Anda di halaman 1dari 6

IKHLAS MEMBAWA BERKAH

PARA PEMAIN :
1. Akum : arul 11. Mak Suha : dea
2. Esih : ajeng 12. Kusoy : anton
3. Febri : wanda 13. Entin : amel
4. Idoy : ilham 14 Mak Eros : mia
5. Jenifer : amel 15 sobri : andrian
6. Dadang : sarif
7. Debi : anggi
8. Ust. Kemed : ali akbar
9. Aceng : andika

Dihiji kampong aya hiji kaluarga anu katingalina keluarga harmonis, si Akum ngaran Bapakna,
budakna ngaranana si febri istrina ceu esih. Si akum digawena tukang dagang Peuyeum, mun ceu
esih purah nyeuseuh dibatur. Dina hiji poe….
Akum : Sih… esih… Kamana sih meni lila. Esiiih.
Esih : naon akang? Aya naon isuk isuk ges gegeroan.
Akum : hayang kopi, pang nyieunkeun atuh sih, akang haus yeuh
Esih : eueuh, sugan teh naon? Tuh ku cikoco we haus mah.
Akum : aduh coba eta teu sopan titah minum cikoco, enggal ah akang haus. Kan butuh
tenaga jang dagang
Esih : Aaa si akang meni manja pisan arek dagang peuyeum oge.
(Tuluy ceu esih mangkat ka dapur nyieun ci kopi, teu lila jol deui)
Esih : Tah mangga kang, dileueut kopina.
Akum : (Srupuuuut ah) 3 x
Esih : Kumaha kang nikmat kopina?
Akum : Pokokna mah mantap pisan we lah… mantaf pake ef. Kopinya the maniiiiis semanis
kamu esih…
Esih : Ah.. akang bisa wae, esih jadi isin.
Akum : Eh mana si febri, gening can kaluar-kaluar?
Esih : Duka atuh kang, dikamar keneh.
Akum : feb, febri, febri RX, hayu enggal gera sarapan bilih kasiangan sakolana.
Febri : Muhun pak, febri mah moal sarapan nuju saum.
Akum : oooh… nya sae atuh. Hayu sareng moal angkatna.
Fabri : Nya hayu mangga pak. (tuluy febri kaluar ti kamarna)
Esih : Febri saung?
Akum : Saum mah sanes saung?
Esih : Eh enya saum?
Febri : Muhun mah, sugan kiat.
Esih : mudah-mudahan we. Hati-hati atuh dijalan nya. Jug bade angkat sakola mah ku
emak di do’akeun sing berhasil.
Febri : Amiiin,,, mangga atuh mak, pak. Febri angkat tipayun.
Akum + Esih : Muhun mangga
(Tuluy febri mangkat sakola)
Akum : Ari kitu mah akang oge bade angkat hela atuh. Doakeun akang sing laku dagangna.
Esih : Nya mudah-mudahan we sing seep kang.
Akum : muhun, mangga sih.

Dijalan si akum aya nu megat mang idoy rek meuli.


1
Akum : Peuyeum peuyeum, barade peuyeum???? 3 x
Jenifer : Pak, pak hayang peuyeum pak
Idoy : Naon Jenifer???
Jenifer : Hayang peyeum, tuh itu
Idoy : Oh Jenifer hayang peuyeum.
Jenifer : Enyak pak.
Idoy : Engkin antosan sakedap. Mang meser,… mang meser
Akum : Bade meser kang idoy.
Idoy : Abdi bade meser mang, icalan naon eta?
Akum : Peuyeum kang idoy
Idoy : haaah????
Akum : Peuyeum
Idoy : Oh…. ari manawi teh peuyeum
Akum : Muhun peuyeum.
Idoy : Da ditingali-tingali tina tanggungana mah siga peuyeum
Akum : Muhun peuyeum kang, sampeu make ragi, kang idoy bade?
Idoy : Ah maenya, cik cobi ningali heula. Hayong nyobian.
Akum : Mangga kang, tuh tuh kan peuyeum kang?
Idoy : Tuh ceuk abdi ge peuyeum. Naha kang akum bet ngabohong ka abdi.
Akum : Ngabohong kumaha ari kang idoy. Pan ceuk abdi ge tatadi peuyeum. P e u y e u m
Idoy : Ah teu menang ngabohong kang akum dagang mah doraka. Bisi te laku. Ari nu kieu
peuyeum sanes apem.
Akum : Heueuh kumaha mang idoy we, bade moal meser the?
Idoy : Nya bade atuh, sabarahaan hijina?
Akum : Teu hijian kang, tapi dikilo.
Idoy : Saha nu bade meser milo ari akang? Abdi bade mseser peuyeum.
Akum : Hadeeeuh ges kumat deui yeuh. Pusiiiiiiing.
(Si akum buru-buru mangkat ninggalkeun si Idoy nu Molohok)
Idoy : Har rek Kaman mang???? Can angges meulina ge
Akum : Sabodo……………………

