Anda di halaman 1dari 5

Si Gengsi Katakluk

Dina hiji poe, Ningsih, Onah, Ipeh jeung Mimi keur ngerjakeun tugas babareungan di kelas.
Ningsih ngacung-ngacungkeun pananganna bari api-api mikir.

Onah : “E...eh...Ningsih??? Gening atuh pananganna kikituan jiga nu bade nyulap


wae !!!” (taros Onah bari bingung)

Ningsih : “Eh...emangna kuring teh penyihir, puguh atuh, kuring mah keur mikir lain keur
nyulap Onah !!!” (tembal Ningsih sewot)

Ipeh : ”Biasa wae atuh Ningsih nyariosna, mani sewot kitu nya???” (menta
pendapatka Mimi gigireun)

Mimi : “Uhun da eta mah tos kitu teuas hulu !!!”

Onah : “Batu atuh !!!” (celetuk Onah, beri panon na ngareret ka Ningsih)

Ningsih : “Euhhhh... ieu barudaknya, ti tatadi hayuh wae momojok kuring, kumaha
kuring wae atuh, naha mani rujit !!! Wew (bari ngajeubi)

Onah, Ipeh jeung Mimi silih ngareret. Teu pati lila sumping Fi’ah lulumpatan bari nyndak sapu
injuk.

Mimi : “Aya naon atuh Fi’ah aya naon??? Siga di toel ku juring !!!”

Fi’ah : “(jejeretean) Eh... sanes kitu teteh, euhh tadi aya jalmi teu eling luumpatan jadi
weh kuring ngiring lulumpatan da sieun !!! (tembalna bari hah heh hoh cape)

Ipeh : “Ari kitu jalmi teu elingna ngudag Fi’ah???”

Fi’ah : “Henteu oge sih !!!”

Onah : “Naha atuh mani hayang pimilueun???”

Fi’ah : “Ah wios weeee atuh wew” (bari ngajeubi)

Ningsih ngaledek ka Fi’ah bari ujug-ujug nyurungkeun teu pagah puguh pedah naon.

Fi’ah : “Ih... aya naon si???” (bari nyureung)

Ningsih : “Oh jadi ieu istri nu dipikahewa jeung nu sok nganyernyeri alo kuring teh !!!”
(Ningsih terus maju mojokkeun Fi’ah terus undur-unduran)
Mimi : “Alo???”

Ipeh : “Si Midin nya???”

Onah : “Enya meureun !!!”

Fi’ah :“Maksudna??? Nganyeunyeuri kumaha??? Biasa wae pan”(ngajawab bari


nyantai)

Ningsih : “Atuh da jalma jiga kieu mah moal nyadar !!! (bari ngebug tak tak Fi’ah)

Fi’ah : “Pedah naon atuh Midin hewaeun ka kuring??? Hayohhh??? (bari ngaledek)

Ningsih : “Tong teuing apal, percuma maneh mah moal nyadar, neundeun ceuli ge dina
irung tuda”

Onah : “Naon salah si Fi’ah Ningsih???”

Ningsih : “Gandeng tong teuing pimilueun lah !!!”

Ipeh : “Atuh ari teu pagah-puguh mah perlu diamankeun !!!” (pimilueun ngomong
bari samutut)

Mimi : “Satujuuuuuuu...!!!” (celetuk Mimi bari ngepeulkeun peureup)

Ningsih : “Maneh deui Mi, lain si Udin eta mah !!!”

Mimi : “Maksudna???”

Ipeh : “Keun geura ek ngalucu tadi namah ngan teu bisaeun”

Ningsih : “Gandengggg..!!!” (Ningsih ngagorowok bari nyurungkeun Fi’ah nepika tiguling)

Teu lila, datang Midin nu lulumpatan da nempo Fi’ah tiguling, diditu namah ek jadi pahlawan
kabeurangan ceunah (Haha)

Midin : “Eh nanaonan sih pake nyurungkeun Fi’ah sagala???” (matana molotot ka
Ningsih, bari pananganna mantuan Fi’ah tatih deui)

Fi’ah : “Ih nanaonan sih maneh Midin??? Kuring teu butuh bantuan maneh !!!” (bari
ngalesotkeun pananganna ti Midin)

Onah : “Ih... Geningan Fi’ah kitu si???”

Ningsih : “Maneh teh nya !!! (bari nyurungkeun dei tak tak Fi’ah) “Geus untung
ditulungan, eh teu nuhun-nuhun acan, teu boga kaera pisan” (bari molotot)
Midin : “Cicing atuh Ningsih ge ulah padu nyurungkeun wae !!! Karunya Fi’ah !!!”

Ipeh : “Ah jigana aya nanaon yeuh !!!”

Midin : “Nanaon??? Naon atuh naon???” (bari nyureng)

Mimi : “Naonnya???” (bari mirintil-mirintil keun tungtung tiung)

Ipeh : “Cinta meureun !!!”

