Anda di halaman 1dari 2

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh, Sampurasun.

Nepangkeun wasta
simkuring …. Perwakilan ti SDN Harapan Mekar baris ngadongeng anu judulna “Si Kabayan
Ngalamun” kieu dongengnateh:

Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan sabab Si Kabayan sok ngalamun wae. Digawe
bari ngalamun, dahar bari ngalamun, mandi bari ngalamun, komo deui di pacilinganmah
mani beuki anteng ngalamunna teh.
Sakali mangsa Si Kabayan manggih endog meri, ngagoler dina jarami di sawah
mitohana. Si Kabayan atoheun pisan. Gancang endog meri teh dibawa ka imah deuk
ditembongkeun ka pamajikanna.
“Sukur atuh, kadieu urang kulub, keur Si Encid,” ceuk pamajikan Si Kabayan.
“ Montong!” tembal Si Kabayan. “Anggurmah rek dipegarkeun, dipilukeun kana
hayam bapa nu ayeuna keur nyileungleum,” tembal Si Kabayan. Tidinya endog teh
diteundeun hareupeunana bari ditaksir.
“Kumaha Akang we atuh, ngan ayeuna mihape budak, uing rek ngisikan heula,”
ceuk pamajikan Si Kabayan bari ngajingjing boboko rek ngisikan di pancuran.
Si Kabayan cingogo diharumun sarung bari nyanghareupan endog. Budakmah
diantep we sina kokorondangan dina palupuh, sedeng manehna anteng ngalamun deui. Kieu
ngalamunna teh.
”Endogteh pasti megar, heug bikang, engke pasti ngendog deui. Upamana wae
ngendogna sapuluh terus dipegarkeun deui, megar deui jadi boga sabelas merit ah, pek kabeh
ngendog deui, mun endogna sapuluh, jadi boga 110 endog, beuki lila meri teh beuki loba.
Endogna oge pasti beuki loba. Aing rek jadi bandar endog. Endog dijualan, aing jadi loba
duit. Duitna dibeulikeun kana domba bikang. Domba baranahan nepi ka aing loba domba.
Dombana dijual ka pasar, terus dibeulikeun munding sarakit, munding oge baranahan, aing
bakal loba munding. Adeuh…huhuy…munding aing mani rending di sawah.”
“Keur anteng kitu, geprek wae endog Si Kabayan teh dibaledog ku pamajikanana
tepi ka peupeus. Sihoreng endogteh kacingcalang.
“Kabayan, cing atuh kana ngalamunteh mani kamalinaan. Tuh tenjo Si Encid mani
buncunur sirahna tidagor kana tihang, da diantep wae.”
Si Kabayan kalahka molotot ka pamajikanana. “Kunaon munding aing diruksak ku
maneh? Rasakaeun ieu paneungggeul!” ceuk Si Kabayan bari ngamang ngamang sapu.
Pamajikan Si Kabayan sieuneun, tuluy lumpat ka imah kolotna bari ngais budak. Si
Kabayan ngudag bari angger ngamang ngamang sapu.
Mitihana norojol ti imah, tuluy nanya ka Si Kabayan, “Kunaon maneh teh Kabayan
kawas nu teu eling?”
“Bongan munding uing diruksak ku Si Iteyng.”
“Na timana maneh boga munding?”
“Pan tina ngajual lading endog asalnamah,” tembal Si Kabayan
“Bohong ketang, ngalamun wungkul, barinage endogna kacingcalang,” Si Iteung
nambalang.
“Euh kitu…,”ceuk mitoha Si Kabayan. “ Paingan atuh kebon aing ledug diranjah
munding, ari maneh boga mundingmah. Hayoh gentian! Mun teu digantian dilaporkeun ka
pulisi!”
“Ampun, Pa…!”ceuk Si Kabayan. “Abdimah teu gaduh bulu-buluna acan munding
teh, etamah lalamunan. Hayu Iteung uang balik!” Si Kabayan ngajak balik ka pamajikanana.
Mitohana gogodeg.
Isukna Si Kabayan dititah ngala kalapa ku mitohana. Tina sapuluh kalapa, Si
Kabayan bakal diburuhan kalapa sahulu. Si Kabayan atoheun pisan, terekel wae naek kana
tangkal kalapa rek ngala kalapa nu kolot.
Barang nepi ka luhur tuluy diuk sidengdang dina sela sela dahan kalapa. Teng wae
ngalamun.
“Buruh ngala kalapa rek dijual, ladangna dibeulikeun kana endog hayam, tuluy
dipegarkeun, pek diingu. Hayamna beuki loba, endogna ge rea deuih. Endog dijual ka pasar,
aing jadi Bandar endog. Tina lading endog aing rek meuli munding, eh ketang moal, moal
meuli munding bisi ngaruksak sawah mitoha. Ah rek meuli kuda wae, kudana kuda balap,
kuda Ustrali, nu jangkung tea, aing jokina, Plok plok… kudana dilumpatkeun.” Bari
ngalamun kitu teh reureundeukan dina palupuh kalapa.
“Kudateh beuki tarik lumpatna. Horseeehhhh…kotoplak….kotoplak….” Si Kabayan
beuki motah wae diukna dina palapah kalapa, nepi ka palapah teh pepelenoyan. Kulantaran
motah teuing, palapah teh potong. Si Kabayan ngoleang kabawa ku palapah kalapa, gebrus
wae ka balong. Untungna kalapa teh sisi balong. Si Kabayan pipina bared keuna ku rewang
awi. Sukuna tipalitek. Untung teu maot oge.
Ti harita Si Kabayan kapokkeun ngalamun dina tangkal kalapa.

Sakitu anu kapihatur, hapunten tina samudaya kalepatan. Wassalamualikum


Warohmatullohi Wabarokatuh.

Anda mungkin juga menyukai