Anda di halaman 1dari 5

Drama Sunda

OBOR PARAHYANGAN
Karya/Sutradara: Erwin Tejasomantri, S.Pd.

Dipintonkeun kanggo Ujian Praktek Seni Karawitan SMP Negeri 4 Ciamis.

Salah sahiji televisi swasta kasohor, nyaeta Jawara TV, nyiarkeun


rupa-rupa berita. Ieu beritana.

Adegan 1
Berita Banjir

Pembaca Berita 1 & 2


Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Pembaca Berita 1
Wilujeng siang pamiarsa, wilujeng patepang lawung paamprok jonghok dina bewara
basa sunda Jawara TV, dinten ayeuna, tangtosna sareng simkuring Neneng Jamilah.

Pembaca Berita 2
Sareng simkuring Dewi Shinta. Simkuring parantos nyiapkeun bewara-bewara akurat
jeung aktual pikeun urang sunda, sapertos perkawis banjir, demam berdarah, kriminal,
olah-raga, sareng bewara pilkada. Kanggo bubuka, pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 1
Pamiarsa, hujan gede dibarengan angin ribut jeung dor-dar gelap nu teu euereun
ngabalukarkeun banjir dimana-mana. Desa cimeong, kacamatan Rajasinga, kabupaten
Indraprahasta nu biasana tara banjir, ayeunamah kabanjiran. Akibat banjir ieu rebuan
warga Cimeong kapaksa ngungsi ka desa sejen nu sarua kabanjiran. Pamiarsa, urang
sambungkeun wae sareng Reporter urang, saderek Kinanti Asmarandhana, di lokasi
banjir Desa Cimeong.

Reporter 1
Pamiarsa, simkuring Kinanti Asmarandhana ayeuna nuju di Desa Cimeong, salah sahiji
lokasi nu kabanjiran. Biasana mah desa ieu teh tara kabanjiran. Ceuk katerangan
sababaraha warga, banjir ieu teh akibat rea tangkal nudituaran, pikeun dijieun suluh
akibat harga BBM anu marahal. Akibat banjir ieu rebuan warga kaleungitan sawah,
kebon, imah, harta banda sejena, jeung kapaksa ngarungsi ka desa tatangga nu sarua
kabanjiran oge.

Warga 1
Banjir..., banjir..., banjir…, banjir… (Lulumpatan bari nakolan kohkol).

Warga 2
Hayu euy…, urang ngarungsi, ngungsi…, ngungsi…! (Ngungsi bari mawa gembolan
nudibungkus ku sarung).

Warga 3
Burukeun atuh! Batur mah geus arindit, meni elat pisan. (Ngageroan pamajikanana bari
mawa koper).

1
Warga 4
Ke heula atuh, tungguan! Koper we dibabawa, ari pamajikan ditinggalkeun, bari jeung
eusina mah baju butut. (Nyusul salakina bari mawa guguling. Duanana silih tungtun)

Warga 5
(Ngungsi bari mawa hayam).

Warga 6
(Ngungsi bari mawa samak).

Reporter 1
Sakitu laporan simkuring, Kinanti Asmarandhana ti lokasi banjir desa Cimeong, hatur
nuhun.

Adegan 2
Berita Demam Berdarah

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara demam
berdarah. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Wabah demam berdarah beuki nyebar kamana-mana. Rumah sakit, puskesmas, jeung
klinik pengobatan ayeuna mah pinuh ku pasien demam berdarah. Rea pasien nu teu
kasalametkeun akibat teu buru-buru dipariksa ka rumah sakit.

Pembaca Berita 1
Salah sahiji rumah sakit, nyaeta Rumah Sakit Harapan Sehat kabanjiran pasien demam
berdarah. Ieu bewarana.

Reporter 2
Pamiarsa, simkuring Enok Camperenik nuju di Rumah Sakit Harapan Sehat. Salah
sahiji pasien demam berdarah, nyaeta Ujang Astrajingga nuju dipariksa ku dokter
Yudistira, dibantuan ku perawat, Juleha. Ujang geus opat poe ngaringkuk di rumah
sakit alatan demam berdarah. Samemeh ka rumah sakit Ujang ngarasa demam, lalinu,
murel, puyeng, jeung sajabana. Dina kulitna ngadadak kaluar bintik-bintik warna
beuruem. Untungna, ku kulawargana Ujang buru-buru dibawa ka rumah sakit.

Pasien
Kumaha, dokter, kuring bakal salamet? Ieu awak nyareri pisan. Teu kuat, asa
diseureud ku kamarang.

Dokter
Coba kaluarkeun letahna! Lumayan ayeuna mah, rada mendingan, teu siga kamari,
parah pisan. Untung dibawa kadieu. Lamun henteu, moal katulungan. (Dokter mariksa
letah pasien bari disenteran. Terus mariksa panon, ceuli, beuheung, jeung anggota
badan ne sejenna).

Perawat
(Nyatet hasil pamariksaan dokter).

Reporter 2
Sakitu laporan simkuring, Enok Camperenik ti Rumah Sakit Harapan Sehat, hatur
nuhun.

2
Adegan 3
Berita Kriminal

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara kriminal.
Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Bandar narkoba kelas kakap, nu sering kaluar-asup penjara, nyaeta Mat Codet, dicerek
ku polisi, tengah peuting poe kamari, di imah kontrakanana, Jl. Halimun No. 202 Astina.
Ieu bewarana.

