Pandawa keur ngariung dahar. Heug teh damarna katebak angin nepika pareumna, nu dalahar
mah terus bae ngahuap.
Arjuna : ( dina jero hate ) “ cacakan poek, tapi ari dahar mah geuning henteu salah ngahuap.
Boa boa mentangkeun gondewa oge kitu. Rek caang, rek poek, ari bari dibarengan ku
rasa mah jamparing anu dipentangkeun teh moal nyalahan kana tujuanana.”
Nakula : “Teras rek nanaonan atuh? Nya jempling atuh da keur dahar”
Pandawa : (Seseurian)
Tina eta pangalaman, Arjuna beuki soson-soson bae diajar manah. Di nu poek, di nu caang,
jamparingna tara nyalahan.
Arjuna : “Nya enya atuh kudu hade, teu siga si Bima, teu bisaeun kitu”
Resi Dorna : “ kasep, mugi sing percaya ka Ama. Kabisa hidep dina mentangkeun gondewa teh
punjul ti batur. Moal aya saurang oge nu bisa mapakan. “
Arjuna : “ Sumuhun, sim kuring tiasa sapertos ayeuna kusabab ajaran anu tos Resi ajarkeun ka
sim kuring. “
Kocapkeun Maha Resi Dorna tuluy ngadeuheus ka Raja Astina, Prabu Destarata.
Resi Dorna : “Hapunten Raja, abdi tos ningali perkembangan Arjuna keur diajar,
jamparingna tara aya nu nyalahan “
Prabu Destarata : “Kaula nganuhunkeun pisan kana jasa Maha Resi nu geus ngatik ngadidik
anak –anak kaula, para satria Astinapura. Hanjakal kaula teu bisa nyaksian ku
panon sorangan, kumaha tapisna barudak. “
Resi Dorna : “ Muhun Raja, tos janten kawajiban kuring pikeun ngawuruk putra – putra
Raja.”
Resi Dorna manggil salarea Pandawa jeung Kurawa atawa para Satria Astinapura.
Cunduk kana waktuna, Pandawa jeung Kurawa para satria Astina asup kaAlun-Alun Karajaan
narumpak kuda. Pangagung karajaan tos linggih di tempat eta, nu tos lungguh ngareprok ayeuh.
Yudistira: “Tah, Jun, kudu hade siga keur diajar kamari nya!”
Arjuna: (Seuri)
Bagawan Dorna calik teu jauh ti papanggungan pangagung, rambutna ngeplak bodas
ngarumbay katebak angin.
Hiji hiji satria dipentes katiasaana, giliran Pangeran Durduyana anu dipintonkeun ngayunkeun
gada, ngalawan pangeran Bima. Der tanding pahareup hareup, tingbelentrang sora ti gada
jeung tameng waja.
Bagawan Dorna : “ Mugi kauninga, aya murid kaula nu pangpunjulna dina gondewa. Saha deui
lamun lain Arjuna, bebenteng Astinapura. Ku kaula ngahaja rek dipentes
katapasinana.”
Arjuna asup ka pakalangan bari umat imut. Budina teu weleh manis. Tuluy nataharkeun
gondewa jeung jamparingna. Geus kitu der mesatkeun jamparingna, bari nangtung, calik, deku
jamparing taya nu nyalahan.
Bagawan Dorna nyayagikeun babagongan tina perunggu keur sasaran jamparingna, ari belesat
sungut babagongan metet ku jamparing nu disakaliguskeun. Tuluy maha Resi Dorna miwarang
ngagantungkeun tanduk munding jeng diayunkeun, sangkan teu cicing. Ngan teu lila eta
tandung tos pinuh ku jamparing Arjuna, kirang langkung aya dua puluh hiji jamparing.
Ibu Kunti nu nyaksian teu kawawa merebey cisocana, kagagas ku ningali putrana nu sakitu
parigelna. Da puguh saha indung nu teu agul ku katiasa putrana.
Ibu Kunti : “Arjuna, ama bungah ningali putra panengah Pandawa tiasa sagagah eta dina
mentangkeun gondewa jeung melesatkeun jamparing. ”
Arjana : “ Muhun ama, hatur nuhun ama ngadukung jeung ngadoakeun sim kuring.”
Ibu Kunti : “ muhun, Juna. Saterasna kieu nya, ngabanggakeun ngaran kulawarga”
ANGGOTA KELOMPOK :
Cut Rafasya
Eliya Febriani
Fasya Nazihah
M. Fajar Januar
Tasha Mutiara
Tubagus Nur
XII MIPA 2