Anda di halaman 1dari 9

NASKAH DRAMA

CINTA DITOLAK DUKUN BERTINDAK

DIPERANKAN OLEH :
1. ZASKIA MUTIARA Z. SEBAGAI NENG EUIS
2. AYU MELAWATI SEBAGAI IBU RAPIAH (IBU NENG EUIS)
3. FAHRI SEBAGAI MANG MAMAN (BAPA NENG EUIS)
4. ATTALARIQ AINURIZAL SEBAGAI RAGIL
5. INDRA LESMANA SEBAGAI JURAGAN EMAN (BAPA RAGIL)
6. DIMAS APRIANSYAH SEBAGAI ASEP
7. SYAHWA HANA AULIA SEBAGAI NENG IJEM
8. JIHAN PUTRIARMAN SEBAGAI MAK IJAH (IBU ASEP)
9. NISYA KORIAH SEBAGAI MAK EROT

Hiji waktu di desa Sukawaduk, aya dua urang kakasih nu keur silih asih tapi bari
susulumputan, kulantaran eta dua urang kakasih teh teu disatujuan ku nu jadi kolot ti pihak
awewena, sababna kahirupan budak lalakina kacida malaratna.
Asep : “ Euis hayu ngilu AA ka Kebon”
Euis : “ Ih arek naon A? ka Kebon”
Asep : “ Ngges ngilu AA heula weh”

Ganti latar ( imah Juragan Eman )


Bu Rapiah : “ Assalamualaikum Juragan Eman”
Juragan Eman : “ Waalaikumsalam, aya naon Bu Rapiah?”
Bu Rapiah : “ Urang rek nginjem duit, sajutaan aya henteu”
Juragan Eman : “ Iyeuh Bu Rapiah punten nya hutang nu baheula iraha rek dibayarna?”
Bu Rapiah : “ Insya Allah mun ntos aya duit bakal langsung dibayar, punten pisan ieu
mah”
Juragan Eman : “ Kuring bere waktu 2 bulan keur mayar eta hutang, mun leuwih ti 2 bulan
eta Neng Euis bakal kuring jodohkeun jeung si Ragil”
Bu Rapiah : “ Nya, Juragan nuhun pisan ngke mun aya duit dibayar hutang na”
Juragan Eman mere duit ka Bu Rapiah, Sa enggeusna Bu Rapiah balik lewat Kebon, keur
kitu ka denge dua kakasih teh guntreng ngalobrol.
Ganti latar ( Kebon )
Asep : “ Euis Bageur, kumaha ayeuna hubungan urang teh, naha ibu Euis kersaeun
Neng Euis : “ Ari si akang, maih naros keneh bae, sakali henteu nya henteu we dugi ka
ayeuna oge”
Asep : “ Kumaha atuh ieu teh, akang mah tos kebelet….”
Neng Euis : “ Nya atuh ka WC heula Kang, bilih nempel kana calana”
Asep : “ Ish, lain kabelet eta, Akang teh kabelet kawin”
Neng Euis : “ Sugan teh kabelet hoyong ka cai”

Barang keur uprek ngalobrol, teu kanyahoan indung na Euis datang. Basa ningali anakna
keur ngobrol jeung Asep, nyampeurkeun bari Ambek-ambekan.
Bu Rapiah : “ Euis keur naon maneh di dieu? Hayu balik…Heh Asep…, geus nyaho
maneh teh jalma teu gableg wawanian ngadeukeutan anak Kami…Bisi maneh teu nyaho si Euis
mah geus dijodohkeun jeung si Ragil, anakna juragan Eman nu beunghar tur pantes rupana…”
Euis dipaksa balik ku indung na bari satengah dibedol.
Asep : “ Euis……”
Neng Euis : “ Kang Asep…….”
Ganti latar ( imah Neng Euis )
Bu Rapiah : “ Maneh rek naon dua’an jeung si Asep…, nggesdi bejaan oge ku emak
ulah deket-deket jeung si Asep”
Euis : “ Ngan sakedap mak ngobrol na ge”
Bu Rapiah : “ Yeuh, dengekeun emak maneh teh geus dijodohkeun jeung si Ragil tong
ka si Asep deui…”
Bapa Euis datang…
Mang Maman : “ Ih aya naon ieu teh…, meni gandeng”
Bu Rapiah : “ Eta pak si Euis ulah deket-deket ka si Asep deui, mamah mah teu resep
ka si Asep”
Mang Maman : “ Ngges-ngges bae atuh mah”
Bu Rapiah : “ Yeuh, si bapa mah” ( bari melengos)

