Anda di halaman 1dari 3

DIALOG

Tokoh carita:
1. Arifa Rachmani : Empon (ibu-ibu Komplek Sagalaya anu beuki ngerumpi,
kalangenanna ngocoblak ka sasaha)
2. Indah Eka Lestari : Hj. Empat (Ibu-ibu muslimah anu sakapeung sok eling
sakapeung sok teu eling)
3. Rizal Ramdhani : Sulaeman (Calon Anggota DPRD)
4. Triani Endah Nur Ilahi : Enah (Ibu-ibu komplek anu gehgeran tuluy sok hayang
nyaho sagalana)
5. Zulfikar Alamsyah : Mang Tacim (Tukang sayur anu sok dagang di Komplek
Sagalaya).

*****
Mang Tacim : Salayur.. salayur... disayuran disaruyan! Ibu-ibu salaeur yeuuhh
salayur yeuh..
Empon : Mang Tacim, dagoan mang.
Mang Tacim : Hayoh ceu, ieu tuh tingali saleger keneh. Yeuh laina kamari neangan
ajat euceu teh?
Empon : Ah kamari hayangna oge uing mah. Ayeuna mah keur hayang nyayur
lodeh.
Mang Tacim : Yeuh geus aya anu dibungkusan ku uing.
Empon : Cik atuh sing eucreug mere teh. Milih sasayuranna nu alus, nu
saleger, sangkan sanggeus di dahar teh bisa ngahasilkeun energi anu
alus keur jalma anu ngadaharna.
Mang Tacim : Lah da sayur mah sarua wae. Mun geus di dahar mah pan sarua
seubeuh. Meni jiga nu rek milih caleg wae kudu bener-bener.
Empon : Eh pan emang bener kuduna kitu mang Tacim. By the way
ngomongkeun masalah caleg, mang Tacim geus apal can gosip anyar?
Mang Tacim : Gosip naon ceu? Guyur pisan?
Empon : Eta geuning sual kahirupan caleg nu hiji deui. Cenah mah goreng.
Mang Tacim : Anu mana Ceu? Apan caleg di urang mah katelah jalma anu hade laku
lampahna.
Enah : Aya naon sih meni rame kieu?
Mang Tacim : Ieu Ceu Enah, keur ngobrolkeun caleg nu teu baleg.
Enah : Saha emang?
Empon : Kang Wira, cenah mah teu resep bikang.
Enah : alah enya kitu? Apal ti mana eta teh Ceu?
Empon : kamari salaki kuring ngaronda, kabeneran babarengan jeung Kang
Sulaeman. Tuluy we manehna ngadongeng, nya kitu tea cenah. Nyaah,
manglebarkeun. Keur mah kasep, pinter, hanjakal...
Mang Tacim : Tapi Ceu, ulah waka percaya atuh. Bisa wae eta teh ngan Pitnah
wungkul. Kapan urang sarerea ge nyaho, yen Kang Sulaeman teh
nyalonkeun oge.
Enah : Tapi bisa jadi Mang, da ayeuna mah keur usum nu kasep bogoh ka nu
kasep deui.
Mang Tacim : Eta teh disebutna Black Campign biasana sok dilakonan ku jalma-
jalma nu hayang meunang, tur kalintang optimisna. Nepi ka
ngagorengkeun lawanna.
Empon : Dah, meni ngomongkeun black campign sagala, geus puguh ieu teh
aya buktina.
Enah : Euleuh, naon nyah buktina?
Empon : Nurutkeun sumber anu bisa dipercaya mah, Kang Wira teh cicing
duaan jeung lalaki di imahna teh. Ngora keneh, ieuh. Cenah mah dulur
lain, baraya jauh lain, babaturan basa sakola lain, komo adi atawa
lanceuk mah. Apan manehna mah tunggal.
Mang Tacim : Boa babaturanna, supirna, atawa saha we nu dalit jeung inyana.
Empon : Teu mungkin. Piraku sok dadah-dadah unggal turun unggah mobil,
dianteurkeun ka mol, silih tungguan malah kungsi dipayung
babarengan.
Enah : Tah geuning Kang Sulaemanna ka dieu. Urang wawancara weh yu!
Sulaeman : Assalamu’alaikum Ibu-Ibu... Nuju naon ieu teh? Bangun rame kieu.
Enah : Nya nuju balanja atuh Pa, maenya nuju nyoblos. Apan teu acan.
Empon : Geuning naha Bapa nu balanja? Ka manten Ibuna?
Sulaeman : Kaleresan Pun Bojo teh nuju ka luar negeri, aya seminar internasional
ngeunaan kesetaraan gender di Thailan.
Enah : Alah meni cocok, Pa Sulaemanna caleg, teras Ibuna aktivis.
Sulaeman : Alhamdulillah kantenan, ku kituna pilih abdi janten calon anggota
DPRD.

Anda mungkin juga menyukai