Anda di halaman 1dari 11

DRAMA SUNDA

IX - G
Syukur-keun weh
Dina hiji poe, aya hiji kulawarga anu kacida miskinna, dijero kulawarga eta teh aya Bapa, Indung
nu keur ngandung, jeung Budak. Si Ibu sok ngeluh ka si Bapa ku sabab malarat hirupna, duit ieu lah, duit
etalah. Padahal si Bapa geus usaha banting tulang jang kahirupan kulawargana. Tapi jang sapopoe ge
duit teh kurang. Boro boro jang meli preciken, meli beas keur sapopoena oge hese pisan. Kusabab
sangsara pisan hirupna, si Bapa neangan cara kumaha meh bisa meunang duit loba tapi make cara nu
gancang.

Dadang : A’ahhh! Kadie

A’ah : aya naon ai akang?

Dadang : Ieu duit balanja jang satauneun

A’ah : Naon ngan 2 rebu, mahi kana naon?! Mikir atuh mikir! (bari jamedud)

Dadang : Atuda kumaha deui neng, icis na ngan aya sakitu

A’ah : Digawe teh cing baleg atuh, kudu banting tulang. Tah tingali mang joni aya kadaek ngajual sayur

Dadang : Da urang teh ges banting tulang atuh, tuh tinggal ku A’ah aya keneh urut tulangna ge!

A’ah : Lain banting tulang kawas kitu Akanggg. Ges kumaha didinya welah!

(Tukang sayur ngalewat)

Mang Joni : Sayurrrr! Sayurrrr! Kadarie, kadarie

A’ah : Mang sayur, mang kadie!

Mang Joni : Eh kalakah nitah siah, sok didinya nya nu kadie, saha nu butuh sok

A’ah : nya ges ath meuni ngambek

(Ibu-ibu ge daratang ka gerobak Mang Joni)

Ibu-ibu gossip 1 : Ehhhh A’ahhhh, meser sayur oge yeuh?

Ibu ibu gossip 2 : nya meser sayur atuh ai maneh marpuah maenya meuli semen!

Aah : eh enya muhun hehe

Ibu ibu gossip 3 : Eh eceu, terang teu abi Kamari dipeserkeun kulkas tinu emas aya 6 panto! Aduh abi
meni pararusing arek diisian naon wae nya..
ibu ibu gossip 1 : Ah naon ngan sakitu, abi mah dibere na ge ku si aa kasur anu 2 tingkat anu kolongna
teh bisa dipake tempat nendeun beas, atuh da abi mah naonnya beas oge sabulan 5 karung kudu seep
etateh!

Ibu-ibu gossip 2 : Ai A’ah dipasihan naon ku si kang dadang?

A’ah : eumm anu anu..

Mang Joni : Sok atuh ayeuna eceu eceu bade meser naon mang Jon kudu buru buru yeh ayeuna aya job
pemotretan di cikoneng!

A’ah : sok atuh A’ah mah bade meser tempe we jeung tahu sabungkus

Ibu ibu gossip 3: eh tempe jeung tahu wae? Eta hayam moal jang si jesika karunya meni peot kitu

Ibu ibu gossip 2 : Heeh meni karunya eta budak, budak abimah boseneun tiap poe teh ngan hayam we
jeung hayam

(A’ah pura-pura teu ngadangukeun ibu-ibu eta)

Jesika : Mamah, mamah jesika bade uken acis jang meser eskrim…

A’ah : Mamah nuju teu gaduh acis, yeuh we candak tempe

Jesika : Ouh nya atumah, nuhun

Cucu : Jes hayu angkat ka sakola, ges kabeurangan yeuh!

Jesika : Eh enya, ayeuna teh sakola nya hehe. Eh emang abi sakola dimana?

