Anda di halaman 1dari 10

Rajah Carita Pantun Lutung Kasarung

Bul kukus mendung ka manggung,


ka manggung neda papayung,
Ka dewata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rek diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang.
Bisina nerus narutus,
Bisina narajang alas,
Palias nerus narutus,
Palias narajang alas,
Da puguh galur ing tutur,
Ngambat papatan carita.

Ti mendi pipasinieun,
Ti mana picaritaeun,
Ttep mah ti kahyangan,
Ditandean cupumanik,
Cupumanik astagina,
Diwadahan sarat tangan,
Dituruban ku mandepun,
Diteundeun di jalan gede,
dibuka ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu terang di jaksana,
ku nu rancage di hate,
dibuka pating haleuang
nu menta dilalakonkeun.

Cag :
Teundeun di handeuleum sieum,
Tunda di hanjuang siang,
Paranti nyokot ninggalkeun.

Mengawang dupa ke manggung,


Ke manggung minta pelindung,
Pada dewata minta suka,
Pada pohaci minta suci,
Aku kan belajar ngidung,
Menembang cerita pantun,
Mengugah cerita wayang,
Menamsilkan laku dahulu,
Mengusut perbuatan lama,
Tujuh lorong berjejer,
Kedelapan yang sedang ditempuh.

Kalau-kalau salah mengucapkan,


Kalau-kalau melanggar dasar,
Sebab jelas susunan laku,
Terbentang jalan cerita.

Dari mana asal perundingan?,


dari mana bakal cerita ?,
tetaplah dari kahyangan,
ditampung dengan cupumanik,
cupumanik astagina,
ditempatkan atas sarattangan,
ditutupi dengan mandepun,
disimpan di jalan raya,
dibuka oleh rang lalu,
oleh yang tahu wataknya,
oleh yang tahu timbangan,
oleh orang aktif kreatif,
waktu dibuka ramai bernyanyi,
yang minta dikisahkan.

Nah :
Simpan di handeuleum rimbun,
Simpan di hanjuang rindang,
Peranti menyimpan dan mengambilnya lagi.

Carita Pantun Lutung Kasarung

Kacaturkeun di Nagara Pasir Batang Anu Girang, rajana Prabu Ageung Tapa
praméswarina anu geulis Nitisuari. Kangjeng Raja kagungan putra tujuh, istri sadayana. Nya éta
Purbararang, Purbaéndah, Purbadéwata, Purbakancana, Purbamanik, Purbaleuwih, jeung
Purbasari. Kangjeng Raja aya niat badé lirén tina kalungguhanana, badé teras ngabagawan
nyirnakeun pikir. Lajeng badanten sareng praméswari, ngabadantenkeun pigentoseunana.
Duanana sapuk milih si bungsu Purbasari Ayu Wangi jadi ratu di Nagara Pasir Batang Anu
Girang. Putrana anu cikal, Purbararang, kacida ambekna pédah teu kapilih jadi ratu. Boga rasa
kalindih ku Purbasari. Purbasari dicarékan béak beresih, tuluy diboboréhan ku kéler nahun, awak
jeung beungeutna jadi lestreng. Teu cukup ku sakitu. Purbasari diusir ti karaton, disingkurkeun
ka Gunung Cupu. Dianteurkeun ku Paman Léngsér, sina cicing di saung butut sisi lamping.
Kacaritakeun di Kahiyangan, Guru Minda putra Sunda Ambu, ngimpi patepung jeung putri
geulis, rupana sasemu jeung Sunan Ambu. Jorojoy timbul rasa cintana ka éta putri. Waktu
riungan di paséban Kahiyangan, Guru Minda maling-maling neuteup Ibu, anu sasemu jeung putri
dina impianana téa. Kalakuan Guru Minda dianggap salah. Guru Minda dititah indit ti
Kahiyangan, sarta kudu ka Buana Pancatengah. Di dinya Guru Minda baris patepung jeung putri
anu sasemu jeung Sunan Ambu.

