Anda di halaman 1dari 3

“Diajar nyaah budaya sorangan0”

Jati diri nu nyatukeun urang sunda nyaeta basa jeung budaya. Urang sunda kasohor miboga
sifat optimistis, someah, sopan, jeung riang, tapi ayeuna karagaman budaya sunda geus jarang
ditingali ku loba pamuda, kaasup urang sunda sunda eta sorangan.
A: "mun ceuk maneh oenting teu budaya sunda teh?”
B: “penting atuh” waler B bari ningali buku anu dibacana.
A: “lamun ceuk maneh kumaha C?"
C: “hmm, ceuk urang mah budaya sunda teh penting teu penting sih, hehe”
A: “lah? naha kitu ngajawabna?"
C: “henteu, ngan kapikiran weh hungkul”
B: “yah, tong asal ceplas ceplos kitu atuh”
D: “heeh C tong kitu” ceuk D nu ujug-ujug datang bareng si E jeung F
E: “penting atuh penting”
F: “sawareh sawareh weh lamun kitu mah, pan leuwih loba budaya modernna ayeuna mah”
B: “heeh bener F, leuwih loba budaya modernna meh gaul”
C: “emangna mun maraneh ngalengitkeun budaya sunda, maraneh bisa jadi budak nu gaul
kitu?”
F: “nya teu kituoge sih,” waler F bari miceun beungeut
D: “teu kitu kumaha? cik atuh jelaskeun, tong loba omong hungkul bere alesan nu jelasna oge”
B: “nya sahenteuna urang bisa salangkah leuwih maju kitu, mun ningali budaya luar”
E: “salangkah leuwih maju? ka hal-hal anu goreng?” waler E sinis
B: “naha ngomongna kitu? teu resep?” tanya B emosi
F: “sakarepna maraneh weh lah”
A: “naha jadi adu argumen kieu, padahal alesanna teu jelas?” rep we caricing pas si A ngomong
kitu, C jeung D indit,teu lila datang G jeung H
G: “aya naon ieu teh?”
H: “jigana maranehna keur ngadu argumen”
A: “kieu, bieu urang nanya pentingna budaya sunda”
G: “terus?” nanyakeun heran
E: “heeh, aya nu mere ngusulan budaya sunda teh teu penting jeung leuwih penting budaya
luar”
H: “saha nu ngomong kitu?”
B: “urang, matak urang ngomong kitu ge da emang kayataannana jiga kitu”
F: “heeh bener jeung menurut arurang mah budaya luar leuwih dipikaresep ku loba jelema
dibandingkeun jeung budaya sunda” ngajawab gugup
E: “nya angger we tong ngomong kitu atuh kuduna mah”
G: “oh kitu, emang bener sih budaya luar leuwih dipikaresep ku loba jelema, tapi salaku urang
sunda kuduna leuwih bisa ngalestarikeun kabudayaan sunda” jelas G
H: “heeh bener, maraneh ge to parasea atuh, arurang salaku urang sunda kudu silih asah, silih
asih, dan silih asuh”
A: “nah, bisa teu ngajelaskeun omongan si H teh kumaha?”
H: “sanyaho urang mah eta teh kudu silih asih, silih ngajatkeun, jeung silih asuh sangkan
nyiptakeun suasana kahirupan masyarakat diwarnai kaakraban, karukunan, kadamaian,
katentraman, jeung kakaluargaan”
G: “kumaha barudak?”
B: “kumaha naonna?”
H: “heeh, janten lamun arurang boga pendapat nu beda ngan arurang kudu ngajaga etika dina
omongan”
F: “enya, arurang menta hampura geus jiga kitu”
B: “urang ge hampura nya”
Saanggeus nyairkeun suasana nu panas, mereka duduk bersender dengan tampak masih
memikirkan hal-hal penting yang harus mereka ketahui tentang budaya sunda. Tiba-tiba I
datang
I : “hei, keur naraon yeuh?” Tanya I ujug-ujug
I : “cicing, ngahuleung, jiga punduk ngarindukeun bulan, haha” (ejek J sambil ikut duduk)
H: “eh maraneh, timana wae?”
I: “urang tadi ningali bewara di mading” nunjuk mading
A: “oh nya? bewara naon?” (Tanya A panasaran)
I : “bewara lomba tari jeung ngawih”
B: “iraha?” nanya panasaran
I: “minggu hareup, rek ngiluan?”
F: “yu hayu urang miluan, ngirimkeun grup ngawih we”
A: “ide alus tah, meh arurang bisa leuwih apal budaya sunda”
H: “bener nya arurang miluan, saha wae? ngirim 2 grup we”
B: “nya saha wae nu siap, nu penting arurang ngirim keur acara eta”
F: “ajakan C jeung D oge nya” ceuk manehna bari ngalangkah ka arah C jeung D
Jol C jeung D ngalewat…
I : “eh C, D dieu. Arurang rek ngirimkeun grup vocal ngawih keur lomba minggu hareup,
maraneh rek miluan moal?”
C: “enya urang erek”
D: “urang ge erek atuh”
A: “oke engke balik sakola urang latihan heula nya, meh bisa kompak jeung teu fals nyanyina,
haha” jelas A bari seuseurian
B : “iya hayu-hayu”
D: “sok urang tes heula we sakeudeung”
I: “oke 1, 2, 3”
“(semua nyanyi lagu kawih)”
B : “nya mugi mugi arurang janten juarana minggon payun ” ceuk si B berharap
C: “Amin, teu meunang hungkul, arurang bisa ngalestarikeun budaya”
I: “enya teukabeh bisa nu penting mah geus aya usaha”
G: “jeung aya kahoyong”
I : “heeh muhun”
Bel asup disada…
D: “eh bel geus disada”
E: “ayeuna abus jam pelajaran heula atuhnya”
I: “tong poho en0gke balik sakola kumpul heulanya”
Semua: “oke siap”
Maranehna asup ka kelas pikeun ngiluan palajaran saterasna bari mawa palajaran ti waktu
istirahat nyaeta Hana nguni hana mangke, tan hana nguni tan hana mangke, aya ma beuheula
aya tu ayeuna, hanteu ma beuheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana
tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna aya tu catangna." nu artina Aya baheula aya
ayeuna, lamun eweuh baheula eweuh ayeuna, sabab aya jaman ayeuna aya baheula, lamun
eweuh jaman baheula moal aya jaman ayeuna. Aya akar tangtu aya batang, lamun teu aya akar
moalaya batang, lamun aya tunggulna tangtu aya batangna. Urang salaku penerus bangsa ieu
kudu bisa mikanyaah jeung ngalestarikeun budaya sorangan , sabab mun lain arurang saha
deui nu bakal ngalestarkeunana, teu salah jeung ayana budaya luar di pikiran arurang mun
budaya sorangan pastina aya dina jero hate.

Anda mungkin juga menyukai