Si Akum tuluy mangkat deui ngider ditengah jalan aya nu si Dadang nu pindahan yi Jakarta.
Akum  : Peyeum.... peyeum... peyeum....
(Dirumah si dadang)
Debi : Pah, kayak ada yang jualan tape,
Dadang : Iya saying itu jualan tape. Kamu mau.
Debi : Iya mau pah.
Dadang : Bentar yah papah beliin.
(Mang Dadang Kaluar tiimahna…
Akum : Peuyeum peuyeum….
Dadang : bang,.. bang,... tape bang???
Akum   : oh punten, ieu mah lain tape tapi peuyeum!!!!
Dadang : Iya, Peuyeum itu tape.
Akum : Nya benten atuh kang dadang, peyeum peyeum tape tape.
Dadang : Iya sama, peuyeum itu tape tape juga.
Akum : Nya benten kang dadang, peuyeum mah nya peuyeum we sagala di tape tape, ih
pinter pinter oon oge.
Dadang   : apa kau bilang???
Akum : ieu mah teu di bilang, di kilo juragan..
Dadang             : huu... dasar,, orang gila
Akum : Sanes gantar atuh, ieumah rancatan
2
Dadang : Udah gila Kamu….
Akum : bari nage moal gila atuh da di bungkusan ku daun tisuk...
Dadang             : Lama-lama pusing saya. sana pergi
Akum   : Kantenan we atuh ngangge ragi, lamun teu make ragi mah lain peuyeum atuh..
Dandang : Ah jadi pusing saya….
Dadang asup kajero imah bari ngababetkeun panto
Akum : Yeh kunaon nya jelema the, Kang Dadang jadi moal meli peuyeumna?
Dadang : Gak jadi….
Debi : Pah pah mana tapenya pah.?
Dadang : Gak jadi beli
Debi : Kenapa?
Dadang : Pedagangnya gila….

Si akum teu putus asa, manehna tuluy mangkat deui nawarkeun peuyeum, ngan tepi kaberang
eweuh wae nu meuli eta peuyeum the dasar si akum, ker kurang mujur meureun. Ngan tepi kasore
oge eta peyeum can laku wae, ngan karek beak sakilo.
Si Akum balik ka imah, mukana bari cemberut.
Akum : Assalamu’alaikum
Esih : Waalaikum salam, eh tos uih kang?
Akum : Muhun,
Esih : Eta kunaon meni cemberut kitu siga tutut nu rek hitut. Kumaha dagangna payu?
Akum : nyaeta tuh tingal neng, numpuk keneh peuyeumna.
Esih : Nya sawios atuh kang, acan aya rezekina meren kanggo urang.
Akum : Tapi akang teu nyandak artos. Kanggo enjing bekel si Febri.
Esih : Nya wios kang aya keneh tabungan eneng. Tos ayna mah akang ibak teras tuang.
Tuh tos disiapkeun ku esih kanggo tuangna di Dapur.
Akum : Muhun neng,
(Tuluy si akum mandi tuang dan kumpul sareng keluargana)

Akum : Neng akang bada magrib bade k bumi ust. Kemed


Esih : Bade Naon kang?
Akum : Bade masihan Peuyeum sareng sampe nu kenging ngala kamari. Hoyong karaosan
ku ajengan
Esih : Oh sae atuh kang. Sakantenan we nyuhunken jampe supaya digampilkeun rizki
Akum : Muhun neng.

