Anda di halaman 1dari 8

TEMBANG PANINEUNGAN

ADEGAN 1
DI PANGGUNG, DUA WANITA SEDANG DUDUK DI TERAS SAMBIL MEMEGANG BAMBU
RUNCING DIUJUNGNYA MASING MASING TERIKAT BENDERA MERAH PUTIH. SATU SAMA
LAIN BERJARAK. KEDUANYA TAMPAK SEDANG MELAMUN DAN BERSEDIH.

MUSIK BERGEMURUH DIIRINGI NYANYIAN.


PASUKAN TENTARA JEPANG MASUK.

Colenak beuleum peuyeum digulaan


awas bombatok (2x)
rebu rebu randa montok
leumpangna dicentok centok
sieun nincak tai kotok

NYANYIAN BERHENTI. PASUKAN TENTARA JEPANG MELAKUKAN PORMASI BARIS-BERBARIS.

TENTARA JEPANG 1:
Rahayu Asia Timur Raya

TENTARA JEPANG :
Rahayu Asia Timur Raya

TENTARA JEPANG 1 :
Nippon cahaya Asia.

TENTARA JEPANG:
Nippon cahaya Asia.

TENTARA JEPANG 1 :
Nippon panyalindungan Asia

TENTARA JEPANG :
Nippon panyalindungan Asia

TENTARA JEPANG 1 :
Nippon pamimpin Asia.

TENTARA JEPANG :
Nippon pamimpin Asia.

PASUKAN TENTARA JEPANG BERNYANYI

Colenak beuleum peuyeum digulaan


awas bombatok (2x)
rebu rebu randa montok

1 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT


leumpangna dicentok centok
sieun nincak tai kotok

ADEGAN 2
TERDENGAR MUSIK KECAPI/SITER.

WANITA 1 :
Cita-cita kuring hayang jadi pamaen tonil. Kuring resep jadi primadona panggung nu saban
rengse pintonan meunang pangbaja ku emprak nu rame pisan oge pinuh kasinugrahan tinu
lalajo alatan ngarasa reueus primadona nyurup jeung karakter tokoh nu diperankeun....Eta
cita-cita teh tumuwuh nalika kuring mindeng diajak lalajo tonil ku Hendrik sakulawarga...
Hendrik? Manehna anak menak nu nyakola.

WANITA 2 :
Mangsa rumaja, ceuk batur mah kuring teh geulis. Mangsa harita kuring loba dipigandrung
ku lalaki. Namung tinu sakitu lobana lalaki kasep ngadareukeutan, kuring teu kabengbat.
Malahan kuring kacantol ku lalaki nu ceuk batur mah goreng patut...Pas umur 17 taun
kuring kawin jeung manehna nu umurna geseh 2 taun leuwih kolot. Sanajan salaki kuring
teu sakasep jiga Sinyo Walanda, tapi kuring bogoh pisan ka manehna. Lantaran salaki kuring
jujur, teu loba ceta, jeung tangungjawab. Hirup teu diaya-aya, sederhana, tapi pinuh
kabagjaan.

WANITA 1 :
Enya, kuring bagja pisan. Cita-cita jadi pamaen tonil teh laksana. Eta oge alatan Hendrik
ngawanohkeun kuring ka urang Walanda. Kuring ditarima, harita umur kuring nincak 19
taun, tapi can boga papacangan. Hartina lain kuring teu laku, tapi para jajaka pribumi loba
nu teu wani lantaran kuring teu weleh diaping Hendrik nu nyakola. Hendrik nyantelkeun tali
kaasih dina hate kuring. Kuring reuwas, asa ngimpi. Kabungah jeung was-was gumulung dina
jero dada. Sabenerna kuring oge geus lila neundeun rasa ka Hendrik teh. Ik hou van jou,
Hendrik.

WANITA 2 :
Enya, kuring bogoh ka anjeun. Eta pisan kalimah salaki kuring nu matak nineung jeung tiis
pipikiran. Gerentes nu iklas kaluar tina hate nu paling jero, kalayan diharewoskeun kana
ceuli nalika dirina pamitan rek digawe... duh Kang Jajang.

