Anda di halaman 1dari 7

Naskah Drama Basa Sunda Kelas IX C :

Gawir

siti: "eh eceu maneh nyaho teu berita anu viral? anu si lesti balikan deui jeung si billar?"
esih:"oh enya abdi ningali"
siti:"ih abdi meni keuheul pisan da"
esih:"Rina bade angkat sakola?"
rina:"nya atuh bu, maenya bade ngarit?"
esih:"nya atuh, kadenya di jalanna"
rina:" hayu ah bu" (sabari init)
Siti, Esih, jeung Lilis:"enya manga neng"

“Di jalan”

rina:"bah tipayun" (ucap rina)


bah ajun:"astagfirullah, neng rina"
Asep ngaliwat
rina:"lalaunan atuh asep mawa motor teh!"
asep:"kumaha mun urang balapan? nu kalah teraktir"
rina:"asep gelo! teu aci atuh"

“Di sakola”
rina:"wilujeung enjing pak!
pak satpam: "wilujeng enjing"
rina:"damang pak?"
pak satpam:" nya mun teu damang mah moal ngopi atuh bapak"
rina:"bisa wae si bapak mah, hayu pak"
pak satpam:"hayu..."

“Rina asup ka kelas”

……sapulang sakola……..
bapa asep:" astagfirullah.... maneh balik sakola lain salam kalakah nyolonong wae.... kamana
tatakrama maneh asep? geus jam sabaraha ieu? maneh geus sholat dzuhur can?"
asep:"(gideug)"

1
bapa asep:"nya atuh shalat dzuhur ayeuna!"
asep:"bawel si bapak mah"
bapa asep:" astagfirullah asep! maneh tong hilap solat!"

....

inung rina:"bapa geus balik jam sakieu? tumben


bapa rina:"panen teu aya hasilna bu"
inung rina:"teras kumaha pak? bahan-bahan pawon geus seep uang spp na rina bulan ieu teu acan
di bayar"
bapa rina:"sabar bu sabar, bapa ge ieu teh keur mikir, dikira ibu bapa teh teu mikir?"
(rina uih sakola nguping cariosan ibu bapana)
inung rina:"nya bapa pilari atuh nu lain anu pokok kek naon kek"
(ngaleos sabari ngajebredkeun panto.

……inung na abus ka kamar rina…….


inung rina:"rina! maneh lain diajar malah ngagambar teu jelas, maneh teu ngadenge!(sabari
nyentak)
inung rina:"diajar ayeuna atawa ibu piceun buku gambar maneh!" (saengges buku gambar rina di
cokot ku inungna rina nyokot deui buku gambar anu anyar

“ka isukana”
umi asep:" bade angkat jang?" (sabari nyuguhkeun kopi ka bapa asep)"
asep:"nya mi, engke abdi bade telatnya uihna, soalna rek kerja kelompok heula"
umi asep:"nya jang, kadenya"
(umi ngobrol sareng abi asep)
abi asep:"gaduh anak eweh tatakramana pisan, ASTAGFIRULLAH"
umi asep:" sabar pak..."

....
(bel di sakola hurung, guru nyapa ka murid - murid)
guru:" dinten ieu ibu bade ngayakeun ulangan bab 2" (sanggeus ngadenge kitu murid langsung
rariweh da ngadenge arek ulangan tea)
guru:"siapkeun kertas salembarna, teu aya nanaon diluhur meja"
murid-murid:"muhun bu..."
guru:"nomer hiji..."

“ISTIRAHAT”
guru:"ayeuna ibu bagikeun hasil ulanganna

2
guru:"euis, tiasa menang nilai pangluhurna deuinya"
euis:"enya bu..."
guru:" rina, hideup kunaon rina? nilai rina akhir-akhir ieu turun, kudu diajar deuinya,rina kudu
nyonto ka euis anu nilaina stabil"
rina:" muhun bu..."
guru:"neneng"
neneng:"ih menang opat deui menang opat deui"
guru:"asep

....

asep:"ben, kumaha mun engke balik sakola urang ulin?"


beben:"lah emang teu dicarekan bapa maneh?"
asep:"yeh,tenang weh urang geus bebeja kerja kelompok"
beben:"ngabohong wae maneh, hayu ulin"
asep:"hayu, balik sakolanya"

....

