mawa ojeg teh kudu make jeket anu kandel, komo mun jalan peuting mah, bisi asup
angin, jeung bisi dada karancang…naon geuning disebutna teh paru paru basah….”
Kang Sabri unggut unggutan, dijero hatena mulek, naha kudu balaka, atawa entong,…ah teu, teu kudu balaka,
kapan bieu ge geus kaciri kalangkang aing teh geus aya sok sanajan kakara kelemengna, siga kalangkang kaca.
“Tah bawa we obat ieu..” ceuk Pa Mantri bari mere sababaraha siki pel.
“Obat naon Bapa ieu teh,..?”
“Vitamin eta mah, ambih awak jagjag…!”
Sanggeus babayar Kang Sabri amitan, teu poho uluk salam bari sasalaman, panona ngareret kana kalangkang, enya
aya ngan tetep siga kalangkang kaca.
Sigana Pa Mantri teu nelek nelek kalangkang, da teu openan, anggur kalahka kaprak keprek mereskeun tas wadah
obat.
Palebah pengkolan jalan muru balik ka imah, kadenge adzan isya, Kang Sabri teu terus mulang tapi mengkol ka
masjid, dina hatena bari sakalian rek manggihan Mama Jarkasih, geus lila tara munjungan.
Datang ka masjid pas keur komat, ngahaja asup teh dina sap kadua, salila sholat, ati manteng ka Mantena, surat
Alfatihah nu dibaca ku Mama Jarkasih, karasa nyerep, dina sujud ka dua dina rakaat ahir, rada lila manteng ngadu’a.
Sanggeus nu sejen nungtutan baralik ka imahna sewang sewangan, Kang Sabri ngadeukeutan Mama Jarkasih, bari
nyolongkrong ngasongkeun leungeun ngajak sasalaman, kang Sabri ngareret kalangkang leungeunna geus sabihari
deui, bakating ku atoh langsung nubruk ka Mama Jarkasih, ngeukeuweuk pananganana, bari jeung reumbay cimata,
ceurik ngagukguk. Puguh we Mama Jarkasih siga nu reuwaseun ningali kalakuan Kang Sabri kitu teh
“ Ke ke…kunaon Jang Sabri teh…Mama mah asa rareuwas ieu teh..!?”
Kang Sabri teu balaka, naon nu sabenerna nu jadi bangbaluh hate, harita nu kedal rumasa lur jeun ka kasepuhan,
geus puguh ari ka kolot sorangan mah da geus teu aya dikieuna duanana.
Sare teh peuting ieu mah teu tibra, Kang Sabri guling gasahan, lamun seug kabeh salembur nyarahoeun, yen
kalangkangna euweuh, beu pimanaeun earna, pimanaeun matak helokna, sok sanajan sabenerna ngarasa teu
kaganggu, da awak mah cageur, beleger, atuh pipikiran asana teh sarua teu kaganggu.
Isuk isuk, satutas solat subuh, Kang Sabri ngahaja neger negerkeun awak ngadon kikiplik siga nu olah raga ngabatek
awak, nu puguh mah ngadagoan panon poe, hayang geura jentre ningali kalangkang. Panon poe meletek ti beulah
wetan ngempur cahayana, ting buricak tina sela sela daun nu keur reumisan keneh, Kang Sabri muru kanu lega bari
tetep ulak ilik ningalian kalangkang….”Alhamdulillah…aya geuning kalangkang teh jeung jentre ayeuna mah…”
Ti lebak kadenge motor ngadudud, sihoreng baturna sasama tukang ojeg.
“Bri…kamari teh basa kuring nganteur panumpang ka lembur peuntas, di ditu aya budak awewe keur hariweusweus
majarkeun aya tukang ojeg euweuh kalangkangan, waktu ditanya saha sahana, eta budak teh ngan teu nyahoeun
ngaranna ngan lamun disaruakeun jeung dedeg pangadegna mah sigana didinya…”
Kang Sabri nempas…” Lah…lahuta teuing moal enya aya jalma euweuh kalangkangan sagala,…tuh tingali apan
sakitu jentrena, panjang deuih, engke lamun tengah poe keur ereng erengan kalangkang kuring jadi mondokan…”
kitu teh bari nunjuk kana kalangkangna sorangan.
SI GATOT
Ku : MAMAT SASMITA

