Anda di halaman 1dari 2

Dongeng Sunda

Sasakala Situ Sukarame

Di tutugan gunung salak aya situ nu kaciiida endahnya. Caina canembrang


herang, di pager leuweung damar, di tuturus kebon pinus. Belah kulon
mayakpak kebon ente’h satungtung deleu, belah kaler pasawahan ngiplik-
ngapalak paselang jeung pilemburan nu gugunclukan. Endah.

Geura urang haleuangkeun ku pupuh sinom “gunung salak ngabedega Gunung


wayang ngajungkiring Kebon ente’h nu mayakpak Tangkal pinus jujul langit
Gunung beser ngajegir, ngaleret ka belah kidul Tuh atra pilemburan Lembur
naon itu gening Lembur singkur nu endah Parakan salak....”

Ari parakan salak te’h hiji wewengkon nu aya di kabupaten sukabumi belah
kulon, nu tepung jeung kota bogor. Watesna nyaeta gunung salak.

Baheula urang walanda nyarebut na te’h “park under salk” nu hartina “taman
handapeun gunung salak” teulng pedah salah de’de’nge’an urang dinya jadi
nyebut parakan salak, tug nepi ka kiwari.

Tah ari situ sukarame mah lain situ alam tapi situ jieunan waktu walanda
ngawaksa eta lembur. Ari sukarame nyaeta ngaran lembur nu aya di ponclot
tonggoheun eta situ nu baheula mah gunung geledegan.

Nu mimiti ngababakan di eta patempatan teh nyaeta eyang sadarina paminpin


tantara mataram nu ngahaja nyumput, lantaran di udag musuh. Tiharita nu
asalna leuweung tiiseun teh jadi rame da eyang sadarina muka paguron
kadigjayaan, nepi ka ayeuna nelah weh kampung sukarame.

Nurutkeun carita sukarame teh tempat tepungna tujuh walungan, nyaeta


walungan cikahuripan, cisalada, citaman, cisarandi, clpangalah jeung ciselat
Tuan hola nu ngawasa waktu harita boga angkeuhan hayang ngabendung eta
walungan rek di jieun talaga paragi lalayaran. Manehna nyieun saemabara sing
saha jalma nu bisa ngabendung eta walungan baris dibere pangkat nu luhung.
Nu sanggup ngan saurang nyaeta ki ama mulas kokolot lembur nu luhung ku
elmu, jembar ku panalar. Ki ama mules gawe na teh tara ti beurang tapi ti
peuting lantaran sok dibantuan ku balad si luman.
Di jero mangkuk sabulan pagawean geus ampir rengse. Sakali mangsa ki ama
mulas ker di gawe logodor aya oray nu kacida gedena. ki ama mulas ngagebeg
bari gancang ngahembat keun bedogna clek eta oray di kadek eta oray jadi dua
paeh harita keneh.

Ti harita bendungan teh urug deui urug deui. Ki ama mulas bingung teu
manggih tungtung antukna manehna menta bantuan lanceukna “ mata
ogemulasua s0 ngarasag a ad jelema teh” ceuk lanceukna. “anjen per ah maehan
sato hente ? ki ama mules ngahuleung pok atuh nyarita “ rumasa kakang kuring
pernah nandasa oray hideung” “b y ga al etaoraynudpae ant radas U an ta
ayendd da nuntut spah da un Mun

pagawe nanjeun haya greng epe datangana nagara raja s a

Nya teu mikir panjang ki ama mulas langsung ketempat raja siluman oray.
Barang srog ka eta tempat.... gebek ki ama mules ngagebeg ningali buta hejo
awakna badag sagede gunung “rek naon anjeun ka tempat kami”, anjeun geus
nandasa raja kami hutang uyah bayar uyah, hutang pati bayar pati,”.”ke lanan
sakadang buta, tong waka luluasan kaula sanggup nedunan sakahayang
andika”.ceuk ki ama mules. “seg atuh ari kitu mah anjeun kudu daek jadi raja
kaula,......”"nya ges kitu mah ki ama mulas geuwat menta pi tuah ti eta buta
sangkan pagaweanna gancang rengse. Nya buta teh mere pituah mun bendungan
hayang beres kudu di parepehan ku orok bule nu kembar. Eta pituah di tepikeun
ku ama mules ka tuan hola, atuh tuan hola teh bingung, tapi teu kungsi lila tuan
hola marahmay bari pok nyarita " hait...tuan mulas e'e kamu punya perut ha e'e
itu sarat e'e soal gampang, asal kamu punya perut ndak selalu mules ha e'e
besok pagi ek sediakan ek kembar eker parepeh oke?!". Sing horeng tuan hola
boga dulur nu ngajuru kembar dempet. Sanggeus di parepehan, dadak sakala eta
tempat nu hieum cakueum jadi situ nu endah, caina mayakpak canembrang
herang. Kiwari situ sukarame jadi pajugjugan bararea keur nu pakanci .
sakapeung sok aya nu kawenehan ningali dua lauk badag aleutaleutan nu cenah
mah eta teh orok kembar nu dl parepehkeun tea nembongan.

Bener jeung henteuna wallohu a'lam. Sagitu dongeng ti sim kuring

Anda mungkin juga menyukai