Cupi : Nya disakola atuh ai maneh

Jesika : Ouh enya enya

(Jesika jeung Nisa langsung mangkat kasakola, pas erek kasakola Jesika papanggih jeung
preman)

Cucu : Eh Jes abi siah nya, dipasihan eskrim cornetto siah ku bapa abdi, anu harga na teh mahal
geningan

Cupi : naon ngan eskrim comedo,yeuh abi mah nya di belikeun eskrim aice

Cucu : naon ai maneh lain comedo,comedo mah aya di bujur yeuh(sabari nunjuk hidung)

Jesika : oh alus atuh nya! ( bari seuri sirik)

Cucu : Nya alus atuh! Pokokna jes mah moal kapeserwe nu kitumah, sabab ku mahalna eta!

(Preman-preman kaluar sabab ngadenge obroleun eta)

Bos : Pit sikat! (isarat lengeun rek menta duit)

Pipit : (mereukeun sikat)

Bos : Lain eta kehed! eta budak palakan!


Pipit : Ouhhhhhhhh? Nyanyanyanya

Pipit : Neng duit mana duit! (Sabari nyamperkeun si Jesika jeung Nisa)

(Nisa nyuput ditukangeun Jesika lantaran sieun ningali ngeungeut sangar preman)

Cupi : Abi? ( Bari ngadegdeg kasieunan)

Cucu : Atawa abi?

Pipit : Nya enya maraneh saha deui atuh?!

Cupi : Entong ka abi atu kang, abimah jelema teu boga

Pipit : Halah, teu percaya urang mah, pokokna duit mana duit

Cupi : Ieu atuh kang, abdi ngan boga acis sakieu (Bari ceurik saetik)

(Sabari ceurik cucu jeung cupi langsung lumpat ninggalkeun Jesika sorangan)

Jesika : Eh , tungguan!

Pipit : Eta eneng hiji deui, dieu siah, duit mana duit!

Jesika : Boro-boro duit jang bekel, tuang oge hese, sakola ge tara dibekelan, ieu ge ku emak ngan dibere
tempe sakereut jang bekel

Pipit : Ih meni karunya, ai bapa gawe naon neng?

Jesika : Bapa gawena ngan nyabutan bulu hayam batur

Pipit : Ai indung maneh gawe naon?

Jesika : Nyabutan bulu bapa kang

Pipit : Karunya atuh si Bapa euweuh buluan. Ieu weh cokot duitna jang meuli bintang sobo jeng ciki aries
(sabari merekeun duit ka si Jesika)

Jesika : Ehehe nuhun kang, muah ( sabari ngaleos indit jeung)

Bos : kumaha pit meunang teu eta duit teh?

Pipit : henteu bos eta karunya si eneng tadi can dahar sataun jadi ku abi dibere we duit jang meuli ciki ih

Bos : ai maneh sosodok dapur! Lainna malak malah mere duit teu jadi atuh ayeuna ka warteg ceu imas

(Disanes waktos si Dadang keur neangan solusi nengan duit gancang ka Pa Ustad)

Dadang : Pa Ustad kahirupan kulawarga abdi teh susah pisan, jang dahar sapopoe ge harese, acan mayar
duit sakola, duit jang mayar uang kas!!!. Kedah kumaha abdi teh?

Pa Ustad : Kieu yeuh Dang, arurang teh kudu sabar dina ngajalanan kahirupan didunya, urang kudu bisa
ikhtiar, tur tawakal dina neang nafkah pikeun ngahirupan budak, jeung pamajikan
Asisten pa ustad : tah bener (bari mencetan pa ustad)

Dadang : Tapi pa ustad, abdi teh atos sabar, ikhtiar, tur tawakal. Tapi angger hirup abdi teh ngalarat wae,
ges mang tau-taun euweh robahna

Pa Ustad : Ieuh dang, nu ngaranna usaha mah moal ngahianatan hasil. Urang mah salaku umat manusa
lamun tos ikhtiar kudu serahkeun we ka gusti allah

Asisten pa ustad : tah bener kitu!!

Dadang : maenya abi teh kitu wae mah bosen atuh, kumaha nya carana meunang duit instan?

Pa Ustad : Da di dunya mah teu aya anu instan atuh dadang sadayana ge kudu usaha heula

Asisten pa ustad : tah bener!!