Ngaranna Sanusi, nénéhna Usi. Ngaran basajan, lain ngaran éxtra ordinary. Umurna kakara opat taun. Sapopoé sok
buligir, tara dicalana-calana acan. Awakna seseg rada bucitreuk. Dahar rewog. Sagala bres. Komo mun dibéré
sampeu manéhot, sampeu nu semu konéng, mun diseupan semu beukah, matak uruy. Dahar sampeu manéhot bari
sila andekak, buligir, nyocolan sambel goang, seuhah, késang renung dina tarang.
Usi tara kacaturkeun kungsi gering, paling ukur ngingsreuk kitu gé tara lila. Mun hujan, boh hujan leutik boh hujan
gedé kudu wé huhujanan di buruan bari nyoo leutak. Saré dimana dugna. Tetep buligir. Teu betah pisan disimbutan.
Kulit sukuna, palebah bitis luarna, mani kandel. Kandel nanding kulit sapi, bakating mindeng digembrong dicoco
reungit. Dicoco reungit mah sigana geus teu karasa, komo bangsa bentol ku hileud mah tara kacaturkeun pisan.
Ulin idek liher di buruan. Keur mah ongkoh imahna Usi téh aya di sisi kebon, jeung deuih ari di pasisian mah, di
Cibogo Tonggoh, imah téh ancal-ancalan. Anggang jeung tatangga.
Lanceuk-lanceukna geus rada gedé, Usi mah tara dibabawa ulin, da dianggapna leutik kénéh.
Bapana Usi, sapopoéna tatanén. Boga sawah jeung kebon. Nu di sawahan mah teu pati lega, asal hasilna cukup keur
dahar sapopoé. Panghasilan nu rada munel tina kebon. Di kebon melak sampeu, hui, taleus jeung sayuran. Bubuahan
gé loba, sabangsaning jambu batu, nangka, alpuket, nu kawilang loba téh salak. Salakna sok disebut masir, cenah
mah mun didahar karasa siga keusik jaba amis deuih, haseum saeutik, matak seger karasana. Siga salak Bali.
Usi sapopoéna sok diasuh ku ninina, komo mun emana Usi keur ka sawah.
Hiji waktu Usi dicalukan ku ninina
“Ujang kadieu, ieu nini méré anak hayam. Diurus nya sing hadé nya,” kitu cék ninina bari mikeun anak hayam
sagedé peureup kolot.
Usi atoheunana dibéré anak hayam téh, ajrag-ajragan jeung émprak.
“Ieu mah bakal jadi hayam jago” cék ninina “Geura tingali” anak hayam dicekel, tuluy sela pingpingna digesek ku
dampal leungeun. Enya wé hulu hayam téh ujug-ujug ngeluk siga rék kongkorongok.
Usi resepeun, seuri nyeuleukeuteuk ningali hayam ngeluk siga rék kongkorongok téh.
“Ari indungna kamana, nini?” cék Usi.
“Duka teuing ku careuh duka teuing ku heulang, ieu anakna nu salamet, ngan hiji”.
Usi ngahuleng. Tuluy Usi mawa anak hayam ka kebon, dipangoréhkeun kahakanan tina runtah.
Usi getén ngurus anak hayam. Unggal poé dibawa ulin ka kebon atawa ka sawah, dipangoréhkeun rinyuh, cacing
jeung kadaharan sésa. Ari saré kudu bareng jeung anak hayam, puguh wé indungna ngambek, Usi keukeuh,
tungtungna ku bapana Usi, anak hayam téh diwadahan kana tingkem, diteundeun gigireun Usi. Hayam morontod
téréh ngagedéan, lantaran alus parab.
“Ujang urang béré ngaran hayam téh nya” cék ninina.
“Naon nini ngaranna?”
“Si Gatot wé nya”.
“Naha dibéré ngaran Si Gatot, nini?” cék Usi bari neuteup mureleng ka ninina.
“Engke ku nini dipangdongéngkeun pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot. Ayeuna mah urang mandi heula, bisi
kaburu soré”.
Usi jigrah. Usi ngingkig leumpang ka pancuran, rék mandi. Dituturkeun ku ninina.
Pasosoré, di tepas, bari ngadagoan magrib, ninina Usi ngadongéng pangna hayam dibéré ngaran Si Gatot.
Paralak ninina Usi ngadongéngkeun carita wayang, kulawarga Pandawa jeung anak-anakna. Dongéngna dijojoan.
Salah saurang anakna Bima nyaéta Gatotkaca.
“Tah tina ngaran Gatotkaca ieu ngaran hayam disebut Si Gatot. Gatotkaca téh awakna gagah, kasép, kumisan,
beungeut semu beureum, bebenteng keur ngabéla bebeneran, nyaah ka rahayat” kitu cék ninina Usi.