(sabalik sakola rina ngalungkeun kertas hasil ulangana di kamarna)


inung rina:"rina geura dahar"
rina:" enya bu"
(rina ker dahar inungna nyamperkeun)
inung rina:"rina, naon ieu? maneh teh ngerakeun kolot wae"
(bapa rina datang)
roni:" assalamualaikum"
inung rina:"waalaikumsalam, tah tingali lanceuk maneh si roni, manehna mah getol, pinteur teu
jiga maneh! tebih pisan bedana"
inung rina:" ulah sok ngagambar tru jelas deui lah pan ibu nitah maneh pikeun diajar, kumaha
sih?"
roni:" bu engges bu ulah kitu ka rina, nilai teh teu nangtukeun masa depan"
inung rina:"ibu kan geus ngomong diajar,diajar, naon hese na si? maneh ngan saukur dititah di
ajar teu di titah gawe" (sabari ngajengkot)
si rina oge ngiluan init ka kamar

....
“Ka isukanana”
guru:"eta hidep! anu calikna ditukangen euis maju kaharep kerjakeun soal anu aya dina bor"
rina:"abdi bu?"

3
guru:"nya hidep atuh saha deui"
(rina kaharep ngerjakeun soal anu dibere ku guruna)
asep:" kumaha sih kitu hungkul teu bisa?"
euis:"ih lamun abdi mah geus tangtu bisa, si rina mah emang males diajar budakna, ngerjakeun
soal kitu hungkul teu bisa"
lilis:"woi kerjakeun! ulah nangtung wae diharep ciga patung"
(barudak sakelas nyurakan si rina)
guru:"barudak, caricing, rina calik"
guru:" euis, bantuan rina, maju kaharep" (euis kaharep bari nulis dibor)
barudak sakelas emprak ku sabab si euis ngajawabna bener

....

euis:" eh teurang teu gosip namah si asep reuseup ka si rina?"


lilis:" hah? ih piraku. geulisan oge abdi, naha bisa si asep reseup ka si rina?"
neneng:" heh rina! eh aya ibu, ibu
ibu guru:" assalamualaikum"
murid-murid:" waalaikumsalam"
ibu guru:"poe iyeu ibu bade ngabagi kelompok kanggo midameul pancen ngeunaan tradisi sunda,
oke ibu sebutkeunnya kelompok ka hiji: ajeng,siti,olif,agus. Ka dua: rosi,anggi, lilis,kevin. Nu ka
tilu: imas,ela,ulan,yusuf. Nu ka opat: asep,rina,dinda,euis."
asep:"yah, urang teu sakelompok euy"
beben:"heeh meni teresep pisan"
asep:"ah bae we aya si rina ieh"
beben:"yeh maneh mah bucin wae sep"

....

euis:"rina urang sakelompok"


rina:"enya euis"
euis:"janten urang teh bade kerja kelompok dimana?"
rina:"kumaha euis we..."
euis:"di imah abdi weh kumaha?"
rina:"nya entos engke ku euis di tepikeun weh kanu sanes"

....
“Di imah euis”
euis:" eh si asep teh kamana geuningan teu aya"
dinda:" si asep maneh hareupkeun, manehna mah sibuk ulin wae"
4
euis:"eh teu menang kitu, teu meunang negatif thinking, manawi manehna teh aya kaperluan"
dinda:"nya nggeus urang kerjakeun we"
(euis, dinda, jeung rina langsung ngerjakeun tugas kelompok tea)
rina:" euis hapunten, dupi abdi tiasa ka kamar mandi?"
euis:"oh hoyong ka kamar mandi? hayu, sakantenan abdi teh bade ngabantuan hiji hal"
rina:"hayuu" (ucap rina sabari sumanget)

sapanjang jalan ka kamar mandi si rina ningali foto can puguh rupana
euis:"rina, maneh teh ningali naon?"
rina:" oh ieu"
euis:" oh etateh foto kulawargi abdi anu bulan kamari basa liburan"
(rina ngabales omongan si euis kur saukur ngunggeuk, sabari masih ningalikeun foto eta)
euis:"nya, ntos hayu kapalih die"
rina:"hayu"
inung euis:"wah barudak, ieu camilanna nya ulah hilap di emam"
dinda:" wah mama euis terang wae ieu arurang lapar, hatur nuhun"
inung euis:" nya, sami-sami, sok atu dilanjut deui nya, semanget anak-anak"
rina:"nuhun, mamah euis"

