Anda di halaman 1dari 4

Bawang Bodas : Dhea Bawang beureum : Gita Bawang Daun : Jiahan Bawang kucay : Ilma Bawang Goreng : Novenda

Bawang Bombay : Ratih Indung bawang beureum : Rianti Babak I Hiji poe bawang bodas keur nyeuseuh di wahangan. Duka teuing ngarah naon, Manehna nyeuseuh baju hideung make duit logam lima ratus rupiah. Bawang Bodas : Gusti. Naha teu bodas bodas baju teh? Bawang Daun anu merhatikeun bawangbodas ti kajauhan tuluy nyampeurkeun. Bawang Daun : Punten, dupi neng the nuju naon? Bawang bodas ngadelekan ka bawang daun. Bawang bodas : Hah? Halllooow? Lo ga liat gua lagee nyucee? Bawang daun : eh, tapi naha nyeuseuhna nganggo artos logam? Bawang bodas : Ih akang the kumaha? Tara nonton tv nya? Bawang daun bingung. Bawang bodas : Apan cenah bisa ngabodaskeun baju make lima ratus perak! Tuh, lima ratus perak! (bari ngacung-ngacungkeun duit logam) Bawang daun garo-garo teu ateul. Bawang beureum datang langsung ngadeukeutan bawang daun. Bawang beureum : Akang bawang daun ih keur naon di sisi wahangan kieu? Bawang daun : Eh ieu neng bodas nyeuseuhna nganggo artos logam jadi panasaran akang the. Bawang beureum ngareret ka bawang bodas. Bawang beureum : Ih make panasaran atuh da teu aneh si bawang bodas mah emang rada sarap Bawang daun : . Sarap? Bawang beureum : Heueuh sarap! Hayu ah, kang! Tong didieu wae bisi katepaan sarap. Bawang daun diajak ku bawang beureum. Babak II Bawang beureum balik ka imah bari manyun. Ibuna nu keur maca majalah jadi hariwang. Ema : Yeuh, geulis, naha kunaon eta the boga beungeut alus-alus ditilep-tilep kitu? Bawang beureum : Si bawang bodas ma Ema : Naha kunaon si bawang bodas the? Nyieun ulah naon deui manehna? Bawang beureum : Tadi the pan beureum ka wahangan rek nyusulan si bodas. Ari pek the . Pek the huhu(ceurik) Ema : Eh, pek the naon? Naha bet ceurik kitu? Bawang beureum : si bodas the keur jeung si bawang daun . Hu..hu (ceurik) Ema ngupahan bawangbeureum. Ema : Uh jep..jep geus tong ceurik engke si bodas mun balik ku ema dicarekan. Jep..jep..

Bawang bodas balik bari ringkid mawa seuseuhan. Si beureum langsung eureun ceurikna tuluy ngadelekan si bodas. Ema : Heh, bodas! Dieu maneh! Bawang bodas nurut. Manehna diuk di handap. Bawang bodas : Aya naon ma? Bawang beureum : Ah tong pura-pura pikun lah maneh! Bawang bodas : Aduh bener abdi mah teu ngartos. sumpe Ema : Maneh tadi nanaonan jeung si bawang daun? Bawang bodas : Teu nanaonan, ma. Bawang beureum : Hah, bohong! Jelas-jelas maneh tadi tebar pesona ka si bawang daun! Ema : Bodas, dengekeun nya! Si bawang daun the kabogohna si beureum. Maneh mun hayang bobogohan mah ku ema dijodokeun jeung embe! Bawang beureum : tuh, denge teu maneh? Bawang daun mah Cuma punya beureum seorang. Ngarti maneh? Bawang bodas unggeuk. Bawang beureum : Geus, ayeuna mah licinan baju beureum! Beureum rek jalanjalan. Bawang beureum indit. Babak III Bawang daun keur nyarita jeung indungna, bawang goreng. Bawang daun : Ema, daun nyungkeun restu ti ema. Daun rek ngalamar bawang bodas. Bawang goreng : What? Serius lo? Bawang bodas nu sarap? Nu sok nyeuseuh di wahangan make duit logam? Bawang daun : Daun cinta ka bawang bodas ma, teu paduli sarap oge. Bawang goreng : yeuh, jang, dengekeun ema, nya! rarabi mah lain ngan ukur urusan cinta. Ujang mun boga pamajikan sarap kitu kuat moal? Bawang daun : Ujang mah pasti satia ma. Bawang goreng : Ujang the yakin? Bawang daun : Yakin, ma. Bawang goreng : Ah, nya enggeus lah. Ema mah satuju wae. Bawang daun : Bener ma? Ema ngarestuan? Nuhun nya ma. Daun bungah pisan. Babak IV Bawang bodas ceurik sorangan bari gawe. Bawang bombay datang ngabaturan bawang bodas. Bawang bombay : Assalamualaikum. Bawang bodas : Waalaikum salam eh bombay (bari nyusutan cipanon) Bawang bombay : Bodas, kunaon ceurik? Bawang bodas : Kuring sedih teu kuat dicarekan wae di dieu the Bawang bombay : Duh karunya teuing sabar nya.. Bawang bodas unggeuk2an. Bawang bombay : yeuh ayeuna mah bodas dengekeun bombay. Bombay aya beja pikabungaheun. Bawang bodas : Naon, bombay? Bawang bombay : Si bawang daun bogoheun ka bodas. Manehna geus menta ijin indungna, ibu bawang goreng. Rencanana rek ngalamar bodas. Bawang bodas : Maenya? Pan si daun kabogohna si bawang beureum.