“Geura tingali beungeut hayam ku Ujang, pan rada beureum, jékrém, kasép, siga Gatotkaca, najan hayamna leutik
kénéh, komo engké mun hayamna geus gedé mah”
Usi nelek-nelek beungeut hayam.
“Gatotkaca téh gagah sakti, bisa ngapung, anyaclang dina méga malang. Tulangna tina beusi, uratna tina kawat.
Tanaga bedas pilih tanding. Bisa ngadéngé najan aya nu ngaharewos ti kajauhan. Bisa ningali najan nu ditingalina
jauh pisan. Gatotkaca boga dulur sabapa nyaéta Jakatawang jeung Antareja. Jakatawang nu ngawasa laut. Antareja
nu ngawasa taneuh. Jeung dulur silih wangikeun, silih hormat jeung silih bantuan. Silih asih, silih asah jeung silih
asuh téh enyaan lain bobohongan”
Lalakon Gatotkaca remen pisan didongengkeun ku ninina Usi, duka teuing leunjeuran caritana mah bener atawa
henteuna. Ngan nu mindeng kadéngé ku Usi, Gatotkaca téh pahlawan nagara nu ngabéla bebeneran, jujur jeung
nyaah ka rahayat, nyaah ka Si Cepot, Dawala jeung Garéng.
“Matakna, Ujang gé jeung dulur jeung babaturan téh kudu silih hormat, ulah papaséaan, ulah parebut cocooan, ulah
silih herengan, ka babaturan kitu deui.”
Usi ngahuleng, da tara parebut cocooan, malah lanceukna Usi sok mangnyieunkeun momobilan tina kulit jeruk bali.
Ti harita hayam dilandi Si Gatot jeung deuih hayamna gé siga nu ngarti mun digeroan Gatot téh sok néléndén.
Hayam jago lindeuk ka Usi. Hayam jago linghas ka batur bari sok macok sok ngabintih. Hayam jago carambang
bulu bodas totol beureum.
Basa si Gatot keur jajangkar, umur Usi lima taun. Usi tara taranjang deui. Pokna éra ku Si Gatot, apan awakna luis
ku bulu. Éra ku Gatotkaca najan Gatotkaca wayang tina kai, tapi maké baju. Mun Usi maké baju, kaciri kéwes
pantes, buuk mindeng digolep.
Basa si Gatot geus déwasa, Usi kakara asup sakola dasar.
Si Gatot geus kawentar sakampung Cibogo Tonggoh, hayam jago euweuh nu ngéléhkeun.
Usi sakolana soson-soson. Harepan aya dina dada, brajawisésa. Harepan aya dina panon, dina ceuli, saptapangrungu.
Harepan aya dina dampal leungeun, brajamusti bajingakiri. Harepan aya dina tuur, brjadenta brajawikalpa. Harepan
aya dina dampal suku, tapaknanggala. Usi hayang siga Gatotkaca, hayang siga si Gatot nu gedé kawani.
Usi kungsi nyaksian Si Gatot ragot jeung heulang, basa sawah rengsé panén. Ka sawah nu geus panén loba hayam
ngoréhan jarami néangan bangsal, si Gatot kokotak tarik bari sisirintil, sigana ngabéjaan di langit aya heulang.
Hayam nu keur anakan ribut, pahibut nyumput, anak hayam tingcariak, lalumpat nyumput dina handapeun jangjang
indungna. Si Gatot nyebrut, awakna méh ngapung, guprak nubruk heulang nu nyoloyong rék ngaranggeum hayam.
Heulang ngajengkang, Si Gatot ngagarapak bari ngabintih, heulang ngadaligdeu, tayohna reuwas teu nyangka rék
aya nu nubruk. Heulang jaya di awang-awang, dina taneuh ukur mébérkeun jangjang. Usi muru bari mawa
pangilang dituturkeun ku indungna nu keur moé paré. Heulang hiber dibaledog leutak ku indungna Usi. Si Gatot
kokotak ramé, Usi ngilu sisirintil ngudag heulang nu geus mumbul ka luhur.
Si Gatot jadi sabiwir hiji, wani ngalawan heulang, Usi beukah irungna asana dirina nu dipuji. Enyaan Si Gatot gedé
kawani. Usi tambah kanyaah, Si Gatot mindeng diogo, diparab ku cacing kalung, diparab kuuk, diparab jangkrik,
geus puguh ku béas atawa paré mah.
Kungsi aya jelema nu ngocal-ngocal nawar Si Gatot, pédah kawentar hayam jago nu tara éléh diadu. Gantawang téh
Usi nyarékan laklakdasar, majarkeun kolot euweuh gawé, tukang ngadu hayam mah di ahératna gé bakal diadukeun
siga hayam. Indungna Usi sanduk-sanduk ménta dihampura ka tamu “Ujang éta teu kenging kitu ka tamu,” pokna.
Usi mah tetep wé nyarékan bari jeung malédog sagala, “Wah kolot teu uyahan ema, tukang ngadu hayam,” cek Usi.