Dadang : Eh ai eta gening emih nu sok dipasak si a’aah instan. Ngaranna ge MIE INDOMIE INSTAN eta
aya gening anu instan di dunya

Asisten pa ustad : tah bener!

Pa Ustad : Eh sanes kitu maksadna

Asisten pa ustad : tah san…

Pa ustad : ai maneh kehed nembal wae !

Asisten pa ustad : eh punteun pa ustad sanes herey abi mah

Dadang : eh kalahkah gelut! ah teuing ah lieur abi mah ( bari ngaleos indit)

Si Dadang ayeuna rarungsing mikiran kumaha carana menang duit anu gancang tapi teu riweuh. Salila
keur mikiran eta duit, aya awewe geulis ningalikeun si dadang tuluy nyamperkeun. Si dadang mikir na
jero hate

Dadang : Saha eta awewe meni gelis kitu asa kenal tapi teu kenal

Munaroh : Eh kang dadang meni tos lami teu peundak ihh..

Dadang : Eh gening si munaroh, enya atuh kamana wae ai eneng meni jarang katingal suganteh nuju
main ucing sumput (bari si dadang cungar cengir sabab nyaho eta the munaroh mantan dadang pas keur
sd)

Munaroh : Eh aya wae kang teu nyumputan akang ah abimah isin hehehe

Dadang : Muhun atuh, mun bade nyumput mah di hate akang we neng lega jiga tarang ceu imas

Munaroh : Ehh si akang bisa wae. Aya naon eta meni rarungsing kitu? Aya masalah?

Dadang : Ieu neng akang teh nuju mikiran kumahanya cara menangkeun duit anu gancang? Karunya
budak akang sapopoe emam teh jeung beas weh jeung uyah sagunduk
Munaroh : Hem.. oh kitu. Mun kitu mah abi gaduh solusi na, bade teu?

Dadang : Nya bade atuh neng

Munaroh : kieu yeuh ( bibisikan ka cepil na si dadang)

Dadang : Oh kitu.. enya atuh engke munaroh bbm keun weh ka akang alamatna nya

Munaroh : OK kang abi ka kantor heula atuh nya bade aya miting sareng pengusaha hayam

Dadang : Enya atuh sok dadah kade dijalan bisi ticugak taraje

Munaroh : Eh si akang mah maenya taraje hehehe (cecengiran bari ngaleos indit)

Dadang : Hem.. si munaroh geulis oge nya ayeuna meni jiga agnes monika..

Eh naon jadi mikiran si munaroh, ah pkona ayeuna keuneh kudu indit ka tempat eta!

Si Dadang pun indit ka tempat anu di tunjukeun ku si munaroh. Di lain waktos A’ah nuju ngomel ka
budakna

A’ah : Ieuh enjes nanaonan eta babangus dikitu kitu meni jiga bangbarongan

Jesika : Ih mamah ieu teh nuju ngetren meh jiga atris atris sinetron anak jalantah

A’ah : Aduh jesika marpuah atris sinetron eta mah lipstick na oge lain anu kitu atuh eta mah naon
paranti kutek!

Jesika : Eh enya kitu pantesan weh asa paranas mah kumaha atuh ih mamah meni teu ngabejaan

A’ah : Ah teuing ah enjes kumaha enjes we seseuh tah make sanlek meh bersih mencrang jiga piring
seng anu di dapur ( bari ngaleos indit)

Jesika : Ih si mamah mah

Di tempat nu sanes si dadang nuju kahiji tempat anu sararieun

Dadang : Tempat naon sih ieu meni barau cokor

Akang : Wilujeung kang calik we eta didinya, abdi Akang asisten dukun

Dadang : Eh enya.. eh ai eta saha meni sararieun kitu meni jiga naon

Dukun : ngrghhhh

Akang : Tuh cenah kang bade naon kadieu

Dadang : kieu embah, abiteh kan nuju butuh duit jeung istri abi nu keur melendung sareng mayaran
hutang di warung ceu imas. Karunya budak abi si jesika oge can mayar spp sakolana. Kumaha nya bah
meh meunang duit gancang?

Dukun : ngrghhhhhhhhhhhhhhh

Akang : ieu cenah embah boga carana ngan aya saratna


Dadang : Naon saratna?

