Anda di halaman 1dari 6

Nini Jumsih Moro Langlayangan

Karya Mamat Sasmita

“Geus seubeuh maneh Sujang..?” ceuk Nini Jumsih, bari ngareret ka


incuna nu keur andekak dahar di tengah imah.
“Bisi can seubeuh kop tah beakeun alas Nini..” bari mikeun piring sangu
nu meh metung keneh, jeung aya kere belut deungeuna.
“Entong Nini,…sok we seepkeun ku Nini…” ceuk Kang Sabri
pangnembalankeun anakna ka Nini Jumsih.”…..Keun we keur si Sujang
mah da aya keneh dina tetenong..”
Nini Jumsih keukeuh mikeun alasna keur si Sujang, incuna.
Si Sujang teh anak bungsu Kang Sabri nu umurna kakara opat taun leuwih
opat bulan, keur meujeuhna segut kana barangdahar.
“Keun bae Sabri da ema mah rido…” ceuk Nini Jumsih”….Kilang bara
barangbere nu lain teu bisa atuh alas dahar mah kop teh teuing,….jeung
ongkoh ema mah geus seubeuh barangdahar sagala rupa oge, ari si Sujang
kapan budak keneh jeung sakitu rewogna sagala dihuapkeun…”
Kang Sabri teu lemek teu carek, da enya kitu pisan, si Sujang teh kacida
gembulna, sagala didahar, ngan pok bae ngomong “….Tong sok diogo
teuing atuh Ema si Sujang teh….”.
“Ngogo nanahaon…da Ema mah teu boga keur ngogona oge…!”
Kang Sabri ayeuna ngabetem pisan, heueuh da Kang Sabri teh lain teu
hayang mere maweh ka budak, atawa ka Emana, kudu dikumahakeun atuh
pangala batan sakieu, sapopoe ngan saukur jadi tukang ojeg di pilemburan,
tara unggal waktu meunang muatan, enya ari poe saptu mah sok rada
marema pedah eta loba pagawe pabrik nu baralik, tapi ari di ukur keur
hirup sapopoe mah hih angger we saukur mahi keur dahar, padahal jumlah
kulawarga teh aya limaan, anakna dua katambah ku emana nu geus
nunggul pinang da bapana mah geus mulang miheulaan.
Usaha jaman ayeuna kana sagala rupa oge hese, komo deui kaayaan di
pilemburan, keur mah ongkoh haharegaan undak unggal mangsa, lamun
rek dipake aral subaha mah matak aral, eta ge osok ganti pacabakan, kalan
kalan osok buburuh macul, tapi da teu unggal waktu, aya usumna, nu geus
jadi cecekelan sapopoe nya jadi tukang ojeg, boga motor soteh ladang tina
ngajual tanah sacangkewok, da ngandelkeun tina ladang tatanen tina eta
tanah mah mah lain kalahka untung tapi kalahka buntung, jeung ongkoh
tanah titinggal bapana teh ku batur mah sok disebut tanah gabug,
dipelakan itu ieu teh hih tetep we hasilna motetet.
Sabenerna mah lebar ngajual tanah teh, dina hatena mah teu mikeun, komo
ieu kasebutna tanah warisan, nu kuduna mah dipusti pusti, Kang sabri ge
lain teu ngarti, ngan nya kitu da hirup mah kudu jeung huripna, da niat
ngajual tanah teh lain rek dipake monyah monyah, estu keur usaha
ngabayuan nu jadi anak pamajikan, Alhamdulillah dina derna jadi tukang
ojeg aya hasilna sok sanajan ngan ukur cukup keur dahar, atuh motor awet
da makena apik.
Pasosore bada asar, langit lenglang beresih, euweuh riuk riuk ceudeum
maleukmeuk, angin ngagelebug, ti kulon ka wetankeun, Nini Jumsih