Tamu téh mengpéos bari kuram kireum. Sanggeus tamu euweuh, Usi digelendut ku indungna, dipapagahan ulah kitu
peta ka tamu.
Usi némbalan:”Ema, éta téh tukang ngadu hayam, bumina caket sakola, karunya ningal hayam ngan dikurungan wé
saendeng-endeng, sok diadukeun di pengkereun bumina.” Indungna Usi teu majar kumaha, “Ari éta ujang terang ti
mana, di ahérat tukang ngadu hayam mah sok diadukeun siga hayam?”
Usi ngajawab:”Kapan dongéng bapa, ramé ma ari bapa ngadongéng téh.” Indungna ukur unggut-unggutan.
Enya, da jaman harita mah jaman keur werit, nu boga radio gé ukur hiji dua, komo télévisi mah ukur béja. Nu
disebut hiburan téh euweuh deui iwal ti ngadéngékeun indung bapa atawa ninina ngadongéng. Bapana Usi mindeng
ngawih bari maca wawacan Purnama Alam. Indungna sok nyaritakeun para sahabat nabi. Ari ninina mah mindeng
ngadongeng wayang. Nu napel dina ingetan Usi tina dongéng bapana nyaéta Ratna Suminar, wanoja gedé kawani nu
nyekel pageuh kana tetekon bebeneran, najan kalan-kalan barangasan tapi ajrih ka Déwi Pramanik. Ari tina dongéng
indungna nu napel dina ingetan Usi téh nyaéta carita hiji indung katalangsara nu ngulub batu keur ngabobodo
anakna ulah ngaéh ceurik baé lantaran kalaparan, ambéh disangka keur nyangu, nepi ka pangkat Halifah gé daék
manggul béas. Dongéng ninina nu nepal dina ingetan Usi téh nyaéta dongéng Gatotkaca nu lébér wawanén ngabéla
nagara.
Usi junun sakolana, boga cita-cita hayang ngabéla nagara siga Gatotkaca, hayang lébér wawanén siga Ratna
Suminar, hayang gedé kanyaah ka sasama, ka rahayat siga Sayidina Umar. Ku babaturanana remen dilandi Si Gatot.
Maké baju tetep rapih, buuk tetep digolep.
*
Taun 2011 Sanusi keur jeneng, jadi walikota. Malah jenengna periode kadua lantaran kapaké jeung kapilih ku
rahayat. Mindeng ngurilingan kota, teu pati ngarasa kumaha macétna patalimarga da mun indit-inditan teu weléh
dikawal maké sirine. Mindeng ulin ka pasar tradisional jejeblogan maké sendal capit, make calana sontog. Mindeng
ngilu ngarawu runtah nu bacacar di sisi jalan. Mindeng ngilu sasapu hareupeun balé kota. Mindeng milu sasapu di
unggal taman nu aya di kota. Mindeng meuli rujak bebek di sisi jalan. Mindeng niup suling jeung nu ngamén,
mindeng ocon jeung nu maén dogér monyét di parapatan jalan. Mindeng ngilu meresihan WC umum di terminal
beus.
Sanusi, ayeuna mah tara aya nu nyebut Usi, keur ngabaheuhay dina korsi males di tepas hareup imahna, poé peré
ayeuna mah euweuh acara nu kudu didatangan, éstu hayang cicing di imah, ngareureuhkeun palay. Éstu hayang
ngaraga meneng, cicing di imah ngararasakeun betahna hirup. Angin ngahiliwir nebak daun tangkal samolo, najan
keur usum halodo, keur hareudang bayeungyang, di imahna karasa nyecep tiis da liuh ku tatangkalan. Kurunyung nu
pikét jaga di gerbang hareup datang, mikeun surat-surat. Surat-surat téh satumpukan, aya ti yayasan, aya ti LSM, aya
ti organisasi pangajian, aya ti DKM, aya ti partey politik. Geus kajudi eusina, mun ti yayasan pasti eusina proposal,
mun ti LSM pasti nyabit kakurangan gawe, mun ti organisasi pangajian pasti hayang dihadiran, mun ti DKM biasana
hal ngawangun masjid. Aya surat nu rada béda, nu ieu mah sigana ti pribadi, surat téh méh-méhan teu dibuka, da
biasana nu model kitu téh surat kaleng, nu eusina ngalaporkeun bawahanana nu basilat, nu teu waras gawe atawa
ngalaporkeun nu salingkuh atawa nu kumpul kebo.
Amplop surat disoéhkeun, da dirapet pageuh. Surat téh panjang, aya kana opat kacana ukuran folio nu aya guratna.
Tulisanana meunang nulis ku leungeun lain meunang ngetik ku komputer, gurat tulisanana ipis kandel. Nandakeun