Antukna Asep balik ka imah na. Barang nepi gek dik dina bangku nu aya di tepas imah
bari terus ngalamun. Indungna nu keur sasapu ngareret ka nu keur ngalamun terus
nyamperkeun, pok nyarita.
Mak Ijah : “ Kunaon Sep? beungeutna meni murung kitu”
Asep : “ Ieu mak, tadi the urang keur ngobrol jeung si Euis ngan di titah balik ku
emak na”
Mak Ijah : “ Geus atuh jang, tong mikiran wae Neng Euis”
Asep : “ Kumaha atuh mak, da Asep the geus bogoh pisan ka euis teh…”
Mak Ijah : “ Yeuh Asep,maneh teh kudu loba duit heula lamun hayang ka Neng Euis
mah…”
Asep : “ Pan aya warisan si Abah, jual we atuh mak…”
Mak Ijah : “ Aeh….. tong kitu Ujang, eta teh hiji-hijina warisan ti Abah maneh.
Daripada kudu ngajual warisan, leuwih hade awewe sejen…”
Asep : “ Kumaha atuh mak, da kuring the geus cinta mati ka Neng Euis teh…”
Mak Ijah : “ Cinta mati nanahaon, mending keneh ka si Nur ceuk emak mah…”
Asep : “ Nur…, Nur naon mak”
Mak Ijah : “ Heueuh NURDIN M.TOP, deuleu…”
Asep : “ Heh, ieu mah boga indung teh geus nyaho anak keur parusing hayoh
kalah ngaheureuyan”
Mak Ijah : “ Geus siah Ujang, emak mah rek nyangu heula” (bari ngaleos ningalkeun
Asep)

Kacaritakeun di imah Neng Euis, si Ragil keur namu. Harita teh Euis jeung Ragil keur
ngalobrol di rohang tamu.
Ganti latar (imah Neng Euis)
Ragil : “ Assalamualaikum”
Bu Rapiah : “ Waalaikumsalam sakedap ( bari muka keun panto ) eh gening jang Ragil,
sigana mekel oleh-oleh keur ibu nya”
Ragil : “ Oh muhun aya bu”
Bu Rapiah : “ Bade ka Neng Euis nya…Euis ( bari nga geroan)”
Euis : “ nya mak”
Bu Rapiah : “ Kadie…,pek atuh sing jongjon ngalobrol ibu mah rek masak heula…”
(bari ngaleos)
Ragil : “ Aeh… Neng Euis, iraha urang duaan bade nikah teh? Sareng upami tos
nikah hoyong ka mana bulan Maduna?”
Euis : “ Hah…Nikah??naha teu salah eta, bogoh oge henteu…”
Ragil : “ Naha bet nyarios kitu, pan Euis teh tos dijodhkeun sareng Akang?”
Euis : “ Ah… duka atuh kang, da Euis mah alim nikah jeung Akang…”

Keur kitu si Asep datang, katingali manehna reuwas tur ambek barang ningali si Ragil.
Asep nyamperkeun Euis…
Asep : “Oh…, jadi ieu nu ngaran Ragil teh, HEH, maneh kudu nyaho Euis teh
kabogoh kuring, kamaneh mah teu sukaeun…”
Ragil : “ Tong kitu siah Asep, Euis teh geus dijodohkeun ka kuring…” (bari
muncereng melong mata na ka Asep)
Asep : “ Naonmaneh molotot, nangtang sia teh?”
Ragil : “ Mun nangtang rek kumaha?”

Antukna Asep jeung Ragil der garelut mani papuket. Euis satekah polah misah nu keur
garelut. Keur kitu jol indungna Euis datang. Ningali indung Euis datang nu gelut the ngadadak
eureun. Duanan terus tingtaleas indit.
Mulang ti Imah Euis si Ragil mawa ka teu ngeunah hate. Sabab ngarasa ditolak cintana
ku Euis. Antukna boga piker rek males kanyeurian kujalan ngadukunkeun Neng Euis. Manehna
boga karep rek melet Neng Euis.
Hiji waktu di imah Dukun.
Ganti latar ( di imah Dukun )
Mak Erot : “ Aya naon Ujang kadie? Boga masalah naon? Sokgeura bakala ka emak,
jeung emak mah sagala masalah pasti beres.
Ragil : “ Kieu mak, kuring teh boga ka teu ngeunah, ngarasa ditampik cinta na
kuhiji awewe, naha emak bisa nulungan?”
Mak Erot : “ Pan ceuk emak oge, sagalamasalah jeung emak mah beres, hayang
dikumaha keun, jang?
Ragil : “ Kuring menta pellet nu ampuh, Mak…”
Mak Erot : “ Alah, nu kitu mah gampang ngan…”
Ragil : “ Ngan naon mak?”
Mak Erot : “ Sangup henteu Ujang mayarna?”
Ragil : “ Masalah mayar keur kuring mah gampang, Yeuh,cukup teu sakieu? (bari
terus ngasongkeun amplop)
Mak Erot : ( ngitung duit nu aya dina amplop ) “ Sip, yeuh ieu peletna…” (bari
ngaluarkeun dua siki kangkalung jimat)
Ragil : “ Kumaha carana, mak?”
Mak Erot : “ Nu hiji pake ku UJjang nu hiji deui sina dipake ku eta awewe,sanggup?”
Ragil : “ Sanggup, nuhun Mak…” (bari terus ngaleos,teu poho salah sahiji
kangkalung dipake ku manehna, ari nu hiji deui diasupkeun kana saku baju luhur)