Dukun : ngrghhhhhhh

Akang : sok ayeuna cicing heula si embah bade macakeun jampe-jampe

Dukun : ngrhhhhhggsg (sabari ngabura jajampe ka Dadang)

Dadang : ( si dadang ngusapan beungeutna anu disembur ku dukun)

Akang : Ayeuna akang turutan si embah

Dukun : Sombolotok bonjolonong jos jos jos ah

Dadang : Sombolokotok bonjolonong jos jos jos ah

(Tuluy si dadang ngucapkeun eta jampe jampe nepi ka 3 kali. Saentos ngucapkeun eta jampe kaluar 2
tuyul jeung kunti terus ngurilingan eta dukun dadang jeung asistenna bari seseurian)

Akang : heh naon ai maneh kunti asa teu nitah maneh kaluar abi mah

Kunti : khihihihihih (kunti langsung calik di sisi si dukun)

Dadang :ieu tuyul na? Naha tuyul teh meni baradag, kumaha ieu teh?!

Tuyul 1 : wikwiwikiwik

Akang : Bae lah nu penting mah aya tuyul na, ieu teh tuyul na lila teuing di peyeum jadi we ngagedean

Tuyul 2 : kekekek

Dadang : Nyages lah bae (bari nyidik-nyidik ieu tuyul jenis naon)

Akang : Tah ieu bos maraneh ayeuna (sabari nujuk ka si dadang)

(Si duo tuyul eta mere hormat ka si dadang bari ngurulingan si dadang)

Dadang : nya entos atuh abi uih heula nya, teu sabar rek nyiapkeun koper jang duit tah ieu tempe jang
embah engke mun abi tos beunghar jiga si Aliando sarap ke ku abi ganti eta tempe ku mobil 5 siki ( bari
sasalaman ka dukun jeung asistenna pamit bade uih)

Akang : Eta naon mayar teh ngan saukur ku tempe? Hiji tuyul the harga 1m ai maneh

(Dadang lempeng ngaleos teu ngadengekeun si Akang)

Akang : Eh gera kalakah ngaleos, awas siah, dicirian ku aing

Dukun : Keun bae kang lah, eta dijamin mun ges meunang hasil moal berkah jeng teu halal, soalna
tuyulna can dibayar.

Kunti : hihihih

Dukun : naon deui ieu maneh?

Kunti : lapar ey bos


Dukun : nya jug kaditu yeuh duitna gera jajan

(di lain tempat geus peuting)

Butet : eh markonah sebentar! lapar kali lah perut ku ini

Markonah : nya dahar atuh ai maneh

Butet : dahar tuh apa? Suka tidak jelas kau ini

Markonah : dahar tuh tuang butettt yeuh tuang ( bari nunjukeun adegan ngahuap)

(Si butet tuluy mikir bari nyontohan nu dilakukeun ku si markonah)

Teu lila ti eta aya tukang sate nu ngaliwat

Tukang sate : teee sateee barade sate

Krik krik

Tukang sate : teee sateee ey sate na atuh ey!! Euh ieu suku ni beurat kieu!

(si kunti keur ngesot bari nyepengan suku na tukang sate)

Markonah : tah butet aya tukang sate, kan maneh lapar cenah

Butet : hey hey kau kemarilah biar kubeli satemu itu!

(tukang sate tuluy nyamperkeun si markonah jeung butet)

Tukang sate : alhamdulilah aya nu meuli oge ey! Keula nya neng sakedap ieu ni barerat kieu

Butet : beli sate nya lah mang 15 tusuk

Tukang sate : asyiappp

Nina : hey markonah butet lagi beli sate yaa?

Markonah : enya nin! Eh eh keula e e eta naon?

Nina : kun… (beuki rewas pas ningali si kunti nempokeun manehna)

(si butet mah sibuk we ningali si emang nyieun sate)

Markonah ngode ka si nina rek lumpat

Nina markonah : aaaaaaaa ( bari ninggalkeun si butet)

Butet : ada apa sih kau ini ribut sekali yakan mang?

