Anda di halaman 1dari 7

DRAMA SUNDA

“KAMALINGAN”

Palaku :
1. Ceu Mamar = Fena Apriliana
2. Ceu Siti = Viena Dwi Aryani
3. Ceu Eni = Irma Nurlina
4. Mang Rohman = Ale Rahmat
5. Mang Usman = Razaki Achmad
6. Bu RT = Nindi Suhartini
XII IPS 2

Di hiji kampung, aya tilu euceu-euceu anu kacida rempongna namina nyaeta,
Ceu Mamar, Ceu Siti jeung Ceu Eni. Hiji mangsa, imahna Ceu Mamar teh
kamalingan, tuluy waktu di harepeun warung Mang Rohman, manehna riweuh
mere nyaho peuting imahna kamalingan.
Ceu Mamar : “Ceu-eceu…aya maling ceu.”
(riweuh mere nyaho bari lulumpatan)
Ceu Siti : “Naon? Buuk euceu galing?”
Ceu Mamar : “Lain eceu,”
Ceu Siti : “Naon atuh?”
Ceu Mamar : “Maling!!!”
Mang Rohman : “Aya naon dadanguan teh, dadanguan teh aya ucing
katabrak.”
(Mang Rohman kaluar ti imah Ceu Mamar nu aya di gigireun warung saatos
ngiring ka jamban, pipilueun Ceu Mamar jeung Ceu Siti)
Ceu Mamar : “Lain, lain aya maling Mang Rohman.”
Saatos Ceu Mamar nyarita ka Mang Rohman sareng Ceu Siti, datang Mang
Usman.
Mang Usman : “Aya naon ieu teh meni rariweh kieu? Ngomongkeun naon?”
Ceu Mamar : “Kieu Mang Rohman eh Mang Usman, peuting teh aya
maling diimah abdi lain maling tv, lain maling kulkas, tapi malingna teh
sendal.”
Mang Usman : “Wah? Enya kieu?
Ceu Mamar : “Heeh,”
Mang Usman : “Naha aneh maling teh.”
Ceu Siti : “Heeh aneh nya maling teh, kunaon.”
Mang Rohman : “Ai suganteh,”
Mang Usman anu kabingungan ku Ceu Mamar teh langsung mangkat ka bumi
Bu RT bade laporan Ceu Mamar kamalingan.
Mang Rohman : “Hayu atuh urang ka imah Bu RT ayenamah, urang susul
Mang Usman.”
Ceu Siti : “Hayu atuh.”
Ceu Mamar : “Hayu, hayu.”
Ceu Mamar mangkat nyalira ka bumi Bu RT kusabab Mang Rohman ka masjid
heula jeung Ceu Siti uih ka bumina.
Ceu Mamar : “Assalamualaikum Bu RT.”
Bu RT : “Waalaikumsalam aya naon ieu teh?”
Ceu Mamar : “Abdi bade laporan Bu RT, imah abdi kamalingan.”
Bu RT : “Kamalingan naon TV?”
Ceu Mamar : “Lain,”
Bu RT : “Naon atuh?”
Ceu Mamar : “Sendal.”
Bu RT : “Euleuh-euleuh, karunya teing atuh.”
Waktos Ceu Mamar ngalapor ka Bu RT, Ceu Eni datang bari bingung kusabab
teu apal kajadian nu di alaman ku Ceu Mamar.
Ceu Eni : “Assalamualaikum.”
Sadayana : “Waalaikumsalam.”
Ceu Eni : “Aya naon ieu teh meni ngarumpul didieu?”
Ceu Mamar : “Abdi laporan ka Bu RT.”
Ceu Eni : “Laporan naon?”
Ceu Mamar : “Aya maling.”
Ceu Eni : “Maling naon ih meni karunya,”
Ceu Mamar : “Maling sendal diimah abdi.”
Setengah jam ngobrol tentang maling dongkap Mang Rohman nu beres ti
