Anda di halaman 1dari 4

Pan kitu? Ari calon guru teh ku lagu Sunda-na. Ah ieu. Kiwari lain kamari, ayeuna lain bihari.

Urang muka
lawang nu anyar. Mendet lawang panto tukang. Gendeng. Ginding tah Kang Ibing, teu meunang atuh.
Enya ge bobogohan di Australi. Ari lagu mah Sunda. Eh enya kitu. Alah, leres Neng Muti. Aduh kitu talun
lah. Talun, enya kitu Kang. Abdi teh kalintang bingahna gitu weh, pedah Akang weh naros ku Urang
Sunda di Australi da alhamdulillah Kang, bendera ti Sunda ku abdi 27 tahun dikibarkeun. Ke ke ke bisi teu
percayaeun lain ti Australi. Nya. Pang nerangkeun, ilain miara budaya Sunda make Bahasa Inggris, kajeun
teuing satengah detik ge. Cing sok. Tuh siga nu heueuh. Nya sok teruskeun heula. Enya. Kecapi Nu Jadi
Saksi, Kasmaran. Gerua urang haleangkeun nya Kang, nya? Dur sok. Keun bae teu kecapan ge, kiyeu. Na
kasaha kudu balakaet. Magnet ka tungkusan kalbu, na kumaha kudu nyarita, Halo. nyimpaikeun rasa
katresna. Halo. Tah. Halo. Halo. Halo. Cikapundung, Cikapundung,Cikapundung, abdi mah alim
dicandung. Kajeun alim ge aing mah maksa dek nyandung maneh. Kota kembang, kota kembang, kota
pangbrahbrah sadunia. Narah lain, Pan aya laguna nu sejen, eta teh. Ka Pasirkaliki eta enjing-enjing. Aki-
aki digegel anjing. Tuh, pan raos, Narah lain japati ngilang jangjangna, Jangjang japati teukteuk terus
urang goreng. Geundeung nyusah aya ge.Eta japati Dana lah nuhun. Halo. assalamualaikum. Salam. Kang
Ibing. Kulan. Bade tumaros. Muhun. Upami kecap anteuran, sapertos misalkeun naek ka luhur, gitu nya.
Teras turun ka handap, teras lebet kanggo. Ari ka luar kumaha eta mah? Kulan? Muhun lebet ka jero.
Bray ka luar. Ari ka luar naon? Nya. Muhun naon? Ka luar teh kumaha kecapna, kumaha kata-katana. Oh
gitu. Muhun. Pan naek ka luhur nya? Muhun. Naek ka luhur. turun ka handap. Muhun, muhun. Teras
lebet ka jero. Muhun jeregjeg ka luar aya, nu kitu. Muhun. Oh kitu nya. Muhun.Kumaha kalimatna

