Anda di halaman 1dari 7

Laporan Hasil Apresiasi

Novel Si Sekar Panggung

Judul
: Si Sekar Panggung
Penerbit
: PT Kiblat Buku Utama
Taun Terbit : 2007
Pengarang :
Latar Belakang Pengarang :
TATANG SUMARSONO lahir jeung gede di Tasikmalaya. Kasang
tukang kahirupanana prah wae kawas budak nu lian. Mun tea mah
rek disebut rada aya punjulna, eta meureun pedah ti umur
wewelasan ku Gusti Alloh dititipan pangaresep kana kurangkarang, najandina prakna mindeng mah ukur satimu-timuna.
Munggeran pisan karanganana dimuat dina majalah Mangle
taun 1974. Ka diuenakeunan, sakapeng sok rada produktif, tapi ari
mimindengna mah nya kedul tea. Aya kana lima likur taunna jadi
wartawan di sawatara surat kabar jeung majalah, boh nu terbit di
Bandung boh nu terbit di Jakarta.
Kungsi dileler Hadiah Jurnalistik Adinegoro (1985) dina
widang fotografi. Dina widang sastra Sunda, Tatang kungsi dileler
Hadiah Sastra LBSS, Samsudi, Rancage, jeung DK Ardiwinata.
Tatang tamat ti jurusan Pendidikan Basa Daerah IKIP (ayeuna UPI)
Bandung taun 1982. Jaman keur mahasiswa sok milu aktif dina
organisasi kamahasiswaan. Tatang aktif di Persatuan Pencak Silat
Indonesia (PPSI) Jawa Barat.

Hasil Karya :
Hasil Karya Tatang Sumarsono diantawis na : Si Sekar
Panggung, Demung Janggala, Miang jeung kaludeng, Jaro
Bantahan, Kolebat kuwung-kuwungan, Kinasih Katumbirian, Si
Paser.
Unsur Carita :
Tema : Seorang anak yang sederhana tapi, karena
keuletannya. Dan kerajinannya dapat membiayai
sekolahnya sendiri.
Seting
:
Tempat :
1. Di Istal cuplikan kalimat na Sasarina ge tabuh
genep teh bapa Entom geus aya di istal ...
2. Di Sakola cuplikan kalimat na Tabuh satu
leuwih sapuluh, sakola bubaran ....
3. Di track cuplikan kalimat na Saenggeus
meunang sababaraha kuriling, Si Panggung
dibawa ka track ...
4. Di Lapang cuplikan kalimat na Terus nungtun
Si Kandidat ka lapang ...
5. Di hareupeun panto WC cuplikan kalimat na
Di hareupeun panto WC katenjo aya sapatu boot
anu cikeneh dipake ku Neneng, ngagoler kitu
wae.
6. Di Pangandaran cuplikan kalimatna Poe
kemis kuda anu rek diturunkeun kana pacuan di
Pangandaran poe Ahad geus diakut kana treuk
Waktu Kejadian :

1. Tabuh genep cuplikan kalimat na Sasarina ge


tabuh genep ...
2. Isuk-isuk cuplikan kalimat na Jadwal Um
Yance ngalatih kuda teh isuk-isuk, ti tabuh genep
dugi ka tabuh tujuh.
3. Tiap Pagi cuplikan kalimat na Mestinya tiap
pagi kamu pake Si Panggung.
4. Sore cuplikan kalimat na Sore ayeuna ge Pa
Haji geus aya di dinya ...
5. Tas Salat subuh cuplikan kalimat na Tas salat
subuh, manehna gura-giru ka istal ...
6. Saban bada asar cuplikan kalimat na Saban
bada asar, Entom geus saged masang kadali.
7. Saban Peuting cuplikan kalimat na Saban
peuting Bapana Entom jeung Mang Ohan dibere
tugas miketan kandang ...
8. Isukna, poe Ahad cuplikan kalimat na Isukna,
poe Ahad, ti tabuh dalapan keneh nu rek lalajo
geus mimiti ngabrul ...
Plot/Alur Cerita setiap tokoh :
1. Ahmad Hutomi/Entom : Alur Maju, kusabab
maneh na ngajalankeun kaayaan hirup na sacara
runtut.
2. Bapa na Entom : Alur Maju, kusabab maneh na
diparentah ku Pa Haji Tantowi sapopoena ngan
ngurus Istal.
3. Pa Haji Tantowi/Pa Haji SPBU : Alur Flashback,
kusabab maneh na loba ngabandingkeun
kaayaan prestasi anu geus di raih ku kuda sejen
sareng kaayan prestasi Si Sekar Panggung anu
can meunang prestasi sama sekali.

4. Um Yance : Alur Maju, kusabab Um Yance dina


carita ieu ngan ngalaksanakeun parentah Pa
Hajii Tantowi, nyaeta jadi pelatih joky kuda.
5. Neng Dinar : Alur Flashback, kusabab maneh na
loba ngabandingkeun kaayan prestasi lanceukna
nu baheula jeung kaayan maneh na ayeuna.
6. Cep Ridwan : Alur Mundur, kusabab maneh na
loba nyaritakeun kajadian-kajadian anu geus
heubeul, tapi ku anjeunna masih diungkit-ungkit.
7. Cathrine : Alur Maju, tapi didieu anjeunna teu
loba dicaritakeun.
8. Kang Gilang : Alur Maju, kusabab maneh na padu
ngalaksanakeun parentah ti Pa Haji sareng Um
Yance.
Tokoh :
1.
2.
3.
4.
5.
6.
7.
8.