Apekteh si emang na geus eweuh

Butet : eh ko ilang?! (pas malik ka tukang aya si mba kunti keur seuri ka si butet)

Butet : aaaaaaaaaaaaa

(kaisukanana)
Mang joni : Sayurrrr sayurrr, ibu ibu sayurrr, sayur na sayur na, sayurrrrrr

Ibu-Ibu gossip 1 : Eh mang jon, sayur mang

Mang joni : Eh mangga ibu, bade naon yeuh

(Ditempat nu lain, si Dadang keur nyiapkeun cara jang ngagunakeun eta tuyul)

Dadang : ah abi aya ide? Pake ka gerobak mang jon welah, kan sok loba ibu-ibu, lumayan kitu kan
(Dadang ngomong ka tuyul)

Tuyul-tuyul : kikikikikekekekeika

Dadang : Sok yul, cokotan duit ibu-ibu nu keur balanja (sabari nunjuk ka gerobak mang joni)

Tuyul-tuyul : kakkaikikikekekikai (bari ngaleos indit)


(Ditempat mang joni)

Ibu-ibu gossip 2 : mang sabarahaeun (sabari ngauarkeun dompet)

Mang joni : 80jteun bu

Ibu-ibu gossip 2 : OK mang (bari ngodok dompet), eh duit abi manaaaa?!!!

Mang joni : kunaon atuh ibu meuni rariweuh?

Ibu-ibu gossip 3 : Mang jon, duit jang balanjana leungit, teuing kamana!

Tuyul-tuyul : kikiekekeakaka

Mang joni : kumaha ai ibu-ibu, geus marilihan kalakah eweuh duitna. Sok teangan heula we

(Ibu-ibu nareangan duitna, dilain tempat tuyul setor duit ka si dadang)

Tuyul-tuyul : kekekikikikakaka (sabari mikeun duit)

Dadang : Alhamdullilah ya allah, teu sia-sia urang ngukut tuyul

(Dadang balik ka imah, jang mikeun duit ka si a’ah)

Dadang : A’ahhhh kadie ahhh, ieu akang mawa duit loba!

A’ah : Wahh maenya? Mana kang?!

Dadang : Ieu tempo yeuh ( sabari nembongkeun duitna)

A’ah : OMG hellow!!! Petot meni loba kieu! Meunang timana kang?!

Dadang : Euh… anu.. ieu yeuh.. tadi meunang manggih dijalan

A’ah : Wah boa edan! manggih dijalan meni loba pisan bisa soping atuh ey di griya jeung si enjes ieu
mah!

Dadang : Enya asli, ceuli yeuh celi!


A’ah : Emang eta mah ceuli ai akang maenya irung! Sans we atu kang, meuni nga rareuwas kitu
bengetna tong digoreng goreng. Alhamdulillah ari kitu mah (bari teu percaya eta duit teh meunang
manggih)

(kaisukan poena, ditukangeun imah)

Tuyul-tuyul : kikiakakekeke (mereken duit ka si Dadang)

Dadang : Alhamdulilah, alus gawe maneh yul. Yeuh dahareun jang maneh (mereken cau ka tuyul-tuyul)

Tuyul-tuyul : kakakaikikikiaki (ngolomoh cauna)

(Dadang keur ngageber-geber keun duit)

A’ah : Astagfirullah, akangggggg!!!!! Yaallohhhh!!! Teu nyangka abimah!!! (sabari mewek)

Dadang : Eh neng ulah salah sangka heula neng,lain kitu neng ih !

A’ah : Alah siah babangus, teu percaya eneng mah. Paingannya sok boga loba wae duit ayeuna mah

Dadang : heunteu neng heunteu, percaya ka akang!

A’ah : Teu abimah teu percaya ka akang, abimah percaya na ge ka alloh, terus eta naon maksudnna
akang maraban tuyul! Teuing urang laporkeun ka pa ustad! (bari ceurik seseduan)

(A’ah lumpat ka pa ustad)

A’ah : pa ustad, pa ustadd, tad, oi murtad!