Saur Pa Yudi. Muhun. Nu di Parahiangan, Kang Ibing iraha bade ngaben lebet ka bendeuma deui. Abdi
mah tara ngabend ti baheula oge abdi resep ngukud Bapa. Nernak-nernakkeun gitu tah, hoyong terang
lamun domba kieu jeung domba kieu dikawinkeun janten kumaha, kitu. Hooh hatur nuhun atuh. Nya
sami-sami Pa. Abdi ti bade ngintun salam weh ka Abah Acang. Mangga mangga. Ka pun rama. Mangga
mangga mangga. Hatur nuhun Kang Ibing. Assalamualaikum. Mangga mangga. Eh duh Gusti. Da ieu
lamun nengali nepi ka urang Sunda ieu tina buku Pak Uun Suryawirya Beh. Kumaha kitu Kang. Nepikeun
ka urang ningali yeuh. Lalab. Ieu lalab sunda weh dangukeun yeuh. Hiji baluntas, dua bonteng, tilu
cangkudu, aya gandaria, teras papaya, nya papaya teh gedang. Teras guni, kadongdong cina, jaat, jambu
bool, jambu mede kangkung, kacang panjang, katuba, katuk. Antanan. Kencur, kembang leunca, lobak,
mangkokan, surawung, puing, kanikir, roai
kurupuk, salam, saladah cai, saladah bokor, daun sampeu, daun hui, terong, Tilu ee
calincing, eceng, genjer, gelang, gewor, borobos, genjer, jengkol, jotangjong, koang, kosambi, kihapit. Eta
kosambi teh sihoreng ngaran lalap, nyaho kitu mah dicoelkeun ku aing teh. Kosambi dicoelkeun kana
sambel trotoarna beak.
17____________________________________________________
Iyeu sareng Kang Endang di Ciapus yeuh. Ciapus, Bogor, muhun. Ciapus Banjaran. Oh Banjaran. Muhun.
Kamari tepang di dinya tah, di Ciapus Banjaran. Eh Bing. Muhun. Dina lagu oge ieu nya. Aya reundeu
beureum cenah. Reundeu kayas, rendeu. Reundeu beureum, reunde hideung, reundeu kayas
solempangan. Kolentangan? Kolentangan muhun.Tah ari reundeu teh naon? Reundeu tangkal reundeu
sapertos randu. Oh tangkal. Mangrupakeun tangkal gitu. Sapertos ampir pas sami sareng randu. Oh
reundeu teh nya. Muhun. Tah upami eta kolentanganna naon hartosanna. Kolentang nya kolentang teh.
Warna keneh? Sanes warna, anu ieu teh geningan, hui kolentang salain upami kembangna, sanes
kembang. Buah mahoni anu ipis tah nu sok ngapung jiga eta, kolentang.eta. Kolecer weh kitu. Tah nu jiga
kolecer kitu geuning, tah eta kolentang.Kolentang eta mah kuah. Muhun. Buah kolentang, upami
reundeu tangkal. Tangkalna, muhun.Tangkal reundeu. Atuh hatur nuhun. Mun di lembur kayu randu,
lamun di leuweung kayu reundeu. Oh kitu. Muhun, kahartos ayona mah. Mangga, mangga. Hatur nuhun
Kang Ibing. Mangga mangga. Assalamualaikum. Waalaikumsalam. Tuh Sunda, tah. Apan di Sunda mah kai
teh make q
19:_________________________________________________________
Lisanna disingkat Geuning sok aya, naon teh geningan. Di jalan naon ta teh qi hiang, tah eta teh kai
hiang. Kai hiang. Kuat ta teh qi hiang. Alah, Sunda mah atuh da make jeung aya aturan, heueuh make q
kai teh. Qi hujan kitu tah nya, kayu hujan ngaranna teh, kai qi teh. lain aki-aki, lain. Kade Sunda mah
singkat, padat gitu. Singkat padat kitu tah. Numawi Basa Sunda teh nyaeta ceuk abdi ge, ah hese Sunda
mah. Lamun geus ngagambarkeun hiji hal teh nepi ka kieu. Ieu aya anekdot. Sajarawan, eh budayawan
jago Basa Sunda. MA Salmoen ngadongeng sareng Moehammad Amri, sami-sami sastrawan Sunda. Ceuk
Moehammad Amri naroskeun ka MA Salmoen, "Cing Yi, Akang pang neangankeun." cenah. "Hayang
ngagambarkeun jelma nu jangkung gede, teteg, godeg panjang, kumis baprang, beungeut premes
prenges, tapi hayang ku sakecap." Eta pinterna mah, Pa Salmoen make nyebatkeun, "Atuh ka abdi Kang.
Atos weh ABRI om." Ari pek teh anggel teh ti Moehammad Amri dibalikkeun. Euleuh eta cenah. Tapi
kabayang lamun jelema. Duh eta meni ABRI Om. Heueuh jelema teh kitu. Wedaheun. Tah eta. Jadi ari
sastrawan mah tah sok inget teh apan aya sastrawan Inggris teh saha teh geningan Mo Romeo and Juliet
teh, William Shakespeare nya. Tah malah aya deui hiji, Anton Chekov. Eta jago nepi ka aya sastrawan
muda Rusia nyieun karangan kandelna teh 5000 halaman. Eta kacipta nya, dibikeun, "Abdi teh cenah
hayang ngarasa bingah pisan kahormatan lamun ieu buku dipasihan judulna ku salira." Bener hartina ari
maca judul teh kudu maca heula lalakonna? Enya. Tapi Anton Chekov mah ngan saukur nanya, "Ari
dijerona nyaritakeun perang, aya euweuh?"