Ahmad Hutomi/Entom
Bapa na Entom
Pa Haji Tantowi/Pa Haji SPBU
Um Yance
Neng Dinar
Cep Ridwan
Cathrine
Kang Gilang

Karakter Tiap Tokoh :


1. Ahmad Hutomi/Entom : Nurut ka nu leuwih kolot,
daek disuruh.
2. Bapa na Entom : Sederhana, teu nembongkeun
kasusahanna.
3. Pa Haji Tantowi/Pa Haji SPBU : Dermawan, daek
mere ka nu
leuwih ngabutuhkeun.

4. Um Yance : Nurut kana sagala perintah Pa Haji


Tantowi.
5. Neng Dinar : Nurut ka rama na, teu sombong
sanajan maneh na anak jalma aya.
6. Cep Ridwan : Sombong, sabab sok mamerkeun
kaberhasilan anu tos dicapai.
7. Cathrine : Sanajan maneh na turunan eropa, tapi
maneh na daek bergaul sareng jalma deungeun,
istilah na mah teu aya kata gengsi bagi
anjeunna.
8. Kang Gilang : Joki anu nurut kana parentah Um
Yance, daek mirengkeun nasehat ti sagala
jalma.
Amanat :
Pangarang nyieun carita ieu teh sangkan urang daek usaha dina
sagala hal anu keur disanghareupan ku urang. Salian ti eta, urang
kudu ngagaduhan kasabaran anu leuwih ambeh masalah anu keur
di hareupan ku urang teu hese teuing milarian jalan kaluarna.
Sinopsis :
Novel nu nyaritakeun tentang hiji budak anu namina
Ahmad Hutomi atawa Entom. Bapa na Entom teh di damelna ngurus
kuda pacuan anu dititiokeun ku dunungannana. Salah sahiji dunungan
bapana Entom teh namina Haji Tantowi atawa biasana disebut Pa Haji
SPBU, kumargi usahana kana pom bensin. Pa Haju teh gaduh putra tilu,
nu dua pameget, anu bungsu hijina deui istri namina teh Neng Dinar anu
sami sareng Entom. Neng Dinar teh resep kana kuda, kukituna upami Pa
Haji ka istal, Neng Dinar teh osok ngiring janten weh wawuh deukeut
malah mah, Neng Dinar teh osok naek kuda tapi bari di cekelan ku
Entom kumargi palaur gebis, Sebenerna mun nuju naek kuda teh Neng

Dinar sok miwarang tong dickelean tapi tara digugu ku Entom da bisi
labuh eta budak dunungan teh, da lamun nepika labuh mah sieun
bapana Entom anu katempuhan.
Entom teh ayeuna kelas 9 SMP, disakola Entom teh
kaasup murid anu pinter. Saban uih ti sakola Entom sok mantuan bapana
ngurus kuda di istal, Kuda anu osok diurus ku Entom teh nyaeta Si Sekar
Panggung, dipasihan nami kitu kumargi sukuna barodas. Tapi Si Sekar
Panggung teh anu ngabogaan adat anu panggoreengna ti genep kuda
bogana Pa Haji anu dititipkeun di istal, jeung teu bisa diatur kusasaha
iwal ku Entom. Si Sekar Panggung teh leuwih iceus ka Entom batan ka
Kang Wawan, Mang Oham, Mang Acep, jeung bapana Entom anu osok
ngurus kuda di istal. Malah mah jeung ka Pa Haj ge, ka dunungannana,
iceus keneh ka Entom. Saba eta kuda teh dijurukeun pas dina malem
lebaran, tur Entom anu nungkulanana. Komo saatos indungna paeh opat
bulan saatos ngajuru eta kuda, Entom anu som nyekelan botol dot mun
Si Panggung keur nyusu.
Si Panggung teh umurna geus tilu taun, tapi tacan
kungis dilombakeun kana pacuan. Kumargi Si Panggung teh ngan daek
diatur ku si Entom, Pa Haji teh miwarang Entom ngalatih eta kuda bari
dibantuan ku Um Yance nyaeta pelatig kuda di eta istal. Entom teh
ngalatih eta kuda dina waktos subuh sateuacan angkat ka sakola. Dina
lomba pacuan Si Panggung meunang Juara ka hiji, meunangna Si
Panggung teh di arep-arep pisan ku Entom sarta anu sejenna nu ngurus
eta kuda. Sugan weh lamun Si Panggung meunang, manehna bakal
meunang komisi, anu bakalan dipake kangge neruskeun sakolana ka
SMA kumargi kaayaan ekonomi na anu kirang, ari pek teh Neng Dinar,
putri Pa Haji nyuhunkeun ka Bapana mun eta kuda meunang bakalan

nyakolakeun Entom ka SMA sareng Dinar. Kumargi Entom teh budakna


pinter tapi teu gaduh biaya kangge neruskeun. Janten weh Entom teh
sakolana dibiayaan ku Pa Haji.
Penilaian :
Novel Si Sekar Panggung teh alus sabab dina eta novel teh seueur
gambarna, janten nu macana teu bosen. Salian ti eta, Novel ieu teh
leuwih hade alur caritana, teu jiga novel-novel nu sejen nu babari ka
tebak alurna, novel ieu mah ngajak nu maca kangge leuwih tebih
nyurtian saban eta carita novel.

Anda mungkin juga menyukai