Anda di halaman 1dari 2

PARAFRASEU CIUNG WANARA

Yulia
XII-J

Di caritakeun dua patih sakembaran, patih purawesi, patih puragading, sejana ka pasamon,
mawa hayam hiji, peupeundak di alun alun jeung cing wanara. Teu lila di tanya ku ciung
wanara
“Dek kamana mang, beut ngalet duan?”
Patih ngajawab,. “Kan aing teh patih! Naha mnh wanian ngomong ka aing Mang”
Ki patih langsung ngajak ngadu, bari ngaluarkeun hayam tina kisa. Ku budak pek di lawanan,
lila kalilaan tuluy eleh hayam paatih teh.
Tuluy patih dua ngambek, rek ngarontok ciung wanara ngalengit, patih dua lengiteun.
Ceuk patih, “Duh rai, tiwas hayam paeh,budak lengit”
Ceuk raina, “keun bae, cek pirasat mah eta budak siluman”
Patih tuluy ka pasaben. Urang tunda carita patih anu dua. Urang balikan deui lengser.
Geus indit ti nini sugih, jalan ka alun alun; pateupang jeung ciung wanara. Di tanya, “ Rek
kamana ua?” “Rek ka paseban Asep, Milu ka ua?” lumpat ka paseben; murangkalih oge
lumpat nuturkeun ki lengser.
Barang datang kapasaben anu kosong, eweuh sasaha trus ku leser di tanya “ Aasep ten anu
timana?” “kuring ti pasundan wa, kuring nu ngaran na ciung wanara, putra nini
balangantrang, aki balangantrang” cek lengser “uluh shukur juragan, ku uwa ges kaharti”
cing wanara nanya “ieu wa, imah saha?” “ieu mah pasaben” tidinya terus ku ki lengser di
bawa ka pasamon. Teu kacatur di jalanna; kocapkeun geus datang ka hareupeun ratu galuh.
Trus di pariksa “maneh orang mana?” ciung wanara ngajawab, ”abi orang geger sunten”.
“saha ngaran anjen?” “abi ciung wanara” “rek naon ka die?” “rek ngadu hayam sahiji, tapi
ku lewih awon” “mana hayam na?” trus si hayam di sanggakeun. Ku ratu di ilikan, “ieu
hayam dimana asal na?” “muhun pariksa ku gusti, ari asal hayam iyeu teh turunan tina
sayang na, ngendog sataun hiji, sayang na kudu di tutupan” ceuk ratu “paingan hayam the
alus” “ehh lengser, sok inget ka embok naganingrum, bassana waktu ker babar dikaya-kaya,
ari ayeuna any di piceun ku urang, bet bisa dating ka harepeun ratu, aing teh kalangkung
sieun.” Ceuk lengser, “montong di anggo karisi, sababn teu boga indung, ayeuna mah, geura
aku weh ku gamparan”. Ceuk dewi pangrenyep, “mngke lengser, ku urang di pikir heula,
ayeuna mah mnh geura bral bae.” Gancang na lengser the tuluy nyampeurkeun cing
wanara. Ratu mariksa ciung wanara; mariksa pitumpeungeunana. Ari walonna, “abi
ngabantun tumpeng, ngan sineja abi rek numpangkeun umur bae.” Ceuk ratu, “ari teg amah
ka umur, pilawaneunana hayam maneh jeung hayam aing rengge, nyatuna sapoe
satangtung, wani atawa henetu, da hayam maneh mah letik tapi alus?” “manga asal peting
kuring seja ngringan” “hayu gera ka kalang, hayam maneh gera bawa ka kalang, di
bobotohan ku patih dua. “tidinya dia adu teu lila hayam ciung wanara ka desek, hayam teh
pek ka paehan. Gancang geuwat di sambat, dicandak ka sisi cibarani, katunjung cikarang
getas, kasorog ka ciparabon. Truy di banjur hayam na ciung wanara, dating ka eling na
pisan, dicandak deui ka eta kalang. Truy di abenkeun jeng hayam prabu ratu keur di adu
dating ngawiru ti gunung padang, nyurup ka hayam ciung wanara.
Saenggeus kasurupan naga, hayam macok dating kapaehan pisan hayam prabu ratu.
Geuwat prabu ngarontok bari sasauran. “ aduh asep putra ama, naha beut ka yungyun
teuing, bisa ngelehkeun hayam ama.” Ceuk ciung wanara, “aya berkah gusti.” Sanggeus kitu
trus ngumpulkeun para bupati. Saur ratu “patih jeung sakabeh mantri, ayeuna geura
saksian, urang arek ngawaris putra, nu kasep ciung wanara, sarawiuh Aria bangga. Ayeuna
asep geura tarimakeun, ngawaris duhung sapucuk jeung panday salawe domas, nagara
sabeulh kulon, anu eusina; patih lima, jaksa lima, mantri opat puluh, tukang bakul saratus
lima puluh, gagaman sabeulah nagara,. Ayeun geura rattuan. Aria bangga nagara sabeulah
wetan, eusina sarua bae, ayeuna geura ratuan” geus katampi ku putra nu dua, sakabeh geus
di jeunengkeun.
Saur ratu, “Ayeuna urang marulih, geus putus masamoan.”
Gancangna barudal tina tempat anu di jadikeun tempat ngadu hayam eta, masing-masing ka
imahna. Ratu galuh ayeuna jadi merdeka, sabab anu dimerdekakeunana ku putrana tea, nya
eta ciung wanara jeung aria bangga, anu asalna di nagara jadi ratu.

Anda mungkin juga menyukai