masjid ninggal Ceu Mamar, Ceu Eni, Bu RT sareng Mang Usman ngobrol, tapi
Mang usman rada uga-ugeu tuluy mangkat tipayun.
Mang Rohman : “Assalamualaikum”
Sadayana : “Waalaikumsalam.”
Mang Rohman : “ Eh Ceu Mamar, Ceu Eni, Bu RT, Kang Usman. Atos
laporan teh?”
Ceu Mamar : “Atos,”
Mang Rohman : “Oh, atos.”
Mang Usman : “Abdi tipayun nya.”
Sadayana : “Mangga, Mangga, Mangga....”
Saatos ti bumi Bu RT eceu-eceu teh ngalanjutkeun ngobrol di bumina Ceu
Mamar bari ngajakan Ceu Siti.
Ceu Eni : “Ayeuna mah harga cengek teh mahal.”
Ceu Siti : “Heeh nya meni awis pisan ih.”
Ceu Eni : “Heeh minyak ge mararahal, sagala mahal ayeuna mah,”
Waktos eceu-eceu eta ngobrol kadangu nu kokolotrakan di luar.
Ceu Eni : “Eh naon eta nu kekeresekan.”
Ceu Siti : “Heeh eta sora naon nya,”
Ceu Mamar : “Hayu atuh ah urang tingali,”
Ceu Eni : “Sugan malingna eta.” (bari lempang ka luar imah jeung Ceu
Mamar oge Ceu Siti.)
Pas ditingali nyaeta, Mang Rohman anu keur dongko dihandapeun teras imah
Ceu Mamar.
Ceu Mamar, Ceu Eni, Ceu Siti : “Ehhh.... Keur naon didinya,”
Mang Rohman : “Keur neangan cakcak.”
Ceu Eni : “Bohong ieu mah bohong, malingna.”
Mang Rohman : “Ieu keur neangan cakcak,”
Ceu Eni : “Maenya neangan cakcak wayah kieu.”
Mang Rohman dibawa ku eceu-eceu ka harepeun warung tuluy Ceu Eni nelepon
Bu RT.
Ceu Eni : “Urang telepon we yu, Bu RT na.”
Ceu Siti : “Telepon we, Ceu.”
Ceu Eni : “Assalamualaikum Bu RT.” (Ceu Eni ngomong jeung Bu RT
ditelepon.)
Ceu Eni : “Muhun, muhun ieu malingna atos aya. Oh muhun atos
kadieu, hatur nuhun Bu.”
Bu RT dongkap bari nanya dimana malingna.
Bu RT : “Assalamualaikum.”
Sadayana : “Waalaikumsalam.”
Bu RT : “Kumaha malingna atos ka tangkap?”
Ceu Mamar, Ceu Eni, Ceu Siti : “Ieu malingna,” (bari nunjuk ka Mang
Rohman.)
Bu RT : “Oh ieu,”
Ceu Eni : “Mang Rohman Astagfirullahaldzim, teu nyangka.”
Ceu Siti : “Mang Rohman geningan maling teh.”
Teu kungsi lila datang Mang Usman.
Mang Usman : “Assalamualaikum.”
Sadayana : “Waalaikumsalam.”
Mang Usman : “Aya naon ieu teh meni rarame kieu.”
Mang Rohman : “Ieu Kang Usman keur neangan cakcak dituduh maling ku
ibu-ibu.”
Ceu Mamar, Ceu Eni, Ceu Siti, Bu RT : “Bohong, bohong.”
Ceu Siti : “Ieu malingna, ieu.” (bari nunjuk-nunjuk Mang Rohman.)
Mang Usman : “Maenya ah.”
Mang Rohman : “Asli,”
Ceu Eni : “Maling ieu maling. Maenya jam sakieu neangan cakcak.”
Mang Usman : “Teu nyangka Mang Rohman.”
Mang Rohman : “Ah aslina Kang Usman euy, keur neangan cakcak, keur
neangan cakcak di bumina bu Mamar.”