WANITA 1 & 2 :
Bagja. Dunya teh asa nu duaan. Endah, endah pisan. Kawelas jeung ka asih ngawengku rasa
kuring jeung manehna. Duh, cinta. Saban amprok hate guligah punuh kabungah. Saban
amprok diri wegah papisah. Tapi naha?....naha?...naha?

MUSIK BERGEMURUH DIRINGI NYANYIAN

Colenak beuleum peuyeum digulaan


awas bom batok (2x)
rebu rebu randa montok

2 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT


leumpangna dicentok centok
sieun nincak tai kotok

PASUKAN TENTARA JEPANG MELINTAS.


DARI SUDUT LAIN LIMA ORANG TENTARA JEPANG MENARIK PAKSA DUA WANITA MUDA.
NAMUN DUA WANITA MUDA ITU MERONTA-RONTA, MENOLAK DIBAWA PAKSA SAMBIL
BERTERIAK MINTA TOLONG. LIMA ORANG TENTARA JEPANG MENGIKAT KEDUA WANITA
MUDA ITU PADA TIANG BAMBU.

SETELAH MENGIKAT DUA WANITA, PASUKAN TENTARA JEPANG MEMBENTUK BARISAN.


MEREKA BERNYANYI.

Colenak beuleum peuyeum digulaan


awas bom batok (2x)
rebu rebu randa montok
leumpangna dicentok centok
sieun nincak tai kotok

PASUKAN TENTARA JEPANG PERGI.

ADEGAN 3
MUSIK KACAPI/SITER.

WANITA 1 :
Pas umur 19 taun kuring diculik tentara Jepang. Harita teh kuring keur geugeut-geugeutna
nemprakan ka asih jeung lalaki nu dipikacinta. Hir teu walahir, tentara Jepang ujug-ujug
nyerek kuring duaan. Hendrik ditalian dina tangkal kai, kuring dibawa kana mobil jeung
dikurung di barak tentara nu geus direbut ku tentara Jepang.

WANITA 2 :
Enya. Kuring dirampas tina rangkulan salaki. Tapi salaki kuring teu cicingeun, manehna
ngarebut kuring nu geus aya dina leungeun tentara Jepang. Lantaran maranehna lobaan,
saliki kuring teu walakaya. Malahan nalika ngarebut deui, sirah salaki kuring ditarok ku bedil.
Gubrag salaki kuring kapiuhan. Kang Jajang!

WANITA 1 :
Hendrik!

ADEGAN 4
MUSIK BERGEMURUH DIRINGI NYANYIAN

Colenak beuleum peuyeum digulaan


awas bom batok (2x)
rebu rebu randa montok
leumpangna dicentok centok
sieun nincak tai kotok

3 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT


PASUKAN TENTARA JEPANG MASUK DAN BERBARIS DISAMPING KIRI DUA WANITA MUDA
YANG DI IKAT DITIANG BAMBU. KEMUDIAN DUA ORANG TENTARA JEPANG DARI SEBELAH
KANAN MEMBAWA MASUK HENDRIK DAN JAJANG DENGAN PAKSA YANG SUDAH DIIKAT
TUBUHNYA.
HENDRIK DAN JAJANG DI PAKSA BERDIRI. KEMUDIAN KEDUANYA BERDIRI, TAMPAK LUSUH,
LELAH DAN KESAKITAN.

WANITA MUDA 1:
Hendrik?

WANITA MUDA 2 :
Kang Jajang?

HENDRIK DAN JAJANG TERHUYUNG-HUYUNG MENDEKATI WANITA YANG MEMANGGILNYA.


KEDUANYA KELELAHAN DAN TERJATUH DIHADAPAN KEDUA WANITA ITU. AIR MATA PUN
MENGALIR DI KEDUA PIPI WANITA MUDA ITU.

WANITA MUDA 1 & 2:


Naha nasib urang teh bet kieu?