Guru Minda dibéré baju lutung, anu kudu dipaké di Buana Pancatengah. Ceuk Sunan
Ambu, éta téh mangrupa jalan sangkan bisa papanggih jeung putri téa. Guru Minda turun ti
Kahiyangan, nya anjog ka hiji leuweung geledegan anu aya di Buana Pancatengah. Rap baju
lutungna dipaké, jleg baé minda rupa jadi lutung. Lutung lain salutung-lutungna, tapi lutung anu
kasarung ku lampahna. Nya disebut baé Lutung Kasarung. Urang caturkeun deui di Nagara
Pasirbatang. Purbararang anu ayeuna geus jeneng ratu, gawéna ngan sukan-sukan jeung curak-
curak.

Hiji mangsa, Ratu hayang daging lutung. Tuluy ngajurungan Paman Léngsér, nitah Aki
Panyumpit ngala lutung. Henteu talangké, Paman Léngsér indit, ngajugjug ka imah Aki
Panyumpit nitah ngala lutung. Aki Panyumpit indit ka leuweung, mawa sumpit jeung paserna,
nyoréndang koja si déngdék poé. Nya manggihan lutung keur diuk campego dina dahan. Aki
Panyumpit bungahna kaliwat saking. Terus lutung disumpit, teu beunang. Disumpit deui
sababaraha kali, lutung bisa pisan nyingcetkeun paserna. Paser hiji gé taya nu ngagaris-garis
acan. Keur kitu, lutung téh ngomong, sangkan Aki Panyumpit ulah nyumpitan baé manéhna.
Sabab moal kabur, malah bakal nurut kana kahayang Aki Panyumpit.

Aki Panyumpit kagét kabina-bina, ngadéngé lutung bisa ngomong. Jrut lutung turun tina
tangkal, tuluy nyampeurkeun sarta milu ka Aki Panyumpit. Isukna lutung téh dibawa ka karaton,
dipasrahkeun ka Purbararang. Geus datang kana mangsana dipeuncit, lutung teuing ku giras,
hésé ditéwakna. Dikepung ku jalma pirang-pirang, kalah luluncatan ngaruksak paparabotan. Eusi
karaton burak-barik burakrakan. Lutung henteu jadi dipeuncitna. Ti dinya Purbararang nitah
Paman Léngsér, nganteurkeun lutung ka Gunung Cupu, keur pibatureun putri bungsu Purbasari.
Kocap lutung geus aya di Gunung Cupu, maturan Purbasari anu keur prihatin. Lutung
karunyaeun ningali kaayaan Purbasari. Awak hideung, papakéan rudin rudag-radig. Barangdahar
sakapanggihna, saréna dina palupuh sabébék. Tapi sorotna béda, aya semu Sunan Ambu. Reup
peuting, lutung mapatkeun sirep. Lenggut Purbasari katarajang tunduh, les baé kulem teuing ku
tibra. Lutung ngegédogkeun salira. Jleg baé ngajanggélék jadi Guru Minda. Biur ngapung, jog
anjog ka Kahiyangan. Wawartos ka Jeng Ibu Sunan Ambu, palay misalin Putri Purbasari.
Kapalayna ditedunan ku Sunan Ambu. Biur ngapung, jleg ka urut tadi, jadi deui lutung.
Isuk-isuk Purbasari ngulisik, tuluy hudang. Kagét liwat saking ningali kaayaan anu béda.
Saré dina katil emas, kasurna tujuh susun. Kamarna dipapaés emas berlian patinggurilap. Saung
butut robah jadi istana murub mubyar. Purbasari dititah mandi di tampian istana anyar. Gejebur
mandi, diruruan sakujur badan. Baranyay cahayaan, katémbong deui geulisna. Réngsé mandi,
papakéanana ogé diganti, ku baju beunang nyadiakeun parabujangga, anu ditunda dina kandaga
emas di balé kancana. Ibur salelembur, éar sajajagat, di lamping Gunung Cupu aya istana agréng,
cahayana ngempur munggah murub mubyar. Ahirna kaémpér-émpér ka karaton. Purbararang
datang bedangna, bijil sirikna. Nyieun tarékah pikeun nganyenyeri Purbasari. Purbasari dititah
ngabendung walungan, keur marak lebah Leuwi Baranangsiang. Éta bendungan kudu anggeus
sapeuting, lamun teu cumpon Purbasari baris ditugel jangga. Ngadéngé paréntah kitu, Purbasari
bati sedih. Datang peuting ngan ukur bisa gulang-guling. Lutung metakeun sirepna, Purbasari
saré tibra. Lutung mujasmédi neneda ka Sunan Ambu, ménta sangkan Leuwi Baranangsiang
dibendung. Isukna, isuk-isuk pisan sumebar béja, yén Leuwi Baranangsiang geus dibendung.
Aya anu nepikeun éta béja ka karaton.