Ceu Siti : “Ah bohong, bohong, bohong.”
Sababaraha detik caricing, ngadadak Ceu Eni ningali sendal nu dipake Mang
Usman.
Ceu Eni : “Eta sendal asa ciga nu Ceu Mamar.” (bari nunjuk sendal nu
dipake Mang Usman.)
Mang Usman : “Lain ieu mah nu abdi.”
Bu RT : “Heeh eta ciga, tempo cik no sabaraha, aya cirian eweuh.”
Ceu Eni : “Eta warna na ungu sarua.”
Mang Usman : “Naon ieu mah nu abdi.” (bari ngajauhkeun sendal na)
Ceu Mamar : “Sarua eta aya cirian di handapna.”
Mang Usman : “Nu abi ieu mah,”
Ceu Siti : “No na oge sapuluh, nya.”
Sadayana : “Euuhh...euuhhh...euhhh...”
Mang Rohman : “Ahh.. Mang Usman.”
Bu RT : “Aduh, Mang Usman.”
Ceu Eni : “Mang Usman ieu mah lain Mang Rohman.”
Mang Rohman : “Mang Usman ieu mah.”
Mang Usman : “Nu abi ieu mah,” (bari ningalikeun sendal na)
Ceu Eni : “Bohong.”
Mang Rohman : “Sarua kitu Kang Usman,”
Ceu Eni, Ceu Siti : “Teu nyangkaaaa...ah Mang Usman.”
Mang Usman : “Parah...”
Mang Usman : “Ieu mah nu abdi menang meser ti warungna Mang
Rohman.”
Ceu Eni : “Sok eta buka heula Ceu Mamar, buka heula.”
Bu RT : “Tempo heula eta no sabaraha, sapuluh lain? Aya cirian
euweuh?”
Ceu Mamar : “Aya ieu aya cirian, ieu mah nu abdi.”
Mang Usman : “Nu abdi etamah.”
Ceu Mamar : “Bohong nya...”
Mang Usman : “Astagfirullah,”
Ceu Mamar : “Abdi kamari meli euweuh.”
Mang Usman : “Abdi ge meli di Mang Rohman,” (bari nunjuk Mang
Rohman.)
Ceu Eni : “Ah bener kitu Mang Rohman, meli Mang Usman?
Mang Rohman : “Asa henteu ah.”
Bu RT : “Ah...”
Ceu Eni : “Ah ieu mah berarti Mang Usman.” (bari seuri)
Ceu Siti, Ceu Mamar, Bu RT : “Heeh, bener..”
Teu kungsi lila.... Akhirna Mang Usman ngaku nu nyandak sendal Ceu Mamar
teh nyaeta manehna.
Ceu Mamar : “Kumaha nya, sok atuh Mang Usman ngaku.”
Mang Usman : “Emmm... kumaha nya. Nya atuh abdi ngaku, ieu da
pangpangna mirip pisan ciga nu abdi nu ical. Jadi ku abdi ieu, suganteh nu
abdi.”
Ceu Eni : “Naha atuh tadi teu ngaku, pas urang neangan maling na?”
Mang Usman : “Nya pan tadi mah teu diangge.”
Mang Usman : “Tos atuh ayeuna mah kieu we, abdi nyuhunkeun
dihapunteun atuh nya ka sadayana tos euh... tos ngajantenkeun riweh ka
sadayana. Punteun pisan nya. Mang Rohman nya, janten ka pitnahan ku abdi.”
Sadayana : “Muhun, muhun, muhun....”
Mang Rohman : “Siap Mang, sami-sami. Teu kunanaon.”
Akhirna Eceu-eceu, Bu RT, Mang Rohman, Mang Usman silih ngahampura
jeung teu memperpanjang deui masalah eta, sadayana ngahampura Mang
Usman jeung sendal Ceu Mamar dipasihkeun ka Mang Usman.

TAMAT

Anda mungkin juga menyukai