ngageroan si Sujang “..Sujang geura mandi kaituh urang ulin ka sawah
lega, urang lalajo langlayangan..”
Si Sujang uulutudan keneh, tas ulin ti sisi kandang hayam, sigana mah tas
ngala undur undur, da awakna mani kalotor ku kekebul taneuh.
“Nini uing ngilu….dagoan rek mandi heula..!” si Sujang tuturubun lumpat
ka pancuran rek ngadon mandi, Nini Jumsih nuturkeun ti pandeuri, di jalan
ka pancuran ngarawel daun harendong dua keupeulan.
“Sing beresih mandi teh Sujang, ulah bating gebrus kitu bae,…kadieuh
urang ruru ku Nini geura..!”
Nini Jumsih ngamandian si Sujang, diruru nepi ka beresih, dakina palid
kabeh, daun harendong gaganti sabun, sok sanajan teu loba budah tapi
meujeuhna keur meresihan daki.
Sanggeus si Sujang dibaju terus arindit ka sawah lega, kabeneran di sawah
lega teh geus beres panen, jadi siga lapangan nu mayakpak ku pare urut
panen, meh satungtung deuleu, kacida resepna ngapungkeun langlayangan
didinya mah.
“Euleuh geus loba batur geuning Sujang..” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang
semu ngaharewos…”Hayu urang beulah ditu tuh nu aya saung…ambih
genah lalajona..” ceuk Nini Jumsih bari nungtun si Sujang mapay galengan
muru saung meh ditengah sawah.
Bari diuk sidengdang Nini Jumsih jeung si Sujang lalajo langlayangan, di
tegalan sawah lega geus loba barudak nu rek ngarucu ngala langlayangan
kapakan, langlayangan nu eleh diadu, barudak ting alabring bari mamawa
gantar nu tungtungna ditambahan ku rupa rupa cagak sangkan babari ngait
kana bola langlayangan.
Ti beh kidul kadenge nu eakeakan, sihoreng aya nu keur maen bal, ku
jarami nu di buleud buleud siga bal, enya pasosore teh di sawah lega mah
sok rame bae utamana sanggeus beres panen, barudak loba nu arulin.
Teu kanyahoan jol bereyek we barudak nu ting taranggah ngaliwat kana
saung nu dipake sidengdang ku Nini Jumsih jeung si Sujang, barudak ting
beretek, enya we aya langlayangan nu ngoleang ka palebah dinya, barudak
geus pada taki taki paluhur luhur gantar, kalan kalan dina beunangna
langlayangan teh lain alus mulus tapi kalahka soeh rikes da parebut.
“Sujang ari maneh hayang langlayangan..?” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang
nu keur olohok mata simeuteun ningali barudak saluhureun pahibut
parebut langlayangan, si Sujang neuteup ka ninina, teu ngomong sakemek
Puguh si Sujang teh dua poe nu kaliwat kungsi ceurik eueuriheun bari
jeung lolongseran da parebut langlayangan jeung lanceukna, ku lanceukna
langlayangan teh kalahka disumputkeun di para, ngumaha ka bapana teu
diwaro ngumaha ka indungna teu digugu majarkeun "“.Sujang maneh mah
leutik keneh...can bisa ngapungkeun langlayangan,.…kuriak we ti
kusruk…”
Si Sujang eureun ceurikna pedah dicombo ku Nini Jumsih diajak ka
tegalan ngala cecendet jeung ngukuy sirung hui., balik balik geus meh rek
magrib bari ranggem mamawa cecendet jeung anak hui dina leungeuna.

