Hiji mangsa, ti hiji kampung Bojong Leungit aya hiji kaluarga anu di antarana teteh dadang, Ema Entog,
jeung anakna Dadang.
( Di buruan .....)
Ti dinya dadang langsung indit ka imah si enok, maksadna mah dek mastikeun bener henteuna isu
perjodoan si enok.( Di buruan enok ....)
Wengina, tanpa kanyahoan ku sasaha, dadang mereskeun baju, maksadnamah bade kabur ka
jakarta tea. Si dadang langsung indit ka jakarta, ngan teu ijin heula ka ema jeng ka tetehna.
( Isuk-isik di dapur....)
Ema : daaang!
Teteh : (diuk di korsi) dut!
Ema : daaang!
Teteh : dut !
Ema : euh si teteh kabiasaan! Kamana nya si dadang teh ? naha, sare keneh kitu?
Teteh : duka, teteh mah teu apal. Cikan pariksa ka kamarna, bisi ngagoler keneh.
ema : (asup ka jero kamar) aduh teteh ... si dadang kamana? Naha teu aya di kamarna?
Teteh : kuanaon ma, kunaon?
Ema : ieu teh, si dadang eweuh!
Teteh : naha ? si dadang teh kamana? Cik teangan di kolong kasurna, bisi ngagulutuk!
Ema : (mariksa kolong) teu aya teh!
Teteh : (manggihan surat) ieu naon nya? (ngomong lalaunan). Ema, ari ieu naon?
Teteh : (maca surat dadang)
Asalamu’alaikum wr wb ...
Asalamu’alaikum wr wb ...
Ma, teh, hampura dadang nya? Dadang teh nekad ka Jakarta teu pamit heula ka teteh
sareng ema. Margi, upami dadang pamit ka ema, dadang moal diijinan ku ema, janten dadang teh kabur
wae. Dadang ka Jakarta teh demi neangan artos kanggo ngalamar si enok. Upami, ema sareng abah
kangen ka dadang mah, telepon dadang weh. Engke dadang ge pasti uih, antosan dadang weh nya ma?
Lop yu ema,... lop yu teteh....
wasalamu’alaikum wr.wb
Anakmu tersayang,
Dadang si kasep tea
Ema : eleuh..eleuh... teh si dadang teh meni nekad, ema jadi teu genah hate kieu.......... telepon atuh
teh, telepon si dadang.
Teteh : sabar ma, sabar ...(nelpon si dadang : tuuut ....tuuut...tuuut nomor yang anda tuju sedang tidak
aktif, cobalah beberapa saat lagi). Halo? Si dadang mana? Ieu saha ieu? Eh, dipareuman si ontohod teh!
Ema : kunaon teh?
Teteh : naon da ieu mah nu ngangkatna ge lain si dadang, kalahkah awewe nu ngangkat na oge.
Ema : hah? Wah teh bahaya, boa-boa si dadang teh diditu keur jeung awewe lain kitu teh?
Teteh : tapi da ma, awewena teh lainna ngomong halo, ieu mah kalahkah ngomong kieu “nomor yang
anda tuju sedang sibuk, cobalah beberapa saat lagi.” Tah kitu.
Ema : euleh si teteh, panya teh he’eh
Teteh : tuluy, ati tadi saha atuh nu ngomong ari lain awewe salingkuhan si dadang mah ?
Ema : eta nu ngomong mah operator teh!
Teteh : oh, operator panya teh saha. Eh, ai si operator teh sahana si dadang?
Ema : euleuh.... teteh meni gaptek ! kalakah cape ngomong jeung teteh mah.
Teteh : tah, eta si gaptek saha deui? Naa, babaturanna si operator kitu?
Ema : aduh si teteh mah lier, teuing ah teh ayeunamah nu penting si dadang kumaha?
Teteh : tanyakeun weh ka si operator, apanan si operator teh babaturanna si dadang nu anyar!
Ema : eh si teteh !!
Ema langsung ka bumina enok. Maksadnamah dek ngabejaan kaayaan si dadang.Di imah enok ...
Ema : enoook .... enooook....
Ma ijah : heh, aya naon ieu ribut-ribut? Ngaganggu pisan!
Ema : kieu, si dadang teh kabur !
Ma ijah : nya terus hubunganna jeung didieu naon ?
Ema : muhun, ieu teh bade ngabejaan si enok. (ngomong lalunan) euh, dibageur-bageur kalakah
sosorongot!
Enok : (jol ti jero imah) aya naon ma ?
Ma ijah : engges .... engges, si enok mah geus boga calon jadi eweuh urusan deui jeung si dadang!
