1. Mulyadi sbg : Bu RT
2. Arul sbg : Garong 1
3. Jojon Sbg : Garong 2
4. Udin Sbg : Hansip
5. Juhro sbg : Jumadi
6. Ujang sbg : Saman
7. Jajang Saepul sbg : Pa RT
8. Dedi rohman sbg : Pembaca Prolog dan Epilog
Udin : “Duh kieu nya jadi hansip di desa terpencil mah, sugan ngaronda teh disuguhan
cikopi jeung roti, titatadi kalah nguyup angin wae.” Hoammmz.. (Bari nundutan).
Keur kitu torojol si jumadi, jelema jangkung gede nu dititah pa RT sangkan titah ngabaturan
si udin nu keur nga ronda peuting eta teh.
Sabot keur ngarobrol kitu, datang si saman (baturna si udin hansip) bari ti kukurusak sabari
nyodorkeun leungeun terus sasalaman.
Saman : Sip, kumaha jadi teu yeuh ngurilingan kampung teh ayena?
Hansip : Jadi atuh, kan keur kasalametan warga urang keneh supaya aman, tentrem, jeung
sejahtera!
Saman : Tapi kuring mah bingung lamun engke kapangih jeung garong euy, kudu kumaha
newakna?
Hansip : Keun serahkeun tugas eta mah ka uing, urang kerekeb tah garong!
Saman : hayu atuh urang geura mangkat nguring kampung..
Hansip, enjum : Hayu..
Di lain tempat, aya 2 urang garong anu keur asup ka salah sahiji imah. sagala-galana di
gasak, kuat ka katel-katel dapur oge dibawaan ku manehna.
Arul : Buru lalaunan-lalaunan !
Jojon : Buru bantuan, lain lalaunan-lalaunan sateh!
Arul : Sip atuhh, urang rada terehan saeutik asupkeun kana karungna.
Jojon : Bawa tuh katel jeung sosodokna sakalian !
Arul : Keur naon maneh, ngagarong mah sakur anu berharga wungkul weh atuh jon?
Jojon : Ari maneh, kan tadi teh urang geus ngagarong hayam, lamun dek di asakeun,
berarti kudu di goreng heula meren, nah jadi ieu kudu dibawa sakalian.
Arul : Heug atuh kumaha maneh weh! Eh, ari hayamna mana euy?
Jojon : Geus aman, ges ku kuring diasupkeun kana kandangna, pokona mah sip lah.. !
Arul : Ah ari kitumah anger we urang kudu newak deui deleuh, belet sia mah ah!
Dijalan.. Anu tilu urang nu keur tugas ronda eta, ngaliwat imah anu keur digasak ku garong.
Hansip : Cik urang senteran, tuh di belah ditu?
Saman : Sok urang marisah weh ayeuna mah. Urang ka kulon, si hansip ka gigir, jumadi
maneh milu jeung urang duaan!
Hansip : Eh… siahh urang sorangan atuh..?? mane’h mah sok teu baleg ah. Kumaha lamun
papangih jeung garong? Kudu kumaha kuring??
Jojon : Buru ari geus pamenangan mah, hayu urang geura kabur, bisi kanyahoan !
Arul : Aih.. Meunang naon ari maneh? parabot dapur wungkul sateh!
Jojon : Cik ari maneh kudu bersukur, meureun rejekina ngan sakieu-sakieuna. geus tong
loba omong bisi katewak manten!
Arul : Ieu jagong moal dibawa sakalian jon??
Jojon : Jagongna urang mah hayang nu ngora, ieu mah naon kieu tina luarna ge geus kolot!
Arul : Sok pesek heula atuh! ragap ku maneh!
Jojon : Ari ieu buluan, berarti geus kolot atuh???
Arul : Ahhh sia mah disaruakeun jeung jelema wae sagala teh!
Jojon : ges bawa tah ku maneh karungna, buru urang kabur..
Arul : Siap..
Sabada kitu, si arul jeung jojon teh langsung kaluar ti imah, bari lumpat ting ngaberetek
alabatan jelema nu di udag jurig, lumpat tikukurusuk!
Saman : “Itu tuh naon nu ngurusuk???” (Bari ngomong lalaunan sabari nunjuk)
Jumadi : Hayu urang tempo!!
