Anda di halaman 1dari 3

Si Kabayan Ngala Tutut

Nyi iteung : “Kabayan ulah he’es beurang teuing. Eweuh pisan gawena si akang mah, ngala-
ngala tutut atuh kaditu, jang dengen sangu.”

Si Kabayan : “Ka mana ngalana?”

Nyi iteung : “Ka ditu ka sawah, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.”

Leos, Si Kabayan leumpang ka sawah sarta neangan sawah anu tos meunang ngagaru. Di dinya
katembong tututna loba, lantaran caina herang, jadi katembong kabeh, tututna mah loba pating
goletak.

Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katembong kalangkang langit dina cai sawah. Manehna
ngarasa sieun ningali sawah sakitu jerona. Padahal mah sajeungkal-jeungkal acan ge heunte
jerona, siga jero soteh kalangkang langit.

Ceuk Kabayan dina jero pikirna, “Iteung-iteung, ieu sawah jerona mani kabina-bina. Kumaha
dialana eta tutut teh? Lamun nepi ka teu beunang, aing era teuing ku si iteung. Tapina eta tutut
teh sok dialaan ku jalma. Ah, dek dileugeutan bae ku aing.”

Geus kitu mah Si Kabayan leos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyere,
dijeujeuran ku awi panjang, sabab pikirna rek ti kajauhan bae ngala tututna moal deukeut-
deukeut sawah da sieun ti kecebur.

Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut meh sapoe jeput, tapi teu aya beubeunanga nana, ngan
ukur hiji dua bae. Kitu oge lain beunang ku leugeut, beunang soteh lantaran ku kabeneran bae.

Tutut keur calangap talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu
mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah eta leugeut teh teu daekeun napel,
komo deui tutut mah da aya leuleuran.

Di imah bari ngadagoan, nyi iteung geus ngala salam, sereh, jeung koneng, keur ngasakan tutut.
Lantaran si kabayan can balik keneh bae, tuluy disusul ku nyi iteung ka sawah. Kasampak Si
Kabayan keur ngaleugeutan tutut.

Nyi iteung : “Ih Kabayan-kabayan, naha ngala tutut mani kudu dileugeutan sagala?”

Si kabayan : “Kumaha atuda da sieun ti kecebur akang, deuleu tuh tingali ku maneh mani sakitu
jerona, nepi ka katembong langit.”

Nyi iteung bari keuheuleun, Si Kabayan teh langsung disuntrungkeun ka gebrus ancrub ka


sawah!

Si Kabayan ; “Heheh…ey, da deet geuningan.


Dongeng Sunda si Kabayan Ngala Nangka

Hiji mangsa si Kabayan di titah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh,
Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling wéh Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka.

Barang nepi ka kebon, Si Kabayan ulak-ilik kana tangkal nangka. Geus kitu, manggih nu geus
kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala, tapi barang rék dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga ieu mah mamawana” pikir Si Kabayan téh.

Tuluy nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan..

“Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang nepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, mana meunang teu ngala nangka téh?”

“Meunang atuh! Nya gedé nya kolot deui nangkana.” témbal Si Kabayan.

“Cik mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun da dititah balik ti heula?” ceuk Si
Kabayan téh.

“Ari manéh, bodo téh mani tengteuingan kacida! Moal enya nangka bisa balik sorangan!”
Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, geus kolot-kolot gé teu nyahoeun jalan balik” ceuk si Kabayan
téh bari ngaléos.
Dongeng si kabayan nyapih nu pasea

Di hiji lembur aya anu hajat. Sanggeus ondangan bubar, di tepas aya kénéh limaan anu keur
parasea. Maranehna parebut bakakak hayam. Nu limaan téh nyaéta lurah, pamajikanana, anakna
duaan jeung ketua kampung. Saréréa harayangeun meunang bagian panggedéna.

Keur parasea kitu, teu la si Kabayan ngaliwat..

Ceuk lurah : ” Tah, kabeneran aya si Kabayan. Ka dieu Kabayan! Cing pangbagikeun ieu
kalimaan. Sing adil nya !!!

Si Kabayan : ” Hadé ari percaya mah ka kuring. ” Cég wéh si bakakak téh dicekel..

Si Kabayan nyanghareup ka lurah bari pék ngomong: “Ieu huluna bagian Pa Lurah.. Kudu
ditarima, da Pa Lurah téh jadi kapala.

Ari ieu keur Ibu.. “Bari sok mikeun tunggir ka Nyi Lurah. “Ibu téh kudu nurut ka Bapa Lurah, nu
matak dibéré tunggir. Lantaran tunggir nu nuturkeun hulu.”

Cékér duanana bagian katua kampung, da cenah tukang angkag-ingkig dititahan ku lurah. Ari
jangjangna dibikeun ka anak lurah sabeulah sewang. Pajar téh ambéh lalampar ari geus galedé.
Nu nyesa tinggal awakna ngaguruntul.

Ceuk si Kabayan : ” Tah ayeuna tinggal awakna. Galatak-gulutuk teu walakaya. Teu bisa
ingkah teu bisa meta. Mun jelema mah, jelema bodo. Ari anu bodo téh nya kuring. Jadi ieu mah
bagian kuring anu bodo.”

Bari ngomong kitu leos waé si Kabayan indit bari mungkus awak hayam ku daun cau. Ceuk dina
haténa téh:

“Mun unggal poé aya nu parebut bakakak kieu, meureun aing seubeuh.” 

Nu limaan ukur bati olohok nénjo si Kabayan nu ngabéngbéos téh.

Anda mungkin juga menyukai