nu nulisna ti sakolaan jaman baheula, nulisna sigana lain maké bolpoin, tapi maké pulpén mangsi, mun henteu ku
kalam gé. Rapih, sigana nulisna diapik-apik, atawa kitu wé meureun tulisan kaluaran sakola baheula mah, alus.
Basana basa loma, lain basa lemes. Bubukana mah biasa wé maké salam tuluy aya kecap mugi aya dina
kawilujengan. Nu ngagebeg éta nyebut Sanusi téh ku Gatot. Cenah ngahaja nulis Gatot téh ambéh inget deui kana
cita-cita baheula hayang boga ketak siga Gatotkaca dina ngabéla nagara, ambéh inget deui kana dongéng Sayidina
Umar r.a nu manggul gandum lantaran aya rahayatna nu katalangsara nepi ka ngulub batu. Ambéh inget deui kana
ketak Ratna Suminar nu ajrih ka Déwi Pramanik. Enyaan nulisna téh ku basa loma da nepi ka aya kecap kieu :
“Gatot, uing mah lain teu satuju ilaing meresihan WC di terminal beus, kacipta pangkat walikota ngagosrék nyikat
WC, kahadé eta gawe teh bisi ukur pupujieun, ambeh katangar hayang kapake ku rahayat nu bakal milih. Padahal
masih loba keneh nu leuwih penting nu kudu dipigawe ku walikota, nyaeta meresihan tina panyakit korupsi.” Cék
eusi surat deui “Uing mah hayang ngadéngé ilaing ngomong di hareupeun balaréa yen di kota ieu beresih tina
korupsi, terus aya kasanggupan mun aya bawahan nu korupsi, ilaing sanggup mundur, sanggup eureun tina
kalungguhan walikota, kapan bawahan mah tara salah, nu salah mah nu mingpinna.”
Sanusi ngahuleng salila-lila, na saha nu ngirim surat téh? Dina pikiranana nataan hiji-hiji sakabéh dulurna nu nyaho
perkara Si Gatot, hayam jago inguanana. Asa euweuh dulurna nu bakal nyieun surat siga kitu. Boa-boa babaturanana
jaman keur sakola dasar baheula kitu? Bisa jadi. Sanusi ngilikan alamat nu ngirim surat. Aya ngaran jeung alamatna
mah, tapi da teu wawuh ka ngaran éta. Sanusi nimbang-nimbang, naha perlu atawa henteu disusud, cék pikirna teu
perlu disusud, teu perlu ditaléngténg saha-sahana.
Surat dibaca deui, dijojoan.
“Meungpeung jeneng kénéh, kudu hadé gawé. Nu disebut hadé gawé….ah didinya gé meureun ngarti naon nu
disebut hadé gawé téh. Tapi sahenteuna nilik hadé gawé téh lain cék sorangan, tapi kudu cék batur, cék rahayat.
Uing embung boga walikota mun geus eureun tina kalungguhanana (di dinya mah moal dipilih deui da geus dua kali
lin?), tuluy dikerewed dititah saré di hotél pordéo, dibui, dititah milang jariji beusi alatan basilat. Beu matak éar
jeung matak éra rahayat sakota, anak pamajikan bakal meungpeun saendeng-endeng, dulur-dulur ngaharintul,
indung bapa nandang wirang.”
Di bagian handap surat kabaca:”Hampura lur, uing mah nulis surat téh bakating ku nyaah wé, uing gé mindeng
dipapatahan ku kolot keur budak, atuh geus kolot mindeng mapatahan ka anak sangkan hirup junun, sangkan hirup
jujur, ngan apan mindeng kabelejog da loba pangbibita haliah dunya. Ongkoh deuih nulis surat téh basana bisi
karasa kasar, sakali deui hampura. Bisi ngarasa kaganggu ku ditarimana ieu surat, anggap wé euweuh, suratna
diduruk wé. Aéh heueuh, mun teu salah déngé énté téh hayang nyalon jadi gupernur, alus tah, ngan kahadé wé sing
inget kana umur jeung kamampuh, bisi rahayat ngarasa kabelejog, bahaya mun rahayat geus ambek mah matak
geumpeur saréréa. Uing mah ukur ngajurung ku du’a mugi sadayana aya dina karidoan Alloh Swt.”
Sanusi ngadayagdag bari semu ngeureuceum, surat ditilepan, digolérkaeun dina méja. Sanusi ngarawél koran nu
ngabarak dina méja, dipaké ngageberan awak nu karasa hareudang bayeungyang. Kagambar pameunteu emana,
bapana, ninina nu geus euweuh dikieuna, boa keur nyerangkeun ti alam kalanggengan bareng jeung Si Gatot.
Budak jeung Emana