Sugan eta teu tambur teu genderang teu aya. Geus tulis judulna tah, Tak Ada Perang Tak Ada Genderang.
Alus tah. Yeuh, huh tepat ari aing mikiran taun-taun cenah lila, naha ieu mah ngan sakilat. Tuh geningan.
22:_____________________
Masinis keur ngajalankeun kareta api atuh, di gigireun rel, tukang kupat tahu keur kukumbah. Keur
ngumbahan piring, ari lapna lap beureum, beres ngumbah kakebut kateungali ku masinis. Uluh tanda
bahaya di rem, rrd bari nolol kana ka, tina panto, panto kareta api. Nanya ka tukang kupat. Aya naon
Mang. Teu aya nanaon kantun bumbuna wungkul. Ginding. Teu aya nanaon kantun bumbuna hungkul.
Har batur ngetan ieu ngulon. Atuh matakna. Tah kaleresan abdi ayeuna dina ieu nya kang. Pan abdi
unggal wengi teh sok. Eta sadayana nu aya di manca nagara, di Amerika, di mana wae, Geuning dug
dugikeun ka ayeuna oge eta teh upami nyarios di Riung Bandung teh sok ngarango Basa Sunda. Piraku
anu tos taun-taun di Amerika, di mana-mana, eta Basa Sunda dugi ka lalancar keneh, tah ayeuna balik
deui ka Bandung Kang. Eta barudak ayeuna gening. Punten ieu teh punten pisan, ari janji swear cenah
kitu, bari kieu nya, swear. naha teu bisa mun nyebutkeun sumpah kaos urang baheula. Cik atuh. Kudu
kumaha ieuh
24:_______________________
Kudu kumaha ieuh, Urang mah pan nyebut sumpah teh, sumpah tah bari indung suku teh
dipelengkungkeun ngarah teu jadi. Inget ti leutik kasenter gelap, bari nyabak. kasenter gelap. Oh itu
tangkal kai, lain urang da sieun atuh Kang. Tapi barudak ayeuna teh kumaha, pengaruh naon, Nya
lingkungan, Kang. Etah si bule gera bisaan iklan, heueuh urang teh lain teu meunang berbahasa Inggris,
kudu, lantaran bahasa Inggris teh bahasa internasional. Tapi ulah kieu ari budaya batur dibumboleh ari
budaya sorangan ditinggalkeun. Ulah pisan, Kang. Soalna kieu, mun urang loba bahasa kan leuwih
merdeka, nya Kang nya? Enya, datang ka urang Sunda bisa ngomong Sunda, leuwih tingtrim. Datang ka
orang Jawa bisa ngomong Jawa enak. Terus ka orang bule ngabasa Inggris pan tingtrim, Urang Sunda
mah contoh kieu Kang, punten bade, sanes bade ngahinakeunnya. Lamun Urang Sunda ngomong Bahasa
Inggris alhamdulillah Kang, teu ngerakeun. Contoh nu lainna, lain ngahinakeun ieu suku bangsa, punten.
Da urang sok sanajan logat kieu teh, serat Sunda mah bisa lolonakan Kang. Sok ngomong Prancis siga
orang Prancis, ngomong Inggris siga orang Inggris. Coba bangsa nu sejenna, suku sejenna, punten. Conto
boga babaturan, manehna geus 36 tahun di ditu Kang. Nya punten yeuh. Lain urang mah kela Bek,, inget
kana Basa Sunda teh bari jeung teu ngarti teh dina beus Ko. Dina beus kondektur keur nagihan karcis.
Karcis karcis karcis bayar. Habenna aya orang negro. Jug di dituna preman meureun Negro teh.Tapi teu
ka, ngarti Bahasa Indonesia mah, "Karcisnya Tuan."

"Apa karcis, saya orang negro."

"O muhun muhun teu atuh henteu", cenah. Tah aya Urang Sunda di gigireun, "Oh lamun hayang teu
mayar mah kudu ngaku negro." Pak karcis Pak, da abdi ge orang negro.

