Anda di halaman 1dari 3

Nama:Vita Tania Anggraeni

Kelas:12 TKJ

Naskah Drama

Pemeran Acting Drama :

1. Mulyadi sbg : Bu RT

2. Arul sbg : Garong 1

3. Jojon Sbg : Garong 2

4. Udin Sbg : Hansip

5. Juhro sbg : Jumadi

6. Ujang sbg : Saman

7. Jajang Saepul sbg : Pa RT

8. Dedi rohman sbg : Pembaca Prolog dan Epilog

Naskah Drama Sunda Garong Pinter

Sinopsis: Di caritakeun di salah sahiji wewengkon keur usum garong nu sok ngagasak sagala rupa
parabotan batur. Dina hiji peuting, si udin anu jadi hansip keur tugas ngaronda, bari manehna ngomong
sorangan:

Udin : “Duh kieu nya jadi hansip di desa terpencil mah, sugan ngaronda teh disuguhan cikopi jeung roti,
titatadi kalah nguyup angin wae.” Hoammmz.. (Bari nundutan).

Keur kitu torojol si jumadi, jelema jangkung gede nu dititah pa RT sangkan titah ngabaturan si udin nu
keur nga ronda peuting eta teh.

Jumadi : Assalamualaikumm Sip !

Hansip : Waalaikum salam, wah aya silaing kadieu euy?

Jumadi : Kuring diutus ku pa RT titah ngabaturan maneh din, bari jeung pang mawakeun cikopi yeh keur
hansip ceunah ubar tunduh.
Hansip : Nah kabeneran, Cik mana atuh kadieukeun cikopi na?

Jumadi : Kieu din kuring rek carita heula, bie pan diperjalanan kadieu teh kuring inget omongan ceuk pa
RT, lamun tunduh ceunah kudu nginum cikopi, nah kaleresan simkuring teh pas nuju kadiena ngarasa
tunduh, nya dileguk weh eta ci kopi teh ku kuring sip, jadi beak euy ayena.

Hansip : Euhh, maneh mah sarua wae jeung bohong atuh ari kitu mah.

Sabot keur ngarobrol kitu, datang si saman (baturna si udin hansip) bari ti kukurusak sabari nyodorkeun
leungeun terus sasalaman.

Saman : Sip, kumaha jadi teu yeuh ngurilingan kampung teh ayena?

Hansip : Jadi atuh, kan keur kasalametan warga urang keneh supaya aman, tentrem, jeung sejahtera!

Saman : Tapi kuring mah bingung lamun engke kapangih jeung garong euy, kudu kumaha newakna?

Hansip : Keun serahkeun tugas eta mah ka uing, urang kerekeb tah garong!

Saman : hayu atuh urang geura mangkat nguring kampung..

Hansip, enjum : Hayu..

Di lain tempat, aya 2 urang garong anu keur asup ka salah sahiji imah. sagala-galana di gasak, kuat ka
katel-katel dapur oge dibawaan ku manehna.

Arul : Buru lalaunan-lalaunan !

Jojon : Buru bantuan, lain lalaunan-lalaunan sateh!

Arul : Sip atuhh, urang rada terehan saeutik asupkeun kana karungna.

Jojon : Bawa tuh katel jeung sosodokna sakalian !

Arul : Keur naon maneh, ngagarong mah sakur anu berharga wungkul weh atuh jon?

Jojon : Ari maneh, kan tadi teh urang geus ngagarong hayam, lamun dek di asakeun, berarti kudu di
goreng heula meren, nah jadi ieu kudu dibawa sakalian.
Arul : Heug atuh kumaha maneh weh! Eh, ari hayamna mana euy?

Jojon : Geus aman, ges ku kuring diasupkeun kana kandangna, pokona mah sip lah.. !

Arul : Ah ari kitumah anger we urang kudu newak deui deleuh, belet sia mah ah!

Dijalan.. Anu tilu urang nu keur tugas ronda eta, ngaliwat imah anu keur digasak ku garong.

Hansip : Cik urang senteran, tuh di belah ditu?

Saman : Sok urang marisah weh ayeuna mah. Urang ka kulon, si hansip ka gigir, jumadi maneh milu
jeung urang duaan!

Hansip : Eh… siahh urang sorangan atuh..?? mane’h mah sok teu baleg ah. Kumaha lamun papangih
jeung garong? Kudu kumaha kuring??

Saman : pan tadi ceuk maneh urang kerekeb cenah?

Hansip : Heuuhh maksud teh urang kerekebna ku tiluan.. (Bari seuri koneng)

Enjum : Geus.. geus.. Hayu urang babarengan weh supaya alus jeung babari newak garong na !

Suasana di jero imah

Jojon : Buru ari geus pamenangan mah, hayu urang geura kabur, bisi kanyahoan !

Anda mungkin juga menyukai