(Magrib pun tiba, akum tos dugi di bumi ust. Kemed)


Akum : Assalamu’alaikum
Ust. Kemed : Waalaikumsalam, eh akum
Akum : muhun pa ustad.
Ust. Kemed : Tumben kum, kadieu Aya naon?
Akum : Ah, hente aya nanaon pa ustad. Hoyong silaturahmi we.
Ust. Kemed : Harus!!!
Akum : Sareng ieu abdi gaduh sakedik peuyeum sareng sampena kenging pepelakan abdi
hoyong karaosan ku P Ustad.
Ust. Kemed : Ah ngarepotkeun jang akum.
Akum : Pak ustad saleresna mah abdi kadieu aya nu hoyong ditaroskeun. Manawi pa ustad
mah terang jawabanana
Ust. Kemed : Tentu… kumaha, rek nanyakeun naon ka p ustad. Pasti kajawab wae ku pa ustad
mah.? Sok rek nanya naon?
Akum : Kieu Pa ustad, ari carana hoyong digampangkeun rizki kumaha p ustad?
3
Ust.,Kemed : Oh gampang eta mah, ngan samemeh ustad nu ngajawab, tah jawab heula ku si
kusoy murid p ustad.
Kusoy : Mangga P Ustad…
Ust. Kemed : Kumaha cenah soy jawabanna?
Kusoy : Cara digampilkeun rizki Aya 2,nu kahiji shodaqah, nu kadua sholat dhuha.
Ust.Kemed : Tah eta kum, Osok sodaqah?
Akum : Kadang-kadang pa ustad
U Kemed : Sholat dluha mah osok meureun
Akum : belang betong pa ustad sakasampeurna
U Kemed : Pantes atuh rezekina seuseut wae.
Akum : Muhun P Ustad insyaallah kapayuna abdi bade rajin shodaqah jeng solat duha
U Kemed : Harus!!!
Akum : Nya atos atuh p ustad, abdi bade mios hela.
U Kemed : Kela kum dagoan sakeudeung.
(Pa ustad asup kajero imahna bari mawa peuyeum)
U Kemed : Mak, mak,
Mak Eros : Aya naon abah gegeroan?
U Kemed : Yeuh peuyeum jeung sampeu perenan.
Mak Eros : Tisaha eta?
U Kemed : Ti Si Akum
Mak Eros : Oh hatur nuhun atuh kituh nya!
U Kemed : Heueuh, tapi ngomong ngomong boga bawakeuneun teu jang mulang ka si akum.
Mak Eros : Ah teu aya, naon atuh da urang mah te boga nanaon. Ngan aya oge ukur domba
tuh hiji. Kamari pamere ti si Koswara tea.
U Kemed : Oh heueuh… eta we urang bahankeun titah diingu ku s akum. Da didieu mah
karunya euweuh nu ngaritna…
Mak Eros : Nya te langkung abah…
Terus ust.kemed nyokot domba dikandangna
Ust. Kemed : Kum, Pa ustad te boga nanaon jang bawaeun maneh ngan ukur boga domba hiji. Jig
yeuh bawa dombana ku maneh. Jang maneh. Ingu nya.
Akum : Sawios pa ustad t kedah ngarerepot. abdi mah ikhlas. Ah wios
U Kemdd : Tong sok nolak rezeki, jig bawa.
Kusoy : Muhun tampi mang akum, tos milikna mang akum meureun
Akum : Hatur nuhun atuh p ustadz. Assalamu’alaikum