Hansip : Buru geura di berik ku maraneh, keun kuring ngomando tidieu weh (bari tetegeh)
Si enjum jeung si saman tuluy merik, sihoreng nu nyurigakeun teh bener wae eta garong.
Tuluy langsung di pegat garong nu duaan tadi bari di kerekeb awakna, ges kitu ngagorowok
ka si Hansip da geus beunang tea garong na.
Saman : Sipp.. Buru kadieu, Garongna geus beunang yeuh !!!
Hansip : Kela kuring kadinya.
Jojon : Ijin heula Pa, kango perkara kieu mah perkara serius, kuring jeung si eta bade
nguruskeun ka meja hejo.
Hansip : Ahh maenya siah aya pangadilan peuting-peuting kieu, geus ngarampih atuh
hakimna ge!
Saman : Ges bawa hela weh ka pa RT, tong loba omong !
Sanggeus kitu, nu limaan eta ngingkig ka pa RT maksad rek ngabereskeun eta masalah. Si
arul jeung jojon atuh weh rada geumpeur yen nu rek di datangan teh imah pa RT.
Hansip : Assalamualaikum Pa RT? (Bari ting gorowok)
Bu RT : Ehh ari Bapa, dangukeun gera aya nu keketok, nya ngajorowok deuih. si Bapa mah
sok kamana wae.
Pa RT : Wahh.. enya geningan, hayu atuh urang sampeurkeun, ari sugan teh ibu ngajakan
ANU..??? Hehee!
Teu kungsi lila, Pa RT make sarung jeng kopeah meleteng, ngingkig muka konci panto.
Pa RT : Aya naraon ieu teh? ngagaranggu kanu sare wae? (Bari semu tunduh)
Hansip : Lapoor pa.. Simkuring parantos kengeng garong pa, dua urang ieu teh bade
dikumahakeun ayena pa?
Pa RT : Sok kajero heula weh jeung maraneh urang rundingkeun.. Kela sakeudeung . .
(Bari asup hela sakedeng) Bu. . bade aya tamu, gera di acuk heula (bari rada tarik
ngomongna)
Nah, sageus kitu nu limaan tadi asup ka jero imah, bari ngarundingkeun..
Pa RT : Cing sok, Sip. Caritakeun kumaha mimitina ieu teh?
Hansip : Kieu pa, tadi simkuring sareng rerencangan ronda nguriling kampung. Aya nu
kekeresekan, ku simkuring diteang, tah ieu nu 2-an teh anu dibawa. Mangga weh teu
langkung Pa RT bade dikumahakeuna ayena??!
Si garong nu duaan sing galaleumpeur, Pa RT langsung nanyaan ka dua urang eta.
Jojon : Punten pa sanes kirang sopan, kumaha Pa lamun abdi ijin heula bade ka
Pangadilan supados Bapa teu ka ganggu, komo wengi-wengi kieu. Mun tos puguh garong
na, abdi duan kadieu deui! (Bari mawa karung)
Pa RT : Tah kitu atuh alus! Sok indit heula, ke lamun geus puguh karak balik deui nya..??
Si arul jeung jojon kaluar ti Imah Pa RT, diluar manehana bari ngararobrol.
Arul : Jon, ari maneh teh dadi nanaonan molototan ka kuring di jero Imah pa RT? Keuheul?
Jojon : Ehhh kuring mah kitu soteh ekting wungkul, pan ayeuna urang bisa kabur.
Arul : Euh heeuh nya, alus lah otak maneh encer jon.
Dua garong eta kalalabur, suasana di imah pa RT ngadaragoan garong sapeutingan jeput
malah mah neupi ka isuk tapi eweh datang deui, sihoreng teh nyadar yen garong teh geus
nipu maranehana.
# RENGSE
Amanat Drama:
Tina drama ieu, tiasa di candak kacindekan yen dijaman ayeuna urang kedah ningkatkeun
kaamanan diwewengkon masing-masing sangkan lewih aman kahareupna. Pikeun barudak
sakola hayu urang lewih rajin diajar, beh ulah gampil dibobodo kubatur salian eta supardos
urang lewih pinter tangtuna..