Nangka
Nyi Iteung, pamajikanana Kabayan teh nuju hamil ngora. Manehna teh
ngidam hoyong pisan Nangka, tapi si Kabayan nu dasarna kebluk, tara daek
ngala Nangka. Dina hiji isuk, Iteung nyamperkeun Kabayan nu keur
sasarean di bale hareupeun imah.
Kabayan : (Melek hiji soca, langsung sare deui) Haduh, Nyai, engke weh
nya, isukan. Akang teh tunduh keneh!
Kabayan : (Ngorok)
Iteung : Eta, Ma! Si Kabayan! Kuring teh ngidam, hoyong pisan Nangka,
tapina manehna tara daek pangalakeun!
Emak Kabayan : Geus tong ceurik atuh! Keun weh, Emak nu ngomong ka si
Kabayan!
Emak Kabayan : Maneh teh kumaha sih! Geus nyaho si Iteung keur hamil,
ngidam Nangka! Lain mah diturutkeun kahayangna! Malah gogoleran teu
puguh!
Kabayan : Haduh kumaha ieu! Nyi Ndit datang! Mana kacida galakna deui!
Nangka teh kabawa palid ku cai, teu lila, nu boga kebon datang.
Nyi Ndit : Heh! Sia keur naon di kebon aing! Maneh rek maling?
Nyi Ndit : Ah sia! Alesan wae! Ngaku weh ari rek nyopet mah!
Nyi Ndit : Alah, sia! Nyopet mamawa ngaran pamajikan! Hayu milu jeung
urang! Urang ka imah Pa RT!
Kabayan : Duh, nyai! Ulah atuh! Bener abdi teh teu nyopet! Sok mana
barang buktina!
Iteung : Heueuh nya, Kang! Eta Nangka teh geuning teu nyaho jalan balik!
Emak Kabayan : Hah, ngimpi naon, kuring teh boga anak belet kos sia!