Anda di halaman 1dari 4

Nyieun Endog Gulung

Dinten minggu kamari abdi sareng rerencangan ngadamel endog gulung. Abdi, Ahmad sareng Asep
minangka hiji kelompok.

Tugas ieu kawilang gampang ku sabab bahan-bahanna oge babari dipilarina sareng pangaosna henteu
awis.

Adbi sareng Ahmad mios ka bumina Asep seja midamel endog gulung. Sadayana bahan-bahanna
parantos disiapkeun kitu deui parabotna. Ahmad sareng Asep mios heula ka warung pikeun ngalengkepan
bahan anu kirangna. Samentawis abdi mah ngantos di bumi Asep.

Teu kantos lami, torojol Ahmad sareng Asep wangsul ti warung, teras abdi tiluan ngawitan midamel
endog gulung.

Endog dikocok sareng samarana teras diasupkeun kana katel digulung-gulung nganggo awi samodel
tusuk sate.

“jadi euy”… Ahmad jeung Asep surak, kusabab endog gulung buatanana geus jadi. Sanggeus rengse
endog gulungna difotokeun teras dikintunkeun ka pun Guru.

Mung sakitu nu kapihatur. Haturnuhun.

Liburan Taun Baru

Liburan taun baru kamari, abdi sakulawargi angkat ka Bandung. Abdi sadayana angkat sadinten

saatosna nampi rapot. Di Bandung teu seuuer agkat-angkatan ka rupi-rupi tempat mung ka TSM, PVJ,

Dusun Bambu, ka bumina pun bibi di Cijerah, sareng ka bumina pun paman di Gegerkalong. Tapi

tempat anu paling mineng didongkapan mah TSM, kumargi palin caket ti rorompok.

Kaping 31 Desember abdi sakulawargi angkat ka bumina pun Uwa di Buahbatu, ngempel

ngarayakeun wengi pergentosan taun. Abdi angkat ti rorompok ti Cicadas kinten-kinten tabuh satengah
lima sonten margi sieu macet di jalan, ari pek leres we macet. Dugi ka bumi pun Uwa pas adzan

maghrib.
Borangan

Assalamuaalikum wr wb

Nepangkeun name abdi Raka

Sampura sun

Abdi bade ngiring pasanggiri borangan

Pamirsa terang teu yen bahasa inggris the asal mulana mah geuning tina bahasa sunda. Percanten teu pamirsa ?

pami teu percanten ku abdi urang buktoskeun

Pamirsa “ manuk pan bahasa inggrisna the bird tah eta the asalna mah tina bahasa sunda asalna mah hiber

pamirsa eta the jadi we bird.

Pamirsa” lauk bahasa inggrisna the fish ta eta ge pamirsa asalna mah tina bahasa sunda, asl kecap tina paislauk

pamirsa jadi weh fish

Anak hayam pamirsa pan bahasa inggrisna mah chek eta ge asalna mah tina bahasa sunda keneh pamirsa da

asalna mah eta the ciak jadi weh chik. Buktosnya pamirsa yen bahasa inggris the asalna mah tina bahasa sunda

Salajeung na pamirsa abdi bade nyarioskeun pangalaman abdi basa abdi ka pos yandu, dididnya seu eur ibu –

ibu nu ker hamil ngarobrol”

Nu kahiji namina ibu dini, ceuk bu dini “ mun bayi ieu lahir ku abdi rek dingaranan dandi sabab ngaran bapana

dadan , ngaran abdi dini jadi anakna dandi

Nu kadua ibu yuki nyarios “ mun budak ieu lahir rek dingaranan yuki sabab ngaran abdi ayu ngaran bapana

basuki jadi ngran budak abdi yuki

Tah ibu nu katilu mah jiga rada bingung pamirsa, ceuk si ibu “ ari budak abdi rek dingarannan naon nya ? ari

bapana ngaranna the abas ari abdi ngaran kokom, piraku nya kudu dingrannan baskom “ pamirsa karunya nya mun enya

tea eta budak dingaranan baskom siuen pahili jeung ngran parabot dapur.

Tah nu ka opat mah bade nyarioskeun name abdi “ ceuk pun biang name RAKA the kapanjangan tina RARAY

KASEP, nya kasep pamirsa…………salian ti kasep teh ceuk pun biang abdi mah gagah da abdi mah ahli bela diri silat.

Percanteun teu pamirsa abdi tiasa silat ? pami teu percanten sok ku abdi bade di praktekkeun……………………. (silat)
Aduh ngesang pamirsa , tapi ken wae ah itung-itung sibeungeut ieu mah da ari ngahaja-haja mah mandi ku cai

abdi teh seu-eur kasieun, sieun kasep tina raray abdi luntur pamirsa. Tah dugi ka ayeuna janten weh abdi mah jarang

mandi.

Nu saterasna pamirsa ieu pangalaman abdi di sakola aya aki-aki nu jualan. Dina rodana aya tulisan ES SUSU, abdi

nyamperkeun tuluy pesen, ki pesen es susuna, si aki ngajawab “ make es teu jang “ ari aki pan ngaranna gee s atuh ki

puguh we kudu make es, Si aki naya deui “ make susu teu jang, Dasar aki-aki aki-aki ges pikun meureun pan jualan teh

es susu make nayakeun deui.

Hiji deui pamirsa ieu mah carita aki-aki jeung nini-nini nu boga kebon di leuweung. Dina hiji poe aki jeung nini

ngaroblol, ceuk si nini “ aki kebon tether panen, kudu didagoan bisi aya nu maok. Ceuk si aki “ siap nini, ngan jagana aki

mah hayang sakali ewang jeung nini, si nini ngajawab siap aki nini ge.

Gancang carita harita wanci ges bada isa si aki indit ka kebon, tuluy si aki ngontrol kebon, nalika ker kukurilingan

dikebon torojol sakadang maung dating, ninggali aya maung si aki kacida reuwasna beretek lumpat, gubrag si aki labuh,

labuhna nonggeng, maklum aki-aki ti imahna the ngan ukur make samping, si maung ngomong “ itu buah naon nya dua

ngagayot tuluy sakadang maung nyamperkeun, atuh si aki beuki sieun nepi ka hitut, kieu sorana the pamirsa “puuuut “

cenah , Ceuk sakadang maung oooh buah put geuning ieu teh, tapi teuas jig angora keneh ah engke we isuka di Alana

sina asak heula, tuluy weh sakadang maung indit.

Dina poe nu saterusna bagean si nini jaga, sarua si nini ge berangkatna the bada isa, ari nepi ka kebon sakadang

maung ges nyampak rek neang buah put tea, ninggali aya maung si nini lumpat gubrak si nini nangkarak, sarua si nini ge

inditna ka kebon teh ngan ukur make sarung wungkul, ku sakadang maung di samperkeun atuh si nini beuki sieuneun

nepikeun ka ngi ihan sorangan, kodomang sakadang maung mariksa buah put na, ceuk si maung “ ah ges Beulah geuning

tuh aya caian deuih jig ages buruk, si maung indit bari kukulutus ceu si maung hanjakal teu di ala kamari ah ayeuna mah

ges buruk geuning buah put teh,

Pamirsa sakitu nu kapihatur, saninten bauh saninten nu aya di parapatan, hapunten abdi hapunten bilih aya

kalepatan, wasalam mu alaikun wr wb

Anda mungkin juga menyukai