Bawang bombay : Ah, eta mah gosip. Si beureum na we ngaku-ngaku Bawang bodas : Ah, asa teu percaya bodas mah. Bawang bombay : Ih bener bombay pan pakar gosip terpercaya. Geus lah, ayeuna mah bodas siap-siap! Bawang bodas : Siap-siap kumaha? Bawang bombay : Siap-siap! Ah, bodas mah katinggaleun jaman. Nyalon! Nyalon! Pedicure menicure! Hayu ah! (bari ngabedol si bodas) Babak V Bawang beureum neangan bawang bodas. Bawang beureum : Bodas! Mana baju beureum? Bawang beureum asup ka tempat istrikaan. Bawang beureum : Nanaonan sih si bodas the? Lila-lila teuing gawe sakitu ge! Bawang bodas teu kapanggih ku bawang beureum. Bawang beureum tuluy neangan bodas, sugan we aya di kolong bangku, di tukangeun papan tulis, tapi teu kapanggih keneh. Nepi ka babaturan beureum, si bawang kucay asup ka jero. Bawang kucay : Beureum! Buru atuh! Geus beurang yeuh! Kaburu panas, nanti kulit eike hitam legam terbakar matahari, iy gamau Bawang beureum masih keneh sibuk neangan bawang bodas. Bawang kucay : Beureum! Heh! Neangan naon? Bawang beureum : neangan Si bodas! leungit! Bawang kucay : Hah? Naha bisa leungit kitu? Tadi diteundeun di mana? Bawang beureum : Hulu maneh, diteundeun! Tadi mah keur ngalicin. Bawang kucay : Ke heula, ke heula. Si bawang bodas dulur beureum lain? Bawang beureum : Heueuh, kucay. nempo teu? Bawang kucay : oh, si bodas mah paling ge keur nyalon! Bawang beureum : Hah? Ti iraha si bodas beuki nyalon? Bawang kucay : Ih beureum can nyaho? Si bodas pan rek dilamar ku si bawang daun. Bawang beureum : What? Si bodas pembokat sarap model kitu rek dilamar bawang daun? Bawang kucay : yah, sarap-sarap kitu ge geulis sih. Bawang beureum : Heh, kucay! Yang paling cantik tu gue! Bawang kucay : ih maneh ngaca atuh! Modal bedak dempul kitu! Bawang beureum : Oh, jadi maneh geus bosen jadi sobat beureum? Rek musuhan? Bawang beureum jeung bawang kucay silih jenggut. Tiba-tiba di luar kadenge sora raramean. Bawang daun jeung rombongan keluargana datang rek ngalamar bawang bodas. Bawang daun : Assalamualaikum! Bawang beureum jeung bawang kucay nu keur diadu jadi reuwas. Bawang beureum : Waalaikum salam, eh bawang daun, Ibu bawang goreng, Mangga lebet. Bawang daun jeung keluargana asup ka jero tuluy diuk di ruang tamu. Bawang beureum : Aduh bade aya pikersaeun naon ieu the mani rame kieu? Bawang goreng : Kieu, neng bawang beureum, pun anak, si bawang daun pan tos cukup umur kanggo rarabi. Kaleresan anu dipikahoyong the rayina bawang beureum, Bawangbodas.

Bawang beureum : Aduh punten pisan, si Bodas the nuju teu aya di rorompok. Tadi mah kukupingan teh bade ka salon, eh sareng kabogohna mun teu lepat mah. Bawang daun : Kabogoh? Bawang beureum : Heueuh, ehm tibatan nungguan si bawang bodas nu teu jelas kitu, mendingan bawang daun ngalamar beureum we atuh Teu lila, bawang bodas datang jeung bawang bombay. Manehna geus geulis pisan lantaran kakarak ti salon. Bawang daun langsung nangtung nyambut bawang bodas. Bawang bodas : Akang bawang daun.!? Bawang daun : Bawang bodas, akang ngantosan bawang bodas ti tadi. Bawang bodas : ngantosan bawang bodas? Ah, maenya? Bawang daun : Muhun, leres. Akang the aya piobroleun ka bawang bodas. Bawang bodas : Piobroleun naon kang? Bawang daun : Eh akang the cinta ka bawang bodas. Bodas kersa teu nikah sareng akang? Bawang bodas : . Eh tapi bodas bade ngajukeun sarat. Bawang daun : Sarat naon? Bawang bodas : Mas kawinna, bodas hoyong artos logam sakarung. Bawang daun : Tong keun sakarung, satreuk oge ku akang dicumponan. Jadi kumaha? Bodas kersa teu? Bawang bodas unggeuk bari rada semu era. Si bawang beureum ceurik alukalukan. Bawang kucay sibuk ngarepehkeun.

Anda mungkin juga menyukai