Budak umur tilu taun keur meujeuhna capétang ngomong, sagala rupa
ditanyakeun ka emana.
Budak : "Ma ari adé dikandung ku ema ka sabara sasih ?"
Emana : "Salapan bulan salapan poé !"
Budak : "Ari adé ayeuna umurna sabaraha taun ?"
Emana : "Tilu taun !"
Budak : "Ari ema nikah sareng bapa tos sabaraha taun?"
Emana : "Tilu taun ogé !"
Budak : "Jadi nu salapan bulan salapan dinténna...?" (tarangna kerung semu
nu mikir)
Emana : "Eh salah kétah, umur hidep téh ayeuna nembe sataun satengah!"
( rada gugup)
Budak : "Ah..maenya umur adé nembé sataun satengah, tos capétang kieu
Emana : "Geus ah tong loba tatanya, Pamali!" ( bari ngaléos indit ) (SR)
BAU JENGKOL

Dasar milik, Karsih meunang undian anu hadiahna pelesir ka Uruguay


kalayan garatis tur dibere bekel sacukupna. Nepi ka Uruguay, dihiji terminal
Karsih gura giru asup kahiji wc umum, sigana geus teu tahan hayang sacer
cereun kiih. Lima belas menit tilu puluh detik Karsih dijero wc, pas kaluar
kasampak dihareupeun wc geus ngantri anu nek asup. Panghareupna
saurang nini nini anu paromana semu pucet lantaran lila teuing nahan. Pas
ningali panto wc muka gura giru sinini asup, tapi aneh teu kungsi lila sinini
balik deui bari noel ka Karsih pok nanya.

"Nyi...nyi urang sunda nya ?" ceuk sinini bari melong anteb.

