Anda di halaman 1dari 3

DONGÉNG SUNDA

“ SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CABE ”

Dongéng yang Disusun Untuk Memenuhi Tugas Bahasa Sunda

Guru Pembimbing :

Frisca Casuariana, S.Hum.

Oleh :

1. Aprilia Ane Shapira (4)


2. Dian Novita (9)
3. Imel Amaliah (14)
4. Jasmine Puspa Saika (15)
5. Siti Saidah (30)
6. Zahwa Alika Wardana (35)
Kelas : X Kimia 3

SMK Negeri 1 Gunungputri


Jl. Barokah No.06 Desa Wanaherang Kecamatan
Gunungputri
2022
SAKADANG KUYA JEUNG SAKADANG MONYET NGALA CABE

Isuk-isuk sakadang kuya moyan di sisi leuwi. Keur kitu torojol sobatna nya eta
Sakadang Monyet.
“Sakadang Kuya!” Sakadang Monyet ngageroan. “Kuk!” Tembal Sakadang Kuya.
“Sakadang Kuya!” “Kuk!” Sakadang Monyet nyampeurkeun ka Sakadang Kuya.
“Keur naon Sakadang Kuya?” “Ah keur kieu we, keur moyan.” “Ti batan cicing kitu
mah mending ngala cabe, yu!” “Di mana?” “Di kebon Patani, mangka cabena geus
bareureum.”
“Embung, ah. Sakadang monyet mah sok gandeng.” “Moal, moal gandeng ayeuna
mah.” “Nyaan moal gandeng?” “Moal, nyaan moal gandeng.”
“Hayu atuh ari moal gandeng mah.” Bring atuh Sakadang Monyet jeung Sakadang
Kuya teh indit ka kebon patani. Barang tepi ka kebon, katembong cabe pelak patani
geus arasak mani bareureum euceuy. Sup duanana ka kebon.
Sakadang Kuya moncor kana pager, ari Sakadang Monyet ngaluncatan pager. Terus
bae ngaralaan cabe, didalahar di dinya keneh. Sakadang Kuya mani seuhah-seuhah
bae ladaeun. Kitu deui sakadang monyet. Keur kitu, ana gorowok teh Sakadang
Monyet ngagorowok. “Seuhah lata-lata!” Maksudna mah “seuhah lada-lada”.
“Ssst, Sakadang Monyet, ulah gandeng atuh!” Sakadang Monyet henteu ngawaro.
“Seuhah lata-lata!” “Sakadang Monyet! Bisi kadengeeun ku Bapa Tani.” Tapi
Sakadang Monyet api-api teu ngadenge. Gorowok deui bae. “Seuhah lata-lata!”
Kahariwang Sakadang Kuya kabuktian. Sora Sakadang Monyet anu tarik kadengeeun
ku Bapa Tani ti imahna, anu teu jauh ti kebonna. Bapa Tani gura-giru lumpat ka
kebon. Barang nepi ka kebon, katembong aya monyet jeung kuya keur ngaweswes
bari seuhah ngadaharan cabe.
“Beunang siah nu sok malingan cabe teh!” Bapa Tani ngagorowok bari lumpat muru
ka nu keur ngahakanan cabe. Ngadenge aya nu ngagebah, gajleng bae Sakadang
Monyet ngejat, terekel kana tangkal kai.
“Sakadang Monyet, dagoan!” Sakadang Kuya ngagorowok menta tulung. Tapi
Sakadang Monyet teu malire, teu ngalieuk-ngalieuk acan, terus lumpat gagalacangan
dina tangkal kai. Ari Sakadang Kuya, puguh da teu bisa lumpat, leumpang ngadedod
bae. Kerewek bae ditewak ku Bapa Tani.
“Beunang ayeuna mah nu sok malingan cabe aing teh. Ku aing dipeuncit!” Ceuk Bapa
Tani. Kuya dibawa ka imahna, tuluy dikurungan ku kurung hayam. Angkanan Pa