(si Akum balik bari nuntun domba ti p ustad, ditengah jalan panggih jeung Aceng di warung ceu
entin.
Aceng : Assalamualaikum cantik, geulis manis, ngan hanyakalna gede hitut…. Kenging akang
calik tidieu?
Entin : Ah.. si akang mah bisa aja, mangga atuh kang bebas.
Aceng : Bilih aya nu ngambek ka akang.
Entin : Saha atuh kang nu ngambekna?
Aceng : Tuh si muka becek…
Entin : Ah akang mah meni sok kitu. Bade ngopi kang?
Aceng : Kantenan atuh neng. Akang the kadieu hoyong ngopi sambil memandang wajah
manis eneng yang seperti bulan purnama.
Entin : Camerok meureun kang bulan purnama mah siga buah campedak. Bade kopi naon
atuh kang?
Aceng : Kopi naon wae atuh, nu penting mah neng entin anu geulis tea nu ngadambelna.
Entin : Kopi itu bade kang?
Aceng : Kopi naon?
4
Entin : Segelas kopi hideung dicampur gula putih, plus tikotok medok dan satu puruluk tai
embe. Kumaha bade?
Aceng : ah…weureu atuh akang neng.
ENtin : Saurna kopi naon wae…
Teu lila si akum ngaliwat bari nuntun domba
Akum : Assalamu’alaikum, parunten sadayan
Aceng : Waalaikumsalam, eh akum timana kum wayah kieu nununtun domba?
Akum : Tos ti P Ust. Kemed
Aceng : Naha gening nununtun domba jang naon?
Akum : Dibere ku ust. Kemed
Aceng : Ah, maenya kum?
Akum : Bener ceng
Aceng : Naha maneh bet dibere domba ku ust. Kemed?
Akum : Ah duka, sayamah Cuma masihan peuyeum jeng sampe atah. Tapi dipulang domba
ku ustad kemed
Aceng : Nu bener.
Akum : Bener ceng Wallahi. Mun teu percaya taroskeun ka si kusoy.
Aceng : Iya percaya atuh.
Akum : Nya entos nya ceng abdi rek ka rumah hela sieun peuting teuing. Assalamu’alaikum
Aceng : Waalaikumsalam
Entin : Dasar nya kang aku mah bageur, menang rizki anu te disangka-sangka.
Aceng : Ah akang juga bakal kitu neng. Insyaallah besok bakal boga sapi.
Teu lila mak suha dating
Mak suha : Aceeeeng… nyuci
Aceng : Naon ari emak maenya wayah kieu nyuci.
Mak Suha : Ah euweuh alesan maenya wayah kieu ngopi didieu lain ngaji. Tos ngaheureuyan si
entinnya?
Aceng : Hente atuh mak. Tos ngbrol jeng si akum. Tadi the janjian didieu jeng si akum
M Suha : Mana si akumna mana?
Aceng : Tos uih mak,
M Suha : Ah alesan, bisaan we ngelesna mah. Bener mak benar tos ngobrol jeng si akum. Tuh
tanyakeun ka si entin
Mak Suha : Aaaah teu percaya, ayeuna buru balik gera nyuciiiiii
Si Aceng ges boga pikiran goring dina hatena, Si Akum mere sampe jeng peuyeum dipulang Domba,
ah kabeneran di imah aya domba rek dibikeun k p ust. Kemed. Pasti dipulangna sapi” piker si aceng.

Isukanana si Aceng ges nepi di imah ust. Kemed bari nungtun domba
Aceng : Assalamu’alaikum
Kemed : Waalaikumsalam, eh aceng ayo masuk
Aceng : Muhun p ustad
Kemd : Aya naon ceng?
Aceng : Ieu pa ustad. Abdi the gaduh domba mangga kanggo p ustad.
Kemed : Ah naha pa aceng sagala ngarerepot.
Aceng : Ah sawios pa ustad. Abdi mah itung-itung infaq we
Kemed : Nya syukur atuh ieu domba ditampi ku p ustad
Aceng : Muhun mangga p ustad. Nya entos atuh p ustad. Abdi bade mios.
Kemed : oh… nya kin hela jang aceng antosan sakedap.
(ust. Kemed asup ka jero imahna, te lila kaluar deui bari mawa sampe jeg peuyeum)
Kemed : Mak Mak Mak
M Eros : Aya naon deui pak, naha nununtun domba, nu saha eta?
Kemed : Yeuh iyeu pamere s aceng
5
M Eros : oh syukur atuh, hatur nuhun kituh.
Kemed : Mak gaduh bahankeuneun teu jang s aceng?
M Eros : Te aya pa, ngan ukur sampeu jeng peyeum ti s akum kamari.
Kemed : Oh heueuh… eta we bawa kadieu. Urang bahankeun.
M Eros : Yeuh pak
Ust kemed kaluar imahna..
U Kemed : Jang Aceng, p ustad mah te gaduh nanaon, ieu we hatur lumayan kanggo dibumi.
Hatur nuhun dombana
Aceng : Oh… naon ieu p ustad.
U Kemed : Sampeu jeng peueyeum…
Aceng : Apa??????
Si Aceng harita keneh pingsan teu hudang deui…..

Anda mungkin juga menyukai