Anda di halaman 1dari 3

Sasakala Guha Wulung

AsslamualaikumWarahmatullahiWabarakatuh
Sampurasun….!

Kumaha pala wargi daramang..?


Nuhun upami daramang mah.
Simkuring bade ngadonge’ng anu judulna Sasakala GUHA WULUNG.
Ieu dongẽng tẽh asalna ti Ema kuring, ari ema ti Nini, Nini ti Uyut, jeung saterusna.

Kieu geura dongẽngna tẽh.

Nagaratengah Dina mangsa Arya Panji Kusumah jadi Raja .


Kaayaan Nagara ẽstu ayem tengtrem subur makmur gemah ripah loh jinawi.

Ari karesepna kanjeng Raja te’h nya ẽta moro. Leuweung pamoroannana aya di bẽh kuloneun
puseur dayeuh karajaan, anu perenahna peuntaseun wahangan Cihapitan, nu katelah Wanalapa.
Ari nu jadi jagabaya ẽta leuweung nyaẽta Dalem Citatah.

Mangsa harita mah leuweung tẽh ẽstu masih kẽnẽh weuteuh. Kakayona pinuh ku tatangkalan nu
subur. Kitu deui sasatoan nu nyicingannana masih kẽnẽh pinuh ku kayaning pirang-pirang
manuk, sarupaning cangkurileung, toẽd, ciung, dudut, tikukur, titiran, bincarung, jeung sajabana.
Kitu deui sasatoan lianna kayaning, monyet, landak, peusing, uncal, katut mencek oge aya.

Hijimangsa, Kangjeng Arya Panji Kusumah nyaur Dalem Citatah salaku Jagabaya leuwueng tẽa.
“Kumaha Ki Jagabaya, kira-kira mun poẽ isuk urang moro, aya moal uncal tẽh”?
Aria Panji naros ka Jagabaya.
“Timalan Gusti Prabu, numutkeun iber ti Legig mah aya tapakna mah mani ledug”.
Ki Jagabaya ngawaler.
“Nya sok atuh urang tatahar ,poẽ isuk urang lumampah”!
Aria Panji Kusumah paparẽntah.

Isukna cunduk waktu moro ka leuweung Wanalapa tẽa. Disarengan ku putrana Radẽn Gẽdẽng
Nagara wadia, balad Panji Kusumah lumampah muru ka Wanalapa. Balad tukang moro
Nagaratengah nu pinilih, saged sapakarangna sẽwang-sẽwangan, kayaning, tumbak, sumpit, kuli
katut panah tos sayaga. Atuh sasadiaan tuangeun ogẽ kumplit, ti mimiti timbel sangu, pais
lubang, sambel, lalab pohpohan, daun reundeu, tos disiapkeun ti janari kẽnẽh ku ambu
jurumasakna. Kitu deui anjing piaraanna nu lalinghas tur seukeut susud kawantu asak latihan tẽa,
ragẽg ngiringkeun wadya balad kangjeng Raja.

Kacaturkeun aleutan wadia balad Arya Panji Kusumah, anjog ka papasir Kahuripan. Legig nu
ngasruk tiheula, nẽrẽkẽl naẽk kana tangkal heras, pikeun nyẽrangkeun mencek tawa uncal
boroeun. Katingal di pasir peuntaseun bẽh kulon perenahna papasir Wanalapa, aya sabubuhan
uncal keur nyatuan di tegalan lameta.

“Ucal…uncal….aya uncal Gusti Raja …..itu di Wanalapa”.


Ceuk juru telik tapak bari tuturubun turun.
“Nya hayu atuh urang tuluy lumampah, pegat ti bẽh kalẽr, kakidul sawarẽh giring ka sisi
Cihapitan kẽ amprok diditu ”.
Timbalan Ariya Panji Kusumah paparẽntah ka balad morona.

Kacaturkeun Ariya Panji Kusumah jeung baladna nu megat ti bẽh kaler.


Srog anjog ka Wanalapa, terus ngangseg muru tegalan lameta tempat uncal nyaratuan. Beretek
uncal-uncal lalumpatan ka bẽh kidul, kukira-kira mah muru ka papasir Kimaung. Para
Paninggaran wadya balad Ariya Panji terus ngangseg muru papasir Kimaung. Anjing –anjing
pangiringna cing aringus, bari ragẽg nyusud tapak uncal.
Ari balad moro anu lainna megat di Cihapitan, geus pada nyiapkeun pakarangna sẽwang-
sẽwangan, pikeun mapag uncal nu digiring ti bẽh kalẽr.
Nu mawa kuli jeung tumbak, aya nu bari pasang kuda-kuda, aya nu jẽjẽngkẽan waẽ bakating ku
hayang ẽcẽs ti mana holna aleutan uncal. Nu mawa panah, jamparingna geus dikaitkeun na tali
gondẽwa tinggal mentangkeun. Nu mawa sumpit sayaga kari niupkeun. Sawarẽhna aya nu bari
gegerenceman mapatkeun jangjawokan ti Aki tawa Uyut, pikeun meruhkeun sato leuweung.