HENDRIK & JAJANG :


Hampura geulis. Akang teu bisa nyalindungan anjeun. Sing sabar. Kacinta akang moal luntur
ka hujanan, moal endag ka anginan. Jaga diri anjeun.

WANITA MUDA 1 & 2 :


Sami-sami. Mugia urang bisa salawasna ditepangkeun.

HENDRIK :
Ik hou van jou.

JAJANG :
Kuring bogoh ka anjeun.

TENTARA JEPANG 1:
(DIBARENGAN MUSIK NGAGURUH) Rahayu Asia Timur Raya

TENTARA JEPANG :
Rahayu Asia Timur Raya

TENTARA JEPANG 1 :
Nippon cahaya Asia.

TENTARA JEPANG :
Nippon cahaya Asia.

TENTARA JEPANG 1 :
Nippon panyalindungan Asia

4 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT


TENTARA JEPANG :
Nippon panyalindungan Asia

TENTARA JEPANG 1 :
Nippon pamimpin Asia.

TENTARA JEPANG :
Nippon pamimpin Asia.

TENTARA JEPANG 1 :
Lamun silaing harayang salamet, turutan omongan aing. Silaing harayang hirup keneh?

HENDRIK, JAJANG DAN KETIGA WANITA MUDA SERETAK MENJAWAB:


Silaing harayang hirup keneh?

TENTARA JEPANG 1 :
Lain kitu, belegug! Naha jadi malik nanya ka aing. Tapi jawab ku silaing, Dasar belegug!...
Sakali deui? Silaing harayang hirup keneh?

HENDIK, JAJANG, & KETIGA WANITA:


Kuring hayang hirup.

TENTARA JEPANG 1 :
Ayeuna, turutan aing. Salah deui, dibajeng siah ku aing. Waluya Kaisar Jepang!

SEMUA MENGIKUTI KECUALI HENDRIK:


Waluya Kaisar Jepang!

TENTARA JEPANG 1 :
Kuring siap babakti diri ka kaisar Jepang!

SEMUA MENGIKUTI KECUALI HENDRIK :


Kuring siap babakti diri ka kaisar Jepang!

TENTARA JEPANG 1 :
Hirup oge paeh kuring diancokeun pikeun kajayaan Jepang jeung Kaisar!

SEMUA MENGIKUTI KECUALI HENDRIK :


Hirup oge paeh kuring diancokeun pikeun kajayaan Jepang jeung Kaisar!

TENTARA JEPANG 1 :
Hey, bangsat. Naha cicing wae, sia?

HENDRIK :
Kuring moa hianat kana sumpah kuring. Jangji satuhu babakti diri ka Republik.

5 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT


TENTARA JEPANG 1 :
Dasar tolol! Belegug, siah! Maneh pasti mata mata. Pasukan, tenggelan!

WANITA MUDA 1 :
Ulah! Tuan-tuan ulah nyiksa anjeuna. Hukum weh kuring sakahayang aranjeun, mun bisa
mah lepaskeun eta lalaki teh.

TENTARA JEPANG 1 :
Euleuh-euleuh, aya awewe wanian. Sumangga geulis, kuring baris ngaleupaskeun eta lalaki,
tapi anjeun moal dileupaskeun. Pasukan! Asupkeun eta dua lalaki kana karanjang!

TENTARA JEPANG :
Haik!

HENDRIK DAN JAJANG DISERET DISERET KE LUAR SEBELAH KANAN.

PASUKAN TENTARA JEPANG MELEPASKAN SEMUA TALI IKATAN WANITA MUDA ITU.
KEMUDIAN DUA WANITA MUDA ITU DIGENDONG DAN DIBAWA KELUAR.

ADEGAN 5
MUSIK KECAPI/SITER TERDENGAN CUKUP MEMILUKAN.

WANITA 1 :
(SEDIH) Tentara Jepang bener-bener biadab. Kuring diperkosa bagiliran. Salila tilu taun
leuwih, kuring dipaksa ngalayanan nafsu bejadna. Lamun kuring ngalawan, cabokan jeung
tajongan ngalayang kana awak kuring. Cocoba hirup teh meni kieu-kieu teuing Gusti.