Teu kungsi lila ti harita, Purbararang jeung adi-adina anu lima, arindit rék marak ka
Leuwi Baranangsiang. Diiring ku méh sakabéh pangeusi karaton. Ditéma ku pirang-pirang
rahayat, bari marawa pakakas pikeun marak. Ti harita Purbararang ngayakeun rupa-rupa tarékah
sangkan bisa nyingkahkeun Purbasari. Tuluy ngajak rupa-rupa saémbara, anu sakirana moal bisa
katedunan ku Purbasari. Purbasari diajak paalus-alus ngahuma, paalus-alus beubeunangan ninun,
pangeunah-ngeunah kaolahan. Nepi ka paalus-alus awak. Kabéh Purbasari anu unggul, lantaran
dibantuan ku Lutung Kasarung. Waktu saémbara pakasép-kasép kabogoh, Purbasari éléh. Rék
ditugel jangga pisan, Lutung Kasarung morosotkeun baju lutungna. Janggélék jadi satria anu
kasép hésé tandingna, sarta ngaku kabogoh Purbasari. Purbasari unggul. Minangka hadiahna,
Purbasari ngadeg raja, ari Purbararang kudu daék ditugel jangga. Purbararang ceurik bari
nyembah acong-congan. Dasar Purbasari gedé hampura welas asih, Purbararang dihampura, teu
tulus dihukum patina. Ayeuna anu ngaheuyeuk Pasirbatang geus merenah, kaprabon geus
kacangking ku nu boga hakna.

Carita pantun merupakan karya satra lisan asli sunda lama yang sangat bernilai tinggi
baik dari segi sastra maupun budaya. Dari segi sastra carita pantun termasuk kedalam karya
sastra berbentuk puisi yang sangat kuat dalam perbandingan perbandingan yang sangat plastis
dan tenaga pilihan kata-kata yang tepat baik dalam menggambarkan kecantikan seorang putri,
hutan lebat, putri menenun, kerajaan kertaraharja, watak pelaku utama, perang, berpengantin,
dan sebagainya. Umpamanya kecantikan jasmani dan rokhani tokoh Purbasari yang terdapat
dalam carita pantun Lurung kasarung digambarkan sebagai berikut :

Semu ratu sorot menak,


Bulu bitis muril-muril,
Tetenger jadian kuring,
Bulu punduk miuh-miuh,
Tetenger jadian tahun,
Sangauang dina tarang,
Tetenger jadian kuras,
Puter kurung dina irung,
tetenger terah wong agung,
tapak jalak dina letah,
tetenger bisa marentah,
taktak taraju jawaeun,
geulis ti nitis ngajadi,
jalma lenjang ti pangpangna,
geulis datang kanu lahir,
Terus ka langit pingpitu,
Paut ka congkar buana,
Komara mancur ka langit
“air muka ratu wibawa bangsawan,
Bulu betis galing bergulung,
Tanda kan banyak berhamba,
Bulu kuduk hitam galing,
Alamat kan panjang usia,
Sangauang pada kening,
Tanda besar rejeki,
Puter kurung pada hidung,
Tanda keturunan rang agung,
Tanda silang pada lidah,
Tanda pandai memerintah,
Bahu bak timbangan jawa,
Cantik dari sejak jadi,
Tubuh semampai dari mula,
Cantik sampai pada lahirnya,
Tembus ke langit ketujuh,
Tembus ke dasar jagat,
Sinar kecantikannya,
Menusuk langit ”

