Anda di halaman 1dari 9

CARITA PANTUN

KOMPETENSI DASAR

3.6. Menganalisis isi, struktur, dan aspek kebahasaan petikan


carita Pantun.

4.6. Mengkreasikan carita Pantun secara lisan/tulisan ke dalam


bentuk lain (seperti drama, carita pondok, puisi) dengan
memperhatikan struktur dan kaidah kebahasaan

2. Mikawanoh Carita Pantun

A. Bacaan

Pek baca ieu sempalan carta Pantun !

BUJANG PANGALASAN

.........

Nagara kengkerek genteng sindulan

Di dasar laut

Lembu tutur panji Ageung

Tapi jelema

Beurat beunghar keur kasorang

Sugih mukti keur kapanggih

Ngan sadanget ayeuna

lembu tutur Panji Ageung

Teu daekeun sare

Teu daekeun gerah manahna


Marungkawut hate

Lembu tutur Panji Ageung

Lantaran teu boga balad baraya

Teu boga dulur burung-burung acan

Babasaanana,

“aing kumaha ieu

Sok leuheung lamun aing panjang umur

Ieu aya nu ngarawatan

Dunya barang baranahan

Sakieu poharana

Beungharna

Sapi munding

Kidang manjangan

Sato hewan

Gedong pon pilalagi

Sabaraha welas jajar

Sedeng ieu euweuh nu mulung

Teu boga dulur nu burung-burung acan”

nah saparantos urang

Kaluar ucapna kitu sorangan

Anjeunna jadi reup wengi


Sarengimpi lembu tutur Panji Ageung teh

Datang hiji jalmi,

Euh, maneh entong bingung

Ari teu boga dulur mah

Ngan supaya kudu getol

Daek nyambungan

Entong hayang dipulang

Tah janten dulur pupulungan didinya

Baraya angkat-angkatan

Pek lakonan

Laksanakeun

Kudu daek nyambungan

Getol

Ka nu hajat gede

Antara leutik

Tapi poma ulah hayang dipulang.”

Ras inget

Lembu tutur Panji Ageung

“aduh baruk nitah nyambungan

Cenah ieuh!

Sedeng di kaula
Boh sapi boh munding

Boh kidang manjangan aya

Loba

Embe-domba

Sumawonna lamun hayam

Nyambungan ku nu lalaki

Pijagoeun

Nu awewe pibikangeun

Ah, salah ieuh!

Jadi dinyanyaah ieu barang maneh

Ah, aing rek neangan we ayeuna mah.”

sadia Lembu Tutur Panji Ageung

Nyandak colongcongna dua

Colongcong beusi

Lain lalawora

Calongcong beusi disorendang

Dua

Apruk-aprukan

Di buana panca-tengah

Babasaanana

sarsilah haji batara


urang siloka caritakeun

eta Lembu Tutur Panji Ageung

anu mamawa calongcong beusi

“Tah, ieu bangun hajat iyeuh!

bangun kariaan

aya cenah ayeuna mah

rek nyambungan teh dewek!”

Diawaskeun

Didenge-denge

Didangdang-dengdek

“Di nagara mana ieuh?

Euh, nagara anyar!

Nagara Pulo Tamiang

Awas urang nagara Pulo Tamiang!

Kaula rek turun ka nagara Pulo Tamiang

Arek nyambungan

Boga hayam dua

Jago hiji

Bikang hiji.”

Barang datang cenah

Lembu Tutur Panji Ageung


Nyandak calongcong beusi

Ngadeyheus ka nu kasep

Bujang pangalasan

“piangapunten, rayi!

Kaula neda eureun sakeudeung

Sindang sabengbatan

Pepes kesang beuteung palay turut,”

“calik!”

“kaula teh rek nanyakeun

Ieu teh kariaan antara hajat?”

“Naha make naroskeun kariaan

Naha hajat?”

“Euh, kaula kieu

Lamun kariaan arek nyambungan!”

“ku naon nyambungan teh?”

“Boga hayam dua

Bikang hiji

Tuh dina calongcong beusi

Diburuan paseban

Sing jelepeng calongcongna

Tapi teu acan ditembongkeun teh


Hayamna

Kaula arek nyambungan teh

Entong hayang dipulang

Ku anjeun!

“Naon sababna?

Pan biasana ge ari nyambungan mah

Kudu dipulang

Boh gede

Boh leutik!”

“Enya, ari kaula mah

Entong dipulang!”

“Na kumaha pamandangan?

“Kieu!

Hayang boga dulur pupulungan

Baraya angkat-angkatan

Saderek engket-engketan

Ka cai jadi saleuwi

Ka darat jadi salebak

Palid silikojayan

Titeuleuman silihanjatkeun

Lamun paeh tea mah


Urang, silihuripan

“Hayang boga dulur pupulungan

Baraya angkat-angkatan

Euh, coba ngilikan hayamna?

Bangsa kumaha?”

Pada ngariung saderek-saderekna

Bujang pangalasan

Saninten Kancana

Aci palembang

Aya

Ngan Aalimar Kancana

Teu acan dongkap teh

Ti jungjang Malaka

Ka dieu

“Coba kaula nenjo jagona

Sagede kumaha

Beureum antara bodas?”

.......

(Dicutat tina transkripsi carita Bujang Pangalasan,


beunang Ajip Rosidi

(1974, K. 22-23, 80-82)).

Anda mungkin juga menyukai