Sinopsis Drama
Dina hiji poe, Ningsih, Onah, Ipeh jeung Mimi keur ngerjakeun tugas babareungan di kelas. Ningsih
ngacung-ngacungkeun pananganna bari api-api mikir.
Onah : “E...eh...Ningsih??? Gening atuh pananganna kikituan jiga nu bade nyulap wae !!!” (taros
Onah bari bingung)
Ningsih : “Eh...emangna kuring teh penyihir, puguh atuh, kuring mah keur mikir lain keur nyulap
Onah !!!” (tembal Ningsih sewot)
Ipeh : ”Biasa wae atuh Ningsih nyariosna, mani sewot kitu nya???” (menta pendapatka Mimi
gigireun)
Mimi : “Uhun da eta mah tos kitu teuas hulu !!!”
Onah : “Batu atuh !!!” (celetuk Onah, beri panon na ngareret ka Ningsih)
Ningsih : “Euhhhh... ieu barudaknya, ti tatadi hayuh wae momojok kuring, kumaha kuring wae atuh,
naha mani rujit !!! Wew (bari ngajeubi)
Onah, Ipeh jeung Mimi silih ngareret. Teu pati lila sumping Fi’ah lulumpatan bari nyndak sapu
injuk.
Mimi : “Aya naon atuh Fi’ah aya naon??? Siga di toel ku juring !!!”
Fi’ah : “(jejeretean) Eh... sanes kitu teteh, euhh tadi aya jalmi teu eling luumpatan jadi weh kuring
ngiring lulumpatan da sieun !!! (tembalna bari hah heh hoh cape)
Ipeh : “Ari kitu jalmi teu elingna ngudag Fi’ah???”
Fi’ah : “Henteu oge sih !!!”
Onah : “Naha atuh mani hayang pimilueun???”
Fi’ah : “Ah wios weeee atuh wew” (bari ngajeubi)
Ningsih ngaledek ka Fi’ah bari ujug-ujug nyurungkeun teu pagah puguh pedah naon.
Teu lila, datang Midin nu lulumpatan da nempo Fi’ah tiguling, diditu namah ek jadi pahlawan
kabeurangan ceunah (Haha)
Midin : “Eh nanaonan sih pake nyurungkeun Fi’ah sagala???” (matana molotot ka Ningsih, bari
pananganna mantuan Fi’ah tatih deui)
Fi’ah : “Ih nanaonan sih maneh Midin??? Kuring teu butuh bantuan maneh !!!” (bari ngalesotkeun
pananganna ti Midin)
Onah : “Ih... Geningan Fi’ah kitu si???”
Ningsih : “Maneh teh nya !!! (bari nyurungkeun dei tak tak Fi’ah) “Geus untung ditulungan, eh teu
nuhun-nuhun acan, teu boga kaera pisan” (bari molotot)
Midin : “Cicing atuh Ningsih ge ulah padu nyurungkeun wae !!! Karunya Fi’ah !!!”
Ipeh : “Ah jigana aya nanaon yeuh !!!”
Midin : “Nanaon??? Naon atuh naon???” (bari nyureng)
Mimi : “Naonnya???” (bari mirintil-mirintil keun tungtung tiung)
Ipeh : “Cinta meureun !!!”
Ningsih : “ Ah nahaon atuh cinta??? Midin, ceunah maneh teh hewa ka Fi’ah??? Naha atuh kalah
hayuh wae di bela??? Hah??? Jawab !!! ( bari molotot)
Fi’ah : “Naon atuh salah kuring??? Naha mani kalasar pisan ka kuring???”
Midin : “Fi’ah mah teu salah nanaon ieuh !!!” (bari seuri ka Fi’ah)
Onah : “Tah...tah...tahh mulai yeuhh !!!
Mimi : “Drama Korea mulai yeuh !!!”
Fi’ah : “Midin, ulah kitu geura da teu enak kalah ge !!! Bari nage kuring mah teu butuh pitulung
anjeun.. Ulah teuing sok So ek nulungan !!!”
Midin : “Sanes kitu Fi’ah, Midin mah mung alim ningali Fi’ah di pojokeun kieu, mangkana Midin
ngabela Fi’ah !!!” (Bari seuri deui ka Fi’ah)
Onah : “Fi’ah mah kitu geningan, meureun duduhkeun Midin teh ek Caper we !!!”
Mimi : “Caper teh naon atuh nah???”
Ningsih : “Nu kitu oge teu apal atuh Mi, oon pisan !!!” (bari nyungklukeun sirah Mimi)
Ipeh : “Cari perhatian, Mimiiiiiii !!!” (bari semu jengkel ka Mimi)
Mimi : “OH !!!” (Mimi unggut-unggutan)
Fi’ah : “Lah kareup teuing, pokok namah ulah sok SO !!!” (bari ngabalieur)
Ningsih : “Ih budak teh pikaseubeuleun pisan atuh !!! Hewa, geus goreng ka alo urang !!!”
Midin ngabantingkeun panghapus nu caket bor, barudak didinya rareuwaseun. Midin beuki
nyakeutan Fi’ah
Midin : “ Kupingkeun kuring Fi’ah, ti baheula neupika ayeuna, anjeun mah teu pernah robih wae !!!
Cing atuh sing peka kana rarasaan kuring salila ieu !!! Hayuh wae egois, egois, jeung
egiossssssss !!!” (ngagorowok kana ceupil Fi’ah) “Nyadar teu??? Kuring teh geus sabar ku
prilaku anjeun anu hayuh wae judes jeung kasar, kuring sabar ku anjeun tina sagala poyokan,
tapi kuring kumaha??? Naon balasan ti anjeun Fi’ah???” L (bari ningalikeun raray Fi’ah)
Mimi terus wae mirintil-mirintil tiungna, Ningsih ngegel biwir, Ipeh jeung Onah cungar ceungir.
Midin ek nangkeup Fi’ah bakat ku bungah na... Serempak Ningsih, Onah, Mimi, jeung Ipeh
ngagorowok “ LAIN MUHRIMMMMMMMMM !!!!!!” Deziggggg J
Visit : ContohDrama