Pa ustad : Aya naon eceu? Ciga nu diudag-udag izroil wae!

Asisten pa ustad : muhun aya naon ai eceu?

A’ah : ieu pa ustad, jadi tadi abdi nempo salaki abdi maraban tuyul!
Pa ustad : Hah? Meuli ban?
A’ah : Lain meuli ban! Maraban tuyul!
Pa ustad : ouh maraban buyur? Alus atuh
A’ah : Buyur buyur meni torek sateh! Tuyulllll tapi aneh tuyul na teh garede jiga awak berit nu keur
melendung
Pa ustad : Awak beurit nu keur melendung mah A’ah atuh?! Eh naon tadi? TUYUL?!
A’ah : enya pa ustad tuyul! Hayu gera pa ustad ngiring ka bumi abdi!
Pa ustad : hayu atuh tos lami teu hayu
(sasampena di bumi A’ah)
Pa ustad : Sok mana tuyulna, bawa kadie, ku aing kadek!
Dadang : Tuyul na.. naon pa ustad??, eweuh tu tu tu tuyul didieumah (bari gugup)
A’ah : Waduk siah Dadang, mana tuyul bieu teh! (bari neangan tuyul)
Dadang : Asli eweuh tuyul didieumah!
Tuyul-tuyul : kkikikiekekeakakak
Pa ustad : Tah eta tuyul geningan, nyumput dijero sarung si Dadang (sabari babacaan doa)
Tuyul-tuyul : kakakikikeiekek (sabari kaluar ti sarung si Dadang)
Tuyul 1 : kaakikikekek ( nyerang pa ustad make kamehameha), Kaaaaaaaaa meeeeeeeeee haaaaaaaaaaa
meeeeeeeeeeeeee haaaaaaaaaaaaaa!!!!!!
Pa ustad : eits teu benang hahaha, ayeuna giliran urg wuahahaha, jurus sarebu bayangan!
(kaluar banyangan ti tukangeun pa ustad)
Dadang : sarebu timana pa ustad? Etamah ngan aya 2
Pa ustad : nyakeun bae tilu ge, di naruto ge ngomongna sarebu kaluarna ngan dua, ahh tara lalajo sih,
jadi we kudet!
Dadang : nyateu apal abimah, biasa na ge abimah nonton sinetron azab nu aya agnes monika an
Pa ustad : Bacot nya maneh bambang! Barudak serang!!!!!
Asisten pa ustad ngipasan pa ustad
Pa ustad : eh cicing ai maneh lainna bantuan
Asisten pa ustad : heheh hampura tad
(Pa ustad nyerang ka tuyul na si Dadang)

Pa ustad : serangggg Chidoriiiii! (sabari nyerang tuyulna)


Dadang : Ulahhhhhhh!!!!
Tuyul-tuyul : kikikaikaia, teu beunang sia kehed
Pa ustad : ah maneh mah jadi we gagal! Buru jieun deui cidorina eh rasengan
Dadang : (mawa peso jang mantuan tuyul-tuyulna)
Pa ustad : Rasengan!!!
(Dadang nyerang pa ustad, pas pa ustadna ekeur nyerang tuyul)
A’ah : Entong kang! Arghhh
(jleb)
Dadang : Ah salah nojos (jleb jleb jleb)
Dadang : Ahhh, A’ahhh hampura keun akangg, akang teu kahaja! (sabari tujas-tojos keneh)
A’ah : keun bae kang, akang ntos ku a’ (batuk) ah hampurakeun, akang…….
Dadang : (ngadek beuheung sorangan) Ahhh (paeh weh)
A’ah : AKANGGGGGGG GOBBBBBBB!!!!! (ngiluan paeh)
Tuyul 1 : Ah paraeh terame, kuy balik ah
Tuyul 2 : kuy lah (bari ngaleos indit)
Pa ustad : Alhamdullilah eh inalilahi, balik oge ah
(Jesika mulih ka bumi)
Jesika : (ngacek awak indung bapana, make suku) emaaaaa, bapaaaaa, pang neangkeun jodoh
-TAMAT-

Anda mungkin juga menyukai