Prabu tapa ageung: “Abdi atos Sepuh waktos abi turun tahta. Abdi bade nunjuk anjeun,
Purbasari Salaku gaganti abdi”
Purbararang: “(Ambeuk) Bapak, naha lain abdi nu jadi gaganti bapak kan abdi budak
pang kolotna.”
Prabu tapa ageung: “Bapa milih Purbasari, kusabab Purbasari teh bangun Pisabareun,
Pibageureun, leuwih ti nu sején. kusabab kitu bapa leuwih Percaya ka Purbasari dina ngolah
ieu nagara. Pokona mah iu kaputusan geus mutlak jeung teu bisa dirobah deui.”
Purbararang: “(Amebeuk) Abi teu narima nya Purbasari pan didieu teh abdi nu
pangkolotna, nya Piraku weh maneh nu jadi ngolah nagara. Pokonamah teu bisa kitu.
Purbasari maneh indit!!”
Narator: kusabab Purbararang teu bisa narima. Purbasari Jadi gaganti pun bapak.
Parbarang aya niat ngadatangan dukun
Dukun: “Tangtos tiasa putri, tapi…. anjeun bade masih naon ka kuring?”
Purbararang: “Engke ku kuring maneh di bere emas, asal Purbasari jadi goreng”
(si dukun keur nyieun racikan keur nga jadikeun si Purbasari goreng)
Narator: Beres tiimah dukun, Purbararang sareng dukun datang ka tempat dimana
Purbasari sok aya didinya
Indrajaya: “Aduh Purbasari kunaon. Eh….aduhh. Asa aya nu aneh didieu nya”
Indrajaya: “Asa aya bau kieu, piraku teu ka ambeu ieu teh, bener teu pangawal”
Purbararang: “(Ngaharewos) etateh pagawean kuring, nitan dukun sangkan Purbasari jadi
kieu”
Indrajaya: “Euhh…hade-hade”
Narator: Gara-gara serbuk si dukun, awak Purbasari teh jadi loba bintik-bintik berem.
Kusabab Purbasari jadi loba bintik berem, Purbararang jadi boga alesan jang ngusir
Purbasari ti istana jeng nga gantikeun Purbasari jadi ratu”
Purbararang: “Pak. Piraku nu kitu Jadi ratu didieu, tingali nu kitumah, Purbasari maneh
indit tidieu!!”
Pangawal: “Tong hawatos putri sing sabar hate anjeun pimasalaheun ieu bakal rengse”
Narator: Jang ngahibur diri Purbasari Sok ulin jeung sasatoan nu aya di sakuliling pondok,
nepi ka hiji mangsa pas Purbasari keur herey jeung sasatoan, sapasang mata nempokeun
Purbasari keur herey jeung sasaroan tuluy, sapasang panon eta kaluar ti persembunyianna.
Rupana buntutna aya sarkor kera hideung nu disebut panjang atawa lutung.
Lutung kasarung: “Putri... tong sieun, nami abdi lutung kasarung, abdi ngan hoyong janten
babaturan Putri.”
Narator: Purbasari rewaseun kusabab aya lutung nu bisa ngomong. Ngarasa sanasip
maranehna Jadi babaturan. Purbasari nyebut Guruminda jadi lutung kasarung nu hartina
lutung kasasar. Lutung sok nga bantuan Purbasari mangnyokotkeun bubuahan. Nepika hiji
peuting, bulan purnama lutung kasarung katempo keur ngado'a. Pek teh lutung kasarung
keur menta ka maha kawasa jang bisa nyageurkeun panyakit Purbasari….Do'a na ka
kabulkeun taneuh nu di sakitar lutung ujug-ujug aya cai nu jernih, tiis jeung seungit nepika
ka tempat eta jadi Situ. Isukna pas panon poe bijil lutung ngajak Purbasari ka situ
Purbasari: “Hah…naha bet jadi aya situ?!”
Lutung kasarung: “sttt…tong seeur nyarios sok ayeuna putri tamas nganggo cai ieu ke
panyakit Putri tiasa leungit”
Narator: Janten Purbasari nurut ka omongan lutung." Bener we.... Lalaunan bintik berem nu
aya di awak Purbasari mulai ngalengit.
Purbasari: “Aduhh…gening awak abi janteun bersih deui, haturnuhun pisan Lutung, anjeun
meni bageur”
Purbararang: “(Rewas) naha gening maneh bisa jadi geulis deui Purbasari”
Purbararang: “Muhun, abdi eleh, tapi ayeuna, hayu urang nandingkeun tunangan urang, ieu
tunangan abdi!”
Narator: Pas keur nyeungseurikeun, Lutung kasarung nyuhunkeun pidu'a ka Gusti sangkan
awakna di balikkeun jadi manusa. Ajaib Lutung Kasarung balik deui jadi wujud manusa deui,
manehna katinggali jauh leuwih kasep jeung gagah di bandingkeun raden Indrajaya.
Lutung kasarung: “Sumuhun putri, saleresna abdi teh pangeran, tapi abdi tos disihir ku
dukun dugi ka janten Lutung. Ngan cinta sajati anu tiasa ngaleungitkeun kutukan”
Purbararang: “Muhun abdi ngaku eleh, abdi oge nyuhunkeun dihapunten bilih aya
kalepatan ka anjeun, Purbasari.”