Ningsih : “ Ah nahaon atuh cinta??? Midin, ceunah maneh teh hewa ka Fi’ah??? Naha
atuh kalah hayuh wae di bela??? Hah??? Jawab !!! ( bari molotot)

Fi’ah : “Naon atuh salah kuring??? Naha mani kalasar pisan ka kuring???”

Midin : “Fi’ah mah teu salah nanaon ieuh !!!” (bari seuri ka Fi’ah)

Onah : “Tah...tah...tahh mulai yeuhh !!!

Mimi : “Drama Korea mulai yeuh !!!”

Fi’ah : “Midin, ulah kitu geura da teu enak kalah ge !!! Bari nage kuring mah teu butuh
pitulung anjeun.. Ulah teuing sok SO rek nulungan !!!”

Midin : “Sanes kitu Fi’ah, Midin mah mung alim ningali Fi’ah di pojokeun kieu,
mangkana Midin ngabela Fi’ah !!!” (Bari seuri deui ka Fi’ah)

Fi’ah : “Lah kareup teuing, pokok namah ulah sok SO !!!” (bari ngabalieur)

Ningsih : “Ih budak teh pikaseubeuleun pisan atuh !!! Hewa, geus goreng ka alo
urang!!!”

Midin ngabantingkeun panghapus nu caket bor, barudak didinya rareuwaseun. Midin beuki
nyakeutan Fi’ah

Midin : “ Kupingkeun kuring Fi’ah, ti baheula neupika ayeuna, anjeun mah teu pernah
robih wae !!! Cing atuh sing peka kana rarasaan kuring salila ieu !!! Hayuh wae egois, egois,
jeung egiossssssss !!!” (ngagorowok kana ceupil Fi’ah) “Nyadar teu??? Kuring teh geus sabar ku
prilaku anjeun anu hayuh wae judes jeung kasar, kuring sabar ku anjeun tina sagala poyokan,
tapi kuring kumaha??? Naon balasan ti anjeun Fi’ah???” L (bari ningalikeun raray Fi’ah)

Mimi terus wae mirintil-mirintil tiungna, Ningsih ngegel biwir, Ipeh jeung Onah cungar ceungir.

Onah : “Sok atuh sok !!!”


Mimi : “Eh ulah gandeng, ke sakeudap deui geura !!!” (bari nyerengeh)

Ipeh : “Enggal atuh lami pisan !!!”

Midin : “Kuring kitu soteh pedah BOGOH ka anjeun, kuring NYAAH pisan ka anjeun
Fi’ah !!! sing ngarti atuh!”

(Fi’ah tungkul ningalikeun tembok)

Ningsih : “Boga nyali oge alo kuring !!!”

Mimi : “So sweet !!!”

(Midin tuluy indit kaluar ti kelas)

Ningsih : “Kakuping teu FI’AH???

(Fi’ah teu nembal)

Ipeh : “Ari Fi’ah si kumaha ka Midin???”

Fi’ah : “Kumaha kumahana atuh???” (sewot)

Onah : “Fi’ah gaduh hate teu??? Fi’ah gaduh rasa nyaah teu ka Midin???”

(Fi’ah cicing ngahuleung)

Mimi : “Fi’ah !!!” (bari nyentak)

Ningsh : “Nembal atuh geura !!!” (nyentak Fi’ah)

Fi’ah : “M.....”

Ipeh : “Kumaha???”

Fi’ah : “Atuh da geura.......!!!”

Ningsih : “Ngaku wae atuh !!!”

Fi’ah : “Enya, kuring ge Nyaah pisan ka Midin” (bari sura seri era)

Mimi : “Ciehhhhhhhh !!!”

Ipeh : “(bari acleng-aclengan) Asikkkkkkkkk !!!”

(Ningsih tepuk tangan, anjeunna ngagorowok bari ningali ka belah luar)

Ningsih : “Midinnnnnnnnnnnn....!!!”
Midin : “Kumaha bibi???” (bari mapah nyaketan Ningsih)

Ningsih : “Fi’ah geus ngaku, yen maneh na oge gaduheun rasa ka Midin !!!”

Midin : “Nu bener bi??? (bari bungah)

Fi’ah : “Ihhhhhhhhhhh geningan kitu isin atuh ih !!!”

Ipeh : “Tapi bungah kan???”

(Fi’ah sura seuri) Midin asup deui ka kelas, bari nyamperkeun Fi’ah

Midin : “Beneran Fi’ah Nyaah ka Midin ???” (bari nyepeng panangan Fi’ah)

Fi’ah : “Muhun, Fi’ah nyaah ka Midin..” (bari nyiwit Midin)

Onah : “M..... nu nuju kasmaran !!!”

Mimi : “Drama jadi kanyataan !!!”

Ningsih : “Euleuhhh si Fi’ah genitt !!!”

Midin rek nangkeup Fi’ah bakat ku bungah na... Serempak Ningsih, Onah, Mimi, jeung Ipeh
ngagorowok “ LAIN MUHRIMMMMMMMMM !!!!!!”

ANDINA NURFALAH

XI OTKP A

B. SUNDA

Anda mungkin juga menyukai