Leungeun Nini Jumsih ngusapan sirah si Sujang “ Heug lamun hayang


langlayangan mah engke ku nini dibere…”, awak si Sujang nyarande kana
awak Nini Jumsih, leungeunna tetep ngusapan sirah si Sujang, kadeudeuh
kanu jadi incu majarkeun sok leuwih tibatan kanu jadi anak.

Nini Jumsih jung nangtung, reketek mageuhan samping bari rada


disingsatkeun “…Sujang maneh mah cicing didieu,…dagoan nini nya…”,
Nini Jumsih tangtanggahan ningalian langlayangan nu ngoleang.
Ti kajauhan kaciri langlayangan ngoleang pegat talina, ngambul siga
kaluhur, terus nyoloyong ngadeukeutan saung, Nini Jumsih rikat lumpat,
kitu ge barudak nu sejena, papada lalumpatan moro ka palebah
langlayangan bari teu lesot mamawa gantar.
Nini Jumsih enyaan sisirintil ngudag ngudag langlayangan, lat bae poho
kana umur, kana awak nu geus meh bongkok, sigana geus teu era najan
samping disingsatkeun, ngudag langlayangan bari ngagorowok,
“…Mingkeun nu aing eta mah …keur incu deuleu…!!”, kituna bari jeung
dudupak ka barudak satepak, puguh we barudak dikitukeun mah rada
nyalingkir, rada hemar hemir nandingan nini nini.
Puguh we ningali kitu mah matak gimir, geura we nini nini awakna nu
geus meh bongkok, ari buuk camutmut bodas bari ririaban katebak angin,
panon muncereng, rurat reret ka barudak jeung melong kaluhur kana
langlayangan.
Nini Jumsih ngajleng ngarawel bola, teu beunang, langlayangan kalah
ngaleok ka palebah susukan, nu sejen nu lalajo jadi hookeun ningali
pamolah Nini Jumsih, tanagana lir nandingan budak ngora kitu deui ujlang
ajlengna geus puguh ari lumpat mah teu eleh ku budak nu sejen.
Barang sakali deui ngajleng ngarawel bola, sigana galengan sisi susukan
teu dipalire, ari gajleng bola karawel tapi Nini Jumsih ti kecebur kana
solokan, atuh puguh awakna rancucut baseuh kajero jerona, langlayangan
mah salamet tetep garing.
Sigana reuwas kareureuhnakeun, napas Nini Jumsih ngahegak, bari
ngorondang kaluar tina solokan..”…Sujang…Sujang ieu langlayangan
teh…”.

Si Sujang ngaberetek lumpat, muru ka ninina, Nini Jumsih ge hudang bari


gigibrig, baju baseuh teu ditolih “…Sujang hensok hiberkeun meungpeung
panon poe encan surup..!”
Si Sujang nurut ngapungkeun langlayangan, encan bisa ngapung luhur
keur mah ongkoh poe geus ngagayuh ka burit.
Tonggeret geus raeng disarada, angin tiis pagunungan geus mimiti karasa
“Sujang isuk deui we ngapungkeunana, ayeuna mah hayu urang balik, bisi
kaburu magrib..!” ceuk Nini Jumsih ka si Sujang, dina kongkolak panona
aya cai herang ngembeng nu teu weleh neuteup si Sujang nu keur kacida
atohna meunang langlayangan Si Sujang ngagolongan bola kana rokrak,
bari terus nuturkeun ninina balik ka imah.

Bada isya Nini Jumsih ngageroan Kang Sabri, bapana si Sujang,”…Sabri


cik kadieu ieu pangsimbutankeun Ema…ieu awak asa tariris kieu..”
Kang Sabri gura giru muru emana, asa reuwas pedah arang langka
rumahuh, ari ayeuna nepi ka ngageroan sagala, terus Kang Sabri ngarampa
tarang emana, enya we awakna nyebret panas,”…Ema geuning mani
nybret kieu…ke urang kompres ku cai gentong..”.
“Entong Sabri….ieu we pangnyimbutankeun…….”
Ti harita Nini Jumsih brek gering, teu kungsi lila nepi ka hanteuna. Nini
Jumsih mulih ka jati mulang ka asal, Kang Sabri inget keneh kana
omongan emana nu panungtungan “..Sabri kahade si Sujang sina bisaeun
ngapungkeun langlayangan..”.
Si Sujang angger sok ulin maen langlayangan, di buruan we, da teu
wanieun ulin ka sawah lega, euweuh nu nganteur.
“…Nini …ieu uing geus bisa ngapungkeun langlayangan..” si Sujang sok
ngagorowok bari lulumpatan mamawa langlayangan.

oOo

(Dimuat dina Majalah Basa Sunda Mangle No. 2212, 19-25 Maret 2009)

Anda mungkin juga menyukai