Reporter 3
Pamiarsa, simkuring Ai Zaitun ayeuna aya di Tempat Kejadian Perkara, Jl. Halimun No.
202 Astina. Mat Codet teh salah saurang gembong narkoba nu geus lila diincer ku
aparat kepolisian. Mat Codet geus sering kaluar-asup penjara. Waktu rek ditewak ku
polisi, Mat Codet nyobaan kabur jeung ngalawan, kapaksa salah saurang polisi nembak
sukuna. Di tempat kejadian perkara, polisi manggihan ganja nu beuratna 5 kg.

Bandar Narkoba
(Lumpat, neang tempat panyumputan).

Polisi 1
Montong nyumput siah! Kapanggih ku kuring mah. (Ngundag bari ngacung-ngacung
pestol).

Polisi 2
Awas! Lamun kabur ditembak ku kami. Nyerah maneh! Hiji…, dua…, tilu…! (Polisi 2
nembak bitis Mat Codet. Mat Codet nambru, teu bisa kabur deui, gagauran nahan
kanyeuri. Pelor nepi kana tulangna).

Bandar Narkoba
Ampun pa polisi…, ampun…., kuring kapok, moal deu-deui… (Polisi 1 & 2 mawa Mat
Codet ka kantor polisi).

Reporter 3
Sakitu laporan simkuring, Ai Zaitun ti tempat kejadian perkara, hatur nuhun.

Adegan 4
Iklan

Model Iklan 1
(Leumpang, meni percaya diri, panggih jeung awewe).

Model Iklan 2
(Neutup lalaki meni anteb, kasima, ngambeuan parfum nu dipake lalaki, terus utah).

Model Iklan 1
(Nyemprotan sakabeh awakna ku parfum, terus leuleumpangan deui).

Model Iklan 2
(Panggih deui jeung lalaki eta, terus bobogohan).

3
Model iklan 3
Aduh ieu sirah meni nyanyautan kieu, teu kuat…, teu kuat nyeri…! Tah, untung aya
obat ieu, naon merekna nya? Euh…, Dagorin, obat neyeri sirah jeung nyeri huntu,
mujarab, langsung cageur. (Terus nginum obat Dagorin).

Adegan 5
Berita Olah Raga

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara olah raga.
Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Pertandingan tinju internasional kelas bulu antara petinju nagara Amarta, Bima
Puntadewa ngalawan petinju nagara Astina, Dursasana diayakeun di Sasana Maju
Mundur nagara Amarta. Ieu bewarana.

Reporter 4
Pamiarsa, simkuring Ken Dedes ayeuna aya di Sasana Tinju Maju Mundur nagara
Amarta, tempat pertandingan tinju internasional kelas bulu antara petinju nagara
Amarta, Bima Puntadewa ngalawan petinju nagara Astina, Dursasana. Dua petinju ieu
sarua jagona, sarua kuatna, sarua hebatna. Duanana pada-pada hayang jadi jawara
dunya. Dina ronde katilu ieu dua petinju teh garelut akibat emosi nu teu katahan. Wasit,
Sangkuni, teu bisa misahkeun duanana. Malahan katonjok ku petinju. Tungtungna
wasit dibawa ka rumah sakit. Sakitu laporan simkuring, Ken Dedes ti Sasana Maju
Mundur nagara Amarta, hatur nuhun.

Adegan 6
Berita Pilkada

Pembaca Berita 1
Hatur nuhun pamiarsa, masih dina Jawara TV, simkuring gagaduhan bewara pemilu
legislatif. Pamiarsa, ieu bewarana.

Pembaca Berita 2
Pemilihan Umum Legislatif, ayeuna masih dina tahap kampanye. Salah saurang caleg,
nyaeta Rahwana, ngayakeun kampanye di alun-alun kota Astina, nu dihadiran ku
rebuan warga jeung simpatisan. Ieu beritana

Reporter 5
Pamiarsa, simkuring Citraresmi ayeuna aya di alun-alun kota Astina, tempat
lumangsungnya Kampanye Pemilihan Umum Legislatif. Caleg Rahwana narik simpati
rebuan warga dina kampanye ieu. Rahwana anu didukung ku Partai Kurang Dahar
ngajangjikeun pendidikan gratis, rumah sakit gratis, jeung sagala rupa nu gratis.

Caleg
Para wargi sadayana, tong hilap, pilih simkuring, Rahwana, Coblos atawa contreng
nomer sapuluh. Lamun kuring kapilih, Insya Alloh, pendidikan gratis, rumah sakit gratis,
ojeg gratis, kawin gratis, bobogohan gratis, pokona mah sagala rupa gratis. Kade,
omat, tong hilap, pilih simkuring, Rahwana, coblos atawa contreng nomer…sapuluh.

Warga 1, 2, 3, 4, 5 & 6
Hidup Rahwana! Hidup Rahwana! Hidup Rahwana! (Keprok).

4
Caleg
Tah…ieu mah minangka uang kadeudeuh ti kami. Tong hilap nya, pilih Rahwana
(ngabagikeun amplop ka tiap warga, terus amplop diawurkeun, warga parebut amplop).

Reporter 5
Sakitu laporan simkuring, Citraresmi ti alun-alun kota Astina, hatur nuhun.

Adegan 7
Panutup

Pembaca Berita 1
Pamiarsa, sakitu bewara basa sunda anu kapihatur ti Jawara TV.

Pembaca Berita 2
Tepang deui enjing, dina program sareng jam anu sami ti Jawara TV. Wilujeng,

Pembaca 1 & 2
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

COPYRIGHT © 2009 ERWIN TJ


Telp. (0265) 790205 HP. 081322955900
www.erwintj.blogspot.com
www.erwintj.wordpress.com
E-mail: tejasomantri@yahoo.com

Anda mungkin juga menyukai