Ema : nya puguh aya, yeuh dengekeun, si dadang teh kabur gara-gara saha?tuh gara-gara anak maneh
si enok!
Ma ijah : kunaon kitu jeung si enok ?
Ema : eh, si dadang teh kabur gara-gara anak maneh, eta si enok. Demi rek ngalamar si enok, si
dadang teh ngabela-belaan kabur ka jakarta keur gawe!
Ma ijah : nya eta mah salah si dadang bet kabur! Titah saha kabur sok? Barinage mun si dadang geus
gawe, angger weh moal satuju boga minantu kos si dadang! Teu lepel! Geus hayu nok asup deui
ka imah.
Dadang : (bari leumpang) euleuh-euleuh, ieu teh jakarta kitu? Imah-imahna alalus euy, beda pisan
geuning jeung imah di lembur mah. Euleuh, jakarta-jakarta, beuneur-beuneur gening ibu kota
teh, hebat euy?
Dadang : uluh.... meni raresep kieu euy di kta mah. Mun dadang geus beunghar mah dek pindah ka
kota. Harade kieu bangunanna.(nabrak awewe ngarana priciel)
Prieciel : aw!!
Dadang : (terpesona) wah....
Prieciel : (ngibaskeun buuk)
Dadang : witwiw .....
Prieciel : ih naon sih ?
Dadang : neng meuni ka geulis pisan!
Prieciel : nora pisan !
Dadang : euh si neng meuni ka sombong pisan.
Prieciel : masalah jang anjeun? (bari indit)
Dadang : euleuh ieu teh kudu kumaha deui dadang teh nyiar gawe? Meunika hese pisan geuning
neangan gawe di kota teh.
Prieciel : dya kumaha atuh abi keur butuh supur .abi cape kudu nyetir sorangan mah .
Claudya : halloo ieu kan zaman now. Tinggal nyieun brosur weh mun temple di jalan
Enok : (monolog) kang dadang .... kamana atuh kang dadang teh? Teu aya ngabaran pisan. Enok teh
kangeun ka akang, akang oge kangen teu ka enok? Inget teu ka enok? Boa-boa akang teh
pependang jeung istri nu lewih geulis ti enok. Euleuh..... enok teh jadi teu genah hate kieu.
Kudu kitu enok teh narima lamaran kang soleh? Tapi kang dadang?
Ma ijah : heh enok ! maneh keur naon didinya? Laina geura sare. Maneh teh pasti mikiran si dadang
nya? Euh jalma kitu wae dipikiran! Mending ge tah si soleh, keurmah beunghar, bageur
deuih.
Enok : euh... heunteu mah, enok teh teu mikiran si dadang, enok teh mikiran kang soleh iraha atu
ngalamar enok.
Ma ijah : enok teh teu salah? Enok teh dek nikah jeung si soleh? Euleuh-euleuh ema teh meuni bungaah
kieu.
Enok : muhun ma, enok ngalakukeun ieu teh demi ema, enok siap nikah jeung kang sokeh demi
ema.!
Ma ijah : tah kitu atuh nok. Eungke teh urang kan jadi beuki beunghar. Aduh ema teh teu sabar
ngabaran si soleh.
Geus sababaraha bulan si dadang di kota teu ngabaran ema jeung abah di kampung.
Ema : teh, geus sabaraha bulan ieu si dadang teh teu ngabaran pisan. Ema teh hariwang pisan.
Teteh : ah da si dadang teh geus gede. Engke oge balik deui kadieu.
Mangbulan- bulan si dadang di kota, akhirna dadang balik deui ka kampung, mawa duit keur
ngalamar si enok.
Tos lami di jalan, ahirna prieciel jeung claudya nepi oge di ima si dadang.
Prieciel : assalamuaaikum
Ema : wa’alaikumssalam neng, neng teh dari kota ?
Prieciel : iya ma, dadang nya aya?
Ema : aya tuh sedang ngangon munding di pengker di sawah
Prieciel : oh nya ma abi kaditu heula
Dadang nu ngadenge berita eta sedih. ( nyanyi “ nyeri nyeri nyeri teing moal benang di ubaran )
Dadang : (monolog) nahanya hirup dadang teh meuni kieu-kieu teuing. Naon salah dadang teh? Neng
enok nikah jeung si soleh. Neng prieciel? Dek kawin. Euleuh... beuner hirup teh peurih. Tapi
dadang teh ulah patah semangat, hirup mah kudu optimis. Dadang yakin pasti engke dadang
meunang nu lewih ti neng enok jeung prieciel. Amin...
TAMAT