"Mu..mu..muhun!" tembal Karsih asa asa, dijero hatena mah ngarasa


reueus..

"Heueuh ari ka wanoja sunda mah moal kapalingan najan dialakpaul ge


tetep we arapaleun lantaran aya ciri hasna gareulis tur aramucuy rupana !"
Gerentes Karsih,bari uman imen gumeulis dihareupeun sinini.

"Nini geuning apal yen abdi urang sunda, pasti katawis tina raray abdi
nya ?"

"Lain euy, tapi katara tina urut wc-na bau jengkol !"
Carpon bahasa sunda lucu "Si ira mojang tomboi"

Aya hiji mojang (parawan) ngaranna sebut weh si ira. Si ira awakna jangkis, bu'ukna pendek, salewat mah
pokona percis pisan kos lalaki. Di lemburna oge manehna katelah budak tomboi, nu hobina naek motor.
Dina hiji mangsa, si ira rek mangkat ka hiji gedung caffe di jakarta, manehna geus siap-siap bari mawa
helm, make jaket kulit nu sok biasa dipake ku lalaki. Teu lila si ira ngaluarkeun motor nu eweh kaca
spionan sabelah, salewat mah memang mirip lalaki ieu budak. Grungg...!!! Teu lila indit tah si ira teh ka
gedung caffe.

Beberaha jam lamina, akhirna si ira tepi ka gedung caffe anu dituju. Maneh na turun na motor, bari make
jaket jeung helm keneh, ngagidig weh si ira teh lempang nuju asup ka gedung, bari rada katingali jangar.
Digedung caffe eta teh keur aya pamariksaan, ku lantaran di jakarta ayena keur usum bom nu sing
jalelegur gara-gara basa tragedi nu di tamrin tea. Satpam-satpam nu nyekel pelentungan jeung alat ajang
ngaditeksi bom tos siap-siap ngajaga di gang gedung caffe eta.
Nah, pas arek asup si ira dipariksaan hela ku satpam ti handap nepi ka luhur pake alat deteksi bom nu
ngaranna metal detektor
Nah, pas alat eta nepi ka dadana satpam langsung ngomong: "Nah siah..!! ieu naon empuk-empuk kie
dua siki?? Boa-boa maneh mawa bom nyah!!!" Ceuk satpamna teh, da puguh teu nyaho perangsa teh
lalaki.Pas rada di cabakan ku satpam na, si ira atuh meren jadi ngambek.. Bet weh! Langsung di buka tah
helm na bari ngomong ka satpam, matana bari molotot: "BOM, BOM tai pedut lah.. siah! yeuh teu
percaya mah !!!"
Lah geuning awewe, sugan kuring teh lalaki. Ceuk satpam na teh bari cengar-cengir: "Tos..tos.. cekap..
Neng! Teu kedah dikaluarkeun, tos terang abdi mah..tos terang!" Satpam eta reuwas, da sugan teh eta nu
keur manehna pariksa teh lalaki sihoreng padahal mah manehan .

Carpon Lucu "Si udin tukang nyieunan bandring"

Sebut weh ngarana si udin, umur 36 tahun, ka reseupna nyienan bandring da lantaran manehna osok
ngabandringan manuk di lemburna teh.
Tapi ema na.. Hayang buru-buru ningali si udin teh geura kawin, lantaran ningali umur si udin teh tos
mulai kolot. Dina hiji wangsa, si udin jeung ema na teh keur ngararobrol di hareupen imahna, nah kieu
caritana:

Ema : " Din umur maneh teh geus kolot, maneh arek iraha kawin?! "
Udin : " Enya, engke ma..! " ( Bari ngomean bandring)
Ema : " Ih ari maneh mah engke, engke wae! Iraha din? Ema teh tos hayang boga incu!!! "
Udin : " Engke ma! " (Jongjon bari ngoprek keneh bandring)
Ema : " Maneh emang nyaho din carana kawin teh? " (Ngahareupkeun si udin bisa)
Udin : " Deh.. gampang ma! Piraku udin teu nyaho mah.."
Ema : " Coba atuh cing kumaha carana..?! "
Udin : " Kieu ma, kahiji.. Buka bajuna.."
Ema : " Terus?"

Anda mungkin juga menyukai