Anda di halaman 1dari 3

Jajaten Arjuna

Pandawa keur ngariung dahar. Heug teh damarna katebak angin, nepi ka
pareumna. Atuh puguh bae kaayaan jadi poek meredong. Sabot damar tacan
dihurungkeun deui, nu dalahar mah terus bae ngahuap.
Arjuna :”Cacakan poek, tapi ari dahar mah henteu salah ngahuap geuningnya.”
Yudistira :”Boa-boa anjeun mentangkeun gondewa oge kitu. Rek caang, rek
poek ari bari dibarengan kurasamah jamparing anu dipentangkeun
teh moal nyalahan katujuanna.”
Sadewa :”Nya pan kang Ajuna teh pamanah anu paling handal di saalam dunya
ieu. Muhun teu kang Bima?”
Bima :”Nya mereun rayi Akang tea.”(bari nepak tonggong Arjuna)
Keur kitu, Nakula ngamimitian ngabanyol ngeleg rakana, Bima.
Nakula :”Kang Bima, sapertos raosnya katingalnakatuangan anu akang mah.
Hoyongnya. (Bari celeput ka kadaharan Bima)
Bima :”Ari maneh kumaha sih?! Apan sarua sadayana oge teu aya nu
beda.”(Nyapikeun leungeun Nakula).
Sadewa :”Hoyong ah nya Kang Bima anu gagah...!”
Bima :”Atuhda hoh seepkeun anu sewang-sewangan heula.”
Nakula&Sadewa :”Hatur Nuhun kang Bima.”(Bari nyokot dahareun Bima)
Bima :”Nakula, Sadewa kadieukeun katuangan Akang.”(ambek)
Yudistira :”Ntos ah ntos. Siga budak wae parebut katuangan, isin atuh ku ibu.”
Ibu Kunti :”Teu kenging pasea putra-putra ibu anu karasep tur garagah.”
Bima :”Nya pasti Bima nu paling kasepna nya bu.”
Nakula & Sadewa :”Huuh...rarasan hungkul.”
Tina eta pangalaman, Arjuna beuki soson-soson bae diajar manah. Dinu poek,
dinu caang, jamparingna tara nyalahan. Sakali mentang Gondew, tara hiji oge
jamparingna anu nyasab. Malah lila ti lila mah geus teu ngawagu deui dinu poek oge.
Eta kabeh katingali ku Resi Dorna, maha nu tara towong unggal poe ngawuruk
pandawa. Eta Begawan teh bungahna kacida ningali kumaha keyengna Arjuna diajar.
Resi Dorna :“Kasep, mugi sig percaya ka Ama, kabisa hidep dina mentangkeun
Gondewa teh puncul tibatur. Moal aya saurang oge anu mapakan.
Kocapkeun maha Resi Dorna tuluy ngadeuheus ka raja Astina, Prabu Destarata.
Maksudna unjukan hayang nembongkeun kabisa murid-muridna, nyatana Pandawa
jeung Kurawa di payuneun balarea, sarta hayang kauninga ku pangeusi karaton.
Resi Dorna :”Hormat kaula paduka raja.”
Raja Destarata :”Mugia, pangeran ngaberkatan ka anjen, aya perlu naon dugi ka maha
resi sumping kakaula?”
Resi Dorna :”Maksad unjukan abdi taya sanes hoyong nembongken kabisa murid-
murid kaula, para putra karajaan nyaeta pandawa sareng kurawa,
dipayuneun balarea, sarta kauninga ku sadaya pangeusi karaton.”
Raja Destarata :”Kaula nganuhunkeun pisan kana jasa maha resi nu geus ngadidik
anak-anak kaula para satria astinapura. Hanjakal kaula teu tiasa
nyaksian ku panon sorangan, kumaha tapisna barudak .”
Resi Dorna :”Sanaos kitu, anjeun moal hanjakal. Sabab kabisa Satria astinapura
langkung punjul tibatan sasaha moal aya saurang oge anu tiasa
mapakananan.”
Raja Destarata :”Kumargi kitu, kaula langkung percanten ka maha resi. Enggal
bewarakeun kasadaya pangeusi Astinapura yen enjing bade di
ayakeun panembongan kabisa para satria astinaoura di lapangan
karaton.”
Resi Dorna :”Mangga paduka.”
Cunduk kana waktosna, pandawa jeung kurawa, para satria astina, asup ka
alun-alun karajaan. Asup tarumpak kuda. Papakeanana hurung herang, bari mawa
pakarang andelanana sewang sewangan. Para pangagung karajaan oge tos lalinggih,
sarta ngaraos suka ka gagahan para satria. Nu lalajo mungguh ngaguruh kareprok
ayeuh-ayeuhan.
Teu jauh ti papanggunganana para pangagun, calik bagawan Dorn.
Raksukanana sing saruwa bodas. Sieup jeung dedeganana, matak ajrih nu nigali.
Rambutna geus ngeplak bodas, ngarumbay pating salewir, katebak ku angin leutik.
Janggot cumutmut lir kapuk.
Hiji-hiji satria dipentes katiasana. Giliran pangeran Duryudana layan jeung
pangeran Bima
(Adegan perang pangeran Duryudana jeung pangeran Bima bari rea kusorak anu lalajo)
Begawan Dorna teras sasauran agem pisan.
Resi Dorna :”Mugi kauninga, aya murid kaula anu pang punjulna dina
mentangkeun gondewa. Saha deui mun lain Arjuna, bebenteng
astnapura, ku kaula ngahaja ayeuna rek di pentaskeun katapisanana.”
(sorak para penonton )
Arjuna asup ka pakalangan bari umat-imut. Budina teu weleh manis. Tuluy
nataharkeun gondewa jeung jamparingna.geus kitu der mesat-mesatkeun jamparing.
“ Bari nangtung”
“Bari diuk”
“Atawa bari sideku”
Jamparingna taya anu nyalahan
“Kitu oge bari lumpat”
“Bari cicing”
“Bari noong”
“Bari meleng”
Matak helok anu ningali.
Begawan Dorna nganyagikeun babagogan dina perunggu. Keur araheun arjuna
ngajamparing ari belesat, sungut babagongan teh metet ku jamparing nu dilepas
disakalikeun. Ku tarik tarikna tanaga arjuna babagongan tina perunggu teu nepi ka
parat ku jamparing.
Resi Dorna :”Sok tah ku hidep babagongan dijamparingan.”
Tuluy maha resi Dorna miwarang nagantungkeun tanduk munding,
nudiayunkeun gugulawingan. Maksadna sangkan liang tanduk nu teu cicing teh, kudu
dipinuhan ku jamparing arjuna.
Resi Dorna :’Peek kuhidep jamparingan ieu tanduk nepi ka lobana.”
Aheng, teu lila tiharita liang tanduk geus metet ku jamparing arjuna.
Ibu Kunti nu nyaksian di papangungan, teu kawawa merebey cisocana.
Kagagasa kuningali ingkang putra nu sakitu parigelna. Teu ngabibisani da puguh saha
indung amu teu agul ku tkatiasa putra. Mungguh matak nalangsa.
Ibu kunti :”Kaula kacida bungahna ninggali Arjuna tiasa janten mamanus anu
hade.”

Anda mungkin juga menyukai