:26_____________________
Tah numatak. Kade, kade, sakali deui wilujeng ka Cep Aas sareng Neng Meri, kamari putrana tos
ditikahkeun ieu, muga sing bagya lahir batin dunia akherat diduakeun nya. Sing mulia. Tah kitu atuh.
Alah, da nyaeta atuh jelema teh sok heueuh araraneh Ko, Tah kitu. Duh dinu poek jeung dinu poek,
jelema papanggih, tah orang Sunda. Nanya deuih itu poek jeung poek palalaur meureunan. Ngeunaheun
nanyana teh, "Geus ti mana Din?" "Weh ti wetan, Tang. Bari ngaliwat ngeuceuweut, "Aing mah lain
Udin." "Paduli aing ge lain Otong. Jadi saha nu ngobrol? Teu nyaho. Mangkaning poek, sadeuleuna weh.
Mana Din. Weh Tong. Cenah geus rada jauh, aing mah lain Udin, paduli aing ge lain Otong. Ieu saha?
Abdi tegep nya Kang, nya. Euh Basa Sunda mah. Apan aya jawara jeung jawara cenah musuh. Punten.
Geus taun-taun musuh, kabeneran pas saranuk pisan atuh dina jambatan. Mangkaning waduh, anu hiji
mawa kampak, nu hiji mawa bedog. Wah ieu mah geus pasti amprok, Dek amprok weh. Srr nyabut
bedog, nu hijina nyabut kampak. Atuh langsung ceukna teh. Ngajago sia. Nyaho siah ieu naon? Bedog.
Ari ieu naon maneh? Kampak. Tukeuran? Hayu. Sugan teh gelut, ieu tukeuran. Nu hiji bari bari mawa
Sihoreng sarua sieun. Haha atuh ari sia. Tah aya dongeng deui nu ngeunaheun dongen kuya euy. Aya
kuya tiluan, tilu kuya teh, nu gede dua nu leutik hiji. Ari kabehna teh ngarobrol. Urang mah hayang
ngajaran cenah ka restoran. Hayu. Tapi kulantaran duitna saeutik, tong nanaon urang pesen minuman
weh limuni sabotol sewang. Hayu deg. Barang rek nginum pisan, ari preg teh hujan gede. Enya. Ceuk
kuya nu gede hiji deui teh, hujan gede euy, balik mawa payung heula cing atuh. Ah embung urang mah.
Maneh atuh cenah. Ah moal. Maneh tuh nu leutik. Ah urang mah embung ah sieun urang ke urang indit
nyokot payung, limun aing diinum ku maneh. Moal aing mah jangji. Bener? Lamun diinum urang moal
tulus nyokot payung. Nya sok. Leos tungguan sajam, dua jam can balik-balik. Tilu jam, nepi ka geus
setengah poe ampir ka isukna. Ceuk nu duaan teh Ah da euweuh wae si eta mah, nginum weh yu euy.
Hayu.

28:____________________________________
Heueuh da ngaranna ge kumaha atuh da meureunan ngadu urang mah. Ari, ari dongen mah da loba
atuh. Nya tapi Kang, Jadi matak di mana wae. Boh saha wae, Kang. Ari ngadongeng Sunda gitu nya. Heug
ngeunah wae kana hatena gitu, da nyentug weh kana hatena. Sok, ayeuna urang Sunda umumna, rata-
rata orang Sunda sok jarorang, tapi jorangna jorang nyeni tea, nya. Contoh weh model ayeuna lagu geura
sok. Dulugdugdag dulugdugdag tumpak motor ka Bandjaran. Udug-udug diudag-udag ku dokter rek
dipodaran. Tapi eta teh hiji naon nya. Model lain hinaan, tapi bisa ngeunahkeun ka sarerea, kitu. Bisa.
podaran panyakitna. Tungtungna teh. Nya atuh da urang teh, ari lebah dinya mah, ngaranna ge dongen
Urang Sunda mah, ngeunaheun. Urang Sunda teh beuki seuri. Nya kitu. Mun aya ngabring jelma
katempo huntuna teh seuseurian Urang Sunda, cenah pasti. Da Urang Sunda mah dina kaayaan keur
ripuh ge masih seuri. Tah eta anu, anu aneh na teh. Masih keneh. Heueuh ceuk urang mah dipikir-pikir
dina kaayaan susah teh masih seuri. Urang Sunda sok teungali. Urang hiji waktu ningali tukang bajigur
gitu nya. Dagang. Tukang baso, lain bajigur. Ngaliwat kana galengan, leueur, tisoledat, tigujubar. Eta urang
kalah seurina teh nempo manehna roroesan newakan baso. Jadi lain hayang mam, kadon neteg. Tah
urang Sunda. Sakitu dina penderitaan ge keukeuh weh seuri. Kaget urang mah. Aduh sinting. Enya sok
weh eta kacipta. Bacot pabaliut. Aya naon Mang? Teu nanaon, kantun bumbuna wungkul. Apan keuheul
jelema teh. Kamana wae sia teh, lain ngajawab.

Anda mungkin juga menyukai