Ti imah dukun Ragil langsung ngajugjug ka imah Neng Euis, sajajalan heheotan.
Pikiranana geus ngabayangkeun Neng Euis kaedanan maneh na. Kulantaran bari ngalamun teu
kahaja suku na ti tajong kana akar tangkal kai nu malang di tengah jalan. Ragil labuh ngadebut,
tapi buru buru hudang deui, sabab geus buleud niatna melet Neng Euis tea. Jimat ti dukun nu
disakuanana teu karasaeun murag Eta jimat teh kapanggih ku Neng Ijem, awewe nu rada
misleuk nu rada nu keur diuk dipos Ronda.
Neng ijem : “ Aeh, geuning aya kangkalung, nu saha nya? Pake Ah…Hi…hi…hi…”
(barang dipake rarasaan jeung pikiranana ngadadak manteng ka Ragil)

Kocapkeun Ragil geus nepi ka imah Neng Euis tea, terus ngodokan sakuna numaksudna
rek nyokot kangkalung bikeuneun ka Neng Euis tea.
Ragil : “ Dimana nya kangkalung na, asaan geus disimpen dina kantong” (bari
neangan kangkalung)

Keur kitu jol Neng Ijem datang terus nyamperkeun si Ragil bari katingali pinuh kasono.
Neng Ijem : “ A Ragil….I LOVE YOU…(3kali ngomongna, bari terus nyamperkeun)
Si Ragil Reuwaseunana, basa malik ningali dina beuheung Neng Ijem make kangkalung
jimatna. Teu mikir deui beretek maneh na lumpat, saterusna dituturkeun ku Neng Ijem. Rencana
pikeun melet Neng Euis gagal total.
Dirohangan tamu Neng Euis, katingali Neng Euis jeung Bu Rapiah keur ngalobrol.
Ganti latar (imah Neng Euis )
Neng Euis : “ Mak, bapa abdi teh alim dijodohkeun jeung Kang Ragil teh…”
Bu Rapiah : “ Euis kieu bageur, saenyanaibu jeung bapa teh boga hutang ka indung
bapana Jang Ragil. Emak jeung bapa geus teu boga kasanggupan keur mayarna. Saupama Euis
daek nikah ka Jang Ragiletahutang ka kulawarga Jang Ragil dianggap lunas…”
Neng Euis : “ Naha sabaraha kitu sambetan Emak teh”
Bu Rapiah : “ Kurang leuwih 50 juta Neng”
Neng Euis : “ Saupamana Kang Asep sanggemeun mayar eta hutang, emak jeung
ngawidian hubungan abdi sareng Kang Asep?”

Ngadenge omongan anakna kitu Bu Rapiah teu ngajawab, cukup imut bari panon na
ngalimba nahan piceurikeun. Saenggeus kajadian eta Euis ngajak Badami ka Asep.
Ganti latar ( imah Asep )
Asep : “ Euis, aya naon malarian akang, sono nya?”
Neng Euis : “ Kieu puguh Kang, ari Akang leres mikanyaah ka Euis?”
Asep : “ Kantenan we atuh Neng, pokona mah demi Euis naon wae nu kaduga
mah pasti ku Akang bakal dilakukeun”
Neng Euis : “ Upami leres kitu, Euis nyuhunkeun pitulung, pangalunasan hutang
Kulawarga Euis ka Kulawarga na Ragil”
Asep : “ Naha sabaraha sambetanana?”
Neng Euis : “ Seueurna 50 juta…”
Asep : “ Kutan 50 juta…, Nya Insya Allahcuang emutan, akang neda sarantos…”
Saenggeus aya babadamian kitu,antukna Asep ngajual tanah warisan ti kolotna tea.
Ganti latar ( imah Asep )
Asep : “ Assalamualaikum mak…”
Mak Ijah : “ Waalaikumsalam sakedap”
Asep : “ Mak kadieu heula, Aseprek ngomong penting, jadi kieu Asep rek
ngajualtanah warisan si Abah”
Mak Ijah : “ Ntong…ntong…,eta the warisan hiji hiji na ti si Abah”
Asep : “ Nya atu mak duit na teh penting keur ngalunaskeun hutangna Bu Rapiah
ka Kulawarga na Si Ragil, terus Euis teh dijodohkeun jeung si Ragil mak…”
Mak Ijah : “ Sabaraha si hutang na sampe maneh rek ngajual harta warisankitu”
Asep : “ 50juta mak”
Mak Ijah : “ Astaghfirullah….”
Asep : “ Kajenen atuh nya Asep ngajual tanah warisan si Abah”
Mak Ijah : “ Nya nggeus atuh eta warisan ti abah maneh”
Asep : “ Alhamdulillah mak,nuhun nya mak”

Asep ngajual tanah warisan anu ti si Abah.


