Anda di halaman 1dari 1

Si Kabayan Ngala Nangka

Dina hiji mangsa, Si Kabayan keur leleson barijeung ngalamun di harepeun rorompokanana,
saliwat oge mikiran roay, tutut sareng lauk anu diala kamari.

"Kabayan pang ngalakeun nangka. Pilihan anu kolot buahna," parentah mitohana ka Si
Kabayan.

Jung we Si Kabayan mangkat ka kebon. Saentos dugi ka kebon, Si Kabayan ningalian tangkal
nangka anu buahan. Ajeunna milarian buah nu geus kolot. Teu pati lami Kabayan ningali hiji
nangka nu kolot tur ageung. Teras we diala. Ku sabab eta nangka teh ageung, Kabayan teu
kuateun nangkatna.

"Ieu mah hese nyandakna moal kaduga abdi mah," Kabayan nyarios dina hatena.

"Kumaha cara nyandakna ieu teh" saurna deui.

Ku sabab kebon teu pati jauh sareng walungan, eta nangka dipalidkeun ku Si Kabayan.

"Jung balik ti payun, pan geus gede," parentah Kabayan ka nangka. Tuluy we Si Kabayan balik
ka imah.

Barang dugi ka imah, Si Kabayan ditaros ku mitohanana.

"Kenging teu nangka teh kabayan?" tanya mertuanya.

"Enya kenging atuh, nya ageung, kolot deui," saur Kabayan.

"Mana nangkana? Geuning anjeun datang lengoh," tumaros mitohana.

"Har naha teu acan dugi kitu? Padahal geus balik ti payun tadi," tembal Kabayan.

"Ari anjeun tong bobodoran, teu aya caritana nangka bisa balik sorangan," mitohana rada
bendu.

"Hah, nu bodo mah nangka atuh, geus kolot teu apal jalan balik," saur ceuk kabayan tuluy we
bari ngaleos.

Anda mungkin juga menyukai