WANITA 2 :
(SEDIH) Dina waktu sapeuting kuring tinande ngalayanan lalaki bejad ahlakna paling saeutik
6 urang. Diantarana aya nu ngajak ka kamar pribadi manehna. Tapi aya oge nu teu gableg
cedo merkosa kuring dihareupeun babaturanna di kasur barak. Sumpah! Kuring teu bohong.
Kuring dianggap kuda.

WANITA 1 :
(SEDIH) Dina kaayaan leuleus alatan kurang dahar jeung gizi, kuring dipaksa ngalayanan 5
nepi 20 urang tentara Jepang dana wanci sapoe. Siga nu barang gawe, kuring ngalayanan
kabutuhan seks tentara Jepang ti jam 8 isuk-isuk nepi ka jam 4 sore.

WANITA 2 :
Kuring di kerem teu menang ka luar ti imah. Imah husus keur ngalapiakeun nafsu birahi. Eta
patempatan teh buka tepi ka tengah peuting.... Sangkan kuring tetep beresih jeung sehat
nalika ngalayanan tamu, kuring dibere obat paragi meresihan larangan, ti dokter husus.

WANITA 1 :
Enya pisan. Kuring hamil, hasil pamariksaan dokter kuring ngandeg geus nincak ka 4 bulan.
Tentara-tentara Jepang maksa dokter sangkan ngagugurkeun kandungan. Nyeri, nyeri pisan
nalika orok opat bulan dipaksa kaluar tina kandungan...

6 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT


WANITA 2 :
Kuring teu bisa mungpang kana kanyataan. Kuring teu bisa kabur, lantaran imah dijaga ku
pulisi Jepang. Ahirna kuring narima kanu geus digariskeun, jeung namprak ngadu’a, mugia
pitulung Gusti gancang datang.

WANITA 1 :
Nucak dua taun, indung kuring karek nyaho yen anakna dijadikeun pagawe seks. Nu jadi
indung ngan ukur bisa ceurik, malahan ceuk beja mah kagegeringan alatan inget wae ka
kuring nu ngancrek di imah panampungan.

WANITA 2 :
Nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Gusti ngobul du’a kuring. Di luar
kacaritakeun tentara sekutu ngabom atom Nagasaki jeung hiroshima. Jepang eleh perang
jeung taluk ka sekutu. Senjata tentara-tentara Jepang dirampas. Maranehna diusir ti lemah
cai kuring.

WANITA 1 :
Bebas! Bebas! Bebas! Kuring bebas tina panyerek nafsu bejad tentara-tentara Jepang. Tong
aya deui wanojo nu sanasib siga kuring.

WANITA 1 & 2 :
Bebas! Tong aya deui wanojo nu sanasib siga kuring! Tong aya deui wanojo nu sanasib siga
kuring!

ADEGAN 6
MUSIK BERGEMURUH DIIRING NYANYIAN

Colenak beuleum peuyeum digulaan


awas bom batok (2x)
rebu rebu randa montok
leumpangna dicentok centok
sieun nincak tai kotok

MASUK PARA TENTARA INDONESIA MENYEKAP TENTARA JEPANG.


PROKLAMASI KEMERDEKAAN.
PARA PEJUANG KEMERDEKAAN INDONESIA MASUK SAMBIL BERNYANYI. MEREKA
MEMBUAT KOMPOSISI BENDERA. Lagu Sorak-sorak bergembira Ciptaan C. Simanjutak

Sorak-sorak bergembira
Bergembira semua
Sudah bebas negeri kita
Indonesia merdeka

Indonesia merdeka
Menuju bahagia

7 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT


Itulah tujuan kita
Untuk slama-lamanya

LAMPU PERLAHAN-LAHAN PADAM.

TAMAT

8 Tembang Panineungan – Naskah: Hermana HMT

Anda mungkin juga menyukai