Tani, isukan kuya rek dipeuncit.
Peutingna, sakadang Monyet rerencepan ngadeukeutan Sakadang Kuya, nu keur
cendekul dina jero kurung. “Ssst, Sakadang Kuya, keur naon?” Sakadang Monyet
nanya.
“Eh, geuning Sakadang Monyet, Puguh kuring teh keur ngararasakeun kabungah.”
“Kabungah naon Sakadang Kuya?” “Nya eta, kuring teh rek dikawinkeun ka anak
Bapa Tani.” “Dikawinkeun ka anak Bapa Tani?” “Enya.” ”Nu bener Sakadang
Kuya?”
“Piraku atuh kuring ngabohong ka sobat.” “Ngadenge omongan Sakadang Kuya kitu,
Sakadang Monyet ngahuleng sajongjongan. “Kieu, Sakadang Kuya, kumaha lamun
urang tukeur tempat?” ceuk Sakadang Monyet. “Tukeur tempat kumaha?” “Enya
tukeur tempat.
Sakadang kuya kaluar, kajeun kuring atuh cicing di jero kurung.” “Ah, embung.”
“Kuring mah karunya we ka Sakadang Kuya, sapeupeuting dikurungan.” “Atuh
meureun moal jadi dikawinkeun ka anak Bapa Tani teh.”
Sakadang monyet keukeuh maksa, supaya tukeur tempat. Antukna sakadang kuya teh
eleh deet. “Heug bae tukeur tempat, tapi aya saratna,” ceuk Sakadang Kuya. “Naon
saratna?” “Saratna mah gampang. Samemeh anjeun asup kana kurung, kuring kudu di
alungkeun heula ka leuwi.”
“Enya, enteng atuh kitu mah.” Heunteu talangke, Sakadang Monyet ngaluarkeun
Sakadang Kuya tina kurung hayam, tuluy dibawa kasisi leuwi. Lung bae Sakadang
Kuya teh dialungkeun ka leuwi. Sakadang Monyet buru-buru balik deui ka imah Bapa
Tani.
Sup bae ngurungan maneh ku kurung hayam. Ngadedempes ngadago-dago beurang,
hayang geura buru-buru dikawinkeun ka anak Bapa Tani. Kocapkeun isukna.
“Manehna, ka mana bedog teh? Urang asah,” ceuk Bapa Tani ka pamajikanana.
“Rek naon Bapana isuk-isuk geus ngasah bedog?” “Itu urang meuncit kuya di pipir.”
Paguneman Bapa Tani jeung pamajikanana teh kadengeeun ku Sakadang Monyet.
Manehna ngagebeg. Lakadalah, geuning aing teh rek dipeuncit, lain rek dikawinkeun
jeung anak Bapa Tani. Rek kabur, geus kagok.
Kaburu aya anak Bapa Tani nyampeurkeun. Gancang bae atuh Sakadang Monyet teh
papaehan, ngabugigag kawas bangke. Barang srog ka dinya, anak Bapa Tani gegeroan
ka bapana. “Bapa! Bapa!” “Aya naon, Nyai?” “Ieu geuning nu dina kurung teh lain
kuya.” “Naon Nyai?”
“Monyet, jeung siga nu geus paeh deuih!” Bapa Tani nu keur ngasah bedog cengkat,
tuluy nyampeurkeun ka anakna. Enya bae geuning dina kurung teh aya monyet
ngabugigag, lain kuya nu kamari. Kurung dibukakeun, monyet dialak-ilik.
“Naha bet jadi monyet? Jeung paeh deuih.”
“Enya, eta mani geus jeger kitu,” ceuk pamajikanana mairan. Monyet teh dicokot ku
Bapa Tani, lung bae dialungkeun jauh pisan. Barang gubrag kana taneuh, korejat
monyet teh hudang, berebet lumpat, kalacat bae naek kana tangkal kai.
Rengse..

Anda mungkin juga menyukai