Anda di halaman 1dari 1

CIUNG WANARA

Di hiji wewengkon anu ayana di Palewengan aya hiji kulawarga anu ngarana Nini
Balangantrang jeung Aki Balangantrang, teu kabejakeun timana asal susulna. Nini
Balangantrang jeung Aki Balangantrang ngabogaan anak angkat anu ngarana Ciung
Wanara. Ciung Wanara ngabogaan hayam jago anu sakti mandraguna, eta hayam teh
kacida ogona kamana wae Ciung Wanara indit hayam eta sok dibabawa wae. Dina waktu
ciung wanara keur ulin bari mawa hayam, Ciung Wanara ngadenge beware yen di karajaan
Galuh ek diayakeun sayembara ngadu hayan nu diayakeun ku Ratu Galuh, Ciung Wanara
kataji ku eta sayembara.
Teu kacatur dijalana Ciung Wanara geus dating kapayuneun Ratu Galuh, lajeng
Ciung Wanara dipariksa ku Ratu Galuh, saurna ari maneh urang mana? abdi urang Geger
Sunten, saha nya ngaran? abdi teh Ciung Wanara kanjeng Ratu.
Rek naon seja datang kadieu? seja ngiring sayembara ngadu hayam, mana hayamna? ieu
nyanggakeun hayamna Gusti Ratu, ku Ratu tuluy diilikan hayam teh bari nanyakeun eta
hayam ti mana asalna? sumuhun pariksa gusti, ari asalna hayam abdi tina sayangna,
indungna bikang bapana jago ngendog sataun hiji, sayangna ku daun Kananga.
Ceuk Ratu : paingan hayam teh bet alus pisan Ciung Wanara, aya ku wani anjeun ek
ngajajal kana kasakten hayam kaula, mawa pitumpangeunnana? abdi teu ngabantun
tumpang, ngan seneja abdi rek numpangkeun umur bae.
Saur Ratu : hade ari tega mah kana umur, tega Gusti Ratu tembal Ciung Wanara sok ari
geus tega mah ti aing tumpangna nagara sabeulah. Sumangga Gusti Ratu ulah boh beurang
peuting oge seja ngiringan, tuluy wae hayam teh diadukeun mani ragot pisan, tungtungna
carita hayam kanjeng Ratu eleh nepi ka paehna, sakabeh nu nongton surak mani rame
pisan.
Ahirna Ciung Wanara meunang tarohan nyaeta nagara sabeulah, ti harita Ciung
Wanara jari Raja di Karajaan Galuh.

Anda mungkin juga menyukai