Hal lain yang diperhatikan dalam carita pantun adalah irama. Jumlah suku kata pada tiap
baris umumnya berjumlah delapan suku kata. Ketentutan ini bukanlah ketentuan yang mati
karena ada beberapa yang lebih dari delapan suku kata dan ini dilakukan untuk kepentingan
irama. Berikut ini salah satu contoh penggunaan irama dalam rajah carita pantun Lutung
Kasarung yang sangat terpelihara dalam setiap barisnya.

Bul kukus mendung ka manggung,


ka manggung neda papayung,
Ka dewata neda suka,
ka pohaci neda suci,
kuring rek diajar ngidung,
nya ngidung carita pantun,
ngahudang carita wayang,
nyilokakeun nyukcruk laku,
nyukcruk laku nu baheula,
lulurung tujuh ngabandung,
kadalapan keur disorang.
Bisina nerus narutus,
Bisina narajang alas,
Paliasnerusnarutus,
Palias narajang alas,
Da puguh galur ing tutur,
Ngambat papatan carita.

Ti mendi pipasinieun,
Ti mana picaritaeun,
Ttep mah ti kahyangan,
Ditandeancupumanik,
Cupumanik astagina,
Diwadahan sarat tangan,
Dituruban ku mandepun,
Diteundeun di jalan gede,
dibuka ku nu ngaliwat,
ku nu weruh di semuna,
ku nu terang di jaksana,
ku nu rancage di hate,
dibuka pating haleuang
nu menta dilalakonkeun.

Cag :
Teundeun di handeuleum sieum,
Tunda di hanjuang siang,
Paranti nyokot ninggalkeun.

Mengawang dupa ke manggung,


Ke manggung minta pelindung,
Pada dewata minta suka,
Pada pohaci minta suci,
Aku kan belajar ngidung,
Menembang cerita pantun,
Mengugah cerita wayang,
Menamsilkan laku dahulu,
Mengusut perbuatan lama,
Tujuh lorong berjejer,
Kedelapan yang sedang ditempuh.

Kalau-kalau salah mengucapkan,


Kalau-kalau melanggar dasar,
Sebab jelas susunan laku,
Terbentang jalan cerita.

Dari mana asal perundingan?,


dari mana bakal cerita ?,
tetaplah dari kahyangan,
ditampung dengan cupumanik,
cupumanik astagina,
ditempatkan atas sarattangan,
ditutupi dengan mandepun,
disimpan di jalan raya,
dibuka oleh rang lalu,
oleh yang tahu wataknya,
oleh yang tahu timbangan,
oleh orang aktif kreatif,
waktu dibuka ramai bernyanyi,
yang minta dikisahkan.

Nah :
Simpan di handeuleum rimbun,
Simpan di hanjuang rindang,
Peranti menyimpan dan mengambilnya lagi.
Rajah penutup

Pun sapun ka sang rumuhun (mohon maaf kepada semuanya)

pun sapun ka Mahaagung (mohon maaf kepada Yang Maha Kuasa)

paralun ka para karuhun (mohon maaf kepada leluhur)

nu bihari mangka widi (dalam keseharian mohon diijinkan)

ka bujangga hampurana (kepada guru mohon maaf)

bisi gantar kakaitan (kalau ada dendam)

bisi tali ruruhitan (jangan sampai sakit hati/kecewa)

nempuh rucuk nyorang cugak (menempuh berbagai halangan dan rintangan)

pangnyinglarkeun (hilangkan) pangmusnahkeun (musnahkan)

lastari anu dipambrih (keabadian yang diminta)

cag tepi ka dieu (sudah sampai disini)

Analisis nilai budaya dalam carita pantun Lutung Kasarung

Anda mungkin juga menyukai