Anda di halaman 1dari 3

Dongeng 1

TALAGAWARNA

Di lamping gunug megamendung, teu lebih ti jalan anu ti bogor ka sindanglaya, aya
disitu hiang, katelahna talagawarna. Sering pisan bangsa eropa mah ngahaja sarumping ka
dinya, ngaradon sukan-sukan bari ningali kaanehanana. Margi titingalian di sakurilingna eta
talaga teu kinten saena, kakayonma anu arageung ngararombyong ka sisi cai, pating
runggunuk sapertos kenging nghaja ngatur, kawuwuh hawana tiis, kawantos di luhur gunung.

Nanging ari bangsa urang mah teu warantuneun ngagadabah, malah awis aya anu
ngahaja ngadon macangkrama borak-borak( di sisi talagawarna mah, margi sieun ku
mamalana, pedah eta tempat dianggap sanget.

Ku sabrehan oge katingali geueumana, pantes seueur dedemitna. Caina ngagimbleng,


sakapeung hejo, sakapeung jingga sakapeung semu koneng atanapi kayas. Eta margina nu
mawi situ hiang disebat talagawarna, reh caina sok gentos-gentos warnana.

Numutkeun cariosan sepuh urang cianjur, nuwami rupi caina sok robah-robah kitu
the, aya sasakalana. Kieu dongengna;ramena, gegek jelemana tur balaleunghar deuih. Anu
jumeneng raja kawentar asih ka abdi abdi, kagurnita kaadilanana,puguh deui ari
kabeungharanana mah kakoncara ka mana mana.

Kacoriskeun kangjeng raja kagungan putra istri mung hiji-hijina pisan, geulis taya
tangdigna, salira jangjing lenggikrarayna ngadaum seureuh, keningna ngajeler paeh, waosna
gula gumuntung, panangan bentik ngagondewa.

Atuh ku ibu ku ramana sakalintang dipusti-pustina, dieugeuh didama dama, estu


saniskanten dipupujuhkeun, sakapalayna teu aya nu dipungpang’

Waktos sangputri parantos yuwsa opat welas taun, keur sumedeng rumaja putri,
nindak kana turun amis cau, teu aya deui damelna unggal dinten ngan mesek salira, di
karaton pipidangan gentos-gentos panganggo nu murub mubyar ditabur inten widuri.

Midang teu aya musimna. Ningkes panganggo ana weruteuhsing wengi, saniskanten
kedah ninggang bae, teu kersa nganggo nu lusuh. Upami sinjang songket. Atuh raksukanana
kedah suat emas pulas. Kayas, sumberna kedah berlian masung, pinggel belah rotan ditaretes
inten. Malah sabggul direka reka keinging nyusurup, parantos aya emban tukangna.
Ku ibu ku rama esu dianyekeun sakersana, kawantos ratu mukti salieuk beh, sayangi
geusan ngumbruk-ngumbruk putra, anu sakitu dianggo kameumeunta.

Binangkitna putri kana ningkes panganggo parantos teu aya tandangin. Jadi pamujian
saeusi nagri, ditiru ditarurutan ku istri-istri sadaya.

Ku margi ti mumurangkalih dibiasakeun ngaleeuseuhan wungkul tea, sareng


tingkesanana teu keinging pisan aya gesehna, lami lami putri sering pusing galih, reh bingung
kumaha nya pimodeleun, da anu parantos ay amah karaosna matak bosen, karaosna kieu teu
surup-kitu teu surup.

Damelna nangis ngurihit ka ibu ka rama, nyuhukeuninrten keur rarambu kekamben,


sareng mundut berlian keu tabor raksukan, mundut jambrut keur papaes pajeng, sareng
mundut deui rupi-rupi permata anggoeun ieu-anggoueun itu pangwuwuh anu parantos aya.

Awitna mah pamundutna ku ibu ku rama tara aya anu dipogogan, najan barang anu
langka, dibelaan ngadadak nimbalan mantra ponggawa ngilari ka unggal nagri atuh permata
oge dugi ka parantos sababraha peti geledeg, jabi sutra bangsa anggoan sipat nyamu.

Nanging lami ti lami, tina sanget kasengrem ku tingkesan anu marodal tea, pamunfut
putri seueur pisan murkana, dugi ka ku ibu ku rama kapaksa sok dipondah, lantaran kamanah,
yen mikahoyong anu sarupi kitu mah henteu matak jadi papaes kapantesa.

Atuh sang putri sering bendu, pundung ka sepuh tina raosna asa dipungpang
kahoyong, damelna kutuk gendeng, dugi ka wanton ngupat nyebatkeun medit, nyebat kumed,
majar teunyaah ka

Dina hiji dinten putri sumping dumeuheus ka payuneun ibu rama diiring ku emban-
emban, sakumaha biasa bade aya deui pamunduh, reh kaangsonan ku mojang eyis putri,
majar surup mawa sieup, upami tungtung rambut lambar digantelan ku mirah sareng widuri.

Ku kangjeng raja digumujengkeun, pamundut anu sakitu minculkana the, disebatkeun


murka kaleuwihan ,ditungtungan ku piwuruk, supados putra ulah katalanjuran teuing.

Nanging ujug-ujug jengket bae putri ti payuneun rama, nangis kanyenyerian bari teu
tata pasini deui, wur bae permata anu dicandak harita ku anjeunna dilawurkwun kana masta
ka ramana. Gejlig putri ka latar, jamotrot bendu ka sepuh bari ngagantawang kieu, “kop tah
cokot deui ari owel mah dipake ku……!”

Ajaib pisan teu acan tutup putri sasauranana, ujug-ujug buriol bae cai ngabulak-bulak
ti tengah latar tea. Leb karaton kakueum, musna rupa dadak sakla salin jilnis ngajadi talaga.

Numawi caina ayeuna sok gentos-gentos rupi the. Nyaeta dumeh kahibaran ku cahaya
belian sareng permata nu sanes. Anu layak didasarna, tilas ngawuran mastaka kanjeng raja,
ramana putri nu murka tea.
Nama; Novia Tri MayangSari

Kelas: XC

Anda mungkin juga menyukai