Kacaturkeun balad morona Ariya Panji Kusumah nu ngagiring ti bẽh kalẽr, geus nepi ka papasir
Kimaung. Katangẽn kujuru telik tapak nu lumpat tiheula, uncal- uncal tẽh aya kana salikurna,
ting beretek muru mudun ka Wahangan Cihapitan.

“Kĕ…..kẽ……naha Uncal tẽh aya nu bẽda tinu sẽjẽn hiji. rupana hideung meles jaba mani
jangkung badag kitu”.
Juru telik tapak ngagereneng sorangan.
Terus manẽhna tuturubun muru ka balad Ariya Panji Kusumah, seja nepikeun pamanggihna.
Srog paamprok di lamping Kimaung.
“Aya uncal hideung……..Gusti Prabu …..aya uncal hideung”.
Pok na hariweusweus.
“Si Wulung,……enya …..pasti Si Wulung”.
Ariya Panji Kusumah ngagerendeng.
“Si Wulung? Saha Si Wulung tẽh Gusti?”
Salah saurang balad moro malik nanya ka Ariya Panji Kusumah.
“Si Wulung tẽh ngaran salah sahiji uncal nu aya di wewengkon ieu leuweung. Ari pangna dilandi
Si Wulung, pẽdah rupana hideung, bẽda ti uncal sẽjẽna”.
Aria Panji Kusumah ngajẽntrẽkeun ka balad morona.

Kacaturkeun balad uncal nu geus mẽh kakepung ku balad morona. Ti tonggoh ngangseg balad
Ariya Panji Kusumah. Kitu deui ti bẽh kidul wẽtan lebah sisi walungan Cihapitan geus
ngarẽngrẽng balad morona nu siap ku pakarang.

Reg balad uncal tẽh areureun di hiji tempat anu perenahna aya di kuloneun wahangan Cihapitan.
Uncal-uncal cing lalimung semu nu bingung, kawantu geus kakepung. Kaciri Si Wulung
ngurilingan uncal-uncal sẽjẽna jiga nu keur ngahalangan bancang pakẽwuh nu geusnampeu. Si
Wulung lir tamẽng tina rajapati nu ngancam maranẽhna.

Para balad Aria Panji Kusumah, nu tiwẽtan, kidul, kulon jeung kalẽr beuki ngangseg beuki
deukeut ka dungus tempat uncal tẽa.
“Kepung,………kepung,…….euy…….kepung…..”
“Ieu yeuh…..bẽh kulon”.
Para balad morona cinggorowok bari terus ngangseg ngepung uncal balad Si Wulung.
Srog balad morona anjog mẽh bareng ti ungal manahab ka tempat panyumputan Si Wulung
jeung balad-baladna. Anggangna ngan tujuh tumbak, Para balad morona ngalingkung ngepung
uncal-uncal balad Si Wulung.
Beretek Si Wulung lumpat dituturkeun ku uncal-uncal sẽjẽna muru rungkun nu remet ku tangkal
kaso, kirinyuh, eurih jeung kakayon sẽjẽna, seja nyalametkeun dirina. Les balad-balad Si
Wulung leungit kahalangan ku remetna kakayon. Para Paninggaran terus ngangseg bari
ngotẽktak nẽangan Si Wulung jeung baladna. Anjing –anjing ragẽg bari cingaringus nyusud
tapak uncal. Orokaya uncal-uncal tẽh lebeng teu kapanggih raratannana.

“Anẽh,………da ẽcẽs kabẽh dieu yeuh lalumpatana tẽh”.


Aria Panji Kusumah ngagerendeng.
Sabot keur kitu aya nu ngagorowok.

“Guha…..guha ….aya guha …..ieu yeuh bẽh dieu……”


Tuluy Aria Panji Kusumah jeung balad morona sẽjẽna muru sora nu ngagorowok tẽa.
Kasampak salah saurang balad morona keur nyuay-nyuaykeun jujukutan kutumbakna. Brẽh tẽh,
enya wẽ aya lawang guha.
“Ohhh….enya ka dinya nyumputna Si Wulung tẽh”.
Ceuk Aria Panji Kusumah sanggeus nengetan lawang guha.

“Pikeun cicirẽn ka anak incu saturunan urang jaga ieu guha urang ngaranan Guha Wulung.
Sabab di ieu guha Si Wulung ngaleungitna”.
Ceuk Aria Panji Kusumah.
“Nyaksẽni ……nyaksẽni…..”
Para balad morona raẽng mairan.
Kawantu poẽ geus nyedek kaburitnakeun, wadia balad Aria Panji Kusumah mulang muru
karaton Nagaratengah di Cireungit.

Guha Wulung perenahna di wewengkon Kampung Ciriri, Desa Cijulang, Kacamatan Cineam,
Kabupaten Tasikmalaya, atawa kuloneun Walungan Cihapitan nu aya di gegebengan Perkebunan
Karet Kahuripan.

Kairing ku robahna alam jeung zaman, kiwari ẽta guha geus teu aya tapak atawa cirina. Nu aya
ngan tinggal ngaran.GUHA WULUNG.

Anda mungkin juga menyukai