(sabalik kerja kelompok, si rina ngadenge deui omongan kolotna)

inung rina:"seer pangeluaran pak, mimiti ti ongkos transportasi na si roni, sabab jarak ti imah ka
kampus nateh tebih"
(ker kitu teh si rina mukakeun panto)
inung rina:" teu acan kango mayar uang spp na roni anu geus di tunggak di tambih bekal sehari-
hari maranehna duaan, duit sakitu teu cekap pak"
bapa rina:"neangan duit teh hese bu, ibu mah gampang ngomong duit teu cekap, bapa unggal poe
muter otak milarian rezeki."
inung rina:"bapa teh kuduna tiasa atuh neangan tambahan kanggo nutupan ongkos sapopoe"
(ti saenggeus ngadenge obrolan bapa jeung inungna si rina teh langsung asup ka kamar, langsung
ngadengekeun musik)
(ka isukannana di sakola, si euis jeng rina keur diuk di harep kelas, tuluy babaturan anu lainna
nyaramperkeun sabari ngageroam ka si euis teh)

neneng:" eh euis maneh tos ningali papan bewara can"


euis:"teu acan, emang aya naon"
neneng:"hoh, aru maneh teacan ningali,eta di papan bewara pan euis juara ka hiji pasanggiri
ngagambar kamari"
siti:" ah euis mah geus langganan jadi juara teu kedah rewas kitu atu maraneh"
euis:" ah henteu ah, abdi mah tara juara"
5
(babaturanna si euis anu didinya teh ngaraledek ka si euis gara-gara ngomong kitu teh)

....

waktu si rina ker maca buku di lorong teh, si rina ngadenge obrolan babaturanna, babaturanna
teh ngomong " eh su rina ngiluan pasanggiri oge nya?" terus babaturan anu hijina ngajawab "
enya manehna pan pagaweanna nga gambar nanging teu kantos juara lomba" saenggeus beresna
omongan si rina malik langsung nunduk jeung init kaperpustakaan sabari nahan leweh tea.
(sanepina di perpustakaan si rina teh leweh da nyerien hate ku omongan babaturanna tadi)

....

asep:"hoh, eta rina lin sih?"


(sabari ningali ka arah perpustakaan)
asep:" hoh, eta maneh rin?"
(si rina ngelap cai panon na sabari malik ka si asep)
asep:" maneh kunaon?"
(si rina kur saukur ngagideg)
asep:"ti batan ceurik mending urang bolos, bolos sasakalimah teu kunanaon mereun"
(si rina kur cicing teu ngajawab omongan si asep)
asep:"engke peting ngilu moal?"
rina:"kamana?"
asep:"urang boga cara ngalengitkeun stres"

…sapeutingna si asep ngumpul jeung babaturanna sabari mawa si rina…

beben:" sep, sep cepeng abdi sep, abdi hoyong ngapung sep"
asep:" hah naon? ultraman resing"
(tuluy si asep malik ka si rina)
asep:" rin geus atuh rin tong ceurik wae ngke asep ngiluan sedih"
rina:"abdi kudu kumaha nya sep?"
asep:"kumaha kitu asep kudu jadi ultraman"
rina:"sep, atuhlah"
beben:"woy asep ningali yeuh beh seru pisan cuy, asep dodol"
(asep nepak si beben, tuluy langsung si beben teh video call)
beben:"hallo kituh sep, yeu si asep kadieu jeung babaturanna teu apal sih saha"
(sabari si asep ningalikeun botol, geus kitu si asep langsung nginum)
6
beben:" cheers bro!"
(langsung si beben, asep, jrung si awewe teh ngadukeun gelas)
:maneh cape teu jadi tiang? bade gantian moal sareng
imas:"abdi? mbung ge teu nanaon, dieu sun heula ameh sumanget
(sabari nunyuk-nunyuk tiang seserian, nyium tiang)
beben:"ayeuna mah tinggal kirim weh ka si raka, ameh panas"
(hanteu sadar ngirim ka status WhatsApp)

“Kabeurangna pas disakola”


lilis:" eh ari si imas teh kamananya gening teu katingali"
neneng:"heeuh nya jigana manehna gering deh"
lilis:"heeuh cigana"
(langsung saribuk kana hp na masing-masing)
neneng:"eh ieu tingali si beben keur mabok-mabokan
(si lilis langsung ningali hp na si neneng)
lilis:" eta si beben budak kelas sabelah lain?"
neneng:"heeuh"
lilis:"dih parah pisan"
(sibuk ka hp masing-masing, ku panasaranna si neneng teh nelek-nelek deui status na si beben)
neneng:"loh eta si rina lain sih"
(sabari nunjukeun deui status si beben ka si lilis)
lilis:"piraku"

Anda mungkin juga menyukai