Hiji waktu Asep jeung Emakna datang ka imah si Euis keur ngalunaskeun hutang si Euis
jeung ngalamar si Euis.
Ganti latar ( imah Euis )
Asep : “ Assalamualaikum Euis….”
Mang Maman : “ Waalaikumsalam, eh jang aya naon, manga weh kalebet heula” (bari
ngajakan asup )
Asep : “ Kieu pa,mak Asep datang jeung Emak mawa duit jeung mayaran hutang
Ema jeung bapa ka kulawargana Ragil, ieu duitna aya leuwih keur nikah ngke, ayeuna kuring
jeung emak ge datang ka dieu keur rek ngalamar Neng Euis”
Mang Maman : “ Alhamdulillah, waduhnuhun nya Asep punten nya baheula bapa jeung
emak geus ngagogoreng Asep, sok atuh Euis, Asep rek ngalamar Euis ditarima teu?”
Neng Euis : “ Ditarima atuh pak kan Euis teh bogoh ka A Asep teh”
Sarentak ngucapkeun “ ALHAMDULILLAH”
Bu Rapiah : “ Sok atuh tangtukeun tanggal nikah na…”
Neng Euis : “ Euis mah kumaha A Asep weh”
Asep : “ Minggu payun hayu meh tereh, AA ntos teu sabar nikah jeung Neng Euis.
Neng Euis : “ Bisa wae si AA mah”
Mak Ijah : “ Emak mah terserah maraneh weh”
Mang Maman : “ Nya, bapa ge kumaha maraneh weh”
Asep : “ Nya, ngges nya berarti minggu payun”
Neng Euis : “ Nya A”
Asep : “ Alhamdulillah, nya ngges Asep jeung emak rek Pamit heulanya pa, mak
(pamitan) Assalamualaikum…”

Saentos Kulawarga Asep ngalamar Neng Euis, Asep langsung nyiapkeun sagala rupa
keur acara nikah ngke, Kulawarga Neng Euis mah ngan nyiapkeun tempat keur Tempat acara
Nikahan na ngke.
Acara akad Asep jeung Neng Euis teh Ayeuna.
Ganti latar (Akad)
Mang Maman : “ Saya nikahkeun Asep bin Tisna jeung Euis binti Maman dengan
saparangkat alat sholat dibayar tunai”
Asep : “ Saya tarima nikahna Euis binti Maman dengan saparangkat alat sholat
dibayar tunai”
Penghulu : “ Kumaha para saksi?”
Kabehannana ngajawab “ SAH….”
Satuluyna hubungan Asep jeung Neng Euis jucung nepika bale nyungcung.
Ganti latar ( pelaminan)
Akhirna Asep jeung Euis hirup Bahagia, ari Ragil ngajodo jeung Neng Ijem.
DRAMA BAHASA SUNDA

"Cinta Ditolak Dukun Bertindak"


Sutradara :Annisa, Fikri
Narator : Meylita
Kameraman :Alfi, Zagat
Editor :Septi
Tata Musik :Raisa
Tim Properti:Fahri, Rezki, Indra, Dafa E, Alfin, Andhika, Raffi
Tim Teknis (Nyeting Tempat) : Adrian, Rangga, Rajib, Fadlan
Tim Tata Rias / Busana : Vina, Rizki, Cinta, Dewi, Fabian, Ijar
Buka Tutup Tirai :Dafa G, Lingga
Pemain : Zaskia (Neng Euis)
▪ Ayu (Bu Rapi'ah)
▪ Nisya (Ma Erot)
▪ Syahwa (Neng Ijem)
▪ Jihan (Ma Ijah)
▪ Dimas (Asep)
▪ Attalariq (Ragil)
▪ Akbar ( Penghulu)
Dubbing: Gusti (Neng Euis)
▪ Rizkania (Bu Rapi'ah)
▪ Salsabila (Ma Erot)
▪ Silvia (Neng Ijem)
▪ Nadila (Ma Ijah)
▪ Permadi (Asep)
▪ Hakim (Ragil)
▪ Akbar (Penghulu)

Anda mungkin juga menyukai